Kamis, 01 Juni 2017

Ciri Paéhna Haté Manusa

KU Ki Dr. Dharmasetiawan Natapradja.
1. Tarkush sholah', wani ninggalkeun sholat fardhu.
2. "Adzdzanbu bil farhi", tingrim tanpa ngarasa dosa padahal keur maripolah dosa badag (QS Al A'raf: 3).
3. Karhul Qur'an", teu daék maca Al Qur’ an.
4. "Hubbul ma'asyi", maksiat euweuh eureunna.
5. "Asikhru", riweuhna ngan ku ngomongkeun kagoréngan jeung suudzhan, sarta ngarasa dirina leuwih beresih ti batur.
6. "Ghodbul ulamai", kacida ngéwana kana naséhat para ulama.
7. "Qolbul hajari", henteu sieuneun kana pangéling perkara maot, kuburan jeung akhérat.
8. "Himmatuhul bathni", kagégéloan kana dunya teu paduli kana perkara nu halal jeung haram nu penting bisa beunghar.
9. "Qoulussū'i", resep ngomong kasar tur garihal, popoyok, ngahina jeung ngéwa ka batur.
10. "Anāniyyun", embung nyaho, teu paduli, atawa masa bodo kana kaayaan batur, malahan ka kulawargana sanajan keur katalangsara ogé.
11. "Al intiqōm", resep males kana kadhaliman batur (pendendam).
12. "Albukhlu", pedit, pelit, buntut kasiran “méré gé hésé”.
13. "Ghodhbānun", gampang ngambek kusabab kaangkuhanana jeung dengki.
14. "Asy Syirku", syirik jeung percaya kana takhayul, dukun, jsbn.
Pamuga mangpa’at!

Kamis, 28 Juli 2016

Adul jeung Operator

Adul: wilujeng siang bu..abi adul,bade komplen kunaon atuh sinyal sok lemot wae.!
OPT: oh panginten eta teh jaringanna nuju sibuk
Adul: naha kunaon meni sibuk kitu?aya gotong royong naon kitu di desa teh?..ari kitu mah gentos wae ku jaring lauk atuh bu..!
OPT (nepak tarang ) : lain eta maksudna saddul...tp jaringan komunikasi nuju padat alias rame..!
Adul: harr...ari ibu meni o'on pisan teu boga ide...lamun padat mah atuh pindahkn wae jalurna ka jalan tol..!! Trs eta geuning meni rame kitu...saha nu nuju hajatan..? nanggap naon hiburanna bu..?
OPT (mulai nguntab ka ubun2.,pepeta,bari tutunjuk kana komputer) : saddduul...sateh weureu naon..!! bodo bin belegug teh dipiara ku sorangan...maksud uing teh yeuh akses data pinuh...jd sinyal teh beurat...borokokok..
Adul: heuheuheu sroodot...piraku si data kudu mamawa askes (asuransi kesehatan)...lamun sinyal beurat...bantuan atuh pang gotongkeun bu...tong cicing wae gawe teh...
OPT(naek ka meja): sateh..sateh..wani mah hayu gelut jeung aink.!

Jumat, 25 Maret 2016

Weureu Peuteuy

Ceuceu jeung Neuneu keur reureuh deukeut beus beureum. Beuheung Neuneu euleugeug neuteup peuteuy meuhpeuy jeung leubeut deukeut kleub keurseus teuleum.
 
"Euleuh-euleuh, deungeun teuteureuy Ceu," ceuk Neuneu teu euleum-euleum. Ceuceu ceuleumeut nyeueung peuteuy leubeut jeung beuneur deukeut beungkeut seureuh.
 
"Heueuh, Neu. Eunceup yeuh, meuleum peuteuy jeung beunteur keur nyeubeuhkeun beuteung. Ceuceu geus leuleus neureuy beunceuh geuneuk jeung keuyeup reuneuh teu eureun-eureun." Ceuceu meureudeuy.
 
Neuneu nyeuleukeuteuk, "Heu..heu..heu.. Ceuceu, ceuceu.. Neureuy beunceuh jeung keuyeup reuneuh? Geuleuh Ceu, jeung teu seubeuh. Leuheung peuyeum, teu geuleuh jeung nyeubeuhkeun beuteung."
 
"Neuneu!" Ceuceu ngeuleuweuh. Leungeun Ceuceu ngeukeuweuk beubeur Neuneu, peureup Ceuceu deukeut beungeut Neuneu. Beungeut Ceuceu euceuy.
 
"Beuteung beuteung Ceuceu, beunceuh jeung keuyeup leueuteun Ceuceu. Teu Neu, Ceuceu teu geuleuh," Ceuceu nyeuneu.
 
"Heureuy Ceu.." ceuk Neuneu keueung neuleu Ceuceu neugtreug. "Ceuceu eudeuk beuleum peuteuy?"
 
"Peuteuy? Eudeuk Neu. Meungpeung peuteuy keur meuweuh jeung beuneur. Neureuy beuleum peuteuy jeung leupeut, leuh eunceup," Ceuceu meureudeuy. Beungeut Ceuceu geus teu euceuy.
 
"Ceuceu teu ceuceub nyeueung Neuneu?" ceuk Neuneu keukeuh keueung.
 
"Teu Neu, Ceuceu geus teu ceuceub." Ceuceu neuteup Neuneu seukeut. Neuneu reueus Ceuceu geus teu peupeuleukeuk.
 
Ceuceu jeung Neuneu ngeureuyeuh neureuy beuleum peuteuy teu eureun-eureun. "Teureuy Neu, meungpeung seueur. Peupeujeuh," ceuk Ceuceu geugeut.
 
Neuneu nyeuleukeuteuk. Ceuceu nyeukeukeuk. Leuh, Neuneu jeung Ceuceu weureu peuteuy euy!


Copyright © 2010 - Tata Danamihardja
Dicutat ti : SundaBlog 

GURU INPRES

Ku : Yoseph Iskandar

Tadina mah sok horéam baé ari rék balik ka lembur téh, barabé ku ongkos, tara mahi ku saeutik. Sanajan ngan ukur rérébuan, sok asa nyaah baé ku duit téh, da puguh sok ... ngagantianana. Asa hadé dibeulikeun keur kaperluan kuliah, mangpaatna leuwih karasa. Tapi indung jeung bapa mah pamikiranana sok béda deui, cenah :

"Ongkos-ongkos kitu, bisa kagantian. Tapi kasono Ema jeung Abah, moal bisa disisilihan. Kaluar duit gedé gé moal panasaran asal Nanang merlukeun balik sabulan sakali."

Enya kuring téh anak tunggal, teu adi teu lanceuk. Anu matak pantes, kanyaah indung jeung bapa, sakapeung mah sok asa kaleuleuwihan. Ari kuring lain teu sono. Tapi waktu samporét. Jeung keukeuh, haté mah teu téga baé, mun abah ngagantian urut ongkos téh.

Balik kuliah, nyampak di imah Si Tante nu dianjrékan ku kuring, ngasongkeun surat.

"Serat ti mana, Tante?" cék kuring.

"Ti lembur, Nang," témbalna.

"Ooooh ...." ceuk kuring bari nampanan surat.

Geuwat sisi amplop ku kuring disoéhkeun, eusina dicabut, bray dibébérkeun;

Nanang ...
 
Kumaha cageur? Abah jeung Ema gé Alhamdulillah teu salésma-salésma acan. Ku naon bulan ieu mah rada telat? Iraha Nanang rék balik ka lembur?
Perluna mah Nang, Abah rék tamada ka hidep. Éta mah rék dibeureum, rék dihideung, da kudu kitu cék paréntah Désa. Kamar hareup nu biasa paragi Nanang, dipaké ku Guru Inpres. Tadina mah Abah jeung Ema gé teu mikeun, tapi ari dipikiran deui, itung-itung timbal balik. Hi­dep cicing di imah batur, Abah kacicingan ku batur, sugan wéh ari Abah jeung Ema nyaah ka batur mah, hidep gé dipikanyaah ku batur.Tapi Abah jeung Ema gé teu lepas tina kawijaksanaan hidep. Ari kira-kira teu panuju mah, leuwih hadé mah balik heula ka lembur. Atuh satuluyna mah pék uruskeun ka Désa, da geuning Lurah gé ari nyanghareupan hidep langsung mah, sok rada béda. Teu siga ka Abah, sok rada wani.
Sakieu we heula, Nang. Ulah henteu kudu merlukeun, balik heula.
 
Nu sono ka hidep Abah jeung Ema.

Leng kuring ngahuleng. Tungtungna mah jadi ambek ka Lurah, asa diteungteuinganan. Geus puguh keur jaman Pemilu mah dipikangéwa, dicuriga milu ngampanyeukeun Partai Politik. Ayeuna kamar kuring pisan nu jadi sasaran, kalawan satengah maksa. Rék dikamanakeun hak azasi kuring? Awas manéh Lurah!
Harita kénéh kuring gesat-gesut dandan. Baju dua stel diasupkeun kana tas. Sanggeus amitan ka Si Tante, kencling indit, rék muru Stasion beus.

Kasampak Ema jeung Bapa keur di dalapur. Teu poho méméh tunya-tanya téh, munjungan heula.

"Jam sabaraha ti ditu, Nang?" Abah ngabagéakeun.

"Bada Lohor, Bah," ceuk kuring bari gék diuk dina dipan paranti ngarobrol, didapur.

"Kamar Nanang wayahna di tukang deukeut padaringan. Buku-buku kabéh geus dipindahkeun, ngan nu acan téh gambar-gambar nu narempel na bilik", cek indung kuring.

Kuring teu werat méré koméntar. Nu puguh mah ujug-ujug mentegeg. Asa dijajah. Si Guru na deui teu boga perasaan. Cik kahayang téh, ari numpang mah, tong sangeunahna. Sémah mah di kamar tukang gé teu nanaon. Olo-olo!

Ongkoh Lurahna deui, teu jeung adeuh! Abong-abong keur nyekel kakawasaan, sangeunahna pisan. Awas manéh Lurah! Didamprat siah ku aing!

"Ari ayeuna keur ka mana Si Guruna, Bah?" cék kuring ujug-ujug sugal.

"Keur ka mana nya Ma?" Abah kalah nanyakeun ka Ema.

"Apan ngajar soré ... Engké balikna téh méméh magrib...", témbal Ema.

"Di mana ngajarna téh, Ma?" kuring beuki keuheul.

"Di Lembur Cangkring, Nang", tembal Ema.

"Perlu disusul. Disusul ku abdi Ma. Asa teungteuingeun! Kahayang téh ari sémah mah kudu ngarti! Ulah réa ceta! Pan Abah jeung Ema gé terang, éta téh kamar kadeudeuh abdi? Meunang mémérés. Meunang ngabebetah. Kumaha mun aya babaturan abdi nu hayang nyaba ka dieu? Rék di mana saréna? Moal enya rék diteundeun gigireun padaringan? Bérés éta, abdi rék tuluy nepungan lurah!"

Ema jeung Abah teu ngawaler pasemonna alum, pikarunyaeun. Abah neuteup lalangit dapur, Ema kusay-kusey nyonyoo sisi sinjangna.

"Teu kudu disusul ayeuna. Nang. Engké gé balik...", saur Abah bari angger neuteup lalangit dapur.

"Enya, Nang anggursi geura dahar heula. Kabeneran aya pais lélé kabeuki Nanang. Geura tunda heula tasna ka kamar …", Ema mairan.

Rada ogé haté kuring kapepes, teu ngentab teuing kawas tadi. Enya kétah engké gé balik. Keun siah! Pokona rék laklak dasar. Da bongan Abah masrahkeun ka kuring. Perlu gelut, nya gelut. Demi keur ngabéla hak azasi.

Nungguan nepi ka waktu magrib, asa sataun. Sakitu geus kaselang ku dahar, ngaroko, solat Asar, ngaroko deui, ngopi ngaroko deui, leng wéh tunduh. Bari kuraweud, bleg kuring satengah ngabeubeutkeun manéh kana ranjang di kamar anyar kuring.

Der soré-soré gé maké kudu ngimpi sagala. Di dituna téh nyarékan Lurah, nyarékan guru Inpres sagala. Ngimpi dipatil lele. Ngimpi teu paruguh. Terusna mah poho deui.

"Nang  Nanang ... geus Magrib Nang ....", sora Ema mencrong sisi ranjang. Panonna liuh pinuh ku kadeudeuh. “Geus balik Si Guru téh Ma?"

"Sssssst! Aya di kamarna keur solat!" Ema ngahuit ku haréwos.

Baruk? Kamarna? Puguh kamar aing! Ingkeun siah! rék diusir ku aing!

"Geura ka cai, Nang. Bisi kaliwatan waktu", saur Ema bari ngoloyong.

Sanggeus heuay sakali, kuring gigisik. Bari rada horéam, jarigjeug-jarigjeug kuring ka kamar mandi.
Sakitu keur kareuheulna, werat ogé hahariringan. Lagu "Kembang balebat" ngan apal sapotong, kaditunakeun mah disambung ku nunang-nunaning.

Beres mandi, terus abdas. Jetrék selot panto kamar mandi dibetot satakerna. Cleng ... kuluntang ninggang badeng.

"Nanaonan, Nanang?" Ema nyeukseukan di dapur.

"Selot coplok, Ma...", témbal kuring halon.

"Benerkeun?!" Ema nyentak.

"Ké tas salat," témbal kuring bari rusuh kaluar.

Sup ka kamar, cungas-cingeus sakeudeung. Ceg kana sajadah, bar diamparkeun. Gesat-gesut dangdan, rap disamping, bes dikopéah. Usoli wéh.

"Sajeroning Solat, haté mah teu panceg. Komo barang ngadéngé sora Ema ngomong ka hiji awéwé mah, Al Fatihah gé bulak-balik teu puguh. Duh hapunten Gusti, Solat kuring teu panceg. Ebat.

Dina rokaat katilu, pikiran rada dipuseurkeun. Unggal babacaan Solat ditarjamahkeun na haté. Pikiran manteng ka Gusti Allah, sangkan Solat ieu bisa ditarima sarta kacatet ku Malaikat.

Tapi keukeuh sora Ema kadenge baé: "Geura tuang heula, Neng..."

"Mangga..., Bu...", témbal sora awéwé halimpu.

Solat keukeuh ebat, dipanceg-pancegkeun ogé. Tungtungna mah teu wiridan-wiridan acan, geuwat wéh bijil ti kamar, panasaran.

Barang srog ka tengah imah, kuring ngagebeg, rey beungeut asa paranas ting sariak. Kumaha teu rék kitu,

"Si Guru" téh mencrong ka kuring, terus nyampeurkeun bari solongkrong ngajak sasalaman.

"Nepangkeun..., Hilda...," sorana halimpu.

"Nanang Mulyana...,” cék kuring gugup.

Kumaha teu rék gugup, Si Guru téh wanoja nu cék panenjo kuring mah kacida geulisna. Dangdananana kaasup ngota, sanajan basajan potonganana.

"Pek rék dahar mah, Nang. Baturan Neng Guru...", cék Ema ka kuring. Kuring beuki gugup. Ema imut.

"Ari Abah ka mana, Ma?" cék kuring tamba éra.

"Di tajug rék terus kumpulan, cenah. Ka imah Wakil," tembal Ema bari terus ngoloyong ka tepas imah.

"Di tengah imah kuring juntang-janteng teu puguh, "Si Guru" miheulaan diuk na korsi meja makan.

"Sok atuh, Kang Nang...", pokna bari mangedukkeun sangu keur kuring.

"Wios, keun ku abdi...", ceuk kuring bari rék ngarebut piring alas. Tapi manéhna keukeuh hayang nyadiakeun alas keur kuring. Tungtung­na mah éléh déét, gék kuring diuk peuntaseun manéhna, nyanghareupan idangan bari tungkul.

Piring alas keur kuring geus ditunda hareupeun. Manéhna terus ngeduk sangu keur piring alasna. Kuring héran, bet manéhna mah teu bangun gugup. Kalem wéh kawas "tuan rumah".

Basa kuring tungkul baé, manéhna ngomong semu nu heureuy: "Kade sendok kahuapkeun, Kang Nang."
Puguh wéh kuring jadi ruy-rey éra. Da saenyana atuh, huap téh jadi teu paruguh. Untung teu kana mata oge tah séndok téh. Ih geulis-geulis resep banyol! Geus wéh aing jadi leuwih gugup. Si ... Si mencrang téh siah!
Dahar karasana teu puguh lar supna. Unggal rada tanggah, kuring teu kuat lila pateuteup jeung panonna nu cureuleuk. Jantung asa coplok mun kaparengan manéhna imut. Napsu tadi sore, lus-les laleungitan, kuring bobor karahayuan. Éléh jajatén, murungkut kawas hayam jago pacundang.

Rérés dahar, kuring geuwat cengkat. Manéhna imut deui. Jantung beuki ngaguruh, tingsérédét. Naha bet jadi kieu? Geuwat kuring asup deui ka kamar, cungas-cingeus. Porosot samping sarung diudar, terus diganti ku calana panjang. Kopéah dialungkeun kana luhureun kasur. Sewuk nyisiran. Dangdak-déngdék, siiip... weh!!!

Barang rék kaluar, sup Ema asup, bari pok nanya:

"Arék, ka Lurah téh, Nang?"

"Horéam ah, Ma...", témbal kuring bari seuri.

"Naha?" Ema naros bari gumujeng.

"Laleuleus," tembal kuring saengangsa.

"Ari ayeuna rék ka mana nyah?"

"Moal ka mamana".

"Geuning dangdan?" Ema ngadesek kuring.

"Ihhhh... ari Ema. Ambéh rada gaya wéh ieu mah. Éra atuh ku Neng Guru, moal enya aya Mahasiswa sendal-sendul siga gémbél", témbal kuring rada keuheul.

"Oooh ... rék nyinting nyah?" Saur Ema bari gumujeng, terus ngoloyong.

Sigana mah kuring téh ari aya di lembur, tara betah di imah. Peuting harita mah asa dipancir kana korsi.

Neng Guru ngobrolna lancar teu asa-asa. Ti mimiti ngobrolkeun sual ngajar, tepikeun ka nyaritakeun suka dukana jadi Guru, kuring ukur molohok mata simeuteun, asa ngimpi nyanghareupan widadari.

Tadina mah di lembur téh rék sapoé, diitung-itung geus saminggu leuwih. Ka Neng Guru bororaah hayang ngusir, mun bisa mah sina salilana ngeusian kamar kuring. ***  

(Kungsi dimuat dina Manglé No. 657 ping 16 Nopember l978)

Bau Jengkol

Dasar milik, Karsih meunang undian anu hadiahna pelesir ka Uruguay kalayan garatis tur dibere bekel sacukupna. Nepi ka Uruguay, dihiji terminal Karsih gura giru asup kahiji wc umum, sigana geus teu tahan hayang sacer cereun kiih. Lima belas menit tilu puluh detik Karsih dijero wc, pas kaluar kasampak dihareupeun wc geus ngantri anu nek asup. Panghareupna saurang nini nini anu paromana semu pucet lantaran lila teuing nahan. Pas ningali panto wc muka gura giru sinini asup, tapi aneh teu kungsi lila sinini balik deui bari noel ka Karsih pok nanya.
“Nyi…nyi urang sunda nya ?” ceuk sinini bari melong anteb.
“Mu..mu..muhun!” tembal Karsih asa asa, dijero hatena mah ngarasa reueus..
“Heueuh ari ka wanoja sunda mah moal kapalingan najan dialakpaul ge tetep we arapaleun lantaran aya ciri hasna gareulis tur aramucuy rupana !” Gerentes Karsih,bari uman imen gumeulis dihareupeun sinini.
“Nini geuning apal yen abdi urang sunda, pasti katawis tina raray abdi nya ?”
“Lain euy, tapi katara tina urut wc-na bau jengkol !”

"Catatan Hirup Dipangumbaraan.."

Hayang nyatet sabenerna mah, tapi naon nya? teuing sababaraha bulan teh kabebenjokeun ku tugas dipagawean jeung memeres disertasi nu masih ngalumbrak. Ieu mah carita cutatan akang, lain adigung adiguna, da rumasa jalma teu boga tapi kahayang nu leuwih tibatan batur sakola dilembur. Hasilna kapeutik bisa ngaleuwihan pun bapak nu Guru sakola dasar (SD), nu kahoyong bisa sakola luhur, alhamdulillah akang nikreuh insya Alloh nuju nyelesaikeun program Doktoral di salasahiji paguron luhur di Jakarta. Mugia bisa kabaca kanu keur ngahontal cita-cita, naon wae kudu dileukeunan, ceu babasan mah "ulah kumeok memeh dipacok" sok sanajan urang jalma masakat jeung euweuh kaboga, urang kampung bau lisung, babasan mah.

 HIRUP mah euweuh tungtungna lamun ngagulanggaper kadunyaan kudu bisa ngabagi kamaslahatan kanu lian sok sanajan teu panteus. Akang ikicibung didunya pangajaran ti taun 90-an nyecreg hayang boga pangaweruh ngaleuwihan nu jadi kolot, sok sanajan banda mah euweuh kaboga, ngan hayang wungkul. Tadi mah kahayang teh ka jakarta, kapangaruhan lagu koesplus, ari jret teh malah ka Bekasi. Teu jauh bedana, sarua kota industri bari neangan gawe ka parusahaan, da ceunah kota Bekasi teh gudangna emas, ceuk anu ngaromong naon wae jadi duit, ari singhoreng teh meuereun, emas nu dimaksud teh, mas jawa aya dimana-mana, ari urang sundana mah bisa di itung taun 97-an.

Hese ningan neangan gawe di jakarta, da ijazahna oge ijazah guru. Hiji waktu basa wawancara gawe teh barang mireret berkas ijazah akang teh.Ari pokna,"Naha lin jadi guru atuh malah hayang gawe di PT sagala?" Dua taun kukurilingan nepi ka mutuskeun naon wae asal boga pangalaman, nya jadi seles asuransi, nu harita teh kantorna di jalan bungur besar, stasiun Senen. kukurilingan di jakarta sabaraha taun nambah kadewasaan, nambah pangalaman, Nepi ka sempet jadi supervisor asuransi, tapi kuring bentrok jeung babaturan nu mayoritas etnis Batak. lain ngeper tapi euweuh gunana, da manajer akang oge masih dulurna, kapaksa mundur, padahal dihareupeun teh tawaran manajer cabang. lain jodoh da akang oge ka tarik ku dunia usaha, bari sakalian ngarintis toko buku kolekan modal jeung babaturan, bari jalan salles alat-alat kantor. Hasilna ngan ukur kabagean sesa etalase jeung sabaraha sesa buku-buku agama sabaraha dus, teu puguh iitunganana, rugi ceunah.

Jodohna Jadi Guru
Dunia akang mah memang jodona jadi guru, akhirna balik ka profesi nu pernah dilakonan dua taun kuliah di IKIP Bandung, ari ngalamar teh harita teh katarima di sakola Muhammadiyah Bekasi, guru sosiologi & Antropologi, kadang sajarah. Ngaco jeung teu linier tapi dileukeunan nepi ka taun 2004. Alatankuring ditarima pedah kuring teh aktifis organisasi, mimiti rumaja jeung pamuda Muhammadiyah. Ari di lembur teh kolot jeung kulawarga oge, esekelerna teureuh Muhammadiyah jeung sakampung profesina guru.

Nikreuh sok sanajan loba gogodana, akang leukeunan sok sanajan ningali tina materi mah teu cukup, nyari berkah bari ngabenerkeun patekadan hayang sukses di pangumbaraan.Biasana lamun bujangan mah teu boga tujuan kahareup boga kulawarga, da can boga ceuceukeleun jeung saha nu hayang menangkeun guru nu masakat, harita teh kurang gengsina, pikiran negatif akang. Hiji waktos, nepi ka aya anu ngenalkeun ka urang sumatera ceunah. Ih, piraku urang sunda menangkeun sumatera, ceuk kolot dilembur. Dikulawarga nganggapna teu ilahar, sunda jeung sunda titik. Jauh pisan lamun nganteurkeun kawinna, ceuk nujadi indung. Ngaranna jodoh mah jorok, sok sanajaan dipahing oge, nya taun 2000 milenium pruk atuh akang teh nikah, da biasana mah sok aya rijkina, harita teh ditawaran jadi wakil kapala sekolah nepi ka taun 2006. puncakna diangkat jadi kapala sekolah nepi katun 2010.

Long life education, neangan elmu teh saumur hirup urang kudu diburu, lamun hayang ningkatkeun pangaweruh, harita teh akang aya nu nawaran jadi dosen manajemen disalah sahiji paguron tinggi basa asing, sok sanjan masih ngabadalan ti taun 2004, (nyambung)

Rabu, 17 Februari 2016

Bujangga Sunda : " Raden Haji Muhammad Musa"

Muhamad Musa diwedalkeun di Garut minangka turunan bangsawan Sunda, putra Raden Rangga Suryadikusumah,Patih Kabupaten Limbangan. Manehna saterasna dileupas kanggo ngiring atikan formal di hiji pasantren di Purwakarta sarta diajak ngiring ku bapana kanggo mios haji ka Makkah wanci anom keneh. Manehna nampik tawaran Pamarentah Hindia-Belanda anu bade ngajadikeunna minangka hulu gudang, margi manehna langkung resep milih widang kaagamaan. Sanggeus barobah kaayaan penghulu,dina warsih 1864 manehna diangkat barobah kaayaan janten Panghulu Ageung (Hoofd panghoeloe) di kabupaten Limbangan dugi ka maotna.

Muhamad Musa someah kasasha, dugi ka  reukeut sareung  K. F. Holle, pangusaha perkebunan teh bangsa Belanda di Cikajang,anu mangrupa penasehat Pamarentah Hindia-Walanda ngeunaan bangsa pribumi (utamana na di Priangan). Ku Pamarentah Hindia-Belanda manehna dipercaya pisan. Reukeut na hubungan Musa kalawan Holle nguntungkeun kadua pihak. Kanggo Musa, manehna nanjung utamana margi tiasa muka gaulna jeung bangsa walanda. Musa ku Pamarentah Hindia-Walanda dipercaya pisan,ku kituna ku margi jasa-jasa na manehna kantos dijangjikeun kalungguhan luhur dugi dugi tujuh turunan. Kusabab reukeut na ngababaturan kalawan Holle, Musa oge tiasa ngembangkeun bakat/minat nyerat sarta ngarang na ku kituna karya-karya na (sae karangan sorangan atawa saduran atawa tarjamahan) tiasa dicetak dugi rebuan eksemplar di Batavia. Di antawis para putra na, anu meunang warisan bakat nyerat na nyaeta Raden Ayu Lasminingrat (isteri bulati Garut) sarta raden Kartawinata.

Data Lengkepna :
Ping lahir 1822
Garut, Hindia Belanda
Maot 1886
Garut, Hindia Belanda
Nami lainna Raden Haji Muhamad Musa
Pagawean Sastrawan, Panghulu, Ulama
kakenal Pangarang, palopor kasustraan cetak Sunda, ulama dan Tokoh Sunda abad ke-19.
Agama Islam
Isteri Raden Ayu Ria
putra-putri
  • Nyi Raden Ayu Lasminingrat (1843-1948)
  • Nyi Raden Ratnaningrum
  • Nyi Raden Lenggang Kencana
  • Raden Kartawinata (1846-1906)
  • Raden Haji Zaenal Asikin
Ramana Raden Rangga Suryadikusumah
Kulawargi Raden Tumenggung Suria Angga Kartalegawa (cucu)

Karyana :
Karya Muhamad Musa anu nu mawi kakoncara nyaeta Wawacan Panji Wulung anu medal dina warsih 1871. Karya-karya lianna anu dicetak di antarana,
1862: Wawacan Raja Sudibya,Wawacan Wulang Krama,Wawacan Dongéng-dongéng,Wawacan Wulang Tani;
1863: Carita Abdurahman jeung Abdurahim,Wawacan Seca Nala;
1864: Ali Muhtar,Élmu Nyawah;
1865: Wawacan Wulang Murid,Wawacan Wulang Guru;
1866: Dongéng-dongéng nu Aranéh;
1867: Dongéng-dongéng Pieunteungeun;
1872: Wawacan Lampah Sekar;
1881: Santri Gagal,Hibat.



Sumber :

  • Mikihiro Moriyama. 2005. Semangat Baru: Kolonialisme, Budaya Cetak, dan Kesastraan Sunda Abad ke-19. Jakarta: Kepustakaan Populer Gramedia. .
  • Ajip Rosidi. 2000. Ensiklopedia Sunda. 2000. Pustaka Jaya, Jakarta.
  • Terrarum, O. (2006). West Meets East: Images of China and Japan, 1570 to 1920, Special Collections, De Beer Gallery, Central Library of the University of Otago, 10 February to 26 May 2006. New Zealand Journal of Asian Studies, 8, 122-179.
Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...