Minggu, 21 November 2010

Panineungan : "Dongeng Sunda Wa Kepoh

 Keur  urang Sunda di Jawa Barat saha nu teu nineung ka Wa kepoh, pribados oge harita teh keur SMP keur jaya-jayana carita si rawing sabaraha episode, masih ingeut episodena teh : Si Rawing Pilih Tanding, Si Rawing Jaka Sinangling, Si Rawing Tumbal Panganting.

Wa Kepoh
Pokona mah pavorite, harita teh akang keur SD kelas 5, lamun biasa kabur ti sakola beh  dongeng wa Kepoh kaburu biasana pas istirahat sakola (jam 10-jam 11 pas waktu siaran si rawing). Malah sok ngalamun bisa nguasaan  '7 Jurus ilmu Ulin Karuhunan' ajaran Ki Debleng Guru Si rawing

Tuluy  gara-gara donngeng Wa Kepoh jadi katagihan maca  majalah Mangle anu make Sunda...harita teh ...kuring sare bari ngekeweuk radio tarsnsitor bari peuereum hayam ngadenge handeuar sora wa kepoh nu ngebas,  radio transistor nu tutp tukangna diiket ku karet ban dumeh kakaitna potong baris rebutan jeung nu jadi adi makana radio hiji-hijinan di kekeweuk beh eweh nu ngarebut.

Sora Wa Kepoh harita mah eweh duana dulur, bisa ngelehkeun acara TVRI. lamun ngadongengna teh sok leuwih ekpresif jeung bisa niru sagala rupa sora, piawai nirukeun sora wanoja guelis Nyi centring manik atawa sora meunir walanda atawa sora medok urang jawa. Masih ingeut salian si rawing nu kaeknal malahan di felmkeun sagala, tah aya carita wa Kepoh lainna teu eleh seruna : Doni Ajo, Marakayangan, Jaka Rantang, Si Baranyay, dan Lutung Kasarung. Ulah nganggap saepisode bisa sapoe dua poe bisa mangbulan-bulan, tapi geugeut dumeh caritana loba pisan hikmahna, nyaritaeun kahidrupan sapopoe urang sunda. sok ngahaja wa kepoh beh pamirsana panasaran, biasana caritana dituntungan : ""Euleuh...waktosna parantos seep...."

Dongeng-dongeng Wa Kepoh harita teh jadi kameumeut urang sunda kusabab basa nu dipake basa sunda ilahar sapopoe anu panuturana teh so daily life. Idiom-idiom jeung  kalimat-kalimatna  nu di pake panuturan sapopoe  masyarakat Sunda. salian ti memang jaman harita teh  radio masih ngarajaan, Doraemon oge nu ditayangkeun di TVRI teu bisa ngelehkeun Wa Kepoh. Buktina akang masih ingeut aya dialog iklan anu remeun kata-katana teh sok disebutkeun ku Wa Kepoh. Samisalna "Akang hacih, Ikem Kontrek!" Maksudna teh  Kontrex...teurang nyalira lidah urang Sunda hehehe...jeung saingeut akang oge, dongeng-dongeng Wa Kepoh teh dibloking ku salah sahiji  produsen obat nu kakenal di Indonesia, PT Supra Ferfindo Farma. anu biasa nyieun Oskadon, Oskadryl dll Aya deui ciri khas wa kepoh anu masih kadenge we dina salam panutup dongengna teh, "Permiooossss!!" Khas pisan

kaistimewaan dongeng wa Keoh lainna teh,i dongeng-dongeng Wa Kepoh teh  settinganna. loba nyokot settingan jaman  kolonilis walanda jeung jepang. Sok ingeut kumaha wa kepoh ngagmabarkeun kaum inlander jeung walanda nu hoghag, dimana tokoh wlaanda di tokohkeun ku menir-menir walanda nu teu kabeh jahat, malah adil jeung alus ka rakyat harita teh, malah nu biadab opas jeung centeng-centengna. Aya deui carita nu nyokot alur pikasieuneun barudak ceunah, Makarayangan, caritana aya wanoja maot jeung orokna, jadi paeh panasaran. dina awal caritana sok dimimitian ku sora pating cikikik khas kuntilanak , kalimatna ditungtungan, "Marakayangaaan...hihihihii".
 
Akang masih ingeut di radio Antares Garut, teh aya deui tukang dongeng,tapi eleh ku wa kepoh mah, nyaeta Ki Jaya. nu kaingeut mah gayana, "Ngaso heula ngaso....." atawa " PT Bintang Tujuh, tameng kasehatan kulawarrrga!!" Edan-edan nya nu  blocking iklan nasional kabeh harita teh.cag ingetan akang lebeng nu inget teh wa kepoh, duka di lembur masih aya nu ngadengekeun henteu.

27 komentar:

  1. sampuran,
    sami sim kuring oge kalebet salah sawios anu resep ngupingkeun dongeng ti radio nu upami teu lepat juru dongengna mang jaya ti Radio Linggar jati Kuningan. harita aya hiji jejer vcarios anu dina eta lalakon aya tokoh nu upami teu lepat si samber nya sareng cep nandar oge upa teu lepat den mahmud, manawi aya diantawis para wargi anu uninga judul sareng kagungan bukuna sim kuring seja nambut atanapi hoyong motokopi


    hatur nuhun
    nangpananjung@gmail.com

    BalasHapus
    Balasan
    1. muhun sok atuh nu tiasa ngabantos..pribados oge nuju miluruh mun tiasa mah nu ngaduhan di bukukeun beh urang sunda teurang utamina barudak ayeuna...ari urang nu hirup tahun 80-an masih ngadangu...

      Hapus
  2. Hatur Nuhun, ieu mah ngan ukur panineungan atuh, sok atuh balarea anu ngadangu jeung kapungkur pernah aya nu ngadokumentasikeun Ki Jaya, atanapi langsung ka radio linggar Jati, Kuningan mun gaduh kopianana...eta kalemahan urang teu gaduh dokumentasi.

    BalasHapus
  3. Haturnuhun, kaemutan deui ka Wa Kepoh..duh sono pisan. manawi aya nu gaduh MP3 na??

    BalasHapus
  4. pribados oge miarian, anu memeumeut seni dongeng sunda anu gaduh jeung hoyong ngabagi ,,mangga atuh dihaturan linggih...

    BalasHapus
  5. Duh asa mani narineung ie th..trus trang kang abi mh nme trang rupina wa kepoh th.salam ah kasadayana urang sunda urang nostalgiaan

    BalasHapus
  6. dupi rekaman nana di dimana wa kepoh teh?? manawi aya nu terang panigintn aya keneh dokumentasina

    BalasHapus
    Balasan
    1. sok atuh mun aya kirimkeun ka pribados (elqorni@yahoo.co.id) engke di publikasikeun di blog ieu.

      Hapus
  7. nuhun artikelna kang.janten hoyong nyorang deui lalampah kapungkur,mani sono pisan ka wa kepoh.sok atuh nu gaduh kopian mp3na diantosan.hatur nuhun kang admin

    BalasHapus
  8. ABDI OGE SOK EMUT KANA DONGENG . ANDI SI BUNTUNG JAGO TUTUGAN KUNMAHA KABAR WA KEPOH.SEHAT

    BalasHapus
  9. muhun asa nineung yeuh kana dongeng wakepoh hhe...

    BalasHapus
  10. Manawi aya, saha, di mana, sabaraha pangaosna. Sim Kuring teh milari Dongeng Wa Kepoh nu tos di-MP3-keun. Kuring sono kana galindengna Wa Kepoh!

    BalasHapus
  11. Artikel anu sae Kang. Abdi jdi nineung ka mangsa kapungkur. Asa hyong nguping dongeng Wa Kepoh deui ieu teh... Haturnuhun Kang.

    BalasHapus
  12. Punten ah ngiring nimbrung, dupi aya wargi nu uninga kana biografi wa kepoh ? nyuhunkeun link na

    BalasHapus
  13. inget keur budak kang,, silih ered ngabarak di tepas dahareun bari manco radio RDA Pangandaran,, mun aya hp jaman harita di rekam da,, salamm baktos ti urang Cimerak-Cijulang.

    BalasHapus
  14. alhamdulillah...meni waas pisan ngadangu nami wa kepoh teh teh...sok sararedih...emut keur aya keneh punbiang sareng punbapak...t5i henda teguh bakti...

    BalasHapus
  15. Muhun, sok nineung ka pileumburan mangsa kapungkur keur nuju SD. Dongeng Mang Jaya ti Radio Antares Garut nu jadi favorit teh. Dongeng Mang Itok, Si Toleng, Si Andi Jago Tutugan, Lodaya ti Pakidulan, Jaka, jrrd. boh nu jam 2 siang atanapi jam 8 weungi.

    BalasHapus
  16. Assalamu'alaikum...
    kahaturan kango ka sadayana.. sim abdi nyuhunken file2 mp3 na wa kepoh anu Dongeng Si RAWING.. upami aya nu gaduh.. punten abdi nyuhunken... di kirim ken ka email abdi wae zenssmk@gmail.com

    BalasHapus
  17. ass..punten pami aya anu gaduh dina formatmp3 na...

    BalasHapus
  18. saya mah peryogi dongeng sirawing MP3.. gaduh teu?

    BalasHapus
  19. Assalamualaikum....... kang gaduh alamat uwa kepoh ?

    BalasHapus
  20. manawai aya nu gaduh rekaman dongeng si rawing sareng dongeng2 nu sanesna,kamana kedah milari sareng sabaraha pangaosna?

    BalasHapus
  21. wew,matak seuri koneng, di dameul, ngapalkeun pelajaran sakola, teteup bari ngadangukeun siaran mang jaya..
    makana nilai bahasa sunda SD & SMP nilai rapot 8 /9.

    BalasHapus
  22. pasti anu komen geus aki aki... hehe hehe.. siga kuring

    BalasHapus

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...