Senin, 22 November 2010

KOLEKSI GUYONAN SUNDA-1

ABONG KABAYAN
 
Di Bank
Si Kabayan indit ka bank rék nabung. Barang nepi ka deukeut panto bank, aya kana dua tilu léngkah deui, panto téh ujug-ujug muka, padahal euweuh deui jelema. Atuh nu di jero euweuh nu kaluar deuih. Barang bray panto bank muka, rikat Si Kabayan luncat ka tukang bari pasang kuda-kuda. Basa luncat ka tukang, panto bank téh nutup deui. “Ah, siah anéh ieu mah panto téh, pasti aya nu nyicingan,” ceuk Si Kabayan bari biwirna kunyam-kunyem tuluy undur-unduran. Geus rada jauh ngan beretek wé lumpat. Nabungna teu tulus, pajarkeun téh bank éta mah aya jurigan.
Kabita
Si Kabayan megat tukang baso nu ngaliwat ka hareupeun imahna. Basa geus bérés meuli tuluy mayar, pok ngomong, “Mang, isukan mah ulah dagang!”
“Naha ku naon, Jang?” ceuk tukang baso panasaran.
“Ieu baso téh ngeunah. Isukan mah kuringna geus teu boga duit..Mun Emang dagang kuring pasti kabita,” ceuk Si Kabayan.
“Rék boga duit rék henteu lain urusan kuring!” Ceuk Si Emang bari ngadorong roda basona.
Aya Kahayang
Iteung: “Cik atuh Kabayan hirup téh sing aya kahayang cara batur!”
Kabayan: “Na da uing gé aya kahayang mah.”
Iteung: “Hayang naon ari manéh?”
Kabayan: “Hayang nyandung deuleu!”
Kadunyaan
Mbah Jambrong: “Hayang naon manéh téh Kabayan?”
Kabayan: “Nu mawi tebih-tebih abdi ka dieu téh taya sanes hoyong kadunyaan.”
Mbah Jambrong: “Namung aya saratna. Kahiji, kudu aya duit dua ratus rébu rupia. Kadua, sakur nu dibikeun ku Abah ka manéh kudu ditarima kalawan rido jeung iklas. Kumaha sanggup?”
Kabayan: “Sanggem, Abah. Tah ieu artosna, mangga nyanggakeun.”
Mbah Jambrong léos ka pangkéng, teu lila torojol deui bari angkaribung mawa kadu aya kana sapuluhna. “Tah, Kabayan lamun manéh hayang kadunyaan, ieu kabéh bawa balik. Kadé poho sarat nu kadua nu bieu ku abah diomongkeun téa.”
Kabayan balik bari kutuk gendeng. “Dasar dukun wadul! Aing dibéré kadu-nyaan, heueuh lain kado bobodoan!”
Teu ngeunah
Lamsijan: “Sisinarieun ngajentul bari manyun, pan sasari mah sok bari melenyun udud, kabayan?”
Kabayan: “Keur naon udud, teu ngeunah! Matak ngaruksak kaséhatan ceuk dokter ogé.”
Lamsijan: “Sukur wé ari geus éling mah. Satadina mah rék dibéré, déwék boga roko pangmahalna.”
Kabayan: “Nu bener? Cingan ngasaan sabatang mah!”
Lamsijan: “Cenah teu ngeunah?”
Kabayan: “Teu ngeunah sotéh mun digayem!”
Lamsijan: “Sugan téh heueuh geus éling.”
Dasar Kabayan
Di lembur Si Kabayan diayakeun kagiatan kerja bakti.
RT: “Jang Kabayan, hayu urang kerja bakti!”
Kabayan: “Mangga Pa RT, ké ieu pameng nuju nyeuseuh heula.”
Geus sababaraha jam Kabayan teu kaluar baé ti imahna. Pok RT ngajak deui, “Jang Kabayan, hayu urang tuang heula, bisi kaburu tariis geura.”
Kabayan (haget pisan): “Mangga Pa RT, ayeuna pisan abdi dongkap ka dinya.”
RT (bari ngagerendeng): “Dasar Kabayan, mani haripeut ari kana baranghakan mah!”
Blék
Kabayan: “Bener nya, basa Inggris jeung basa Sunda mah mani lalawanan pisan.”
Nolédnad: “Lalawanan kumaha?”
Kabayan: “Kecapna sarua tapi hartina mani béda pisan.”
Nolédnad: “Saperti kecap naon tah?”
Kabayan: “Kecap blék.”
Nolédnad: “Kumaha kitu?”
Kabayan: “Pan dina basa Inggris mah blék téh hartina hideung.”
Nolédnad: “Ari dina basa Sunda?”
Kabayan: “Dina basa Sunda mah blék téh hartina…bodas.”
Nolednad: “Ceuk saha blék hartina bodas?”
Kabayan: “Buktina, unggal uing ka warung meuli kurupuk blék, pasti ku tukang warung dibéré kururpuk bodas. Jadi jelas, blék téh hartina bodas!”
Tina Barakatak Manglé

Sapi Jalu

Bapa jeung Ibu ngeresakeun jalan-jalan ngaroris ingon-ingon, dugi ka lebah sapi pamacek nu keur diparaban ku nu ngurusna. Sabada naros itu ieu, Ibu naros ka nu ngurus sapi pamacek téa, “Sabaraha kali sapoéna digawékeunana ieu sapi téh, Mang?”
“Lima kali,” walon nu ditanya.
Si Ibu nyiku si Bapa lalaunan bari ngaharéwos, “Tuh, Pa, lima kali ….”
Si Bapa henteu gancang ngawaler, ngan waktu rék pindah ngaroris ingon-ingon anu séjén, nanya ka nu ngurus sapi, “Lima kali téh bikangna éta-éta kénéh?”
“Henteu atuh, Pa. Bénten-bénten,” walon tukang ngurus.
Si Bapa nyiku si Ibu lalaunan bari ngaharéwos, “Tuh Bu, bikangna bénten-bénten ……..”
 
 Teu ngawaleur
“Ku naon atuh Nyai téh, mani teu masihan béja?” cék hiji jajaka basa nepungan bébénéna di imahna. “Ieu mah, di-SMS teu ngawaler, ditélépon tara diangkat, naha Nyai téh bendu ka Akang?”
“Puguh wé ambek mah!” walon Nyi Mojang.
“Har, naha ku naon?”
“Kuring mah ti baheula gé teu kungsi boga hapé jeung nomer télépon!”
“Har?”
 
 
 POHOEUN
Geus dua bulan Propésor Oding dirawat ku Dokter Kodir. Teu gering teu naon, éstuning jagjag belejag. Pangna dirawat téh éta cenah, pédah kasakit limpeuranana kanceuh deui. Mangkaning keur ngahanca panalungtikan nu penting pisan keur balaréa.
Sajeroning ngubaran, Dokter Kodir ngeprik anak buahna, nepi ka tujuhan. Propésor dijaga beurang-peuting, dalah keur saré gé dikemitan. Pangna kitu, bisi tina kasakit pohoan téh aya kajadian nu matak nyilakakeun Ki Propésor. Tapi ari geus mangsana, nya geletuk wé maot.
Dokter Kodir pada ngaréntog.
“Doktér, Propésor Oding téh apan jagjag belejag, henteu gering, ngora kénéh deuih. Kasakitna ukur pohoan wungkul, naha bet bisa maot?” cék hiji wartawan.
“Enya, sakitu dijaga ku tujuhan!” cék nu séjénna.
Pudigdig téh Dokter Kodir napsu. Terus hahaok hareupeun saréréa.
“Lamun manéhna pohoeun ngambekan, rék kumaha siah?”
 
 CIUMAN ALA PASUNDAN
Ieu sababaraha ciuman ala Pasundan:
Cileungsi: ciuman untuk jaga gengsi
Ciawi: ciuman manusiawi
Cibulan: ciuman butuh lanjutan
Cipanas: ciuman paling ganas
Cisadane: ciuman sayang dari ane
Citarik: ciuman tarik menarik
Cihampelas: ciuman sampe perutmulas
Cibubur: ciuman buru buru
Cisalak: ciuman saya galak
Cibitung: ciuman bikin untung
Cikupa: ciuman kurang pas
Cimahi: ciuman mah di dahi
Cibinong: ciuman bibir monyong
Cicendo: ciuman cewe indo
Cibeunying: ciuman berbunyi nyaring
Cilacap: Eittttt.. punten tos lebet ka wilayah Jawa Tengah. Tarik Piiiiiiiirrrrr…
 
 SURAT KATRESNA MODEL HACKER
Lamun seug hate anjeun teh system….,
kuring rek ngalakukeun scan, supaya kuring nyaho port mana anu masih kabuka, supaya kuring henteu ragu ngalakukeun c:\nc-l-o-v-e ka hate anjeun. Kiwari kuring ngan saukur wani ping di satukangeun anonymouse proxy. Naha ieu nu dirasakeun teh katresna? Nepi ka kuring ngarasa kumeok memeh dipacok, atawa mungkin kuring eleh wawanen, whatever!
Lamun seug hate anjeun teh system……,
Kuring miharep bisa ngamangpaatkeun vulnerabilities anjeun, make PHP injection bari terus ku kuring di 1s-1a;find/-perm777-type d, nepi ka kuring yakin yen dina hate anjeun masih aya folder kosong atawa free space keur kuring. Mungkin kuring kudu masang backdoor “Remote Connect-Back Shell” keur nungguan connect ti anjeun, supaya kuring henteu gering ngalanglayung.
Lamun seug hate anjeun teh system….,
Dina mangsa sakabeh request ti kuring ditarima ku anjeun, kuring rek terus stand by di bug anjeun nu pang anyarna, bari terus patch n patch. Salawasna kuring bakal ngajaga service anjeun supaya teu ngalaman crash. Kukituna, bere kesempetan keur kuring supaya jadi firewall anjeun, supaya kuring bisa masang port entry jeung nyeting error page anjeun ku “The page cannot be found Coz Has Been Owned by Someone, get out!”. Kuring jangji, yen moal aya macelinious program atawa service nu hidden, sabab kuring beurat ku katresna jeung kaasih ka anjeun.
Lamun seug hate anjeun teh system….,
Ulah nepi ka aya babasan “You dont have permission to access it” keur kuring, lamun teu satuju, kuring miharep supaya di ping flood atawa DDos Attack, ulah atuh ah….! Anjeun kudu jadi panglipur kalbu pemepes hate keur kuring.
Ngan hanjakal, anjeun teh lain system. Anjeun wanoja nu dipicangcam, nu geus ngajadikeun system kuring jadi ngaco. Dina wanci nu mustari, kuring bakal datang ka anjeun keur nepikeun eusi hate, yen kuring teh geus kainfeksi virus anu ngajadikeun kuring gering nangtung ngalanglayung. Teu aya deui anti virus nu bisa nyegah, lintang ti….. ANJEUN!
 
KASIEUNAN NYANDUNG
Aya tukang ngala kai di leuweung nu kahirupanana kacida miskinna. Hiji waktu, basa manehna keur nutuhan dahan kai nu ngaroyom ka walungan, kampakna locot, ngacleng ka walungan. Si Tukang kai teh ceurik bari ngadoa ka dewa, do’ana kadangueun ku Dewa, Dewa turun ti langit teras naros : “Hey…kunaon maneh ceurik?”
Si Tukang Kai eta ngajawab yen kampakna tikecemplung ka walungan, padahal manehna perlu pisan eta kampak keur balangsiar. Dewa langsung teuleum ka walungan, terus mucunghul bari mamawa kampak nu dijieun ku emas, “Ieu kampak anjeun teh?”
Tukang kai ngajawab : “Sanes!”
Dewa ngagejuburkeun deui ka walungan, terus teuleum deui, teu kungsi lila mucunghul deui dina leungeunna mamawa kampak nu bahanna perak, terus nanya ka tukang kai , “Sugan nu ieu kampak anjeun teh?” Sakali deui, tukang kai ngajawab : “Sanes!”
Gejebur deui, dewa teuleum deui, basa mucunghul deui mawa kampak tina beusi, anu memang kaboga si tukang kai, “Ieu meureun kampak anjeun teh?”
Tukang kai ngajawab: “Sumuhun, leres Gusti !”
Dewa kacida gumbirana, aya jelema jujur kacida, eta tilu kampak sadayana dipasihkeun supaya disimpen ku tukang kai. Tukang kai balik ka imahna bari jeung kacida bungahna.
Hiji waktu tukang kai teh leumpang jeung pamajikanana di sisi walungan. Dasar keur apes pamajikanana tikosewad, tepi ka tigebrus ka walungan. Si Tukang kai ceurik deui bari ngado’a ka dewa. Do’ana kadangueun ku Dewa, dewa turun ti langit teras naros : “Kunaon deui anjeun ceurik?”
Si Tukang kai ngajawab pamajikanana tikecemplung ka walungan, gancangan dewa neuleuman walungan, terus mucunghul bari mawa Deasy Ratnasari, terus naros: “Ieu pamajikan anjeun teh?” Na ari pok teh: “Leres, eta pamajikan abdi teh!”
Dewa teh kacida ambekna, teras nyarios : “Anjeun bohong!, teu jujur!”
Si Tukang kai teh ngajawab bari ampun-ampunan :
“Aduh gusti abdi nyuhunkeun dihapunten, sanes…..sanes….kitu maksad teh, ieu mah salah paham. Kieu geura Gusti, upami abdi ngajawab eta sanes pamajikan abdi, engke Gusti teuleum deui, nyandak… Dian Sastro, upama ku kuring dijawab deui eta mah sanes pamajikan abdi, Gusti teuleum deui nyandak pamajikan abdi, teras ku abdi disumuhunkeun eta pamajikan abdi. Engke ku Gusti nu tiluan sadayana dipasihkeun ka abdi. Gusti, terang nyalira abdi teh jalmi miskin teu mungkin gaduh pamajikan satilu-satilu, kumargi kitu abdi gancangan we ngajawab leres, waktos Gusti nyandak Deasy Ratnasari teh!”
 
TIDUR BAREUNG
Originally posted by Kang Acil
Hiji mangsa aya anggota DPR mendapat telepon gelap ti hiji Awewe,
Penelepon : ” Bapak anggota Dewan, sayah punya Foto dan Dukomentasi Lengkap yang menunjukan bahwa kita pernah Tidur Bersama, untuk itu saya minta Tebusan 5 Milyar, kalo tidak. Foto dan Dokumentasi ini akan saya sebarkan kepada Mass Media.”
Atuh puguh we anggota DPR teh kaget jeung reuwas, jeung maneh na emang rumasa rada culamitan teu kaop ningali pingping nu gamuleng jeung pinareup nyeungserug, tapi manehna bingung ieu teh awewe na anu mana saking geus sering teuing gali lubang jadi teu inget.
Basa si Awewe eta nelepon deui, tuluy we adu tawar jeung anggota DPR, akhir na sepakat dibayar 3 Milyar dengan catatan semua Foto dan Dokumentasi na diserahkeun ka anggota DPR. Tuluy we duit na di anteurkeun ka tempat nu disepakati.
Sanggeus beres si awewe nelepon deui, tuluy ditanya ku si anggota DPR teh,
Anggota DPR : ” Neng, sebelum saya ambil semua Foto & Dokumetasi nya, saya penasaran siapa sebenarnya anda, kapan dan dimana kita pernah Tidur bareng ?”.
Awewe : ” O iya pak, Kita pernah Tidur Bareng di Gedung DPR pada saat Pidato Presiden Bulan lalu , malah terlihat jelas sekali foto Bapak lagi merem, kebetulan saya juga ketiduran waktu Sidang itu…”
Anggota DPR : “…………..??????!!!!!!######## “
 
BEDA SUKU
Rengse sakola, Enjum jeung Akep balik bareng bari ngobrol……
Enjum : Uing mah karunya ka si Ucok jeung nyi Uneh euy.
Akep : Kunaon?
Enjum : Eta we pedah teu disatujuan kawin ku kolotna pedah beda suku.
Akep : Deudeuh teuing atuh.Uing mah boga tatangga si Usep jeung nyi Darsih, sakitu beda suku ge angger we disatujuan ku kolotna masing2 nepi ka kawinna..
Enjum : Hah? ari kang Usep teh orang Batak kituh? maenya ngaran Usep orang batak euy…
Akep : Duanana ge urang Sunda euy. Ngan bedana ari suku nyi Darsih mah.. geus bodas teh bareresih, ari kang Usep geus hideung, budug…. rorombeheun deuih…
Enjum : ( aral deui ) Eta mah beda cokor belegug!!!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...