Sakilas cutatan rasa katineungna urang sunda di pangumbaraan anu hoyong ngamumule budaya karuhun ulah leungit dugi ka incu-buyut Jeung impian jadi inohong dinagri luar...
Tampilkan postingan dengan label Ngaran Patempatan. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Ngaran Patempatan. Tampilkan semua postingan
Selasa, 14 Oktober 2014
Minggu, 20 Juli 2014
Ngaran Patempatan
Alun-alun | : | pakarangan atawa tempat nu lega nu aya di puseur kota |
Amben | : | tépas imah panggung nu lanténa tina palupuh |
Astana | : | kuburan/makam |
Babakan | : | Lembur atawa kampung anyar |
Basisir | : | Tempat di sisi laut |
Babantar | : | bagian walungan anu lega sarta déét |
Bojong | : | lahan anu nyodor ka sisi walungan tur gédé |
Bobojong | : | jojontor taneuh anu nyodor ka cai, biasana aya di sisi walungan |
Bubulak/bulakan | : | tempat nu pinuh ku jujukutan nu aya di pasir atawa di lamping gunung |
Buruan | : | tempat hareupeun imah, pakarangan |
Dungus | : | gundukan tatangkalan laleutik jeung (rada) rembet, biasana ayanan di leuweung |
Dapur/pawon | : | rohangan atawa bagian tina imah nu biasana aya di tukang, paranti usuk-asak |
Dayeuh | : | lembur nu dicicingan ku jalma réa |
émbél | : | ranca nu jero jeung di beulah luhurna pinuh ku jujukutan |
émpér | : | pakarangan nu pangdeukeutna jeung imah atawa bangunan séjénna |
Gawir | : | sisi jurang |
Goah | : | rohangan paranti neundeun pangbéasan atawa rupa-rupa kadaharan, biasana aya di pawon |
Geger | : | tonggoh gunung anu manjang |
Gerembel | : | kumpulan tatangkalan nu rada rembet, tapi teu biasa dipaké nyumput sasatoan |
Gupitan | : | jalan heureut (sarupa jalan satapak) antara dua lamping |
Hunyur | : | imah rinyuh atawa taneuh nu mucunghul, pasir leutik |
Huma | : | sawah darat, kebon nu dipaké melaké par tur tara dikocoran cai |
Jalan Huni | : | lolongkrang tincakkeun antara pepelakan di kebon |
Jalan Jajahan | : | jalan gedé nu bisa dipaké ngaliwat kandaraan |
Jalan Satapak | : | jalan nu ngan bisa diliwatan ku jelema |
Jontor | : | taneuh anu nyodor ka laut |
Jungkrang | : | legok anu jero sarta gurawes |
Kubangan | : | tempat nu ledok (biasana di sawah atawa di balong) paranti mandi munding |
Kamalir | : | jalan cai leutik |
Kobakan | : | lobang di tegalan anu aya caian |
Karéés | : | tempat di sisi walungan anu réa keusikan |
Kebon | : | taneuh darat nu dipaké melak rupa-rupa pepelakan |
Landeuh | : | taneuh atawa tempat nu leuwih handap ti tempat urang cicing |
Lebak | : | tempat nu leuwih handap |
léngkong | : | tempat legok jeung jero di antara dua lamping |
Lamping | : | tempat di gunung antara puncak jeung tutugan |
Legon | : | daerah di basisir anu ngelok saeutik ka dra, sarupa teluk ngan leuwih leutik |
Lembur | : | tempat nu dicicingan ku jalma réa, kampung |
Leuwi | : | bagian walungan anu leuwih jero jeung lega |
Monggor | : | daerah sarupa pasir ngan leuwih leutik tur leuwih handap |
Muhara/Muara | : | tuntung walungan (di hilir) tempat patepungna walungan jeung laut, atawa tempat patepungna walungan leutik jeung walungan nu leuwih gedé |
Nagrak | : | taneuh nu luhur sarta angar |
Negla | : | tempat nu lega sarta teu kahalangan ku tatangkalan |
Parigi | : | jalan cai nu ngahaja meunang nyieun |
Parung | : | bagian anu déét di walungan jeung dihapit ku leuwi |
Pasir | : | sarupa gunung, ngan leuwih leutik sarta leuwih handap |
Pangkéng | : | roangan di imah paranti leleson atawa barang teundeun |
Pakarangan | : | taneuh nu aya di sakurilingeun imah |
Patengahan | : | roangan nu aya di tengah imah |
Pipir | : | taneuh di sagigireun imah |
Reuma | : | taneuh darat urut huma nu geus teu dipaké |
Rora | : | sarupa susukan (cai ngocor) nu aya di leuweung |
Sabang | : | taneuh darat nu dihapit ku dua walungan |
Sungapan | : | tempat ngalirkeun cai ti walungan ka sawah |
saké | : | walungan leutik |
Sampalan | : | tegal di leuweung tempat sato jarah |
Samida | : | leuweung nu dikaramatkeun |
Seler | : | walungan leutik |
Situ | : | sarupa balong ngan leuwih lega |
Sirah Cai | : | tempat kaluarna cai nyusu nu engkéna bakal jadi walungan |
Somang | : | jurang gurawés sarta jero |
Tanjung | : | taneuh nu nyodor ka laut |
Tarikolot | : | tempat atawa daerah urut lembur |
Tegalan | : | taneuh lega tur rata jeung sabagian gedé pinuh ku jujukutan |
Tepiswiring | : | ngaran séjén pikeun pasisian atawa pilemburan |
Tétélar | : | taneuh di tengah sawah anu heunteu kahontal ku cai |
Tepas | : | bagian imah (panggung) nu pang-hareupna, paranti narima sémah |
Tutugan Gunung | : | bagian gunung panghandapna |
Jumat, 01 November 2013
NGARAN-NGARAN PATEMPATAN
ALUN-ALUN : tanah lapang (hareupeun kacamatan, kabupatén, masjid agung, jsb)
BABAKAN : lembur anyar
BABANTAR : lebah walungan anu léah sarta déét
BOBOJONG : jojontor tanah anu nyodor ka cai (biasana di sisi walungan)
BUBULAK : sarupa tegalan, tanah nu pinuh ku jukut nu aya di lamping gunung atawa di pasir
DUNGUS : runyuk, rungkun, gundukan tatangkalan laleutik nu rada rembet.
HUMA : tanah darat (biasana di leuweung) nu dipelakan paré tur tara dikocoran cai
JUNGKRANG : legok nu jero sarta sisi-sisina gurawés
KARÉÉS : sisi walungan nu réa keusikan (mun di sisi laut, basisir)
KEBON : tanah darat nu dipelakan rupa-rupa pepelakan
LAMPING : lebah gunung atawa pasir antara puncak jeung tutugan
LEGON : lebah basisir nu ngelok ka darat, sarupa teluk ngan leuwih leutik
LEMBUR : kampung, tempat padumukan jelema nu réa imah
MONGGOR/MOMONGGOR : sarupa pasir ngan leuwih handap tur leuwih leutik
MUHARA/MUARA : tungtung walungan di hilir, tempat patepungna walungan jeung laut atawa walungan leutik jeung walungan gedé
MUMUNGGANG/GEGER : lebah gunung nu pangluhurna (tonggong gunung)
PASIR : gunung leutik sarta handap
REUMA : tanah darat urut huma
RORAH : cai ngocor, sarupa jeung susukan, ayana di leuweung
SABANG : tanah darat nu dihapit ku dua walungan
SAMPALAN : tegal di tengah leuweung tempat nyatuan sato jarah
SITU : sarupa jeng balong ngan leuwih gedé, leuwih lega (biasana walungan nu dibendung sok ngajangélék jadi situ)
SOMANG : jurang gurawés sarta jero
TANJUNG : jojontor, tanah nu nyodor ka laut
TARIKOLOT : tempat urut lembut
TEGALAN : tanah lega tur rata nu sabagian gedé pinuh ku jukut wungkul
TELUK : basisir nu ngelok ka darat
TEPIS WIRING : sesebutan séjén pikeun pasisian atawa pilemburan
TETELAR : tanah datar di tengah sawah nu henteu kahontal ku cai, sok dipaké ngangon
TUTUGAN GUNUNG : gunung beulah handap (suku gunung)
WAHANGAN : walungan, ngocor caina gedé ti girang ka muara
Langganan:
Postingan (Atom)