Senin, 15 September 2014

SASTRAWAN SUNDA MANG KOKO

Haji Koko Koswara, nénéhna Mang Koko, lahir di Kacamatan Indihiang, Tasikmalaya, 10 April 1917. Ramana Ibrahim alias Sumarta, anu aya teureuh ti Sultan Banten (Sultan Hasanuddin). Anjeunna kagungan putra 8, diantawisna Tatang Benyamin Koswara (ayeuna pupuhu Yayasan Cangkurileung) sareng Ida Rosida (salah sawios panembang kahot sareng kungsi maén sinetron "Inohong di Bojongrangkong"). Atikan anjeunna dikawitan ti HIS (1932), MULO Pasundan (1935).  

Mang Koko kalebet anu ta'at sareng patuh kana agamana (Islam).Padamelanna dikawitan ti taun 1937, mangsa bangsa urang nyanghareupan révolusi. Saterusna patutur-tutur didamel di: Balé Pamulang Pasundan, Paguyuban Pasundan, De Javasche Bank; Harian Cahaya (Cahaya Simbun), Harian Suara Merdeka, Jawatan Penerangan Propinsi Jabar, guru anu saterasna janten Direktur Konservatori Karawitan Bandung (1961-1973); Dosen Luar Biasa di ASTI (Akademi Seni Tari Indonesia), Bandung, dugi ka pupusna ping 4 Oktober 1985.

Bakat seni sareng karya-karyana
Bakat senina ngocor ti ramana anu kacatet salaku juru mamaos Ciawian jeung Cianjuran. Saterasna anjeunna diajar ku nyalira ti seniman-seniman ahli karawitan Sunda anu parantos moyan, ogé neuleuman hasil karya widang karawitan ti Raden Machjar Angga Koesoemadinata (musikolog).

Anjeunna oge kacatet salaku anu ngadegkeun rupa-rupa pakumpulan kasenian, diantarana: Jenaka Sunda "Kaca Indihiang" (1946), "Taman Murangkalih" (1948), "Taman Cangkurileung" (1950), "Taman Setiaputra" (1950), "Kliningan Ganda Mekar" (1950), "Gamelan Mundinglaya" (1951), jeung "Taman Bincarung" (1958).

Oge anjeunna anu ngadegkeun sakaligus jadi pupuhu munggaran ti "Yayasan Cangkurileung" puseur, anu cabang-cabangna sumebar di lingkungan sakola-sakola sakuliah Jawa Kulon. Anjeunna ogé anu ngadegkeun tur pupuhu Yayasan Badan Penyelenggara "Akademi Seni Karawitan Indonesia" (ASKI), Bandung (1971). Kungsi anjeunna medalkeun majalah kasenian "Swara Cangkurileung" (1970-1983).

Karya cipta kawih-kawihna dikempelkeun dina buku-buku, boh anu kungsi dipedalkeun atawa anu masih mangrupa naskah-naskah, diantarana: "Resep Mamaos" (Ganaco, 1948), "Cangkurileung" (3 jilid/MB, 1952), "Ganda Mekar" (Taraté, 1970), "Bincarung" (Taraté, 1970), "Pangajaran Kacapi" (Balébat, 1973), "Seni Swara Sunda/Pupuh 17" (Mitra Buana, 1984), "Sekar Mayang" (Mitra Buana, 1984), "Layeutan Swara" (YCP, 1984), "Bentang Sulintang/Lagu-lagu Perjuangan"; jrrd.

Karya-karyana sanés ukur dina widang kawih, nanging ogé dina widang seni drama sareng gending karesmen. Dina lebah dieu kacatet, upamana bae: "Gondang Pangwangunan", "Bapa Satar", "Aduh Asih", "Samudra", "Gondang Samagaha", "Berekat Katitih Mahal", "Sekar Catur", "Sempal Guyon", "Saha?", "Ngatrok", "Kareta Api", "Istri Tampikan", "Si Kabayan", "Si Kabayan jeung Raja Jimbul", "Aki-Nini Balangantrang", "Pangeran Jayakarta", "Nyai Dasimah".

Pangajén ka Mang Koko
Mang Koko ginuluran seueur pangajén, boh anu asalna ti pamaréntah, lembaga atawa organisasi masarakat (LSM), upamana baé: Piagam Wijayakusumah (1971), salaku pangajén pangluhurna ti pamaréntah puseur (id: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan) dina kategori "Sebagai Pembaharu dalam Bidang Seni Karawitan".

Tina riwayat ringkes kahirupan Mang Koko, urang patepang jeung hiji manusa anu enggeus masrahkeun jiwa, raga jeung bandanna pikeun kahirupan jeung kalanggengan seni, hususna seni Sunda. Jembarna, pikeun anjeunna, merenah upami urang ngaleleran gelar salaku "pahlawan panglelemes jiwa". Sabab, sakumaha kasauran anjeunna keneh dina salah sahiji kawihna, seni teh ngarupakeun panglemes jiwa.

SUMBER : WIKIPEDIA

Selasa, 09 September 2014

"Renovasi Imah, lain Sakadar Ngurug"

Renovasi sok ngarembet ceunah, nu tadina mah hayang ngurug wungkul, ningan malah juk-jlek loba kahayang, akhirna ngurug mimiti dapur nepi ka hareup sagala. Naon oge ceuk ilmu manajemen mah kudu ditatahar heula beh jelas itungan biayana, tapi teori teh tojaiyah pisan jeung kanyataanana.

Siga hirup da sein hayang kieu tapi da solen ceunah beda. Tinggal kumaha netepkeun hate keur ngarojong naon bae nu ngaberatkeun pikiran urang. Da eta teh masalah kahirupan beda jeung masalah dina ranah teoritis, nu kadang sok beda lamun dititenan eta teh minangka hiji karangka hirup nu kudu ditarimakeun bari kudu diikhtiarkeun heula ku urang, alatan manusa mah ngan bisa ngarencanakeun nu ngawujudkeunana dina akhirna nu Kawasa.

Sakali deui renovasi imah teh jadi simbol di masyarakat keur nunjukeun hiji kamajuan. Imah teh pondasi nu nguatkeun tangguhna hiji imah anu dirojong ku titi tentremna rumah tangga, ulah malahan awet tapi rajet. imah nu sok kabanjiran eta simbol karusakan, padahal alatan pilaku manusa nu rajen ngararusak papagon, mun nyieun imah ulah dibeakeun kabeh tapi kudu aya keur nyerepna cai beh bisa ngalirkeun rijki ka bumi, lamun kabeh di pelur teu nyesakeun satapak, akibatna taneh rusak.

Renovasi oge jadi simbol kuatna hiji talari kulawarga, nambah anggota warga tantuna ngabutuhkeun rohang keur hirup, sok sanajan masih bayi maneh oge butuh rohang hirup keur nguatkeun prinsip individualisme nu kuat dina diri manusa. dina agama urang budak keur ti letik keneh kudu diajarkeun tatakrama lamun keur isya dimana nu jadi kolot keur istirahat, kudu ngetrok panto heula. tugas kolot nyadiakeun rohang keur ngadidik tatakrama hubungan anak jeung kolotna, jeung dulur lalakina keur ti memeh leutik, saperti ngabiasakeun nutup sirah nu kudung nu syar'i ti keur umur leutik, nepi ka masalah tepang taun nu kadang urang teu tega lamun teu minuhan kahayang anak urang.

Teu bosen sakali deui renovasi teh hiji pasoalan nu jadi masalah nagara, sabab dijerona ngandung filisofi kudu ngarobah diri, ngarobah karakter bangsa, ngarobah kahirupan, ngarobah sagalana ku hal nu bisa kahontal ku akal urang nyaeta, ti diri urang, ku urang jeung kulawarga urang.

Catatan Abi : Tepang Taun Siga "Ayu Zaila"

Poe ieu teh anaking bidadari abi tepang taun (9/9-2014), nu geulis teh ceunah ngarenghik hayang dirayakeun "siga Ayu Zaila (Ayu Zahira)", ceunah bari rada cadel nyebutkeun anak tatangga. Indungna mah meletet menta tinimbangan, kuring mah tetep kerung, "Lain budaya urang tepang taun teh, Mi", ceuk kuring sok sanajan hate mah teu tega atuh. "Keun wae ti bubudak biasa apal kumaha kuduna, da indung-bapana oge sarua teu pernah ngarayakeun".

Sok sanajan tatangga mah sok ngangsonan, "iraha nya tiup lilinna, de Laya?", pokna.
Dasarna mah Tetep abi mah tambah nyaah. Sok sanajan lincah baceo siga beo, ngacak-ngacak, da puguh masih budak ololeho atuh. Tapi kadang sok karunya ka induk budak da puguh teu bisa dilepas atuh da sakitu lincahna.eta meureun pangorbanan kolot teh, sok ingeut kumaha ngahesekuen kanu jadi kolot baheula, kaalaman ku urang sangeus boga budak. tapi budak mah tetep jadi "kembang soca" urang nu ngaleehkeun stress kolotna, anu ngajeoskeun awak anu cape rancucut alatan bobolokot kesang, ti hothat ngajar sok snajan can bisa minuhan kabutuhan hirup, kumaha layakna.

Anu penting anaking geus daek sakola di taman Al-Qur'an jeung teu ogoan deui basa dibawa dagang ka kantin, da indungna dagang tahu bumbu di hiji kantin sakola nu keur mimiti ngawangun sakola nu tohaga pisan, tapi muridna karek sakelas. Kanyaah abi-ummi teu aya wates wangenna, da budak kahayang atuh nepi ka 11 taun nunggu, alhamdulillah nonghol alatan pangersa gusti Alloh SWT. Indungna oge daek eureun gawe alatan teu tega nitipkeun budak ka nu sejen. Eta teh awalna mah beurat pisan, tapi geus tilu taun eureun ningan alhamdulillah rizki jeung nasib teh diatur ku nu Kawasa, lain manusa anu ngatur. Nepi ka kuring bisa kuliah S3 beasiswa ti kampus, jeung boga usaha sok sanajan masih leutik, eta teh pasti geus suratan ti luhur.

Kuring oge sarua hayang ngarobah pahirupan lamun junun lulus, keur ngaronjatkeun kahirupan, sok snajan dikampus nu ayeuna, teu aya bedana antara dosen S-1, S2 jeung S3 sarua posisi salary-na. prinsipna rizki mah aya anu ngatur tinggal urang terus usaha...sakalideui hampura abi-umi teu bisa nedunan kahayang anaking, hayang ditiupkeun lilin siga ayu zaila.Engke oge geus dewasa pasti bisa nyaho jawabanna, bari panon kuring carinakdak nahan rongkahna hate.

Sabtu, 26 Juli 2014

Legitimate Plpres kumaha?

SAMEMEH mudik sabaraha bulan urang disibukeun piala dunia bari sakalian sahur puasa, tambah pilpres nu tuntungna nenden pasualan nu hiji waktu jadi bom waktu. Ributna soal pilpres anu kesanna teh teu tuntas KPU mereskeunnana malah kabirengeuh nemblehkeun ka MK nu mereskeunana, kubu prabowo ngarasa teu didenge terus mutuskeun mundur tina rekapitulasi KPU, lain mundur tina pilpres, sakumaha nu diplintir ku MetroTV corongna kubu jokowi. Prabowo oge ngarasa di tulis tongong ku KPU alatan loba panyimpangan anu nyababkeun tambah ngojotna pasualan. Kubu Jokowi ngarasa diuntungkeun, komo lembaga Quick count irungna tambah bekah, "Ceuk aing oge sarua jeung itungan aing", pokna meureun.

Naek ka MK pamohalan beres nu samemehna loba nu banding ka MK teu beres malahan nimbulkeun skandal korupsi ketua MK Intina mah kajujuran lamun geus teu aya di para inohong saperti KPU, KPK, Panwaslu pasti nyababkeun rumitna nagara. lain mihak prabowo, tapi kudu nendeun pasualan dina tempatna nyaeta koridor hukum, ulah aya sakwasangka ceunah mah kamil malik ketua KPK teh masih iparna yusuf kala, nu nyabakeun profesionalisme KPU jadi sasaran.

Ari ceuk akang mah antepkeun bae, Jokowi mimpin Indonesia sok sanajan dinapasulan ieu mopohokeun kakuatan 46 peresen sora rakyat nu nganggap teu legitimate faktual, tapi legitimate sacara hukum. Nu kadua buktikeun kumaha kamampuanana, sok awasi ku rakyat nu ngadukungna. Keur pangawasan koalisi kudu terus mantau kumaha sepak terjangna. Bari kudu mereskeun  institusi jeung  jalmana, di KPK, KPU, MK ulah nyieun aturan nu manehna oge nu ngarusakna, bari ngorbankeun rakyat nu nambah teu percaya deui..

Rakyat siga urang kumaha ? Cukup ributna di media sosial keur hiburan urang, sarua siga nonton bola beda jagoan tapi teu nepi ka guntreng, da naon untungna malah nimbulkeun pacegregan dulur jeung dulur, batur jeung batur, ulah moro julang ngalepaskeun pesing. Bari popolotot melaan bari nu dibelaan oge can puguh mikiran urang, anu malah mah nambah rungsing pikiran urang. Balik deui ka fitrahna siga momen lebaran balik kana kasucian deui.

MUDIK TEH KEUR URANG SUNDA ?

Mudik teh wajib pisan keur urang sunda mah mun bisa ti hot-hat neangan duit beh tiap taun mudik nyukupan bari ninggalkeun hutang, ninggalkeun kahanyelu teu boga duit deui sabada mudik, keun we da Alla mah ngarizkian ka urang, pokna.

Teuing timana budaya mudik teh, da nu ayeuna mah milik urang Indonesia dimana wae paling rajin mudik sok sanajan mangtaun-taun bubuara di nagri dengeun, pasti balik deui. kadang mudik pesta rakyat, teu miskin teu kaya sarua ti poporoseh kudu balik ka lembur.

Tah dihandap akang nyimpulkeun sorangan, Aya sabaraha kasimpulan lamun mudik teh ningan :
  1. Mudik teh meakeun duit sataun keur kakampung, lamun balik menta diongkosan deui ku mitoha urang.
  2. Mudik teh prestise keur sabagian urang, yen urang teh geus sukses di pangumbaraan, biasana mah disimbolkeun ku kandaraan, HP, Ipad, jst. mun bisa ngutang jeung ngaborehkeun barang keur rental mobil, ngutang HP, jst
  3. Mudik teh ngabahayakeun diri sorangan  jeung kulawarga.mun maksakeun, antugna ngirit make motor jarak jauh, kahujanan kanginan teu dipirosea nu penting lebaran di lembur.
  4. Mudik teh unjuk kamampuan dina soal kamampuan otomotive, breng konvoi motor, tah lamun ieu positive sakali-kali keur ngukur kamampuan urang dina ngarawat kandaraan urang.
  5. Mudik teh identik THR atanapi gajih katilu welas keu PNS, padahal sataun teh mun 12 bulan nya, kang? makana pangusaha lalieureun keur mayarna.
  6. Mudik teh pesta rakyat ngelehkeun antusias pawai kampanye pilpres naon oge, padahal mah nyiksa awak, macet dijalan, meakeun duit sagala..."Sabodo teuing, da duit-duit aing",  ceunah.
  7. Kadang mudik sok poho nuwajibna. Poho puasa, poho shalat, poho pamajikan katinggaleun di toilet rest area, da buru-buru bisi katingaleun konvoi...he..he. Mun bisa lamun niat hayang konvoi,  anak mitoha tetipkeun heula ka kampung.
  8. Mudik teh kawajiban urang sataun sakali silaturahim ka kolot jeung dulur urang...ieu meureun anu paling utamana. wilujeung mudik kasadayana urang sunda sadunya.

Minggu, 20 Juli 2014

SASAKALA KAI KABOA

Kaboa kaasup kai langka nu can tangtu kapanggih di sambarangtempat salian di Leuweung Sancang. Malahan tangkal kaboa ngarupakeun kaunikan keur Leuweung Sancang mah. Tangkal kaboa jadi ciri jati diri Leuweung Sancang nu hese dipisahkeun lir ibarat gula jeung amisna. Ari leuweung Sancang teh perenahna deukeut kebon karet Mira Mare ka bawah ka Desa Maroko Kacamatan Cibalong Garut. Mun dijugjug ti garut mah aya kana 118 kilometer. Eta leuweung legana 2.175 hektar. Lian ti loba rupa tatangkalan Leuweung Sancang jadi panonoban sato nu geus jarang langka kapanggih, samodel merak, julang, banteng, maung, jeung mencek. Dina taun 1978 ku Menteri Kehutanan dijadikeun cagar alam jeung suaka margasatwa.
Loba dongengna teh nyebar kamamana. Pangpangna dongeng ngeunaan maung kajjajaden jelmaan ra’yat Prabu Siliwangi ti karajaan hindu Pajajaran anu kakaburan lantaran embung arasup Islam. Lian ti eta tangkal kaboa aya dongengna deuih. Cenah lamunurang asruk-asrukan di Leuweung Sancang tur embung diganggu ku maung kajajaden tea bekel bae kai kaboa. Kumaha cenah dongengna kai kaboa teh ?.
Kacaturkeun
Ceuk ujaring sajarah dina munggaran abad ka 16 M di tatar Sunda aya hiji Karajaan Hindu anu katelahna Karajaan Sunda pajajaran. Ari puser dayeuh Karajaan teh ayana di wewngkon Bogor ayeun.ieu karajaan kacida mashurna nalika dinarpatian kua salah sahiji raja linuhung jenengannana Prabu Siliwangi, nelah nepi ka kiwari. Eta raja kamashur ka awun-awun, kakoncara ka janapria, arif tur wijaksana, peguh tur tukuh kana purbatisti purbajati, nyaeta talari paranti jeung kayakinan luluhur.
Munasabah kaayaan karajaan mangsa dina kakawasaan anjeuna gemah ripah lohjinawi, repeh rapih, rea ketan rea katon. Patanina marukti apadagang sarenang. Kapribadian jeung pasifatan Prabu Siliwangi anu luhur mirip sareng pribadi jeung sifat eyangna, Prabu Niskala Wastukancana nu katelah Prabu Wangi. Prabu Wangi kantos nganarpatian karajaan Sunda Galuh30 nu ngahiyang di Nusa larang.
Prabu Siliwangi sateuacan nganarpatian di karajaan Sunda – Pajajaran., kantos jadi raja di Karajaan Sindang Kasih,31 bagean ti karajaan Sunda – Galuh. Harita mah nami anjeuna teh Prabu Jayadewata atawa pamanah rasa anu nikah ka Nyi Mas  Ambetkasih putri Ki Gedeng Sindang Kasih.
Waktu harita karajaan sunda di bagi dua bagean, nyaeta belah wetaneun wahangan Citarum kaereh ka wewengkon karajaan Galuh nu dinarpatian ku Prabu Dewaniskala, rama Prabu Siliwangi. Ari kuloneun wahangan Citarum kereh ka wewengkon karajaan Sunda, dinarpatian ku Prabu Susuktunggal paman Prabu Siliwangi. Eta dua karaan teh dihijikeun ku Prabu Siliwangi jadi karajaan Sunda – Pajajaran nepi ka burakna dina panungtungan abad ka – 16, ku Prabu Siliwangi pisan puseur dayeuh karajaan dipindahkeun ka wewengkon kota Bogor teh.
Laki rabina sareng putri Ambet Kasih,  Prabu Siliwangi teu ngagaduhan katurunan hiji-hiji acan. Numawi teras anjeuna nikah deui ka hiji istri terah pesantren di wewengkon Karawang, jenengannana Nyi Mas Subang Larang. Nya  ti Nyi Subang Larang anjeuna kagungan putra tilu, nyaeta nu cikal (lalaki) jenengannana Raden Walangsungsang, panengah (istri) jenengannana Nyi Mas Rara Santang. Ari putra anu ka tilu (lalaki), bungsu jenengannana Raden Sagara alias Keyan Santang.
Putra tiluannana eta benten kapercayaan sareng rama. Putra-putrana mah ngagem agama Islam sami sareng tuang Ibu, ari ramana tetep pengkuh ngagem agama luluhurna Sunda Wiwitan. Pabentar paham kayakinan sareng rama eta nu nyabalukarkeun Raden Walangsungsang katut rai-raina lunta ti karaton karajaan. Pamustungannana Raden Walasungsang sareng raina tigin ngantunkeun ibu rama di karaton karajaan Sindang Kasih demi nanjeurkeun syareat Islam di tatar Sunda.
Keyan Santang
Putra katilu Prabu Siliwangi ti Nyi Subang Larang teh Keyan Santang. Julukan Keyan nandakeun anjeuna Putra raja. Keyan teh kocap pendek tina rakeyan nu hartosan putra mahkota. Nalika raka-rakana ngantunkeun karaton Keyan Santang mah masih dina jero patuangan ibuna. Numawi waktos anjeuna dibabarkeun Raden Walangsungsang sareng Nyi Mas Rara Santang tos teu aya di karato karajaan.
Benten sareng raka-rakana Keyan Santang mah leuwih caket ka ramana batan ka Ibu malihan ku ramana dijantenkeun Putra Mahkota nu gaduh hak janten raja ngagentos rama. Numawi atikan-atikan nu nyerep tur ngancik ka diri Keyan Santang langkung seueur ti rama batan ibu nu mislimah. Atikan-atikan eta diantarana ngeunaan hal-hal kakuatan fisik salaku putra mahkota calon raja engkena. Numawi ti aalit di latih kana kagagahan jeung kadugalan ku ramana.
Kacaritakeun Keyan Santang keur meujeuhna rumaja puta, kasep ngalempereng koneng, awak sambada belekesenteng, pait kulit pahang tulang. Hanjakal anjeuna boga sikap sombong, takabur, asa aing uyah kidul. Hiji mangsa barang parantos sawawa anjeuna pernah ngemut
Ceuk emutannana.
“Aing ayeuna geus tamat diajar rupa-rupa elmu. Elmu kagagahan geus kacekel kabeh. Aing henteu teurak ku pakarang tarah raheut-raheut acan. Nepi ka ayeuna aing mah can nenjo getih sorangan. Tapi naha enya ari diajar elmu aya tamatna? Naha enya aing teh panggagahna? Ah, aing panasaran. Aing rek ngalalana, rek nyiar elmu, sugan bae aya keneh elmu anu aing acan nyaho.”
Teras bae Keyan Santang ngalalana. Ngalalana ka mana mendi, wewengkon di pulau jawa kabeh geus kasungsi. Tapi weleh teu manggih hiji jalma nu sanggup nandingan elmu Keyan Santang. Lamparna ngalalana Keyan Santang nya meuntas lautan ka Mekah. Di dinya anjeuna ngadangu, cenah anu luhur elmuna jeung gagah teh Bagenda Ali alias Sayyidina Ali. Anjeuna seja nepangan.
Ari keur angkat tepang jeung hiji sepuh ku eta sepuh Keyan Santang ditaros kamana nya tujuan.
Keyan Santang ngawaler.
“Abdi teh bade nepangan Bagenda Ali. Maksad bade ngadu kagagahan.”
“euh, ari kitu mah hayu atuh dijajapkeun ku Mama, “saeur sepuh teh.
Teras bae Keyan Santang ngiring ka eta sepuh. Sajongjongan barang geus angkat, pok sepuh teh sasauran.
“Aeh, iteuk Mama tinggaleun. Tuh geningan nanceb. Punten pangnyandakeun!”
Enggal Keyan Santang mulih deui, maksada bade bade nyandak teteken kagungan eta sepuh.barang dugi iteuk teh dijewang ku Keyan Santang, tapi pageuh. Tuluy di cabut ditanagaan, bet teu uget-uget acan. Keyan Santang satekah polah nyabut iteuk, nepi ka rey bijil kesang badag kesang lembut.
Sepuh teh nyaketan, bari pok sasauran.
“naha nyandak ieuk teh lami-lami teuing?”
“Aduh Mama, abdi teu tiasa nyandak ieu iteuk.”
Keyan Santang ngaraos salirana kokoprot ku kesang, barang disidik-sidik manahoreng salirana teh rembes ku getih. Gening getih teh beureum, kawas getih nu sejen.
“Majar palay ngadu kagagahan sareng Bagenda Ali, geuning nyabut iteukna oge henteu kaduga!” saur sepuh teh
Manahoreng eta sepuh teh Bagenda Ali alias Sayyidina Ali. Keyan Santang sapada harita nyuuh kana sampean Sayyidina Ali. Tetela jalma mah taya nu sakti, loba keneh elmu nu kudu di ulik. Singket carita, teras be Keyan Santang lebet Islam sarta ngulik rupi-rupi elmu di Mekah.
Kocapkeun tos mang taun-taun Keyan Santang ngulik elmu bag-bagan agama di Mekah, anjeuna dipiwarang mulih ka lemah caina margi parantos dianggap mampu, sareng waktosna nyebarkeun Islam di Pulau Jawa, khususna tatar Sunda.
Pok guruna sasauran
“Keyan Santang! Mama aya picaritaeun ka hidep”.
“Sumangga Mama, bade aya picarioseun naon?” waler Keyan Santang bari enggal ngaketan, gek calik mendeko  payuneun guruna.
“Kieu…………., ayeun geu waktuna hidep mulih ka Pulau Jawa pikeun nyebarkeun agama anyar nyaeta Islam tea?” saur guruna bari neuteup ka Keyan Santang
“tapi samemeh hidep mulih, mama rek ngawaris ngaran kaislaman. Harita hidep geus resmi sabage panganut Islam sajati nu wajib namlegkeunanan kanu sejen. Tah ti semet ayeuna ngaran hidep teh Rohmat Suci.”
Kitu kasauran guruna, ti harita Keyan Satang gentos nami janten Rohmat Suci.
Teu kacatur  di jalanna.
Kocapkeun Keyan Santang nu tos gaduh nami anyar Rohmat Suci warisan guruna, parantos dui di Pulo Jawa, persisna di tatar Sunda. Mimiti anjeunna ngawanohkeun Agama Islam teh ka masyarakat nu harita masih ngagem Agama Hindu jeung Budha. Ayana hidayah Allah Ta’ala nu Maha Suci, seueur warga masyarakat di wewengkon sabudeureun Banten, Karawang jeung wewengkon belah kaler tatar Sunda nu lebet Islam sarta jadi pangiring Keyan Santang.
Kajadian seueurna rakyat Pajajaran nu biluk ka Keyan Santang, kadangu oge ku rajana Prabu Siliwangi. Hal eta matak ngahariwangkeun manah Parbu Siliwangi, sanaos eta teh dilampahkeun ku putrana.
Hiji mangsa, Keyang Santang alias Rohmat Suci nyumpingan ramana di karaton maksad bade ngabujuk supados lebet Islam tapi ditolak ku ramana yen hal eta teh pamohalan cadu keur Prabu Siliwangi lesot tina Purbatisti-Purbajati, ninggalkeun agama luluhur.
Teras Prabu Siliwangi mapagahan putrana.
“Rakeyan Santang, putra Ama. Lamun hidep rek keukeuh nyebarkeun agama anyar eta, prak! Eta hak hidep. Tapi poma ulah dibarengan ku maksa sakarep insun kasasaha oge. Iwal, lamun maranehna ikhlas ku kasadaran sorangan. Lamun hidep ngalampahkeun ku paksaan, hartina geus ngarampas hak nu dengen.”
Tapi sanaos saparantos dipapatahan kitu ku Ramana Keyan Santang tetep bae kana pamadegannana yen eta teh bener. Numawi, aya kana tilu kalina anjeunna ngabujuk ramana supados lebet Islam, namung tetep ditolak pangajak putrana teh.
Lalakon Panungtungan
Hiji poe Prabu Siliwangi ngayakeun sinewaka jeung Papatih nu jenengan Terongpeot, katut para mantri oge para ponggawa di lebet pandopo maksad bade nyawalakeun kumaha tarekah pikeun nyanghareupan putrana Keyan Santang.
Pok Sang Prabu sasauran.
“Paman Patih, oge para Mantri katut Ponggawa! Numawi diangkir linggih ka Pandopo danget ieu taya sanes bade nyuhunkeun bongbolongan ka sadayana kumaha peta nyanghareupan pun anak nu sakitu maksa mirusa ka kaula kudu lebet Islam.”
Cedok Terongpeot nyembah bari ngageser ka payun.
“Kaula nun, Sang Prabu sembaheun sim abdi sadayana! Ampun paralun nu kasuhun, tei pisan-pisan kedah mayunan atanapi ngaluhuran. Nyanggakeun sadaya-sadaya, timbang taraju aya di pangersa Sang Prabu.”
Ngadangu cariosan Patih Terongpeot kitu, Sang Prabu ngamafhum tur surti, teras anjeunna sasauran.
“Lamun puguh kitu mah, danget ieu ulah rek mutuskeun mugi sing disaluyuan ku sadayana nu hadir taya jalan pikeun kula mayunan Keyan Santang iwal ku kudu ninggalkeun ieu karaton ayeuna keneh. Kumaha, Paman Patih ?”
“Kairing, kaulanun!”
Waler Patih Terongpeot sareng para Mantri, oge ponggawa anu saratia saur manuk ka Sang Prabu.
Hasil sawala sapakat yen Prabu Siliwangi katut Para Mantri, ponggawa, Patih oge masyarakat rek ngantunkeun karaton karajaan samemeh Keyan Santang jeung Wadyabalad datang deui ka eta tempat.teras karaton jeung tempat sabudeureunnana ku Prabu Siliwangi dijadikeun leuweung ganggong simagonggong nu eusina maung jeung meong .
Enggeus kiti titis tulis tu nu Maha Suci, naon nu dipihariwang ku Prabu Siliwangi tinekanan. Beja ne ka Sang Prabu yen rakyat Pajajaran leuwih satengahna geus biluk ka Keyan Santang. Sang Prabu jeung pangiringna nu ukur sababaraha puluh jelema nyempetkeun heula ninggalkeun karaton samemeh Keyan Santang datang, ngajugjug ka beulah Wetan, nu mana waktu harita pangaruh Islam di wewengkon eta mah tacan tumerap pisan.
Nalika Keyan Santang sumping ka karaton Karajaan Sunda Pajajaran anjeunna ngaraos kaget kaliwat saking, margi eta tempat nu kasungsi teh bet leuweung galonggongan. Keyan Santang sawatara ngahuleng ngaragameneng kalayan ngamafhum yen sang Prabu ramana, nu sakti manraguna, parantos ngagunakeun ajian halimunan, karaton jadi leuweung gerotan. Teu lami Keyan Santang teras mutuskeun angkat ka beulah wetan, margi numutkeun mata batinna ramana teh lunta ka beulah dinya.
Cag! Heula lakon Keyan Santang nu nuju angkat ka palih wetan wewengkon Bogor. Ayeuna urang nyarioskeun lalampahan Prabu Siliwangi anu nuju lunta tea maksad nebihan Banjar Karang pamidangan puseur dayeuh Karajaan-Pajajaran di daerah Bogor.
Poe ganti poe, minggu ganti minggu. Kocap sang Prabu katut para pangiringna anjog ka hiji wewengkon nu tiis tingtrim endah pamandangannana nu dipinding ku gunung-gunung tur asri palataranna sanajan luhur padataranna. Lian ti kitu eta wewengkon teh sugih ku cai nu curcor di mana mendi margi kasorang ku hiji wahangan gede tur panjang nyaeta wahangan Cimanuk munasabah matak pikabetaheun nu nganjrek anyar pinanggih.
Pok sang Prabu ngadawuh di payuneun para pangiringna.
“Sok tah! Merenah di dieu, urang nyanding heula.”
Cenah ti basa harita ayana ngaran tempat Sanding teh, nu kiwari jadi kalurahan Muara Sanding kaereh ka Kacamatan Garut Kota.
Kumargi para pangiring sang Prabu nuju raos ngareureukeun kacape di eta tempat ampir kapopohokeun yen satemenna maranehna keur aya dina pamuruan Keyan Santang. Dupi sang Prabu hiji Raja pinuja nu boga wiwaha tur komara, sumping pirasat awon ka anjeunna, enggal ngaluarkeun ajian halimunan. Atuh sapada harita les bae sang Prabu katut para pangiringna ngaleungit. Leungit tanpa lebih ilang tanpa karana. Duka kamana jigna eta nu ngaleungit.
Ngan sawatara ti harita nalika Keyan Santang nepi ka eta tempat nu kasampak kari urutna. Keyan Santang kacida ngaraos hanjeluna nu dibuburu mang minggu-minggu teu katimu ngaraoskeun kacape teras anjeunna miwarang wadyabaladna nu mangrewu-rewu teh supaya reureuh heula di wewengkon nu kacida betah tur tumaninah. Dayeh Garut nu padataranna luhur teh di pinding ku gunung-gunung, belah wetan aya gunung Talaga Bodas jeung Karacak beulah kaler Gunung Sadakeling, beulah kulon Gunung Guntur, beulah kidul Gunung Papandayan jeung Cikuray munasabah jadi pangirutan matak moho nu nenjo.
Keun urang tunda di hanjuan siang
Geusan alaeun
Urang simpen di handeuleum sieum
Geusan sampeureun.
Lalampahan Keyan Santang anu reureuh
Ngailangkeun kacapena
Kocapkeun Prabu Siliwangi katut para pangiringna saparantos laleungit muncul ting parentul di hiji wewengkon di beulah kidul ti Sanding eta wewengkon teh katelah Munjul32 kaereh ka Kacamatan Cilawu31
Ti wewengkon eta sang Prabu teu kantos lami nganjrekna, anjeunna teras angkat ka beuh kidul. Parantos sababaraha meter luntana, di hiji tempat para pangiringna kacapean. Awak-awakna laleuleus taya tangan pangawasa ma’lum parantos mangminggu-minggu maranehna lunta ti karaton Karajaan Sunda-Pajajaran. Ninggali kaayaan kitu sang Prabu surti. Teras anjeunna miwarang ka para pangiringna sapada harita supados reureuh heula kabeneran di eta tempat kaayanna lalinduh ku tatangkalan nu baradag atuh genah tumaninah keur anu reureuh ngailangkeun kacape mah.
Tapi orokaya tumibana ku ngarasa cape kabina-bina para pangiring prabu Siliwangi bet kamalinaan. Teu katohyan ku Sang Prabu pangiringna loba nu leleson kapulesan barang sang Prabu ninggal enggal sang Prabu sasauran bari semu ambek.
“Aeh aeh,…. Naha kalah ka pada kerek!” nguping soanten sang Prabu satengah ambek maranehna geuwat harudang, sarta teras nyiapkaeun deui lalampahannana angkat ngidul ti kajadian harita eta tempat teh disebut Padarek34
Sawatara ti harita nalika rombongan Prabu Siliwangi nuluykeun lalampahannana laju ngidul ngadadak sababaraha urang pangiringna ting galoler kapiuhan kacida reuwasna Prabu Siliwangi nyaksian kajadian kitu, pangiringna siga-siga kasurupan.
“Palangsiang boa-boa ieu tempat teh sanget tur angker, aya anu ngageugeuh rek deleka ngaganggu lalampahan kaula.”
Kitu gerentes manah sang Prabu teras bae anjeunna ngamatkeun ajian panyinglar bari nyabut duhung pusaka luluhurna semu alon. Duhung pusaka dihembatkeun ka payuneunna bari semu diacungkeun. Sakedapan nu ngagaloler kapiuhan teh tingkorejat saladar ti geus kajadian harita eta tempat disebut Goler35
Lalampahan Prabu Siliwangi teu saukur nepi kadinya. Sang Prabu neruskeun tujuannana, ngantunkeun eta tempat nyimpang ka beulah kenca ngajugjug lamping Gunung Cikuray.
Reg, sang Prabu ngarandeg sakedapan. Teras anjeunna ngareretan pangiringna bari pok nyarios.
“Waspada……..waspada……waspada…!”
“Musuh bakal ngabongohan datangna!”
Sasauran kitu margi ku anjeunna tos kajudi Keyan Santang moal lami bakal nyungsi ka tempat eta. Ti kajadian harita eta tempat katelah waspada, malah tug nepi ka kiwari jadi ngaran kampung di suku Gunung Cikuray masih kabawa ka wewengkon Kacamatan Bayongbong36.
Kumargi ngaraoskeun kirang aman sang Prabu mutuskeun deui ngantunkeun eta patempatan lungsur ti lamping muru ngidul. Kira-kira geus kaliwat tilu kilometer anjog ka hiji wewengkon nu rada suni tur matak pibetaheun pikeun ngareureuhkeun kacape. Tapi jauh tina panyangka Sang Prabu leuwih waspada anjeunna gaduh pamadegan yen eta wewengkon parantos remen dianggo lalar liwat ku jalmi-jalmi nu ngadon ka lamping Gunung Cikuray.
Pok sang Prabu sasauran
“Poma, montong rek cicing di wewengkon nu bakal katembong ku musuh!”
Katelah nepikeun ka ayeuna wewengkon eta teh Panembong37
Nalika ngantunkeun eta tempat tos sababaraha kilometer mapay jalan pangangonan nuju ngidul, reg sang Prabu ngarandeg bari pok ngadawuh.
“Paman patih, para mantri, ponggawa katut pangiring sadayana nu masih satia. Sigana mah ayeuna urang geus nepi ka tempat suci, nyaeta kabuyutan. Nam, urang nganjrek heula di dinya eta kabuyutan teh titinggal luluhur kaula.”
Kitu dawuh Prabu Siliwangi bari neuteup ka hiji jalan leutik nu nuju ka lamping Gunung Cikuray beulah kidul. Sakedapan para pangiring Sang Prabu teu lemek teu nyarek estu tumamprak sadaya-daya kana kaputusan rajana. Awahing maranehna geus lila pisan kalunta-lunta bagja taya dikieuna pikeun maranehna nalika sang Prabu mutuskeun nganjrek di eta kabuyutan.
“Din, jigana mah ayeuna waktuna urang reureuh laluasa teh.” Ceuk hiji pangiring ka baturna nu ngaran Udin bari leumpang noyod nuturkeun.
“Enya, kawasna mah. Bieu pan, sang Prabu sidik sasauran nya, Par!” jawab udin ka Gopar baturna nu nyarita tadi.
“Lain Din! Katenjona sang Prabu ti kamari jiga nu ngungun bae nya?”
“Puguh oge, kuring bogaan sangkaan kitu teh. Palangsiang sang Prabu jadi peunggas hareupan nyanghareupan Keyan Santang,” jawab Udin bari leumpang beuki lalaunan.
Sabot dua jalma eta gunem catur, teu kanyahoan ari gantawang teh ti beh tonggoh aya nu ngagorowok semu ambek.
“Hei ! Gofar, Udin! Mandeurikeun maneh lalempang noyod kitu naon maksudna?”
Rencag Gopar jeung Udin gancang laleumpangna nyusul baturna nu geus tiheula. Nalika geus nepi ka patih, pok Gopar nyarita.
“Sadaya-daya Kanjeng Patih, sim abdi sareng pun Udin sanes bade mandeurikaun tunu sejen. Nembe teh eta aya gangguan pun Udin nyalingit patuangan. Milarian pacilingan weleh teu aya.
Gopar ngabohong ka Patih nu ngarasa sieun atuh puguh weh Udin ngarasa teu genah oge hayang seuri pajar nyalingit nyeri bauteung padahal mah teu sing.
“Ngadahar naon atuh maneh, Udin! Jeung deui dimana aya pacilingan tempatna oge hara-hareun da lain pilemburan ieu mah.” Ceuk patih Terongpeot bari mencrong ka Udin.
Ari pun Udin ngan pati ngabetem weh bari tungkul, da puguh teu ngarti pasoalanna jig-jig kana nyeri beuteung. Patih Terongpeot malikkeun awakna teu ngadago jawaban Udin bari ngalengkahkeun duan sukuna ngaburu sang Prabu nu tos tebih angkatna. Dituturkeun ku para mantri, ponggawa katut para pangiring.
Singketna
Jog, bae rombongan sang Prabu anjog ka hiji tempat di suku Gunung Cikuray. Perenahna eta tempat rada lengkob, caraneom, tur lalinduh ku tatangkalan baradag sarupaning tangkal Kiara, caringin jeung lame, oge loba dapuran awi gombong jeung awi tali, eta pisan nu disebu kabuyutan teh. Rombongan Prabu Siliwangi pating kurumuy anjog ka eta kabuyutan. Saenggeus pangiring-pangiringna daratang san Prabu sasauran ka Patihna
“Paman Patih, ayeuna mah prak damelkeun heula di dieu bumi patamon sareng bumi padaleman. Bumi patamon pikeun urang nganjrek sareng tempat tatamu. Ari bumi padaleman keur nyimpen barang-barang pusaka luluhur kaula.
Teras Prabu Siliwangi mere ngaran eta kabuyutan Ciburuy, dingaranan ciburuy patali loba buruy dina solokan nu ngaliwat eta kabuyutan. Tug, nepi ka aeuna solokan eta masih aya tur buruyna ge sok rajeun. Sababaraha poe sanggeus rengse ngawangun bumi patamon jeung padaleman malahan ditambahahan dua wangunan nu rada leutik ti dua wangunan nu tiheula nyaeta leuit jeung saung lisung.
Datang ilapat goreng dina impenan sang Prabu, dina impenanna, netelakeun yen Keyan Santang bakal ngarurug eta kabuyutan. Ku hal eta sang Prabu teras mutuskeun rek ninggalkeun kabuyutan Ciburuy lantaran Keyan Santang bakal datang moal lila deui. Sateuacana lunta ti tempat eta, sang Prabu sasauran ka Patih Terongpeot.
“Paman Patih parentahkeun ka sakumna para pangiring nu masih satia ka kaula geura saringsing pageuh kancing saringset pageuh iket pada-pada iatna yen waktuna ninggalkeun ieu kabuyutan ngajugjug tempat pamungkas hiji leuweung ganggong simagonggong di wewengkon pakidulan Garut, nyaeta leuweung Sancang.”
Kitu cenah ceuk ujaring carita Prabu Siliwangi katut rakyatna nu ngan puluhan jelema lunta ti kabuyutan Ciburuy ngajugjug leuweung Sancang38
Lalampahannana ka Leuweung Sancang ngarupakeun tujuan pamungkas lalakon sang Prabu di alam manusa. samemeh sang Prabu lunta ninggalkeun kabuyutan Ciburuy diparentahkeun ka Patih, para ponggawa katut para pangiring yen pakakas pusaka sarupaning kujang, tombak, trisula, keris-keris, badi, bedog, gobang, peso pangot jeung barang-barang pusaka sejenna kudu ditunda di kabuyutan. Maksud sang prabu disimpen di kabuyutan cenah mah ambeh teu musna tur bakal dikawanoh ku anak incu tur turunannana engkena.
Kocapna Prabu Siliwangi parantos lunta ti kabuyutan Ciburuy wanci manjing ka subuh ngabujeng Leuweung Sancang di sisi laut kidul.
Pindah heula carita
Kocapkeun Keyan Santang jeung wadyabaladna geus nepi ka kabuyutan Ciburu. Najan kasusud eta tempat tapi anjeuna henteu manggihan Prabu Siliwangi nu tos lunta. Nu kasungsi ukur titinggal sang Prabu di eta kabuyutan teh. Keyan Santang mutuskeun reureuh di kabuyutan. Bumi Patamon dieusian diangge panganjrekan. Teras Keyan Santang ngadamel tempat sholat tina batu-batu ipis diamparkeun. Dina amparan batu ipis eta anjeunna sering tafakur tur ngadua ka Allah SWT nyuhunkeun dilungsurkeun taofik tur hidayah ka ramana.39
Salian ti eta Keyan Santang gaduh pirasat yen  ramana parantos aya di hiji leuweung gerotan Leuweung Sancang tea. Saparantos kengeng pituduh sang Prabu dimana ayana, Keyan Santang katut wadyabaladna angkat ti kabuyutan Ciburuy ngabujeng Leuweung Sancang.
Dupi Prabu Siliwang sareng pangiringna nalika parantos dugi ka Leuweung Sancang, leuweung geledegan pinuh ku rupa-rupa sasatoan, tur tatangkalan baradag, pok anjeunna sasauran.
“hey, sakabeh rahayat kaula! Lamun aranjeun masih tetep saratia. Tumutkeun pitutur kaula. Ayeuna pisan waktuna urang salin rupa. Poma ulah rek malik, nempo ka tukang ti semet ieu.”
Cenah lamun maraneh malik ka tukang moal panggih jeung rajana, tegesna Prabu Siliwangi. Samemeh salin rupa sang Prabu nyieun kalimah dina hiji tangkal kai diturih ku peso pangot make aksara Sunda buhun, nu unina kieu.
“Kaboa panggih, kaboa mola
Tapak lacak kaula ku anak incu.
Rengse nyieun kalimah eta Prabu Siliwangi salin rupa jadi maung loreng gede pisan para pangiringna sami kabehanna salin rupa jadi maung ngeusian Leuwueng  Sancang.
Kocap carita.
Nalika Keyan Santang nepi ka Leuweung Sancang teu aya nu kasampak iwal hiji tangkal kai nu geus ditulisan kalimah ku Prabu Siliwangi tea. Atuh kacida hanjelu tur handeueulna manah Keyan Santang. Sakedapan ngahuleng ngaragameneng bari ngagerentes dina manahna.
“Ehm…. Rama Prabu. Naha nepi ka milih tilem jadi siluman batan kersa lebet Islam. Agama nu nyalametkeun dunya jeung akheratna. Hapunten Ama! Putra sanes maksa mirusa namung ieu mah demi Al-Haq.”
Kitu cenah gerentes hate Keyan Santang nu nuju ngungun paturay jeung Rama  dina mangsa pabentar paham saterasna, Keyan Santang mulang deui kalayan nganjrek di hiji tempat suku Gunung Karacak, kalebet wewengkon Kacamatan Karangpawitan dugi ka pupusna kiwari nelah makamna nu disebat makam Sunan Godog Suci.
Kacaritakeun di jaman ka ayeunakeun aya sababaraha urang jelema ngadon moro di Leuweung Sancang. Di Leuweung eta maranehna manggih hiji tangkal kai. Dina eta tanggal kai teh aya kalimah ku aksara Sunda Buhun nu tutulisannana geus ruksak ngan aya hiji kecap nu masih ka baca dina mimiti kalimah nyaeta, kaboa.malahan nelah nepi ka kiwari di leuweung Sancang loba tangkal Kaboa40.
Tah sakiti sasakala Kai Kaboa. Cag !

Paribasa Sunda


adat kakurung ku iga
:
tabéat nu geus hésé dirobahna
adéan ku kuda beureum
:
ginding ku barang batur atawa barang meunang nginjeum
agul ku payung butut
:
jalma taya kaboga, tapi mindeng nyaritakeun yén manéhna turunan ménak baheula
Mun teu ngakal moal ngakeul, mun teu ngarah moal ngarih, mun teu ngoprék moal nyapék
:
mun teu usaha moal boga rejeki
asa ditonjok congcot
:
Meunang kabungah anu gédé, anu saenyana teu diarep-arep
banda tatalang raga
:
kakayaan mah gunana pikeun ngabagjakeun awak. Ku sabab kitu leuwih hadé ngorbankeun banda batan cilaka awak
sahérang-hérang cibéas
:
saberesih-beresih haté jalma nu geus di nyenyeri, pasti saeutikna masih kénéh aya kanyeri hate
bentik curuk balas nunjuk
:
ngan bisa maréntah atawa nitah wungkul, henteu prak di pigawé ku sorangan
murag bulu bitis
:
teu resep cicing di imah, hayang nyanyabaan atawa udar-ider waé
sabobot sapihanéan sabata sarimbangan
:
hirup akur, runtut-raut,sakasuka sakaduka
caang bulan dadamaran
:
migawé hal anu teu diperlukeun deui
kacai jadi saleuwi, kadarat jadi salebak
:
layeut, sauyunan, runtut raut
cicing dina sihung maung
:
hirup atawa kumawula ka gegedén, sok milu kaajénan batur
nyium bari ngégél
:
muji bari ngarah paméré
cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok
:
upama dileukeunan tur janun, sagala rupa nu hésé ogé bakalan tinekananan
daék macok, embung di pacok
:
hayangna barang pénta ka batur, tapi ari bagian batur ménta ka dirina teu mere
nyeungeut damar di suhunan
:
némbongkeun kabeungharan ku méré mawéh ka deungeun-deungeun ngarah pamuji,ari kakulawarga sorangan korét
dibéré sabuku ménta sajeungkal, dibéré sajeungkal ménta sadeupa
:
kusabab dibéré haté, ngadadak loba-loba paménta
haté jelema sanajan déét moal kakobét
:
kacida héséna pikeun nganyahokeun kaayaan haté atawa kahayang hiji jelema
ulah muragkeun duwegan ti luhur
:
ulah ngamonyah-monyah rejeki meunang héséhésé cape
kawas hayam keur endogan
:
teu daék cicing lantaran haté kaweur atawa geus teu sabar ngadagoan nu di arep-arep
endog sasayang peupeus hiji peupeus kabéh
:
mun aya saurang dulur nu ngalakukeun codéka, dulur-dulur séjéna sok kababawa
piit ngeudeuk-ngeundeuk pasir
:
mikahayang hiji hal nu teu loyog jeung kaayaan dirina
ngeudeuk-ngeundeuk geusan eunteup
:
néangan akal pikeun nyilakakeun dunungan
nangkep mawa eunyeuh
:
mawa susah atawa mawa cilaka kanu di péntaan tulung
ngajual jarum ka tukang gendong
:
niat nipu kanu pinter
legok tapak genténg kadék
:
loba luang jeung pangalaman
nyieun pucuk ti girang
:
nyieun jalan pipaseaeun
mobok manggih gorowong
:
kabeneran aya jalan pikeun ngahasilkeun usaha nu keur dipaju
goong nabeuh manéh
:
muji atawa ngagulkeun diri sorangan
halodo sataun lantis ku hujan sakali
:
kahadéan nu sakitu lilana leungit ku kagoréngan sakali
nété tarajé ninjak hambalan
:
pikeun ngahontal cita-cita kudu satahap-satahap, ti handap heula nu beuki lila beuki luhur
hambur bacot murah congcot
:
mindeng nyarékan, tapi béréhan
moal aya haseup mun euweuh seuneu
:
moal aya masalah lamun teu aya sababna, aya akibat pasti aya sababna
hérang caina beunang laukna
:
hasil maksud kalawan teu ngaganggu batur
indung lembu bapa banténg
:
turunan gagah, beunghar, turunan ménak ti indung ti bapa
iwak nantang sujen
:
néangan picilakaeun, ngalakukeun pagawéan nu geus pasti pibahayaeunana
matak ibur salelembur
:
matak geunjleung jadi cerita dimana-mana
jagangna ka urang, ari jagungna ka batur
:
urang nu hésé capéna, ari hasilna beunang ku batur
janget kinetolan
:
turunan goréng atawa hadé ti indung bapa
mulih ka jati mulang ka asal
:
maot, asal ti Allah balik deui ka Allah
jogjog neureuy buah loa
:
mikahayang hiji hal nu teu ngimbangan kaayaan dirina
jojodog unggah ka salu
:
urut badéga jadi patih goah atawa jadi juragan istri
kabeureuyan mah tara ku tulang munding, tapi ku cucuk peda
:
cilaka mah biasana tina mokahaan urusan nu leutik
kaciwit kulit kabawa daging
:
kabawa goreng ku kalakuan baraya anu salah
kajeun panas tonggong, asal tiis beuteung
:
kajeun teuing capé digawé, asal bisa dahar kalawan cukup
ngudag-ngudag kalangkang heulang
:
ngaharep perkara nu samar bisa kalaksanakeun
kandel kulit beungeut
:
teu boga kaéra
legok tapak genténg kadék
:
loba luang jeung pangalaman
nété porot, ngeumbing lésot
:
sagala ihtiar teu hasil, sagala salah lantaran keur sial
ngalétak ciduh
:
ngabatalkeun omongan nu geus dilisankeun, ingkar janji
leutik-leutik ngagalatik
:
leutik waruga, tapi wanian atawa loba kabisa
lieuk euweuh ragap taya
:
teu boga naon-naon, malarat
ulah cara kembang malati, kudu cara picung
:
ulah ngurangan kanyaah, beuki lila kudu beuki nyaah
malik ka temen
:
asal babanyolan, tuluy jadi enyaan
mangkok emas eusi madu
:
jelema nu alus bahasa tu lampahna ogé hade
daluang katinggang mangsi
:
susuganan kanasiban aya jodo
mapay ka puhu leugeun
:
kasalahan hiji budak/turunan sok mawa goréng ka kolotna atawa kasaluhureunana
neukteuk mari
:
mutuskeun hubungan
ngadék sacékna, nilas saplasna
:
ngomong satarabasna, teu diréka-réka
ngeundeuk-ngeundeuk geusan eunteup
:
néangan akal pikeun nyilakakeun dunungan
ngimpi gé diangir mandi
:
baraid teuing, kacida teu panujuna
maut nyéré ka congona
:
hirup susah pakokolot, ngarandapan kurang rejeki sanggeus kolot
omong harus batan goong
:
béja gampang nérékabna, jeung biasana sok ngaleuwihan tina buktina
tacan aya nu nganjang ka pagéto
:
tacan aya jelema anu nyaho kana naon-naon kajadian kahirupan atawa ahérat
mending pait ti hela tinimbang pait tungtungna
:
kudu asak hela badami, bisi jadi pancogrégan di ahirna
seuneu hurung dipancaran
:
jelema nu keur ngambek ditambahan piambekeunana
papadon los kakolong
:
nu jangji tara jadi
kawas gula jeung peueut
:
kacida layeutna, tara aya pacogrégan
uncal tara ridueun ku tanduk
:
jelema moal ngarasa ridu ku kapinteran atawa ku élmu pangaweruh
rumbah caringin di buruan
:
geus euweuh nu bakal ngingetan sabab geus teu boga kolot atawa saluhureun
rup ku padung rap ku lemah, katuruban taneuh beureum
:
inget saumur-umur salawasna
nyair hurang meunang kancra
:
meunang untung gédé ku usaha leuleutikan
nyaliksik ku buuk leutik
:
barang pénta atawa ngarah kauntungan ka rahayat leutik
nyalindung ka gelung
:
hirup ngandelkeun banda atawa pangala pamajikan
ngijing sila béngkok sembah
:
teu satia ka pasangan hirup atawa dunungan
nyiuk cai ku ayakan
:
pagawéan anu mubadir, moal ngahasilkeun naon-naon
pindah cai pindah tampian
:
ngaluyukeun diri kana adat jeung kabiasaan di pangumbaraan heunteu tukuh kana adat jeung kabiasaan di tempat
uyah tara téés ka luhur
:
sipat indung bapa sok turun ka anakna
jogjog neureuy buah loa
:
milampah anu moal pihasileun
tikoro andon péso
:
nyampeurkeun pibalaieun; nyampeurkeun jelema nu keur ambek ka urang
ditiung geus hujan
:
kakara ati-ati sanggeus menang kasusahan atawa kacilakaan
kawas ucing jeung anjing
:
babari atawa mindeng paséa
ngudag-ngudag kalangkang heulang
:
ngaharep perkara nu samar bisa kalaksanakeun
ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed
:
umur geus kolot ari kahayang cara nu ngora
uncal kaauban surak
:
ngadéngé béja tacan sidik tuluy diandelkeun enya baé
watang sinambungan
:
nu boga perkara batur, nu diajak cékcokna urang
ngawurkeun wijén kana keusik
:
pagawéan mubadir taya gunana
Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...