Jumat, 25 Maret 2016

"Catatan Hirup Dipangumbaraan.."

Hayang nyatet sabenerna mah, tapi naon nya? teuing sababaraha bulan teh kabebenjokeun ku tugas dipagawean jeung memeres disertasi nu masih ngalumbrak. Ieu mah carita cutatan akang, lain adigung adiguna, da rumasa jalma teu boga tapi kahayang nu leuwih tibatan batur sakola dilembur. Hasilna kapeutik bisa ngaleuwihan pun bapak nu Guru sakola dasar (SD), nu kahoyong bisa sakola luhur, alhamdulillah akang nikreuh insya Alloh nuju nyelesaikeun program Doktoral di salasahiji paguron luhur di Jakarta. Mugia bisa kabaca kanu keur ngahontal cita-cita, naon wae kudu dileukeunan, ceu babasan mah "ulah kumeok memeh dipacok" sok sanajan urang jalma masakat jeung euweuh kaboga, urang kampung bau lisung, babasan mah.

 HIRUP mah euweuh tungtungna lamun ngagulanggaper kadunyaan kudu bisa ngabagi kamaslahatan kanu lian sok sanajan teu panteus. Akang ikicibung didunya pangajaran ti taun 90-an nyecreg hayang boga pangaweruh ngaleuwihan nu jadi kolot, sok sanajan banda mah euweuh kaboga, ngan hayang wungkul. Tadi mah kahayang teh ka jakarta, kapangaruhan lagu koesplus, ari jret teh malah ka Bekasi. Teu jauh bedana, sarua kota industri bari neangan gawe ka parusahaan, da ceunah kota Bekasi teh gudangna emas, ceuk anu ngaromong naon wae jadi duit, ari singhoreng teh meuereun, emas nu dimaksud teh, mas jawa aya dimana-mana, ari urang sundana mah bisa di itung taun 97-an.

Hese ningan neangan gawe di jakarta, da ijazahna oge ijazah guru. Hiji waktu basa wawancara gawe teh barang mireret berkas ijazah akang teh.Ari pokna,"Naha lin jadi guru atuh malah hayang gawe di PT sagala?" Dua taun kukurilingan nepi ka mutuskeun naon wae asal boga pangalaman, nya jadi seles asuransi, nu harita teh kantorna di jalan bungur besar, stasiun Senen. kukurilingan di jakarta sabaraha taun nambah kadewasaan, nambah pangalaman, Nepi ka sempet jadi supervisor asuransi, tapi kuring bentrok jeung babaturan nu mayoritas etnis Batak. lain ngeper tapi euweuh gunana, da manajer akang oge masih dulurna, kapaksa mundur, padahal dihareupeun teh tawaran manajer cabang. lain jodoh da akang oge ka tarik ku dunia usaha, bari sakalian ngarintis toko buku kolekan modal jeung babaturan, bari jalan salles alat-alat kantor. Hasilna ngan ukur kabagean sesa etalase jeung sabaraha sesa buku-buku agama sabaraha dus, teu puguh iitunganana, rugi ceunah.

Jodohna Jadi Guru
Dunia akang mah memang jodona jadi guru, akhirna balik ka profesi nu pernah dilakonan dua taun kuliah di IKIP Bandung, ari ngalamar teh harita teh katarima di sakola Muhammadiyah Bekasi, guru sosiologi & Antropologi, kadang sajarah. Ngaco jeung teu linier tapi dileukeunan nepi ka taun 2004. Alatankuring ditarima pedah kuring teh aktifis organisasi, mimiti rumaja jeung pamuda Muhammadiyah. Ari di lembur teh kolot jeung kulawarga oge, esekelerna teureuh Muhammadiyah jeung sakampung profesina guru.

Nikreuh sok sanajan loba gogodana, akang leukeunan sok sanajan ningali tina materi mah teu cukup, nyari berkah bari ngabenerkeun patekadan hayang sukses di pangumbaraan.Biasana lamun bujangan mah teu boga tujuan kahareup boga kulawarga, da can boga ceuceukeleun jeung saha nu hayang menangkeun guru nu masakat, harita teh kurang gengsina, pikiran negatif akang. Hiji waktos, nepi ka aya anu ngenalkeun ka urang sumatera ceunah. Ih, piraku urang sunda menangkeun sumatera, ceuk kolot dilembur. Dikulawarga nganggapna teu ilahar, sunda jeung sunda titik. Jauh pisan lamun nganteurkeun kawinna, ceuk nujadi indung. Ngaranna jodoh mah jorok, sok sanajaan dipahing oge, nya taun 2000 milenium pruk atuh akang teh nikah, da biasana mah sok aya rijkina, harita teh ditawaran jadi wakil kapala sekolah nepi ka taun 2006. puncakna diangkat jadi kapala sekolah nepi katun 2010.

Long life education, neangan elmu teh saumur hirup urang kudu diburu, lamun hayang ningkatkeun pangaweruh, harita teh akang aya nu nawaran jadi dosen manajemen disalah sahiji paguron tinggi basa asing, sok sanjan masih ngabadalan ti taun 2004, (nyambung)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...