Tampilkan postingan dengan label Catetan AA Garut. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Catetan AA Garut. Tampilkan semua postingan

Jumat, 25 Maret 2016

"Catatan Hirup Dipangumbaraan.."

Hayang nyatet sabenerna mah, tapi naon nya? teuing sababaraha bulan teh kabebenjokeun ku tugas dipagawean jeung memeres disertasi nu masih ngalumbrak. Ieu mah carita cutatan akang, lain adigung adiguna, da rumasa jalma teu boga tapi kahayang nu leuwih tibatan batur sakola dilembur. Hasilna kapeutik bisa ngaleuwihan pun bapak nu Guru sakola dasar (SD), nu kahoyong bisa sakola luhur, alhamdulillah akang nikreuh insya Alloh nuju nyelesaikeun program Doktoral di salasahiji paguron luhur di Jakarta. Mugia bisa kabaca kanu keur ngahontal cita-cita, naon wae kudu dileukeunan, ceu babasan mah "ulah kumeok memeh dipacok" sok sanajan urang jalma masakat jeung euweuh kaboga, urang kampung bau lisung, babasan mah.

 HIRUP mah euweuh tungtungna lamun ngagulanggaper kadunyaan kudu bisa ngabagi kamaslahatan kanu lian sok sanajan teu panteus. Akang ikicibung didunya pangajaran ti taun 90-an nyecreg hayang boga pangaweruh ngaleuwihan nu jadi kolot, sok sanajan banda mah euweuh kaboga, ngan hayang wungkul. Tadi mah kahayang teh ka jakarta, kapangaruhan lagu koesplus, ari jret teh malah ka Bekasi. Teu jauh bedana, sarua kota industri bari neangan gawe ka parusahaan, da ceunah kota Bekasi teh gudangna emas, ceuk anu ngaromong naon wae jadi duit, ari singhoreng teh meuereun, emas nu dimaksud teh, mas jawa aya dimana-mana, ari urang sundana mah bisa di itung taun 97-an.

Hese ningan neangan gawe di jakarta, da ijazahna oge ijazah guru. Hiji waktu basa wawancara gawe teh barang mireret berkas ijazah akang teh.Ari pokna,"Naha lin jadi guru atuh malah hayang gawe di PT sagala?" Dua taun kukurilingan nepi ka mutuskeun naon wae asal boga pangalaman, nya jadi seles asuransi, nu harita teh kantorna di jalan bungur besar, stasiun Senen. kukurilingan di jakarta sabaraha taun nambah kadewasaan, nambah pangalaman, Nepi ka sempet jadi supervisor asuransi, tapi kuring bentrok jeung babaturan nu mayoritas etnis Batak. lain ngeper tapi euweuh gunana, da manajer akang oge masih dulurna, kapaksa mundur, padahal dihareupeun teh tawaran manajer cabang. lain jodoh da akang oge ka tarik ku dunia usaha, bari sakalian ngarintis toko buku kolekan modal jeung babaturan, bari jalan salles alat-alat kantor. Hasilna ngan ukur kabagean sesa etalase jeung sabaraha sesa buku-buku agama sabaraha dus, teu puguh iitunganana, rugi ceunah.

Jodohna Jadi Guru
Dunia akang mah memang jodona jadi guru, akhirna balik ka profesi nu pernah dilakonan dua taun kuliah di IKIP Bandung, ari ngalamar teh harita teh katarima di sakola Muhammadiyah Bekasi, guru sosiologi & Antropologi, kadang sajarah. Ngaco jeung teu linier tapi dileukeunan nepi ka taun 2004. Alatankuring ditarima pedah kuring teh aktifis organisasi, mimiti rumaja jeung pamuda Muhammadiyah. Ari di lembur teh kolot jeung kulawarga oge, esekelerna teureuh Muhammadiyah jeung sakampung profesina guru.

Nikreuh sok sanajan loba gogodana, akang leukeunan sok sanajan ningali tina materi mah teu cukup, nyari berkah bari ngabenerkeun patekadan hayang sukses di pangumbaraan.Biasana lamun bujangan mah teu boga tujuan kahareup boga kulawarga, da can boga ceuceukeleun jeung saha nu hayang menangkeun guru nu masakat, harita teh kurang gengsina, pikiran negatif akang. Hiji waktos, nepi ka aya anu ngenalkeun ka urang sumatera ceunah. Ih, piraku urang sunda menangkeun sumatera, ceuk kolot dilembur. Dikulawarga nganggapna teu ilahar, sunda jeung sunda titik. Jauh pisan lamun nganteurkeun kawinna, ceuk nujadi indung. Ngaranna jodoh mah jorok, sok sanajaan dipahing oge, nya taun 2000 milenium pruk atuh akang teh nikah, da biasana mah sok aya rijkina, harita teh ditawaran jadi wakil kapala sekolah nepi ka taun 2006. puncakna diangkat jadi kapala sekolah nepi katun 2010.

Long life education, neangan elmu teh saumur hirup urang kudu diburu, lamun hayang ningkatkeun pangaweruh, harita teh akang aya nu nawaran jadi dosen manajemen disalah sahiji paguron tinggi basa asing, sok sanjan masih ngabadalan ti taun 2004, (nyambung)

Selasa, 09 September 2014

"Renovasi Imah, lain Sakadar Ngurug"

Renovasi sok ngarembet ceunah, nu tadina mah hayang ngurug wungkul, ningan malah juk-jlek loba kahayang, akhirna ngurug mimiti dapur nepi ka hareup sagala. Naon oge ceuk ilmu manajemen mah kudu ditatahar heula beh jelas itungan biayana, tapi teori teh tojaiyah pisan jeung kanyataanana.

Siga hirup da sein hayang kieu tapi da solen ceunah beda. Tinggal kumaha netepkeun hate keur ngarojong naon bae nu ngaberatkeun pikiran urang. Da eta teh masalah kahirupan beda jeung masalah dina ranah teoritis, nu kadang sok beda lamun dititenan eta teh minangka hiji karangka hirup nu kudu ditarimakeun bari kudu diikhtiarkeun heula ku urang, alatan manusa mah ngan bisa ngarencanakeun nu ngawujudkeunana dina akhirna nu Kawasa.

Sakali deui renovasi imah teh jadi simbol di masyarakat keur nunjukeun hiji kamajuan. Imah teh pondasi nu nguatkeun tangguhna hiji imah anu dirojong ku titi tentremna rumah tangga, ulah malahan awet tapi rajet. imah nu sok kabanjiran eta simbol karusakan, padahal alatan pilaku manusa nu rajen ngararusak papagon, mun nyieun imah ulah dibeakeun kabeh tapi kudu aya keur nyerepna cai beh bisa ngalirkeun rijki ka bumi, lamun kabeh di pelur teu nyesakeun satapak, akibatna taneh rusak.

Renovasi oge jadi simbol kuatna hiji talari kulawarga, nambah anggota warga tantuna ngabutuhkeun rohang keur hirup, sok sanajan masih bayi maneh oge butuh rohang hirup keur nguatkeun prinsip individualisme nu kuat dina diri manusa. dina agama urang budak keur ti letik keneh kudu diajarkeun tatakrama lamun keur isya dimana nu jadi kolot keur istirahat, kudu ngetrok panto heula. tugas kolot nyadiakeun rohang keur ngadidik tatakrama hubungan anak jeung kolotna, jeung dulur lalakina keur ti memeh leutik, saperti ngabiasakeun nutup sirah nu kudung nu syar'i ti keur umur leutik, nepi ka masalah tepang taun nu kadang urang teu tega lamun teu minuhan kahayang anak urang.

Teu bosen sakali deui renovasi teh hiji pasoalan nu jadi masalah nagara, sabab dijerona ngandung filisofi kudu ngarobah diri, ngarobah karakter bangsa, ngarobah kahirupan, ngarobah sagalana ku hal nu bisa kahontal ku akal urang nyaeta, ti diri urang, ku urang jeung kulawarga urang.

Catatan Abi : Tepang Taun Siga "Ayu Zaila"

Poe ieu teh anaking bidadari abi tepang taun (9/9-2014), nu geulis teh ceunah ngarenghik hayang dirayakeun "siga Ayu Zaila (Ayu Zahira)", ceunah bari rada cadel nyebutkeun anak tatangga. Indungna mah meletet menta tinimbangan, kuring mah tetep kerung, "Lain budaya urang tepang taun teh, Mi", ceuk kuring sok sanajan hate mah teu tega atuh. "Keun wae ti bubudak biasa apal kumaha kuduna, da indung-bapana oge sarua teu pernah ngarayakeun".

Sok sanajan tatangga mah sok ngangsonan, "iraha nya tiup lilinna, de Laya?", pokna.
Dasarna mah Tetep abi mah tambah nyaah. Sok sanajan lincah baceo siga beo, ngacak-ngacak, da puguh masih budak ololeho atuh. Tapi kadang sok karunya ka induk budak da puguh teu bisa dilepas atuh da sakitu lincahna.eta meureun pangorbanan kolot teh, sok ingeut kumaha ngahesekuen kanu jadi kolot baheula, kaalaman ku urang sangeus boga budak. tapi budak mah tetep jadi "kembang soca" urang nu ngaleehkeun stress kolotna, anu ngajeoskeun awak anu cape rancucut alatan bobolokot kesang, ti hothat ngajar sok snajan can bisa minuhan kabutuhan hirup, kumaha layakna.

Anu penting anaking geus daek sakola di taman Al-Qur'an jeung teu ogoan deui basa dibawa dagang ka kantin, da indungna dagang tahu bumbu di hiji kantin sakola nu keur mimiti ngawangun sakola nu tohaga pisan, tapi muridna karek sakelas. Kanyaah abi-ummi teu aya wates wangenna, da budak kahayang atuh nepi ka 11 taun nunggu, alhamdulillah nonghol alatan pangersa gusti Alloh SWT. Indungna oge daek eureun gawe alatan teu tega nitipkeun budak ka nu sejen. Eta teh awalna mah beurat pisan, tapi geus tilu taun eureun ningan alhamdulillah rizki jeung nasib teh diatur ku nu Kawasa, lain manusa anu ngatur. Nepi ka kuring bisa kuliah S3 beasiswa ti kampus, jeung boga usaha sok sanajan masih leutik, eta teh pasti geus suratan ti luhur.

Kuring oge sarua hayang ngarobah pahirupan lamun junun lulus, keur ngaronjatkeun kahirupan, sok snajan dikampus nu ayeuna, teu aya bedana antara dosen S-1, S2 jeung S3 sarua posisi salary-na. prinsipna rizki mah aya anu ngatur tinggal urang terus usaha...sakalideui hampura abi-umi teu bisa nedunan kahayang anaking, hayang ditiupkeun lilin siga ayu zaila.Engke oge geus dewasa pasti bisa nyaho jawabanna, bari panon kuring carinakdak nahan rongkahna hate.

Sabtu, 26 Juli 2014

Legitimate Plpres kumaha?

SAMEMEH mudik sabaraha bulan urang disibukeun piala dunia bari sakalian sahur puasa, tambah pilpres nu tuntungna nenden pasualan nu hiji waktu jadi bom waktu. Ributna soal pilpres anu kesanna teh teu tuntas KPU mereskeunnana malah kabirengeuh nemblehkeun ka MK nu mereskeunana, kubu prabowo ngarasa teu didenge terus mutuskeun mundur tina rekapitulasi KPU, lain mundur tina pilpres, sakumaha nu diplintir ku MetroTV corongna kubu jokowi. Prabowo oge ngarasa di tulis tongong ku KPU alatan loba panyimpangan anu nyababkeun tambah ngojotna pasualan. Kubu Jokowi ngarasa diuntungkeun, komo lembaga Quick count irungna tambah bekah, "Ceuk aing oge sarua jeung itungan aing", pokna meureun.

Naek ka MK pamohalan beres nu samemehna loba nu banding ka MK teu beres malahan nimbulkeun skandal korupsi ketua MK Intina mah kajujuran lamun geus teu aya di para inohong saperti KPU, KPK, Panwaslu pasti nyababkeun rumitna nagara. lain mihak prabowo, tapi kudu nendeun pasualan dina tempatna nyaeta koridor hukum, ulah aya sakwasangka ceunah mah kamil malik ketua KPK teh masih iparna yusuf kala, nu nyabakeun profesionalisme KPU jadi sasaran.

Ari ceuk akang mah antepkeun bae, Jokowi mimpin Indonesia sok sanajan dinapasulan ieu mopohokeun kakuatan 46 peresen sora rakyat nu nganggap teu legitimate faktual, tapi legitimate sacara hukum. Nu kadua buktikeun kumaha kamampuanana, sok awasi ku rakyat nu ngadukungna. Keur pangawasan koalisi kudu terus mantau kumaha sepak terjangna. Bari kudu mereskeun  institusi jeung  jalmana, di KPK, KPU, MK ulah nyieun aturan nu manehna oge nu ngarusakna, bari ngorbankeun rakyat nu nambah teu percaya deui..

Rakyat siga urang kumaha ? Cukup ributna di media sosial keur hiburan urang, sarua siga nonton bola beda jagoan tapi teu nepi ka guntreng, da naon untungna malah nimbulkeun pacegregan dulur jeung dulur, batur jeung batur, ulah moro julang ngalepaskeun pesing. Bari popolotot melaan bari nu dibelaan oge can puguh mikiran urang, anu malah mah nambah rungsing pikiran urang. Balik deui ka fitrahna siga momen lebaran balik kana kasucian deui.

MUDIK TEH KEUR URANG SUNDA ?

Mudik teh wajib pisan keur urang sunda mah mun bisa ti hot-hat neangan duit beh tiap taun mudik nyukupan bari ninggalkeun hutang, ninggalkeun kahanyelu teu boga duit deui sabada mudik, keun we da Alla mah ngarizkian ka urang, pokna.

Teuing timana budaya mudik teh, da nu ayeuna mah milik urang Indonesia dimana wae paling rajin mudik sok sanajan mangtaun-taun bubuara di nagri dengeun, pasti balik deui. kadang mudik pesta rakyat, teu miskin teu kaya sarua ti poporoseh kudu balik ka lembur.

Tah dihandap akang nyimpulkeun sorangan, Aya sabaraha kasimpulan lamun mudik teh ningan :
  1. Mudik teh meakeun duit sataun keur kakampung, lamun balik menta diongkosan deui ku mitoha urang.
  2. Mudik teh prestise keur sabagian urang, yen urang teh geus sukses di pangumbaraan, biasana mah disimbolkeun ku kandaraan, HP, Ipad, jst. mun bisa ngutang jeung ngaborehkeun barang keur rental mobil, ngutang HP, jst
  3. Mudik teh ngabahayakeun diri sorangan  jeung kulawarga.mun maksakeun, antugna ngirit make motor jarak jauh, kahujanan kanginan teu dipirosea nu penting lebaran di lembur.
  4. Mudik teh unjuk kamampuan dina soal kamampuan otomotive, breng konvoi motor, tah lamun ieu positive sakali-kali keur ngukur kamampuan urang dina ngarawat kandaraan urang.
  5. Mudik teh identik THR atanapi gajih katilu welas keu PNS, padahal sataun teh mun 12 bulan nya, kang? makana pangusaha lalieureun keur mayarna.
  6. Mudik teh pesta rakyat ngelehkeun antusias pawai kampanye pilpres naon oge, padahal mah nyiksa awak, macet dijalan, meakeun duit sagala..."Sabodo teuing, da duit-duit aing",  ceunah.
  7. Kadang mudik sok poho nuwajibna. Poho puasa, poho shalat, poho pamajikan katinggaleun di toilet rest area, da buru-buru bisi katingaleun konvoi...he..he. Mun bisa lamun niat hayang konvoi,  anak mitoha tetipkeun heula ka kampung.
  8. Mudik teh kawajiban urang sataun sakali silaturahim ka kolot jeung dulur urang...ieu meureun anu paling utamana. wilujeung mudik kasadayana urang sunda sadunya.

Sabtu, 19 Juli 2014

Papagon dina media sosial

"Eh, pak saha eta teh meuni matak ararutah, teu sopan jalingkak", pokna batur kuring anu ngarasa kashare sababaraha potret jalingkak. kuring oge kaget bubuhan hayang ngurangan komunikasi jeung media sosial keur bulan puasa teh. hayang ibadah jeung ngaleupaskeun diri, tapi hese ningan. Nu akhirna.. eh, aya anu komplen. Eta meuereun lamun urang boga batur anyar didunia cyber pasti aya nu maksud hade, aya oge nu teu pararuguh ngirim potret jalingkak menta no pin sagala jeung di share kamamana.

Kudu aya etikana dina urang ngokolah media sosial saperti facebook, twitter, jln. keur ngajaga wall urang ulah aya anggapan kaliru, komo keur nu teu ngarti kiriman ka urang teh bebas, da urang oge sok nga-add bebas saha bae nu asup hayang jadi batur anyar urang.

Aya sabaraha papagon keur ngamankeun media sosial urang, beh teu nimbulkeun katugeunah urang jeung sobat nu lainna.
  1. Ulah sambarangan nga add bari teu ningali heula konten wall-na. alatan anyaran boga fb sok bagja lamun aya nu hayang dikonfirmasi jadi sobat urang bari teu ningali heula isina naon, sok era parada lamun aya kiriman nu teu pantes.
  2. Ulah ninggalkeun fb urang bari teu signout heula, keur ngajaga jalma nu sok iseng hayang ngarusak jeung ngahereuyan wall urang.biasana lamun ka warnet, bari buru-buru sok poho nga-signout heula, akibatna aya anu make email, fb urang, lieur.
  3. Ulah sok ngiritik matak pikanyeurieun batur, buru-buru menta hampura lamun aya nu ka sigeung ku omongan urang. eta teh mancing batur nga-hackerna nu cilaka urang, padahal urang teh hayang neangan sobat anyar lain musuh.
  4. Mun bisa konfimasikeun ka sobat nu lain yen eta teh kakaliruan urang teu asak ati-ati maen add bari teu ningali wall-na.
  5. Paling luhur dina kiriman urang aya pilihan, hapus permanen/laporkeun ka fb minangka eta teh spam jeung urang teu suka narima kiriman.
Mudah-mudahan naon wae nu kajadian eta teh resiko urang dina media sosial, nu penting urang kudu ngajadikeun media sosial teh keur sosbatan, nimbulkeun kasenenagan batur ulah jadi balai keur nu sejen.

Jumat, 04 November 2011

Lalangse laya (2) : "Postpartum blues"

Teu karasa geus dua bulan si geulis ceuk ibu ramana teh gulak gileuk matak pi mohoeun. polah tingkahna robah-robah teu bisa di prediksi, keur majar anteung meuni tibra kakara indungna barudak bisa migawe pagawean imah lamun kuring indit gawe, tapi sok robah deui sapoean ngadat..neupi carinandak meureun, pok kuring : "laya mah masih dua bulan, Mi..jadi wajar pisan keur orok nu keur nyidik-nyidik pola hirup kolotna, bukti lamun keur rungsing indungna kabawa si geulis ngilu rungsing.." 

Sok snajan kitu ceuk nu ahli mah lamun polah tingkah indungna sok sieun kena "postpartum blues". Nyaéta, kaayaan depresi sacara fisik atawa psikis nu nimpa ibuna anu bisa lumangsung sawatara poé sanggeus kalahiran nepi ka kira-kira sabulan saterusna. Nu micuna sorangan cukup rupa-rupa: mimitian parobahan hormonal anu lumangsung salila kehamilan, prosés ngababarkeun anu matak cape, nepi ka kanaékan kaperluan ékonomi atawa kabiasaan hirup anu robah drastis. Misal, ibuna anu biasa digawé sarta boga kasempetan papanggih loba jelema, waktu cuti ngababarkeun lain mustahil jadi didera kebosanan/kesendirian.

Kaayaan ieu baris leuwih diperburuk lamun ibu teuing harepan luhur yén manéhna bisa nungkulan sagalana, sedengkeun dina kanyataanana manéhna remen ogé dijieun teu berdaya. Tacan deui kasalempang ibu ngeunaan kaséhatan dirina sarta orokna, nepi ka mecenghul rarasaan hanjelu sarta teu berdaya sacara berkepanjangan tadi. Tangtu waé masalah ieu bisa ngaréwong pangabisa ibu pikeun merawat orokna. Lamun geus kitu, perlu ditéang bantuan profésional, semisal berkonsultasi kalayan psikolog.

Ceuk para ahli aya sababaraha prilaku bayi anu karek lahir jeung kolotna a ulah ngarasa kaget ; sajauh laku-lampah orok masih dina wates normal atawa lumangsung ngan sekali-kali waé, teu masalah. Tapi lamun aya laku-lampah anu kaleuleuwihan atawa keseringan sarta terus-terusan, kudu diwaspadaan. "Meureun waé aya hiji hal ka diri si orok. Leuwih hadé geura-giru dibawa ka dokter pikeun penanganan saterusna. Sumawona umur orok masih pohara rentan. Tah, di handap ieu sawatara laku-lampah orok anyar lahir anu bisa dititénan.

* Ceurik
Kitu lahir, orok kudu ceurik. Ieu mangrupa reaksi kahiji anu bisa dipigawé. Kalayan ceurik, otomatis paru-parunya boga fungsi. Paru-paru baris muka sarta mengisap oksigen. Sajaba ti éta, ceurik ogé minangka reaksi ti parobahan anu dialaman si orok. Sabot di kandungan, manéhna ngarasakeun haneutna sarta kenyamanan; manéhna ngarasa terlindungi. Kaayaan di pianakan ogé gelap. Samentara kitu lahir, manéhna ngarasakeun hawa luar anu tiis sarta aya cahya caang. Parobahan ieu disikapinya kalayan ceurik.

Éta sabab, lamun sanggeus lahir orok teu ceurik, hartosna teu normal. Biasana, manéhna ngalaman asfiksia, nyaéta kurang masukan oksigen ka dina awakna.

Bahayanya, otak ogé ngeunaan kakurangan oksigen nepi ka bisa ngarusak otak. Kajadian ieu biasana patali jeung kaayaan saprak di kandungan. Mangka éta, lamun aya hiji hal kalayan kandungan ibu anu bermasalah, kudu geura-giru meunang penanganan anu ade kuat sarta bener ti ahlina. Ieu pikeun nyingkahan, salah sahijina kajadian orok teu ceurik.

Sabot orok ceurik, anggota unggutna ogé milu aktip. Tangisan orok anu cageur lamun sorana teuas, lain merintih atawa melengking. Lamun sora tangisannya merintih/melengking, pertanda aya hiji hal dina si orok atawa manéhna gering.

Ceurik dina orok ogé mangrupa babasan ekspresinya. Orok baris ceurik lantaran ménta perhatian, lapar, baseuh popoknya alatan BAB/BAK, atawa séjénna. Jadi, orok ceurik teu sok hartosna lapar.

* Reuwas
Orok baris bereaksi kawas reuwas. Ieu mangrupa refleks naluriah. Sajauh refleks ieu teu kaleuleuwihan lumangsungna, teu masalah. Lamun manéhna reuwas, biasana awakna usik kabéh. Gerakannya éta kudu simetris kabéh, teu ngan sawaréh awakna waé anu usik. Lamun henteu, kudu dicurigai aya hiji hal di otaknya. Geura-giru periksakan ka dokter.

Unggut refleks ieu bisa alatan manéhna nempo cahya anu menyilaukan atawa lantaran manéhna geus bisa ngadéngé sora/bunyi anu mengagetkannya. Éta sabab, lamun orok keur saré, biasana jelema di sakurilingna dipénta pikeun teu teuing.

Refleks ieu masih kaci aya nepi ka umur 5 bulan. Lamun sanggeus éta masih tetep aya, hartosna teu normal, aya hiji hal ka diri si orok nepi ka kudu ditéang cukang lantaranana. Kamungkinan aya karuksakan di otaknya.

* Bersin
Lamun sakali-kali atawa teu kaleuleuwihan, wajar waé. Sabenerna, bersin pertanda manéhna hayang ngaluarkeun hiji hal/kotoran ti irungna. Deui ogé irung orok éta sénsitip; kalayan bersin, liang irungna dibersihkeun. Jadi, bersin mangrupa reaksi orok pikeun pertahanan awakna. Sajaba ti éta, bersin bisa ogé alatan manéhna terekspos hawa tiis.

Jadi, bersin teu sok hartosna orok baris flu. Tapi lamun keseringan, misal, unggal jam bersin, memang bisa jadi pertanda si orok gering. Meureun ketularan pilek ti indungna.

Alatan éta, pikeun nyingkahanana ti gering, ulah mindeng-mindeng menciumi si orok. Lamun di imah aya jelema dewasa anu keur gering, leuwih hadé teu nyium orok sarta kudu ngagunakeun masker.

* Nyesep
Refleks ieu mangrupa refleks pang primitif pikeun ngabéla hirup. Lapar atawa henteu, lamun urang taruh ramo di sungutna, manéhna baris néangan sarta muka sungutna sarta ramo kasebut baris diisapnya. Pangabisa ieu pisan anu nyieunana bisa menyusu sarta meunangkeun kadaharan.

Lamun umur kehamilan ibu 34 minggu ka luhur sarta orok dilahirkan di umur éta, geus aya refleks mengisapnya. Lamun refleks ieu teu aya, hartosna si orok gering, naha infeksi atawa gering beurat séjénna, semisal aya karuksakan otak nepi ka puseur anu mengatur refleksnya teu boga fungsi.

Refleks mengisap baris terus aya nepi ka dewasa. Mangka éta, adakalanya anak umur sataun ogé masih resep mengisap ibu ramona.

* Tersedak
Normalnya di genggerong aya jalan ambekan sarta jalan kadaharan atawa kerongkongan. Lamun orok keur inum/makan, jalan ambekanana baris nutupan. Dina orok normal, lahir cukup bulan, sarta cageur, manéhna boga refleks otomatis kawas éta. Jadi, lamun lolobana inum, manéhna baris eureun.

Selasa, 25 Oktober 2011

Lalangse Laya (1)

Lamun disebutkeun narsis meureun akang teh..maklum karek sabulan satengah negadenge ngagoar sora orok sakitu matak ngagetkeun tatangga. 

Budak teh sakitu aleumanana, ceuk indungna bari nyusut kesang dina tarang beak dengkak. Da ti sore keneh nepi ka peuting teu daekeun sare, ari akang mah nyenghel we, bari ngabeubeurah, "sing sabar  atuh teh?" ceuk akang bari ngahekak boled nu masih haneut jeung ci teh manis. tapi laun-laun budak teh cicing ceurikna. Goloyoh indungna barudak ngelepaskeun ngongkoyod gendongan bari lalaunan nendeun si cureuleuk teh kana bantal. Kakara manehna bisa magawean naon, ceunah mah ulah sok diongkled bisi ogoan. tapi lamun geur sare katinggali kegeulisanana, eta teh pamuji kolotna anu mastikeun anakna teh geulis, lain narsis ieu keur ngabeubeurah manah beh nambah kanyaah ngaleuwihan kanyaah kolotna.

Ari akang mah alami we, da nagaranna budak mah pasti saperti kitu jeung aya batasna. indungna ningalikeun parobahan budak beuki dieu teh tambah pinteur gayana dina poe ka poe, mere kakuatan ka ibu ramana kedah nambah kasabaran sahingga keur akang ieu budak teh minangka jimat keur kuring aya kasusah..nambah sumangeut kahirupan,  keur kuring ngarasa cape..nambah hojah tambe ngeleupaskeun kacape, meureun keur kuring geuring oge kauring makasakeun keur nemonan kawajiban, aatan budak...komo ieu teh sawelas taun nunguan di jimat medal kaalam dunya.
ceuna satiap budak teh aya rijkina, sarua basa urang karek rarabi aya we rijki teh..mudah-mudahan kahadiran si geulis teh nambah berkahna ibu ramana dina neuleuman kahirupan anu beuki dieu tambah werat, iwal rasa syukur anu nguatkeun sagalana.

Minggu, 30 Januari 2011

Panineungan keur Sakola: "Sasakala kelas IPS 2 SMAN 2 Garut"

Tahun 1985 mimiti asup sakola pilihanana teh SMA 2 beh deukeut terminal Guntur jeung lamun balik bisa balanja heula ka pasar..harita teh pasar karek diwangun..terus meulah kota garut aya Cimanuk ngaliwatan gigireun sakola, matak waas jeung  Cimanuk teu robah nu robah teh jugjleg imah dimana-mana, jadilah dua tempat paling pavorite lamun keur bolos, pasar, terminal atawa ngaliwtan cimanuk mentas tapi harita teh lain muji sorangan, ceunah da si Aa mah kaasup budak pang bageurna..he..he..sakali-kali bolos...

Dugi ka lulus tahun 1988 pastina 100% da baheula mah Ebtanas teh teu siga ayeuna loba teuing manipulasi jeung ngajarkeun barudak tambah belegug, eta alatanana si Aa kaluar ngajar teh nu akhirna bumen jadi ngadosenan di PTS..

Kelas Sos 2 anu dikokojoan Mochammad Syarifuddin ketua kelasna, nu teu lepat linggihna teh di tukangeun kaum, baheula sok remen lamun beres olahraga ti lapangan Jaya Raga sok ngilu mihapekun beteung da sang ketua teh muka lestoran sunda, pangih di facebook alumni padahal geus 23 taun..alhamdulilah karoris janten inohong kapolisian...sareung wali kelasna pak Drs. Dudung Mauluddin duka tah anjeunan masih disakola, pribados mah lebeng jarang ka sakola, ngan ukur ngaliwat  lamun balik ka lembur ti Bekasi

Lamun didata mah teu inget babaturan baheula teh aya dimarana..boro-boro aya dokumentasina..rumasa kurang gaul baheula teh biasana pang bangorna, pang pinteurna jeung pang geulisna nu kainget teh..punteun barudak Sos-2 nu teu kasebut..pribados pikun pisan, salian ti Andi Yulian kaleuereusan sakampus di IKIP Bandung, anjeunna janteun pangusaha di Garut, aya Ivul Vulgara, Uus, Wawan Ruswan (sepasang dulu kalau hilang dari kelas), Nandi, Asep Jubaeri (pang kasepna jeung jawara di kelasna, saurna janteun polisi, duka laratanana dimana?)...lamun bidadarina aya Teja Suminar,  Wini Dwi Handayani, Enyas Yulianti, Hetti, Enden suharti..sok kelas sos2 masih inget, da behula teh poho teu nyieun buku kenangan jeung nyungkeun bantosanana .nu ngaraos..kelas SOSIAL 2..SMAN 2 Garut angkatan 1988.

Lamun guru nu kainget mah pasti pak Isep Heryana sareung pak Hermawan (orkes), pak Agus (kesenian), bu Ratna (b. Jepang), bu Nunung (matematika), tantu pak Drs. Dudung Mauluddin(sosiologi), bu Kanti,alm, saurna(bahasa inggeris)..duka nu lain lebeng...

Wangunan SMA urang teh teu robah ti baheula oge, tapi SMP nu gigireun janteun ka pimilik ceunah...jeung namina geus robah statusna janteun  SMAN 2 Tarogong....sok juragan-juragan pang nambihankeun...nu kaliwat..sakalian lamun boga dokumentasi photo pribadi...kirimkeun ulah sieun diteangan KPK..dijamin dipublikasikeun beh nu lain pada barenta..jeung sobat nu lain di ti jurusan Fisika jeung biologi sami sok...kirimkeun uneuk-uneuk panineungan....keur di SMA Negeri 2 Garut tahun 1988. Cag.

Geng motor sarta budaya leupas.

Awalna hayang leupas sarta hayang nunjukeun eksistensi diri ku kituna lamun nempo tayangan di TV kumaha geng motor Bandung molonco anggota anyarna kalayan diseparingkeun kawas jaman baheula di film-film barbar silih tenggeul bari bubulucunan. Aa nenggal teh teu kapirengeh jatidiri urang Sunda anu kakenal boga jiwa lembut, lemes sarta matak pikabeutaheun. Sok tanya urang Bandung mun jalan peuting-peuting, matak murinding bulu punuk, henteu hujan henteu angin diserang sagorombolan barudak ngarora marake motor modifikasi narusak kaca patokoan nepi ka maehan jalma tanpa dosa.

Lamun hayang ngajadikeun Bandung saperti Milano-nya Indonésia mereun teu pas. Ulah pohara hésé engké ogé anu milu hésé kulawarga sarta turunan urang, naon bédana jeung para preman sarta para curanmor padahal tadina ngajadikeun klub minangka sarana ekpresi sarta persaudaraan, éh kalahka reueus jadi gank mapia  sagala sarta pikeun pihak aparat sok teges-tegesan atuh, kajeun Bandung téh aman tentrem repeh rapih.

"Da aing mah lalieur pisan", ceuk réncang si Ewon mah, alatanna mah masalahna loba baraya di Bandung nu asup ka klub motor. eksen-eksenan wajar, track-track-an sok lamun tempatna aman, tapi ulah ngumpulkeun budak  ngora jadi penjahat bermotor kalayan ngaku-ngaku klub motor, nyaah pisan ngaran sakitu alusna sarta kulawarga jadi kacandak awon, sanes kitu kang Ewon.

Jumat, 01 Oktober 2010

Yu kata and kata You

Kuring  mindeng ngadéngé sawatara kecap, frase, atawa kalimah dina basa Malaysia anu kadéngé lucu, salah sahijinarumah korban lelakianu diartikeun rumahsakit bersalin. tapi lamun ditaluntik deui ka urang asli Malaysia ceunah  frase éta henteu dipaké di nagarana. Tétéla, éta ngan guguyon, saukur uulinan.

Dina bukuna, Deddy Mulyana ngungkapkeun yén guguyon basa Malaysia dijieun ku urang Indonésia baheula waktu keur   konfrontasi Indonesia-malaysia. Hanjakalna, ayeuna guyonan basa kasebut masih aya, kawas:

Hentak-hentak bumi (jalan di tempat), pasukan awang-awang (Angkatan udara), pasukan baseuh kuyup (Angkatan laut), bilik termenung (jamban), ogé rumahsakit korban lelaki (rumah bersalin).

Ieu pisan balukarna lamun hiji bangsa nganggap basana sorangan anu pangalusna. Baris aya anggapan yén basa anu dipaké bangsa séjén  “henteu ilmiah”, boh cara ngomong boh kecap-kecap anu maranéhna ucapkeun. Urang Malaysia memang nyarita gancang kalayan intonasi anu béda sarta ngagunakeun kecap-kecap anu kadéngé ahéng di ceuli urang Indonésia. Sajaba ti éta, loba kecap dina basa Malaysia anu diadopsi tina basa Inggris, kawas universiti (university), fesyen (fashion), komen (comment), sarta tai (tie). Ulah heran lamun urang Malaysia ngomong, “Tai Encik loba pisan pikeun nyatakeun "dasi Anjeun loba pisan".

Katut sajumlah kecap Malaysia anu bersinonim kalayan kecap Indonésia anu bisa ngabalukarkeun kesalahpahaman:

Basa Malaysia                             Basa Indonésia
Bilik                                            Kamar
Comel                                         Lucu, geulis
Cerminmata                                 kacasoca
Kasut                                          Sapatu
pusing-pusing                               kukurilingan
Seronok                                      Alus

Nurutkeun Philip sarta Robert Moran, pangalaman-pangalaman lintas-budaya nyieun urang leuwih kabuka sarta toleran nyanghareupan “keganjilan” ti budaya séjén, dina hal ieu basa. Jadi, sakuduna kanyaho ngeunaan konsép-konsép budaya perlu dironjatkeun. Jeung pamahaman ayana budaya séjén anu béda, akibat culture-shock bisa dihindari. Pikeun nyurtian béda-béda basa leuwih efektif, léngkah kahiji dina prosés ieu téh ngaronjatkeun kasadaran budaya hiji jalma sacara umum

Ceuk urang jepun mah "Yu kata" beda jeung urang inggeris "Kata yu" pasualan basa teh sok mirip tapi beda dina nerapkeunana. Minangka jeung Malaya anu ceunah sa rumpun oge sok salah ngalarapkeunanan. urang malaya mere ngaran rumah 'sakit bersalin' matak hoyong gumujeung "Rumah korban lalaki".  'Tiarap keur komando lamun di Indonesia tapi di negeri 'Nurul Izzah' malah nyebutna teh nyium taneuh...he..he..nulaina sok titenan lamun teu nyenghel...kuda.
  • jigana encik = juragan, sarta awak = manéh, tapi lamun urang sunda mah pastina 'awak' =
  • rumah sakit bersalin = rumahsakit korban lalaki.
  • menteri pileuweungan = menteri semak belukar.
  • menteri agama = menteri teu berdosa.
  • tiarap=cium taneuh
  • jalan di tempat = injak-injak bumi
  • tiasa = berjaya (gw agak2 lupa yang satu ini)
  • hayang = nak
  • saperti = macam
  • eta= tu
  • ngawitan = mulakan 
Diropea ti sabraha artikel jeung pustaka :
Mulyana, Deddy. 2007. Ilmu Komunikasi, Suatu Pengantar. Bandung: Rosdakarya.
Rakhmat, Jalaluddin. 2005. Komunikasi Antarbudaya. Bandung: Rosdakarya.


    Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...