Minggu, 20 Juli 2014

Sisindiran Rarakitan

Mawa ragi ka Cilutung, tikukur ngudag saéran.
Boh rugi atawa untung, kudu sukur ka Pangéran.

Bangbara dina bangbarung,kulit munding kahujanan.
Sangsara kuring dicandung,gulang-guling ngan sorangan.

Hayang ngala kacang panjang, tangkalna handapeun waluh.
Hayang naya mojang lenjang, hanjakalna heunteu wawuh.

Kaduhung kuring ka Lémbang, ka Lémbang ka Cibiana.
Kaduhung kuring kagémbang, kagémbang kieu rasana.

Kaso pondok kaso panjang, ngaroyom ka sisi leuit.
Anu denok anu leunjang, ngaronom nu boga duit.

Abong-abong sangu konéng, ngan dipaké keur sasarap.
Abong-abong kanu goréng, ngan dipaké eukeur sérep.

Abong bogo indung cingok, teu daék bareng jeung jelér.
Abong bogoh eunggeus nyosok, teu daék baé palér.

Aduh éta hayam tukung, naha bet los-los ka kolong.
Aduh éta mojang jangkung, naha bét tonggongna bolong.

Ari hayang melak wijén, ulah deukeut awi gombong.
Ari hayang pada ngajén, ulah boga sikep sombong.

Deudeuh teuing jeruk purut, keur konéng téh loba hileud.
Deudeuh teuing nu camberut, keur goréng téh mindeng baeud.

Didieu loba kaliki, hanjakal teu baruahan,
Di dieu loba lalaki, hanjakal teu aruyahan.

Di dieu loba kanyéré, hayang hiris dikapuran.
Di dieu loba awéwé, hanjakal geulis dipupuran.

Di dieu loba kanyéré, hanjakal parentil kénéh.
Di dieu loba awéwé, hanjakal carentil kabéh.

Itu geura buah jarak, euweuh anu ngadudutan.
Itu geura budak harak, euweuh anu ngadeukeutan.

Jauh-jauh manggul haur, nu deukeut gé haur kénéh.
Jauh-jauh néang batur, nu deukeut gé nganggur kénéh.

Kajeun teuing konéng parud, asal maké gula baé.
Kajeun teuing goréng patut, asal daék béla baé.

Ka Cianjur mawa jalak, ka Ciranjang mawa ékék.
Ka batur mah abdi nolak, ka Akang gé moal daék.

Ka mana nya nyiar kulit, hayang seubeuh sesewiran.
Ka mana nya nyiar duit, hayang seubeuh plesiran.

Boboko ragrag ti imah, ninggang kana pileuiteun.
Nya bogoh ulah ka semah, ari balik sok lengiteun.


Boboko ragrag ti para, ninggang kana panto késér.
Nya bogoh ulah katara, ambéh heunteu matak géhgér.

Ka mana boboko kuring, ngan aya wakulna baé.
Ka mana kabogoh kuring, ngan aya baturna baé.


Leuleupeutan leuleumeungan, ngarah kékéjoanana.
Deudeukeutan reureujeungan, ngarah téténjoanana.

Samping hideung dina bilik, kumaha nuhurkeunana.
Abdi nineung ka nu balik, kumaha nuturkeunana.


Reundeu beureum reundeu hideung, reundeu kayas soléntangan.
Beuki heubeul beuki nineung, lawas-lawas kaédanan.

Gunung Guntur Gunung Guntur, lalana ka peupeuntasan.
Amit mundur amit mundur, wiréh bade parantosan.


Ari lampit-lampit hoé, méja mah da méja makan.
Ari nampik-nampik baé, ulah bari jeung moyokan.

Payungan abdi payungan, sakieu panas poéna.
Tulungan abdi tulungan, sakieu panas haténa.


Saninten buah saninten, dibawa ka parapatan.
Hapunten abdi hapunten, bilih aya kalepatan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...