Senin, 22 November 2010

Humor Keur Urang Sunda


Numutkeun Kamus Besar Bahasa Indonesia atwa KBBI, kecap “humor” teh ngabogaan dua harti, nyaeta cairan atawa zat satengah cair dina badan, jeung kamampuan ngarasakeun atawa ngalenyepan  perihal/perkara anu lalucu atawa anu bisa nyenangkeun hate.
Tangtu anu  dibahas di dieu lain perkara cairan tubuh, tapi perkara anu lalucu. Dina kamus bahasa Sunda kecap “humor” teu kapanggih. Aya kecap anu ampir sarua hartina, nyaeta heureuy ( banyol), kalakuan anu bisa nyenangkeun hate keur diri pribadi, jeung nu lian. Cenah mah humor nu alus teh humor anu sabadana urang jadi seuri, bari mikirkeun hakekat humorna, nu dipungkas ku mawas diri (Achdiat K Mihardja, 1982).
Aya oge anu boga pandangan yen urang Sunda teh resep  humor. Lamun urang Sunda ngumpul, geus pasti bakal kadenge cakakakna seuri, sabab didinya keur aya heureuy, keur aya “kasuka-riaan”.
Hirup pinuh ku toleransi, darehdeh someah hade ka semah, pameunteu marahmay bengras, leuwih sering imut tibatan sesebred. Pon kitu deui, teu pernah ngalakukeun tindakan sawenang-wenag, tega culika ka nu lian, tapi cukup ku seuri jeung nyengsurikeun, mun kadesek dipungkas ku nyeungseurikan katololan sorangan (Utuy T Sontani, 1957).
Tokoh humor paling “beken” nu aya dina carita di masyarakat Sunda nyaeta Si Kabayan. Tokoh ieu geus jadi harta batin urang Sunda, geus jadi folklor nu dipikadeudeh ku urang Sunda.
Si Kabayan sering digambarkeun jadi jalma bodo, tapi dina kajadian nusarua, katingali oge kapinteranana. Jadi, aya sifat paradoks dina diri Si Kabayan, malah mah bisa jadi aya sifat dualisme primordial.
Lamun digambarkeun jadi jalma bodo, bakal jelas bodo pisan saperti dina carita Si Kabayan Ngala Tutut, dianggapna sawah teh jero pisan, sabab langit katenjo jelas pisan dina herangna cai sawah. Sanggeus manehna sadar yen sawah teh deet, manehna ngomong  ”Eeel da deet”, manehna nyakakak nyeungseurikeun dirina sorangan.
Tokoh sejen aya dina pantun, carita tutur Sunda, nyaeta Ki Lengser (aya oge nu nyebut  Mama Lengser, Mang Lengser, Ua Lengser). Kecap Lengser sabenerna lain ngaran, tapi kadudukan (jabatan) di jaman karajaan dina carita eta pantun.
Aya oge tokoh sejen, nyaeta Si Cepot atawa Astrajingga dina wayang golek Sunda, nu sering ditunggu kunu lalajo sabab bobodorananan matak nyegerkeun (ngabeberah) hate.
Ngageuhgeuykeun
Si Cepot boga watak sorangan: sering gura giru nyanggupan, resep ngomomg “gede”, hayang meunang sorangan, rada cunihin jeung cilimit. Sok sanajan kitu, Si Cepot dikenal wani ngorbankeun diri keur ngabela anu bener, satia, jeung loba akal (Ajip Rosidi, 1984).
Humor Sunda ampir teu pernah nyeungseurikeun kalemahan nu lian, tapi leuwih ditujukeun keur mangrupa otokritik, nyeungseurikeun kalemahan sorangan.
Dina bahasa Sunda aya kecap ngageuing jeung ngageuhgeuykeun, duanana ngandung harti kritik. Ngageuing hartina nganasehatan supaya nu sejen sadar tina kagorengan dirina tug nepi ka ngarobah diri, ari ngageuhgeuykeun hartina nganasehatan ku jalan humor, bisa mangrupa nyindir dimana kagorengan jadi bahan gogonjakan (heureuy),  kaasup nu disindir teh urang sorangan (Achdiat K Mihardja, 1982).
Mungkin bae “jero”na humor urang Sunda teu bisa dilenyepan sautuhna, utamana pikeun urang non-Sunda, malah bisa jadi bumerang sabab nganggap urang Sunda teh teu pernah bisa daria (sungguh-sungguh), kaasup dina widang pakasaban. Tah kumaha atuh?

1 komentar:

  1. urang sunda kamarana? aya... malahan mah pabalatak...... ngan hanjakal hirupna pakia kia bae, teu aya rasa babarayaan... hanjakal pisan...

    BalasHapus

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...