Tampilkan postingan dengan label Arsitektur. Tampilkan semua postingan

Jumat, 08 Januari 2016

Alun-alun Garut Baheula

Baheula teh katinggali masih sepi, laleuga pisan aya gezebo tempat para menak
 jeung noni walanda main musik (muzic papiljun) masih kokoh nepi ka ayeuna ...

Muziek Papiljun (potret ayeuna)
Alun-alun taun 1905

Alun-alun potret 1906

Tugu Holle

*Biasa aya pendopo pasti aya alun-alun jeung masjidna sakalian, eta ciri khas alun-alun jaman baheula jadi kasatuan antara umaro jeung ulama...
lanschaaf alun-alun lengkap mesjid jeung pendopo

Mesjid Agung Garut (potret 1930)

para pajabat gigireun masjid

Sumber potret : Tropen Muzium Colectie

Senin, 28 Desember 2015

Sakilas Gedong juang tamboen di Bekasi

Carita historis Bekasi atos aya saprak jaman karajaan kuna. Dina mangsa pangjajahan, kabupaten anu berbatasan langsung kalawan ibukota nagara ieu oge menempati peran strategis di wewengkon pertahanan. salah sahiji pusaka sajarah Bekasi anu dugi ayeuna nangtung keneh  nyaeta Gedong Juang 45 atawa Gedong Juang Tambun.

Gedong Juang 45 atawa disebut oge kalawan wasta Gedong Juang berlokasi di Jalan Sultan Hasanudin No. 5,Kacamatan Tambun Kidul,Bekasi. Wangunan anu ngabogaan wasta sanes Gedong Luhur ieu mimiti na kaduh saurang landherr (tuan taneuh) turunan Cina namina Kouw Tjing Kee.

Gedong Juang diwangun dina dua babak nyaeta warsih 1906 sarta 1925. Henteu sepertos wangunan sanes dina mangsa pangjajahan Belanda,gedong kasebat didamel kalawan mengkombinasikeun arsitektur Eropa kalawan gaya wangunan tradisional Indonesia. Gedong Luhur diwangun luhur dua lante. Saban lante ngabogaan jangkungna 4 meter. Dindingnya dijieun ti batu bata beureum kalawan ketebalan 15 sentimeter. Lante na didamel ti ubin berkualitas luhur kalawan corak kembang kelir beureum. Sedengkeun pilar motif kembang anu mejadi tawis has wangunan asalna ti semen cor.

Minggu, 01 September 2013

Rupa-rupa wangunan imah urang sunda baheula

Rupa-rupa wangunan imah sunda buhun
Sangkan leuwih eces dihandap ieu di jelaskeun ngaran-ngaran babagian tina imah urang sunda baheula.
Abig/ampig : bilik juru tilu dina pongpok leuit atawa pongpok imah.

Balandar : sarupa balok wangunna pasagi opat dipasang di luhur kuda-kuda pikeun nahan usuk dina rangka hateup.
Bilik : pipinding imah nu dijieun tina anyaman awi anu meunang ngahuaan.
Golodog : tetecean atawa tangga paranti unggah atawa turun ti imah ( Imah panggung ).
Hateup : tutup imah diluhur sangkan iuh atawa ulah asup cihujan, dijieun tina daun eurih, daun kiray, daun sadang atawa daun kalapa ( mun di pameungpeuk mah sok make daun dahon )
Jandela : lawang angin atawa cahaya dina bilik atawa dingding tembok nu bias dibuka jeung ditutup cara panto.
Kolong : rohangan dihandapeun imah panggung.
Lalangit : tutup rohangan imah beulah luhur ( bagian para Beulah handap )
Lincar : camped ( papan ) rubak pikeun nutup bilik ti beulah luar, lebah darurung, atawa pikeun nutup tungtung darurung nu di hareup (dina imah panggung)
Kuda-kuda : balok kai nu dipasang dengdek anu nyambungkeun tihang adeg jeung pamikul.
Pongpok : rohangan di sisi ( handapeun suhunan ) anu sok ditutup ku abig/ampig.
Suhunan : bagian imah anu pangluhurna, ngujur manjang nurutkeun wangun imah,
Wuwung : tutup hateup sapanjang sambungan suhunan, tempat patepungna kenteng/hateup dina puncak suhunan: wuwung sok dijieun tina seng, tembok, atawa tina injuk ( dina imah dipasisian ).
Amben : tepas imah panggung nu lantana tina palupuh.
Tepas : emper, bagian imah panghareupna nu digemblangkeun, paranti narima semah, ngawangkong jeung tatangga ( di imah panggung ), jsb.
Patengahan : rohangan imah nu ditengah.
Dapur/pawon : rohangan imah nu ditukang, paranti masak, jsb.
Goah : rohangan ( biasana di dapur ) paranti nyimpen pabeasan, kadaharan, jsb ( di imah panggung )
Pangkeng : kamar, rohangan imah paranti sare atawa barang simpen.
Pakarangan : tanah sakurilingeun imah.
Buruan : tanah hareupeun imah.
Pipir : tanah tukangeun imah.

Selasa, 15 November 2011

Arsitektur Imah Sunda

BUBUKA

Upama urang miang ka Bali, Toraja, Minangkabau, Batak atawa Irian, kalawan gampang urang bisa ningal imah atawa wangunan anu has daerahna. Malah hal ieu jadi ciri mandiri (trade mark) pikeun daerahna masing-masing. Bangsa asing nu datang ka Indonesia, kacida katajina ku rupa-rupana arsitektur imah nu aya di Indonesia.
Naha ari Tatar Sunda mibanda arsitektur imah?

imah sundaTangtu aya jeung miboga wangun imah anu ngabogaan ciri khas Tatar Sunda, saupamana wae ti mimiti imah anu pangsaderhanana tepi ka anu cukup rumit nyieunna. Conto wangunan moderen anu dasar arsitekturna ngagunakeun arsitektur Sunda pangpangna wangun suhunanana, di antarana suhunan Kampus ITB jeun sabagian suhunan Gedong Sate. Wangunan Pendopo Kabupaten Bandung jeung sababaraha Wangunan Pendopo anu aya di Tatar Sunda mah ilaharna ngagunakeun suhunan anu ngajadi ciri Wangunan Arsitektur Imah Sunda.
SAWATARA TEMPAT ANU MASIH KENEH AYA IMAH ARSITEKTUR SUNDA
Upama dipapay leuwih jauh conto arsitektur nu asli Sunda tur dina wangunan nu masih keneh saderhana, nya eta wangunan imah di:
  1. Baduy (Banten Kidul)
  2. Kampung Naga (Tasikmalaya)
  3. Kampung Pulo (Garut)
  4. Kampung Genereh (Sumedang)
  5. Kampung Palasah (Majalengka)
  6. Kampung Gabus (Cirebon)
Di Baduy, Kampung Naga jeung Kampung Pulo, beunang disebutkeun wangunan imah-imahna masih keneh asli tradisional. Tapi di Kampung Genereh, Palasah jeung Gabus mah, ngan kari hiji-dua bae, kitu oge kaayanana geus loba anu ruksakna.
CIRI-CIRI JEUNG FUNGSI ARSITEKTUR IMAH SUNDA TRADISIONAL
imah sunda 2Nurutkeun panalungtikan tim ahli anu dijejeran ku Prof. Dr. Kusnaka Adimiharja, Spk, gawe bareng jeung Kanwil Pariwisata Propinsi Jawa Barat, ciri-ciri jeung fungsi imah Sunda teh bisa disawang tina:
  1. Aspek Sosial Budaya jeung Arsitektur
  2. Ciri Wangunan anu Has
Kateranganana upama dipedar leuwih jelas mah kieu:
Aspek Sosial Budaya jeung Arsitektur
Keur urang Sunda, imah teh lain ngan ukur pikeun tempat cicing, atawa tempat istirahat wungkul, tapi oge boga harti anu leuwih lega, nyakup sosial, ekonomis jeung jadi puseur atikan budaya kaasup pendidikan moral, sarta dianggap suci (sakral). Nya di jero imah pisan tumuwuhna hubungan sosial (sosialisasi) anggota kulawarga. Di imah pisan tempat migawe hal-hal nu sipatna ekonomis (home industri). Di imah pisan hal-hal nu tumali jeung atikan kabudayaan ku indung-bapa diajarkeunana ka anak-anakna. Kitu deui imah teh dianggap suci (sakral), disaruakeun jeung alam mikro (bumi sok disebut imah), nu dianggap miniaturna tina makro (dunya = anu oge disebut bumi). Jadi bumi (imah) teh dianggap sarua jeung bumi (dunya).
Eta sababna upama hiji imah dipake hal-hal nu teu hade atawa dipake hal-hal anu kotor, bakal dianggap ngaruksak kasakralan imah, imahna jadi “sial”. Ceuk urang Sunda mah imah teh mangrupa tempat anu suci nu kudu dijaga kasucianana.
Ciri Wangunan anu Has
Ciri has imah Sunda nyaeta panggung (aya kolongna). Bedana jeung imah panggung seler bangsa sejen (Batak, Dayak, Minangkabau), nyaeta luhurna kolong imah Sunda mah henteu pati luhur (40-60cm), siga kolong imah urang Jepang. Upama aya imah di Tatar Sunda anu lain panggung, tapi ngupuk saperti di daerah Tatar Kaler eta mah pangaruh Budaya Jawa. Hateupna (suhunan) imah di Tatar Sunda rupa-rupa aya Julang Ngapak, Jogo Anjing, Heuay Badak, Jure Limasan jeung Leang-Leang. Di antara nu disebutan bieu anu has Sunda mah nyaeta nu disebut suhunan Julang Ngapak (Sulah Nyanda, Julang Wirangga), ari nu sejenna mah kapangaruhan ku kabudayaan batur (suhunan Leang-Leang kapangaruhan ku Arsitektur Cina, Limasan pangaruh Jawa).
Ciri sejenna nya eta ayana capit hurang (cagak gunting), nyaeta babagian tungtung hateup (suhunan) anu dirupakeun cagak atawa bisa oge saperti tanduk munding, malah aya anu dibuleudkeun (lingkaran), biasana tina kai, atawa awi anu dibulen ku injuk. Gunana cagak gunting diantarana pikeun nyegah cai hujan bocor ka jero imah, jadi saperti fungsina talang. Jaba ti eta cagak gunting teh dianggap oge ngandung tanaga gaib pikeun nyegah pangaruh negatip.
Ari wangun (bentuk) imah, biasana pasagi panjang. Latena make palupuh awi, bilikna tina awi dianyam atawa ku sasag. Rangkay imah dijieunna tina kai. Make tatapakan tina batu. Rohangan imah dibagi nurutkeun babagian anu husus. Nyaeta bagian hareup tepas (emper) pikeun ngumpulna semah lalaki. Enggon (kamar sare) jeung bagean dapur (hawu jeung padaringan gudang tempat neundeun beas = pabeasan), bagean tukang ieu mah pikeun awewe. Pangpangna padaringan (goah, pabeasan) kacida dilarangna lalaki asup ka daerah eta.
PANUTUP
Konsep Arsitektur imah Sunda nu mibanda konsep dasar nu filosofis, kacida hadena upama bisa ditransformasikeun kana arsitektur imah nu moderen, nu luyu jeung kapribadian bangsa. Tangtu bae kudu diluyukeun jeung kamajuan teknologi bari henteu lesot tina pandangan hirup jeung filsafah kabudayaan Sunda. Saenyana henteu ngan dina arsitektur bae ayana falsafah Sunda teh tapi oge dina aspek-aspek budaya sejenna, upamana bae dina seni Cianjuran, Tari, Penca, Tata Boga (kadaharan), Tata Busana, jeung dina rupa rupa seni budaya sejenna. Urang sarerea, pangpangna para nonoman kudu leukeun neangan pribadi falsafah karuhun urang, sangkan bisa katransformasikeun dina kahirupan moderen. Muga bae pareng kawujudkeun.

Sumber tina forum bebas

Selasa, 01 Februari 2011

Arsitektur Imah Sunda

BUBUKA
Upama urang miang ka Bali, Toraja, Minangkabau, Batak atawa Irian, kalawan gampang urang bisa ningal imah atawa wangunan anu has daerahna. Malah hal ieu jadi ciri mandiri (trade mark) pikeun daerahna masing-masing. Bangsa asing nu datang ka Indonesia, kacida katajina ku rupa-rupana arsitektur imah nu aya di Indonesia.

Naha ari Tatar Sunda mibanda arsitektur imah?imah sundaTangtu aya jeung miboga wangun imah anu ngabogaan ciri khas Tatar Sunda, saupamana wae ti mimiti imah anu pangsaderhanana tepi ka anu cukup rumit nyieunna. Conto wangunan moderen anu dasar arsitekturna ngagunakeun arsitektur Sunda pangpangna wangun suhunanana, di antarana suhunan Kampus ITB jeun sabagian suhunan Gedong Sate. Wangunan Pendopo Kabupaten Bandung jeung sababaraha Wangunan Pendopo anu aya di Tatar Sunda mah ilaharna ngagunakeun suhunan anu ngajadi ciri Wangunan Arsitektur Imah Sunda.

SAWATARA TEMPAT ANU MASIH KENEH AYA IMAH ARSITEKTUR SUNDA
Upama dipapay leuwih jauh conto arsitektur nu asli Sunda tur dina wangunan nu masih keneh saderhana, nya eta wangunan imah di:
  1. Baduy (Banten Kidul)
  2. Kampung Naga (Tasikmalaya)
  3. Kampung Pulo (Garut)
  4. Kampung Genereh (Sumedang)
  5. Kampung Palasah (Majalengka)
  6. Kampung Gabus (Cirebon)
Di Baduy, Kampung Naga jeung Kampung Pulo, beunang disebutkeun wangunan imah-imahna masih keneh asli tradisional. Tapi di Kampung Genereh, Palasah jeung Gabus mah, ngan kari hiji-dua bae, kitu oge kaayanana geus loba anu ruksakna.

CIRI-CIRI JEUNG FUNGSI ARSITEKTUR IMAH SUNDA TRADISIONAL
imah sunda 2Nurutkeun panalungtikan tim ahli anu dijejeran ku Prof. Dr. Kusnaka Adimiharja, Spk, gawe bareng jeung Kanwil Pariwisata Propinsi Jawa Barat, ciri-ciri jeung fungsi imah Sunda teh bisa disawang tina:
  1. Aspek Sosial Budaya jeung Arsitektur
  2. Ciri Wangunan anu Has
Kateranganana upama dipedar leuwih jelas mah kieu:
 
Aspek Sosial Budaya jeung Arsitektur
Keur urang Sunda, imah teh lain ngan ukur pikeun tempat cicing, atawa tempat istirahat wungkul, tapi oge boga harti anu leuwih lega, nyakup sosial, ekonomis jeung jadi puseur atikan budaya kaasup pendidikan moral, sarta dianggap suci (sakral). Nya di jero imah pisan tumuwuhna hubungan sosial (sosialisasi) anggota kulawarga. Di imah pisan tempat migawe hal-hal nu sipatna ekonomis (home industri). Di imah pisan hal-hal nu tumali jeung atikan kabudayaan ku indung-bapa diajarkeunana ka anak-anakna. Kitu deui imah teh dianggap suci (sakral), disaruakeun jeung alam mikro (bumi sok disebut imah), nu dianggap miniaturna tina makro (dunya = anu oge disebut bumi). Jadi bumi (imah) teh dianggap sarua jeung bumi (dunya).

Eta sababna upama hiji imah dipake hal-hal nu teu hade atawa dipake hal-hal anu kotor, bakal dianggap ngaruksak kasakralan imah, imahna jadi “sial”. Ceuk urang Sunda mah imah teh mangrupa tempat anu suci nu kudu dijaga kasucianana.

Ciri Wangunan anu Has
Ciri has imah Sunda nyaeta panggung (aya kolongna). Bedana jeung imah panggung seler bangsa sejen (Batak, Dayak, Minangkabau), nyaeta luhurna kolong imah Sunda mah henteu pati luhur (40-60cm), siga kolong imah urang Jepang. Upama aya imah di Tatar Sunda anu lain panggung, tapi ngupuk saperti di daerah Tatar Kaler eta mah pangaruh Budaya Jawa. Hateupna (suhunan) imah di Tatar Sunda rupa-rupa aya Julang Ngapak, Jogo Anjing, Heuay Badak, Jure Limasan jeung Leang-Leang. Di antara nu disebutan bieu anu has Sunda mah nyaeta nu disebut suhunan Julang Ngapak (Sulah Nyanda, Julang Wirangga), ari nu sejenna mah kapangaruhan ku kabudayaan batur (suhunan Leang-Leang kapangaruhan ku Arsitektur Cina, Limasan pangaruh Jawa).

Ciri sejenna nya eta ayana capit hurang (cagak gunting), nyaeta babagian tungtung hateup (suhunan) anu dirupakeun cagak atawa bisa oge saperti tanduk munding, malah aya anu dibuleudkeun (lingkaran), biasana tina kai, atawa awi anu dibulen ku injuk. Gunana cagak gunting diantarana pikeun nyegah cai hujan bocor ka jero imah, jadi saperti fungsina talang. Jaba ti eta cagak gunting teh dianggap oge ngandung tanaga gaib pikeun nyegah pangaruh negatip.

Ari wangun (bentuk) imah, biasana pasagi panjang. Latena make palupuh awi, bilikna tina awi dianyam atawa ku sasag. Rangkay imah dijieunna tina kai. Make tatapakan tina batu. Rohangan imah dibagi nurutkeun babagian anu husus. Nyaeta bagian hareup tepas (emper) pikeun ngumpulna semah lalaki. Enggon (kamar sare) jeung bagean dapur (hawu jeung padaringan gudang tempat neundeun beas = pabeasan), bagean tukang ieu mah pikeun awewe. Pangpangna padaringan (goah, pabeasan) kacida dilarangna lalaki asup ka daerah eta.

PANUTUP
Konsep Arsitektur imah Sunda nu mibanda konsep dasar nu filosofis, kacida hadena upama bisa ditransformasikeun kana arsitektur imah nu moderen, nu luyu jeung kapribadian bangsa. Tangtu bae kudu diluyukeun jeung kamajuan teknologi bari henteu lesot tina pandangan hirup jeung filsafah kabudayaan Sunda. Saenyana henteu ngan dina arsitektur bae ayana falsafah Sunda teh tapi oge dina aspek-aspek budaya sejenna, upamana bae dina seni Cianjuran, Tari, Penca, Tata Boga (kadaharan), Tata Busana, jeung dina rupa rupa seni budaya sejenna. Urang sarerea, pangpangna para nonoman kudu leukeun neangan pribadi falsafah karuhun urang, sangkan bisa katransformasikeun dina kahirupan moderen. Muga bae pareng kawujudkeun.
Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...