Najan lembur manéhna aya di pasisian  kota, tapi ku cinta mah mo burung jauh dijugjug, anggang ditéang. Néng  Lilis, kembang Ciberes, anu kabayang unggal mangsa wanci beurang,  kaimpi-impi unggal wanci janari.
“Punten, A, rokona pareuman. Hawatos  seueur penumpang anu saum,” teu kanyahoan, kondéktor geus nangtung  gigireun kuring bari leungeunna ngasongkeun karcis.
“Alah, hilap, kang,” témbal téh bari  buru-buru muragkeun roko. Sakur penumpang dina jero beus, mani tamplok  marelong ka kuring. Komo awéwé anu diuk gigireun mah, katingalina téh  mani ijideun naker. Untung wéh, rupana teu pati geulis ieuh.
Bareng pisan jeung adan lohor, beus anu  ditumpakan ku kuring, anjog ka terminal. Atuh kuring ogé buru-buru turun  bari rada rurusuhan. Kéclak, naék ojeg. Biur, maju. Najan ojég téh  majuna kawas sireum, tapi teu burung nepi ahirna mah. Hareupeun hiji  imah anu rada agréng, motor téh dierém sakaligus, méh baé sirah kuring  tijeduk kana helem-na.
Néng Lilis jeung dua kolotna,  ngabagéakeun kadatangan kuring kalayan daréhdéh naker. Kawasna pédah ka  mahasiswa ti Bandung. Bubuhan ari ti kota mah, sok aya kasebutna ménak  jeung laloba duit. Moal nyarangkaeun lamun dina lokét kuring, ukur aya  duit saongkoseun bulak-balik.
“Saum atanapi henteu?” Kadus Acim,  bapana Néng Lilis mimiti tumanya. Panonna kawas anu taya kabosen,  nelek-nelek tangtungan kuring. Keur meunteun jigana mah.
“InsyaAlloh,” témbal téh rada kalem.  Najan beuteung kukurubukan ogé, teu hadé ari kudu némbongkeun kabiasaan  goréng hareupeun calon mitoha mah.
“Bageur pisan atuh. Padahal ti Bandung  ka dieu téh sakitu tebihna. Tangtosna ogé capé pisan,” pokna deui, bari  nembongkeun imutna. Atuh irung ogé mani asa rék ngapung. Dipuji ku  pimitohaeun atuh.
“Punten, badé ngiring netepan lohor heula,” ceuk kuring bari ngarérét kana jam dingding. Ngahaja, ngarah beuki kapaké.
“Mangga, ka pengker baé, Sép. Teu kedah  asa-asa, anggap baé di bumi nyalira” kitu témbalna bari némbongkeun  pasemon anu bérag marahmay. Siga anu beuki atoheun, piminantueunana  jalma soléh.
Solat lohor téh ngahaja dililakeun.  Pangpangna mah ngarasa betah cicing di kamar Néng Lilis. Sarareungit,  matak hégar kana rarasaan. Malah awahing ku lilana, maké jeung kaburu  nengetan heula céngcéléngan Néng Lilis. Teu wani ari nyokot eusina mah.  Dicabak sotéh, alatan resep kana wandana, jeung hayang ngira-ngira  jumlah eusina. Maksud téh, asa hadé upama céngcéléngan Néng Lilis  dijieun sajak.
Kurang leuwih satengah jam, kuring  kakara kaluar deui ti kamar Néng Lilis. Sarung jeung kopéah masih kénéh  dipapaké. Malah leungeun ogé nyekelan tasbé sagala rupa. Tapi kacida  ngaranjugna basa di rohangan tengah, kasampak Kadus Acim keur ngalepus  udud. Bu Kadus jeung Néng Lilis ogé keur paciweuh nyiapkeun dahareun.
“Punten, Cép. Tadi téh kabeurangan saur.  Ari Embina jeung Si Nyai mah, geus dua poé ogé, da aya halangan. Matak,  euweuh nu puasa,” ceuk Kadus Acim bari nyerebungkeun haseup rokona.
“Teu sawios-wios, Pa,” témbal kuring  bari rada ngélémés. Sangu ngebul jeung goréng lauk, ukur waasna wungkul.  Tada teuing nikmatna. Hanjakal pisan, geus kagok ngaku puasa. Ari rék  milu dahar, sok sieun jadi teu kapaké. Antukna mah, kapaksa kuring ngan  ukur diuk dina korsi, bari ngararasakeun beuteung anu beuki kukurubukan.  Komo basa Kadus Acim jeung Bu Kadus mimiti balakécrakan.
*
Alhamdulillah. Nepi ka dur magrib ogé,  kuring teu kagoda ku dahareun atawa udud jeung kopi. Kasebutna mah puasa  téh tamat, najan ngamimitianana ukur ti bedug lohor. Puguh baé, Néng  Lilis sakulawarga kawas beuki reueus baé ka kuring. Dahareun keur buka  puasa, disayagikeun sapuratina. Kolek cau, sangu haneut, goreng lauk,  jeung sajabana.
Barang rék ngamimitian dahar, kadéngé  aya sora motor anu eureun. Néng Lilis gura-giru ka luar. Malah teu pati  lila, manéhna ngagorowok rada tarik.
“Mamah, aya Si Bibi ti Bandung…!” kituna téh mani ocrak pisan. Kadus Acim ogé buru-buru milu kaluar.
“Na, jam sabaraha ti kota?” kadéngé Kadus Acim tumanya ka nu anyar datang.
“Ari datang mah geus tibeurang mula.  Ngan tadi téh ngabuburit heula ka pasar,” kadéngé aya sora awéwé  némbalan. Panasaran kuring ogé. Tuluy dilieuk. Bréh…gebeg. Reuwas  kareureuhnakeun. Késang badag, késang lembut, mimiti rarenung maseuhan  sakujur awak. Horéng, anu disebut Bibi téh, taya lian awéwé anu diuk  gigireun kuring basa dina beus.
ah bodor si akang mah muehehe
BalasHapus