Senin, 22 November 2010

Tatarucingan

Sura-seuri sorangan bisa disangka jalma gelo, tapi lamun nu maca tatarucingan ieu teu seuri-seuri acan, aya tilu kemungkinan. Kahiji jalma eta keur stress, kudu dirawat di jalan Riau Bandung, nu kadua jalma nu maca teu ngartieun basa Sunda, Nu katilu jalma eta teu bisa seuri pisan tikudrat ti keur lahir.
Baraya, cing pangneguhkeun tatarucingan di handap ieu ?
1. Hayam naon anu sukuna sarebu? ==>  Hayam keur pawey
2. Sato naon anu teu bisaeun mundur? ==> Sato nu keur nukangan tembok
3 . Bangku naon anu bisa didahar? ==> Bangkuang
4 . Batu naon anu teu aya di cai? ==> Batu garing
5 . Oray naon anu teu bisaeun ngaleor? ==> Oray neureuy linggis
6 . Piring naon anu bisa dipake nempo bulan? ==> Piring bolong
7 . Manuk naon anu jangjangna dina suku, sirahna dina suku? ==> Manuk katincak
8 . Naon sababna ban mobil tina karet? ==> Mun tina coklat pasti digembrong sireum
9 . Sapi naon anu bau? ==> Sapitank
10. Piring naon anu pangrame-ramena di Indonesia? ==> Piringatan 17 Agustus
11 . Dicabak beye, ditakol ngabelentrang. ==> Ti kotok napel dina tihang listrik
12 . Hayamna bodas, naonna anu hideung? ==> Kalangkangna
13 . Buah naon anu dipikaresep ku lalaki? ==> Buahenol
14 . Jam naon anu bisa nembang? ==> Jamrud
15 . Monyet naek kana tangkal kai, tinggal naonna? ==> Tinggal turunna
16 . Pare naon anu teu ngeunah? ==> Parea-rea omong
17. Sato naon anu sukuna dina sirah awakna dina sirah? ==> Kutu
18. Kapas dua kg, batu sakilogram, lamun ditinggangkeun kana suku nyeri mana? ==> Nyeri sukuna
19 . Ku naon tukang baso nakolan mangkok? ==> Ku sendok
20 . Soeh teu bisa dikaput, kotor teu bisa diseuseuh. ==> Keretas
21 . Kaca naon anu nyeri? ==> Kacabok
22. Kaca naon anu seungit? ==> Kacapiring
23 . Kaca naon anu pangbeuratna? ==> Kacalikan gajah
24 . Aya balon sapuluh, bitu hiji, kempes tilu, kari sabaraha deui? ==> Kari salapan, da nu kempes ditiup deui
25 . Dicekek beuheungna dieleketek beuteungna. ==> Gitar
26 . Naon sababna ban sapedah anu tukang sok babari dugul? ==> Bakating ku cape mikiran kumaha carana miheulaan ban hareup
27 . Naon sababna lamun anjing keur lumpat sok ngalieuk bae ka tukang? ==> Sabab teu make kaca spion
28 . Hayam naon anu isuk-isuk tara kongkorongok? ==> Hayam paeh
29 . Leutik, bodas, panjang, teuas, lumpatna ngabelesat. ==> Remeh napel dina kareta api keur maju
30 . Tukang naon lamun digeroan sok lumpat ngajauhan? ==> Tukang maok
31. Bajuna hejo, leumpangna nguriling bari udud. ==> Obat nyamuk
32 . Maju eleh, mundur meunang. ==> Nu keur lomba tarik tambang
33. Aya manuk sapuluh ditembak hiji, tinggal sabaraha? ==> Euweuh hiji-hiji acan da kaburu haliber
34. Sato naon anu pangleutik-leutikna sadunya? ==> Incuna kuman nu teu dahar saminggu
35. Kapal naon anu teu bisa ngapung? ==> Kapal nu mesinna rusak
36. Hideung, leutik, bahaya. ==> Sireum napel dina bom
37. Kumaha ngabedakeun sirah cacing jeung buntut cacing? ==> Keleketek heula, nu seuri eta huluna
38. Naha superman bajuna make hurup “S”? ==> Sabab mun XL mah gombrang teuing
39. Tangkal naon anu sok dipikasieun? ==> Tangkal sampeu nu dipake nyumput maung
40. Lamun Arjuna neangan cinta, ari Bima neangan naon? ==> Neangan kukuna, nu sok dibabawa ku tukang jamu
41. Sirahna dina beuteung, ceulina dina beuteung, beuheungna dina beuteung. ==> Orok na kakandungan
42. Sapedah naon anu bisa ngapung? ==> Sapedah nu dicangcang kana 1000 balon gas nu keur ngapung
43. Kuda naon anu teu bisa lumpat? ==> Kuda nu dicangcang
44. Minyak naon anu rame? ==> Minyaksikan pertandingan sepak bola
45. Batman minum fanta, ari Superman minum naon? ==> Minumpas kejahatan
46. Hayam naon anu sok diteangan ku jelema? ==> Hayam leungit
47. Kalong naon anu pinter maen bal? ==> Kalong gak Ajat Sudrajat ya…. Robby Darwis
48. Gajah naon anu sukuna dua? ==> Gajah keur keprok
49. Lamun Superman ngapung tara ngadeukeutan panonpoe, naon sababna? ==> Sieuneun S na leeh kapanasan
50. Diudag lumpat didagoan cicing. ==> Kalangkang.
Can sareuri keneh nya, cing ieu atuh; naon bedana kuya jeung bajay? ==> Ari kuya mah mun dideukeutan huluna nyumput, sedengkeun bajay mah mun dideukeutan teh huluna kaluar bari nanya “mau kemana Pa?”.

1 komentar:

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...