Senin, 22 November 2010

Surat Keur Néng Élis

Néng Élis anu geulis, mugi salira henteu janten nangis. Margi titis tulis téh geuningan mani sadis. Kumaha atuda Lis, Kang Ajis mah ukur jalmi nunggeulis jalaran pahatu lalis. Icis dina loket ogé ipis. Tara merékis cara Mang Ulis urang Gunung Geulis. Tapi sanés nyangki Néng Élis matrialistis, nanging inggis Néng Élis teu tiasa diajak sapapait samamanis.
Saur Néng Élis, Kang Ajis téh lalaki anu bengis sareng egois. Lalaki anu ngan saukur seueur kucuwas-kecewis. Dugi ka ngalantarankeun haté Élis lir diturihan ku hinis. Malah apan Élis ogé langsung milarian dukun anu wacis, kanggo mélét Kang Ajis. Untungna, dukun wacis ogé moal metu ngalawan jalmi anu ciriwis cara Kang Ajis.
Néng Élis anu geulis tur manis, Kang Ajis téh nuju ngarintis usaha kana ngukut kapinis. Apan sayang kapinis téh tiasa laris kana icis sareng wartosna mah rada awis. Kaleresan Kang Ajis téh gaduh tempat niis di lembur pasisian Ciamis. Sanaos kaayaan hawana kacida tiris, tapi Kang Ajis teu ngaraos gigis, demi ngudag anu namina bisnis.
Néng Élis anu geulis, Paniisisan téh ngawitanna mah iris. Teras ku Kang Ajis diroris. Horéng téh ukur miis. Jaba kapinis téh sok wiwis. Cenah mah wiwis kapinis téh rada najis. Sok ras emut ka Néng Élis, basa nuju wiwis dina kasur anu kenging mésér ti Paris. Néng Élis mah wiwis ogé mani romantis. Malih apan enjingna Néng Élis langsung kulimis. Teras Néng Élis miwarang Kang Ajis ngurud kumis. Atuh Kang Ajis ogé miwarang Néng Élis supados ngurud halis. Hanjakalna Néng Élis kalah ngurud bulu bitis. Tapi Kang Ajis henteu sinis, malihan Kang Ajis téh ngesun damis Néng Élis.
Néng Élis anu geulis tur manis, basa urang nuju romantis, pikiran Kang Ajis mah ngalayang ka Néng Iis. Néng Iis anu geulis. Néng Iis anu manis. Sasaha ogé moal aya anu bireuk ka Néng Iis, margi anjeunna tos janten hiji artis anu laris. Anehna, Néng Iis ngalengis, hoyongeun nyabak kumis Kang Ajis bari diais. Néng Iis badis pengemis. Kang ajis téh asa janten sélébritis. Dugi ka Kang Ajis dipangmésérkeun sosis sareng kacang buncis. Malihan Néng Iis ogé mangmasakeun kangkung anu ditumis. Puguh bae Kang Ajis téh ngagolér dina téhel anu tiis. Kang Ajis janten tiris. Néng Iis ogé siga anu tiris. Mangkaning di luar nuju hujan miripis.
Néng Élis anu geulis, kiwari pangaboga Kang Ajis tos ledis. Mending kénéh nikah ka Cép Muhlis, urang Cimanggis. Najan dina rambutna seueur huis, tapi Manéhna ogé gaduheun kumis. Pakéanana teu weléh nécis. Jaba padamelanna jadi supir bis. Wartosna mah nyandak bis jurusan Prancis- Tumaritis. Raos, Lis. Upami Néng Élis badé ka Prancis, Néng Élis teu kedah mésér karcis. Néng Élis mah bakal gratis, margi janten istrina Cép Muhlis.
Sakitu bae serat ti Kang Ajis. Hapunten bilih aya kalepatan nulis. Sareng mugi katampi ku Néng Élis, dina ieu amplop ti kang Ajis, lebetna aya bugis sareng kempis kanggo wiwis Néng Élis. Pamungkasna hatur uninga ka Néng Élis, réhna seueur pisan jajaka nu miharep Néng Élis, diantawisna Cep Dadanis, Jang Aangis, Cep Uyehis, sareng Otong Dodis.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...