Senin, 22 November 2010

10 Jurus Jetu kanggo nu bade Nganjang

Kahiji
Upami bade angkat seuseup heula menyan tilu kali sareng kocrotkeun minyak sinyongnyong tiluhur sausap rambut tihandap sahibas dampal. Kade hilap tataros heula kanu tiasa meh caina herang laukna beunang. Mun saur panarosan kedah ngalangkung kana jandela omat kedah diturutkeun, komo dina palebah ngaler ngidulna mah, lamun cek pitunjuk kedah ngaler omat angkat kedah ngaler heula sanaos bumi bebene aya dikidul.
Kadua
Diutamikeun nganggo anggoan anu seueur pesakna, kanggo persiapan bilih susuguhna rada euyeub, diantawisna opax, gegeplax, raginang, wajit, angleng, bubuy boled, jrrd, Anu maksadna, supados sobat bongoh….. susuguh eta tiasa ngalih kana pesak.
Katilu
Dianjurkeun pisan nganggo kendaraan roda opat, margi upami naek ojeg bilih “golep” rugrug atanapi acak-acakan kadedetkeun helm. Langkung sae upami “mercy” dipipir nganggur tiasa dianggo.
Kaopat
Teu kenging cacandakan mangrupi koper, margi bilih disangki dobel profesi janten tukang rebab atanapi tukang sulap.
Kalima
Upami tos dugi dipayuneun bumi simanehna, tenjrag bumi tilu kali bari mapatkeun ajian ” sijaran goyang ” sareng kade hilap nyiapkeun gas airmata, bilih anu ngabageakeun the anjing nu gaduh bumi.
Kagenep
Samemeh kelebet tengetkeun heula saha nu pangpayuna mapag, upami ramana omat ulah waka kalebet, margi bisa tibalik jadi ngapelan (nganjangan) ramana.
Katujuh
Upami ramana ngiring nimbrung, ajak we ngobrol soal politik ngeunaan Bank Century dituntungan titah ngajawab tarucing ieu…Bentukna kotak tapi diragap geunyal…pasti anjeuna langsung ngabengbeos teu bisaeun ngajawab.
Kadalapan
Kade….! upami nuju nganjang teu kenging maca novel margi sanes di perpustakaan, sareng bilih kajonjonan teu karaos si manehna ngaguher tibra gigireun.
Kasalapan
Teu kedah ningalian jam, margi jam nuju nganjang mah teu berlaku. Anu berlaku dehem ramana. Dehem kahiji nandakeun batas apel (nganjang) tos seep bari teu tiasa diisi ulang. Dehem kadua tandana urang kedah tos singkil di lawang panto. Dehem katilu urang kedah tos aya diburuan. Dehem kateterusan, ambek geus nyedek tah sibapa teh.. siap-siap make helm. Bisi dialungan Kohkol !
Kasapuluh
Upami bade nego perkawis perpanjangan waktu, siapkeun “angfao” anu paling saeutik eusina gobanan. Pas ngelol gancang ajak sasalaman bari selipkeun sakadang angfao. Kontan ramana galehgeh someah bari nyarios kieu…… “Ongkoh…ongkoh wae jang bapa mah tos teu kiat bade leleson ….!”

Sakitu wilujeung nyobian, kanggo nu bade mindo. Duka tah upami mintelu atanapi mipapat mah.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...