|
adat kakurung ku iga
|
:
|
tabéat nu geus hésé dirobahna
|
|
adéan ku kuda beureum
|
:
|
ginding ku barang batur atawa barang meunang nginjeum
|
|
agul ku payung butut
|
:
|
jalma taya kaboga, tapi mindeng nyaritakeun yén manéhna
turunan ménak baheula
|
|
Mun teu ngakal moal ngakeul, mun teu ngarah moal ngarih,
mun teu ngoprék moal nyapék
|
:
|
mun teu usaha moal boga rejeki
|
|
asa ditonjok congcot
|
:
|
Meunang kabungah anu gédé, anu saenyana teu diarep-arep
|
|
banda tatalang raga
|
:
|
kakayaan mah gunana pikeun ngabagjakeun awak. Ku sabab
kitu leuwih hadé ngorbankeun banda batan cilaka awak
|
|
sahérang-hérang cibéas
|
:
|
saberesih-beresih haté jalma nu geus di nyenyeri, pasti
saeutikna masih kénéh aya kanyeri hate
|
|
bentik curuk balas nunjuk
|
:
|
ngan bisa maréntah atawa nitah wungkul, henteu prak di
pigawé ku sorangan
|
|
murag bulu bitis
|
:
|
teu resep cicing di imah, hayang nyanyabaan atawa
udar-ider waé
|
|
sabobot sapihanéan sabata sarimbangan
|
:
|
hirup akur, runtut-raut,sakasuka sakaduka
|
|
caang bulan dadamaran
|
:
|
migawé hal anu teu diperlukeun deui
|
|
kacai jadi saleuwi, kadarat jadi salebak
|
:
|
layeut, sauyunan, runtut raut
|
|
cicing dina sihung maung
|
:
|
hirup atawa kumawula ka gegedén, sok milu kaajénan batur
|
|
nyium bari ngégél
|
:
|
muji bari ngarah paméré
|
|
cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok
|
:
|
upama dileukeunan tur janun, sagala rupa nu hésé ogé
bakalan tinekananan
|
|
daék macok, embung di pacok
|
:
|
hayangna barang pénta ka batur, tapi ari bagian batur
ménta ka dirina teu mere
|
|
nyeungeut damar di suhunan
|
:
|
némbongkeun kabeungharan ku méré mawéh ka
deungeun-deungeun ngarah pamuji,ari kakulawarga sorangan korét
|
|
dibéré sabuku ménta sajeungkal, dibéré sajeungkal ménta
sadeupa
|
:
|
kusabab dibéré haté, ngadadak loba-loba paménta
|
|
haté jelema sanajan déét moal kakobét
|
:
|
kacida héséna pikeun nganyahokeun kaayaan haté atawa
kahayang hiji jelema
|
|
ulah muragkeun duwegan ti luhur
|
:
|
ulah ngamonyah-monyah rejeki meunang héséhésé cape
|
|
kawas hayam keur endogan
|
:
|
teu daék cicing lantaran haté kaweur atawa geus teu sabar
ngadagoan nu di arep-arep
|
|
endog sasayang peupeus hiji peupeus kabéh
|
:
|
mun aya saurang dulur nu ngalakukeun codéka, dulur-dulur
séjéna sok kababawa
|
|
piit ngeudeuk-ngeundeuk pasir
|
:
|
mikahayang hiji hal nu teu loyog jeung kaayaan dirina
|
|
ngeudeuk-ngeundeuk geusan eunteup
|
:
|
néangan akal pikeun nyilakakeun dunungan
|
|
nangkep mawa eunyeuh
|
:
|
mawa susah atawa mawa cilaka kanu di péntaan tulung
|
|
ngajual jarum ka tukang gendong
|
:
|
niat nipu kanu pinter
|
|
legok tapak genténg kadék
|
:
|
loba luang jeung pangalaman
|
|
nyieun pucuk ti girang
|
:
|
nyieun jalan pipaseaeun
|
|
mobok manggih gorowong
|
:
|
kabeneran aya jalan pikeun ngahasilkeun usaha nu keur
dipaju
|
|
goong nabeuh manéh
|
:
|
muji atawa ngagulkeun diri sorangan
|
|
halodo sataun lantis ku hujan sakali
|
:
|
kahadéan nu sakitu lilana leungit ku kagoréngan sakali
|
|
nété tarajé ninjak hambalan
|
:
|
pikeun ngahontal cita-cita kudu satahap-satahap, ti handap
heula nu beuki lila beuki luhur
|
|
hambur bacot murah congcot
|
:
|
mindeng nyarékan, tapi béréhan
|
|
moal aya haseup mun euweuh seuneu
|
:
|
moal aya masalah lamun teu aya sababna, aya akibat pasti
aya sababna
|
|
hérang caina beunang laukna
|
:
|
hasil maksud kalawan teu ngaganggu batur
|
|
indung lembu bapa banténg
|
:
|
turunan gagah, beunghar, turunan ménak ti indung ti bapa
|
|
iwak nantang sujen
|
:
|
néangan picilakaeun, ngalakukeun pagawéan nu geus pasti
pibahayaeunana
|
|
matak ibur salelembur
|
:
|
matak geunjleung jadi cerita dimana-mana
|
|
jagangna ka urang, ari jagungna ka batur
|
:
|
urang nu hésé capéna, ari hasilna beunang ku batur
|
|
janget kinetolan
|
:
|
turunan goréng atawa hadé ti indung bapa
|
|
mulih ka jati mulang ka asal
|
:
|
maot, asal ti Allah balik deui ka Allah
|
|
jogjog neureuy buah loa
|
:
|
mikahayang hiji hal nu teu ngimbangan kaayaan dirina
|
|
jojodog unggah ka salu
|
:
|
urut badéga jadi patih goah atawa jadi juragan istri
|
|
kabeureuyan mah tara ku tulang munding, tapi ku cucuk peda
|
:
|
cilaka mah biasana tina mokahaan urusan nu leutik
|
|
kaciwit kulit kabawa daging
|
:
|
kabawa goreng ku kalakuan baraya anu salah
|
|
kajeun panas tonggong, asal tiis beuteung
|
:
|
kajeun teuing capé digawé, asal bisa dahar kalawan cukup
|
|
ngudag-ngudag kalangkang heulang
|
:
|
ngaharep perkara nu samar bisa kalaksanakeun
|
|
kandel kulit beungeut
|
:
|
teu boga kaéra
|
|
legok tapak genténg kadék
|
:
|
loba luang jeung pangalaman
|
|
nété porot, ngeumbing lésot
|
:
|
sagala ihtiar teu hasil, sagala salah lantaran keur sial
|
|
ngalétak ciduh
|
:
|
ngabatalkeun omongan nu geus dilisankeun, ingkar janji
|
|
leutik-leutik ngagalatik
|
:
|
leutik waruga, tapi wanian atawa loba kabisa
|
|
lieuk euweuh ragap taya
|
:
|
teu boga naon-naon, malarat
|
|
ulah cara kembang malati, kudu cara picung
|
:
|
ulah ngurangan kanyaah, beuki lila kudu beuki nyaah
|
|
malik ka temen
|
:
|
asal babanyolan, tuluy jadi enyaan
|
|
mangkok emas eusi madu
|
:
|
jelema nu alus bahasa tu lampahna ogé hade
|
|
daluang katinggang mangsi
|
:
|
susuganan kanasiban aya jodo
|
|
mapay ka puhu leugeun
|
:
|
kasalahan hiji budak/turunan sok mawa goréng ka kolotna
atawa kasaluhureunana
|
|
neukteuk mari
|
:
|
mutuskeun hubungan
|
|
ngadék sacékna, nilas saplasna
|
:
|
ngomong satarabasna, teu diréka-réka
|
|
ngeundeuk-ngeundeuk geusan eunteup
|
:
|
néangan akal pikeun nyilakakeun dunungan
|
|
ngimpi gé diangir mandi
|
:
|
baraid teuing, kacida teu panujuna
|
|
maut nyéré ka congona
|
:
|
hirup susah pakokolot, ngarandapan kurang rejeki sanggeus
kolot
|
|
omong harus batan goong
|
:
|
béja gampang nérékabna, jeung biasana sok ngaleuwihan tina
buktina
|
|
tacan aya nu nganjang ka pagéto
|
:
|
tacan aya jelema anu nyaho kana naon-naon kajadian
kahirupan atawa ahérat
|
|
mending pait ti hela tinimbang pait tungtungna
|
:
|
kudu asak hela badami, bisi jadi pancogrégan di ahirna
|
|
seuneu hurung dipancaran
|
:
|
jelema nu keur ngambek ditambahan piambekeunana
|
|
papadon los kakolong
|
:
|
nu jangji tara jadi
|
|
kawas gula jeung peueut
|
:
|
kacida layeutna, tara aya pacogrégan
|
|
uncal tara ridueun ku tanduk
|
:
|
jelema moal ngarasa ridu ku kapinteran atawa ku élmu
pangaweruh
|
|
rumbah caringin di buruan
|
:
|
geus euweuh nu bakal ngingetan sabab geus teu boga kolot
atawa saluhureun
|
|
rup ku padung rap ku lemah, katuruban taneuh beureum
|
:
|
inget saumur-umur salawasna
|
|
nyair hurang meunang kancra
|
:
|
meunang untung gédé ku usaha leuleutikan
|
|
nyaliksik ku buuk leutik
|
:
|
barang pénta atawa ngarah kauntungan ka rahayat leutik
|
|
nyalindung ka gelung
|
:
|
hirup ngandelkeun banda atawa pangala pamajikan
|
|
ngijing sila béngkok sembah
|
:
|
teu satia ka pasangan hirup atawa dunungan
|
|
nyiuk cai ku ayakan
|
:
|
pagawéan anu mubadir, moal ngahasilkeun naon-naon
|
|
pindah cai pindah tampian
|
:
|
ngaluyukeun diri kana adat jeung kabiasaan di pangumbaraan
heunteu tukuh kana adat jeung kabiasaan di tempat
|
|
uyah tara téés ka luhur
|
:
|
sipat indung bapa sok turun ka anakna
|
|
jogjog neureuy buah loa
|
:
|
milampah anu moal pihasileun
|
|
tikoro andon péso
|
:
|
nyampeurkeun pibalaieun; nyampeurkeun jelema nu keur ambek
ka urang
|
|
ditiung geus hujan
|
:
|
kakara ati-ati sanggeus menang kasusahan atawa kacilakaan
|
|
kawas ucing jeung anjing
|
:
|
babari atawa mindeng paséa
|
|
ngudag-ngudag kalangkang heulang
|
:
|
ngaharep perkara nu samar bisa kalaksanakeun
|
|
ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed
|
:
|
umur geus kolot ari kahayang cara nu ngora
|
|
uncal kaauban surak
|
:
|
ngadéngé béja tacan sidik tuluy diandelkeun enya baé
|
|
watang sinambungan
|
:
|
nu boga perkara batur, nu diajak cékcokna urang
|
|
ngawurkeun wijén kana keusik
|
:
|
pagawéan mubadir taya gunana
|
Sakilas cutatan rasa katineungna urang sunda di pangumbaraan anu hoyong ngamumule budaya karuhun ulah leungit dugi ka incu-buyut Jeung impian jadi inohong dinagri luar...
Tampilkan postingan dengan label Paribasa Sunda. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Paribasa Sunda. Tampilkan semua postingan
Minggu, 20 Juli 2014
Paribasa Sunda
Langganan:
Postingan (Atom)