DINA hiji poé Sakadang Kuya ulin ka
sisi basisir. Manéhna cicing handapeun tangkal kalapa, katebak ku angin
laut. Aya ku nimat. Bakating ku genah, nepi ka nundutan.
Keur kitu, teu kanyahoan ti tadina, torojol Sakadang Maung, ngomong tarik ngagareuwahkeun anu keur anteng nundutan.
“Ha ha ha, kabeneran, aing keur lapar manggih hakaneun!” pokna bari ngadeukeutan Sakadang Kuya.
Sakadang Kuya reuwas kacida. Tapi teu bisa nyumput atawa lumpat. Dina
biasa ogé kétang, kateuteu ari, da angger bakal katéwak ku Sakadang
Maung anu kaceluk tarik lumpatna.
“Ké heula, Sakadang Maung,” ceuk Sakadang Kuya, neger-neger manéh.
“Naon deui? Anu jelas, sia bakal jadi eusi kadut aing!” ceuk Sakadang
Maung, ngomongna angger bedas dibarung ku ngagerem sagala. “Ti kamari
aing can baranghakan. Lumayan kuya kolot ogé!”
“Sabar, Sakadang Maung, sabar,” ceuk Sakadang Kuya, ngomongna
leuleuy, “Lamun mémang geus waktuna jadi hakaneun anjeun, uing mah rido.
Katambah uing sorangan geus kolot, geus bosen hirup. Ngan anjeun kudu
nyaho, daging uing téh tiis jeung hampos. Lamun hayang ngeunah jeung
gurih, euweuh deui carana, uing kudu diduruk heula.”
“Diduruk heula? Kumaha carana?” ceuk Sakadang Maung.
“Gampang atuh. Awak uing bugbrugan ku suluh, tuluy duruk.”
“Ari suluhna ti mana?”
“Ngala ka leuweung!”
“Ngala ka leuweung? Ha ha ha aing apal kana akal licik sia, dasar
kuya! Waktu aing ka leuweung néangan suluh, sia rék kabur! Aing moal
bisa katipo deuleu!” ceuk Sakadang Maung.
“Bisi anjeun teu percaya mah, pék tah talian awak uing, tuluy cangcang kana tangkal!” témbal Sakadang Kuya.
“Heug atuh ari kitu mah!” ceuk Sakadang Maung. Tuluy néangan areuy
keur nalian kuya. Geus manggih, reketek awak Sakadang Kuya téh ditalian.
Tungtung talina ditalikeun kana tangkal kalapa. Ngahaja talina
dipanjangan, da kitu paménta Sakadang Kuya téh. Sanggeus yakin talina
pageuh, Sakadang Maung indit ka leuweung rék ngala suluh.
Sabot Sakadang Maung ka leuweung, buru-buru Sakadang Kuya nyieun
liang dina keusik. Liangna kawilang jero ogé, gedéna sapaseun awakna.
Tuluy manéhna cicing dina luhureun éta liang, nepi ka henteu kaciri aya
liang.
Jol Sakadang Maung manggul suluh, tuluy dibugbrugkeun kana awak
Sakadang Kuya. Gur baé sukuh téh diseungeut. Teu hésé teurakna seuneu
téh, kawantu suluh gararing. Sakeudeung ogé seuneuna geus ngabebela, teu
bina ti nu keur nyieun api unggun. Ari Sakadang Kuya, barang durukan
hurung téh, terus baé mubus kana liang anu aya di handapeunana.
“Sakadang Kuya!” ceuk Sakadang Maung.
“Kuk!”
“Can paéh?”
“Encan, seuneuna kurang gedé.”
Suluhna ditambahan deui.
“Sakadang Kuya!”
“Kuk!”
“Can paéh kénéh?”
“Encan, anéh di dieu mah seuneu téh bet haneut!” témbal Sakadang Kuya.
Suluhna ditambahan deui.
“Sakadang Kuya!”
Sakadang Kuya teu némbalan.
“Ah, jigana ayeuna mah geus paéh Sakadang Kuya téh.”
Barang durukan geus pareum, Sakadang Maung kurah-koréh kana durukan,
néangan daging kuya. Keur kitu, Sakadang Kuya ngurumuy tina jero lebu
durukan. Awakna jadi bodas ku lebu.
“Sakadang Kuya, geuning sia hirup kénéh?” ceul Sakadang Maung kacida kagétna.
“Puguh ceuk uing gé tadi, seuneuna téh jadi haneut di lebah dieu mah!” témbal Sakadang Kuya kalem.
“Baruk tiis nya?” ceuk Sakadang Maung deui bari nilik-nilik awak
Sakadang Kuya. “Jeung deui awak silaing jadi bodas kitu? Asa leuwih
kasép euy!”
Sakadang Kuya mésem. Pok ngomong, “Sakadang Maung hayang siga kuring?”
“Ih, puguh wé, ti baheula aing téh hayang boga kulit bodas. Meureun bakal leuwih tegep, nya!”
“Tangtu wé atuh. Komo Sakadang Maung mah, lamun boga kulit bodas téh,
bakal leuwih gagah jeung kasép. Ayeuna ogé cacakan coréléng geus
tegep.”
“Bisa kitu mun kulit uing hayang bodas kawas siliang ayeuna?” ceuk
Sakadang Maung, rada sopan ayeuna ngomongna téh, teu uang-aing teuing.
“Nya bisa atuh, asal daék diduruk wé siga uing tadi,” ceuk Sakadang Kuya.
“Diduruk? Moal panas kitu?”
“Moal. Apan uing ogé henteu nanaon, malah kulit jadi bodas,” témbal
Sakadang Kuya. “Lamun arék, jung atuh néangan suluhna heula!”
Teu loba tatanya deui, Sakadang Maung indit ka leuweung rék ngala
suluh. Meunang sawatara lilana, Sakadang Maung datang bari manggul suluh
gararing.
“Pék ngagolér di dinya, ku uing urang bugbrugan ku suluh!” ceuk Sakadang Kuya.
Sakadang Maung ngagolér, tuluy dibugbrugan ku suluh. Sut atuh suluh diseungeut. Jegur baé hurung, tangka ngabebela.
“Sakadang Maung!”
“Heuy!”
“Hirup kénéh?”
“Hirup, euy, ngan panas geuning!”
“Panas sotéh mimitina, engké mah moal geura.”
Suluhna ditambahan deui. Geus sawatara lilana, ditanya deui ku Sakadang Kuya.
“Sakadang Maung, hirup kénéh?”
“Hirup euy, ngan panas,” témbal Sakadang Maung, sorana ngalaunan.
Suluhna ditambahan deui. Geus sawatara lilana, ditanya deui ku Sakadang Kuya.
“Sakadang Maung, hirup kénéh?”
“Iup, han hanas heuy …,” Sakadang Maung némbal, sorana beuki teu kadéngé baé.
Teu talangké, suluhna dibugbrugan deui. Sanggeus sawatara lilana, pok ditanya deui ku Sakadang Kuya.
“Sakadang Maung, hirup kénéh euy?”
Sakadang Maung teu némbalan.
“Lah, kawasna mah geus paéh Si Belang téh,” ceuk Sakadang Kuya.
Teu lila kadéngé sora tingbeletuk tina durukan. Sirah jeung awak
Sakadang Maung baritu. Kambeu deuih bau hangit daging jeung kulit anu
kaduruk.
“Yakin geus paéh Si Belang téh. Keun, itung-itung wawalesna ka sato anu sok ngahakanan sato laleutik,” ceuk Sakadang Kuya.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar