- Pada
- Padalisan
- Guru Wilangan ( jumlah engang dina unggal padalisan )
- Guru Lagu (dangdingdungna sora vokal dina engang panungtung)
Watekna silih asih silih pikanyaah atawa mepelingan.Unggal Pada diwangun ku tujuh padalisan.
Contona:
Eling eling masing eling ( 8 engang - vokal 'i' )
E/ling/e/ling/ma/sing/e/ling (= guru wilangan 8)
'eling' panungtung vokalna i (= guru lagu i)
rumingkang di bumi alam ( 8 - a )
darma wawayangan bae ( 8 - e )
raga taya pangawasa ( 8 - a )
lamun kasasar lampah ( 7 - a )
nafsu nu matak kaduhung ( 8 - u )
badan anu katempuhan ( 8 - a )
2. Balakbak
Watekna pikaseurieun.Unggal pada diwangun ku 3 padalisan.
Contona:
Aya warung sisi jalan rame pisan - Citameng (15-e)
Awewena luas luis geulis pisan - ngagoreng (15-e)
Lalakina lalakina los ka pipir nyoo monyet - nyanggereng (19-e)
3. Dangdanggula
Watekna bungah atawa agung.Unggal pada diwangun ku sapuluh padalisan.
Contona:
Laut Kidul kabeh katingali ( 10-i )
ngembat paul kawas dina gambar ( 10-a )
ari ret ka tebeh kaler ( 8-e )
Batawi ngarunggunuk ( 7 - u )
lautna mah teu katingali ( 9 - i )
ukur lebah lebahna ( 7 - a )
semu semu biru ( 6 - u )
ari ret ka tebeh wetan ( 8 - a )
gunung gede jiga nu ngajakan balik ( 12 - i )
meh bae kapiuhan ( 7 - a )
4. Jurudemung
Watekna kaduhung atawa hanjakal.Unggal pada diwangun ku lima padalisan
Contona:
Badan nu katempuhan ( 8 - a )
da bongan ngalajur nafsu ( 8 - u )
peurihna kapanggih ( 6 - i )
rek bongan bongan ka saha ( 8 - a )
ayeuna bati kaduhung ( 8 - u )
5. Durma
Watekna heuras atawa siap rek tarung.Unggal pada diwangun ku tujuh padalisan.
Contona:
Mundur mapag balad Pandawa teu tahan ( 12 - a )
barisan beuki ipis ( 7 - i )
digempur Kurawa ( 6 - a )
Senapatina Karna ( 7 - a )
sakti manggulang mangguling ( 8 - i )
hese pantarna ( 5 - a )
moal aya nu nanding ( 7 - i )
6. Gambuh
Watekna bingung, samar polah atawa tambuh laku.Unggal Pada diwangun ku lima padalisan.
Contona:
Ngahuleng banget bingung ( 7 - u )
henteu terang ka mana ngajugjug ( 10 - u )
turug turug harita teh enggeus burit ( 12 - i )
panon poe geus rek surup ( 8 - u )
keueung sieun aya meong ( 8 - o )
7. Gurisa
Watekna pangangguran, lulucon atawa tamba kesel.Unggal Pada di wangun ku dalapan padalisan.
Contona:
Hayang teuing geura beurang ( 8 - a )
geus beurang rek ka Sumedang ( 8 - a )
nagih anu boga hutang ( 8 - a )
munmeunang rek meuli soang ( 8 - a )
tapi najan henteu meunang ( 8 - a )
teu rek buru buru mulang ( 8 - a )
rek tuluy guguru nembang ( 8 - a )
jeung diajar nabeuh gambang ( 8 - a )
8. Kinanti
Watekna miharep atawa prihatin.Unggal Pada diwangun ku genep padalisan.
Contona:
Kembang ros ku matak lucu ( 8 - u )
nya alus rupa nya seungit ( 8 - i )
henteu aya papadana ( 8 - a )
ratuning kembang sajati ( 8 - i )
papaes di patamanan ( 8 - a )
seungit manis ngadalingding ( 8 - i )
9. Ladrang
Watekna banyol atawa pikaseurieun.Unggal Pada diwnagun ku opat padalisan.
Contona:
Aki Dartam leumpangna ngagidig ( 10 - i )
gancang pisan, gancang pisan ( 8 - a )
bari aya nu dijingjing ( 8 - i )
mawa kisa eusina ucing anakan ( 12 - a )
10. Lambang
Watekna banyol atawa pikaseurieun.Unggal Pada diwangun iu opat padalisan.
Contona:
Nawu kubang sisi tegal ( 8 - a )
nyair bogo meunang kadal ( 8 - a )
atuh teu payu dijual ( 8 - a )
rek didahar da teu halal ( 8 - a )
11. Magatru
Watekna lulucon deukeut deukeut kana prihatin.Unggal Pada diwangun ku lima padalisan.
Contona:
Mun sumuhun ieu teh namina curuk ( 12 - u )
nu alit namina cingir ( 8 - i )
anu panjang mah jajangkung ( 8 - u )
gigireunana jariji ( 8 - i )
anu pangageungna jempol ( 8 - o )
12. Maskumambang
Watekna prihatin, sasambat atawa nalangsa.Unggal Pada diwangun kiu opat padalisan.
Contona:
Jalma kedul mumul ditambah jejerih ( 12 - i )
ulah ngarep senang ( 6 - a )
sabab mungguhing rejeki ( 8 - i )
tara datang teu disiar ( 8 - a )
13. Mijil
Watekna sedih, susah atawa cilaka.Unggal Pada diwangun ku genep padalisan
Contona:
Beurang peuting tambah cape ati ( 10 - i )
jeung tambah rampohpoy ( 6 - o )
wungkul inget ka kabogoh wae ( 10 - e )
mugi aya kadar panggih deui ( 10 - i )
mun teu panggih deui ( 6 - i )
anggur pondok umur ( 6 - u )
14. Pangkur
Watekna nafsu, lumampah atawa sadia rek perang.Unggal Pada diwangun ku tujuh padalisan.
Contona:
Seja nyaba ngalalana ( 8 - a )
ngitung lembur ngajajah milang kori ( 12 - i )
henteu puguh nu dijugjug ( 8 - u )
balik paman sadaya ( 7 - a )
nu ti mana tiluan semu rarusuh ( 12 - u )
Lurah Begal ngawalonan ( 8 - a )
" Aing ngaran Jayapati " ( 8 - i )
15. Pucung
Watekna piwuruk, wawaran, atawa mepelingan.Unggal Pada diwangun ku opat padalisan.
Contona:
Estu untung nu bisa mupunjung indung ( 12 - u )
jeung nyenangkeun bapa ( 6 - a )
tanda yen bagjana gede ( 8 - e )
hirup mulus kaseundeuhan ku berekah ( 12 - a )
16. Sinom
Watekna gumbira.Unggal Pada diwangun ku salapan padalisan.
Contona:
Di wetan fajar balebat ( 8 - a )
panon poe arek bijil ( 8 - i )
sinarna ruhay burahay ( 8 - a )
kingkilaban beureum kuning ( 8 - i )
campur wungu saeutik ( 7 - i )
kaselapan semu biru ( 8 - u )
tanda Batara Surya ( 7 - a )
bade lumungsur ka bumi ( 8 - a )
murub mubyar langit sarwa hurung herang ( 12 - a )
17. Wirangrong
Watekna era atawa wirang.Unggal Pada diwangun ku genep padalisan.
Contona:
Jalma nu resep ngaluis ( 8 - i )
lumrahna resep ngaleos ( 8 - o )
ngan pacuan resep ngusut ( 8 - u )
komo mun resep ngarujit ( 8 - i )
teu aya batan basajan ( 8 - a )
sagala sigar tengahan ( 8 - a )
(Dicutat ku M Sasmita tina Ulikan Sastra karangan Drs. Taufik Faturohman)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar