Sabtu, 11 Desember 2010

Panineungan : 'Inohong di Bojong Rangkong"

Masih inget nya  serial Inohong di Bojong Rangkong nu ditayangkeun ku  TVRI Bandung di akhir taun 80an,  serial anu dicandak tina salasahiji novel  yasana  H. RAHMATULLAH ADING AFFANDIE (RAF) anu ngagambarkeun kahirupan di padesaan khas masalah urang pakampungan.

Diantara tokoh tokohna harita teh  saperti Pa Sobana, bu Enok, Aki Jumanta, Pa Soma, Ibu Erum, bi Iroh, kang Sobarna dan lainya, sangat menghayati pentokohan cerita tersebut. 

Caritana ringan saujratna teu dijieun-jieun luyu jeung judulna jeung pameranna. Sok ku ki sobat bandingkeun jeung sinetron nu ayeuna anu ngajual kamewahan saperti keur jaya-jayana telenovela persis pisan, teu katinggali maknana boro-boro aya kritik sosial nu jelas. teu pararuguh nyambung salila-lila, euweuh juntrungna, teuing ngan saukur kejar tayang wungkul jeung langkung nonjolkeun kahirupan glamor hiji kulawarga. Kuring  ah sok nineung lakon tokoh-tokoh dina inohong di Bojong rangkong, komo pak Somaanu sok nyarios chapetang bari dituntungan ku kecap  tren harita teh,  "Beu!!'" sanes kitu iroh... " 


Bari kadangu laguna nu kieu

"Inohong di Bojongrangkong"

4 komentar:

  1. drama sunda nu punjul, nuteuaya deui gentosna,nu didasaran ku kahirupan sunda jaman harita,sok emut wae tokoh tokohna, nineung pisan, milari videona sesah...

    BalasHapus
  2. harita abdi nuju sd / smp an..... tapi tos ka pincut ku sinetron inohong di bojong rangkong..... hoyong ningali deui sinetron ieu.....

    BalasHapus
  3. Benten pisan sareng sinetron ayena mah, punten ka tvri jabar mun tiasa mah tayangkn deui

    BalasHapus
  4. Sok Warara'as sareng kagagas pami emut ka mangsa harita,
    Mangsa sinetron Inohong dibojong rangkong nuju kaceluk ka awun_awun,kakoncara kajanapria disabudeureun wewengkon sunda..
    Sok sanaos nonton na di tivi hitam putih oge..
    Bari jeung hurung ku setrum tina aki (acu).
    Pami kaleresan seepeun setrum th meuni asa kumaha mah teu nonton sakali teh..

    "..Beuuuh...sanes kitu,Iroh..?? "

    Hihihi..

    BalasHapus

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...