| Beluk | : | tembang buhun (maca wawacan) |
| Celempungan | : | pagelaran lalaguan nu dipirig ku celempung jeung kacapi |
| Cianjuran | : | wangun tembang maké lalaguan tina pupuh Asmarandana, Dangdanggula, Sinom, kinanti |
| Gondang | : | kakawihan dina lisung ku halu |
| Guguritan | : | karangan pondok nu dianggit maké patokan pupuh |
| Guru lagu | : | sora vokal dina tuntung padaliasan |
| Karawitan barungan | : | gabungan karawitan sekar jeung karawitan gending |
| Karawitan gending | : | pagelaran nu ngan ngagunakeun sora-sora tatabuhan |
| Karawitan sekar | : | vokal wirahma bébas (tembang cianjuran), jeung vokal wirahma teu bébas |
| Kawih | : | rakitan basa nu teu paké patokan pupuh |
| Kliningan | : | lalaguan nu dikawihkeun ku juru sindén nu dipirig kacapi |
| Lurah sekar | : | paminpin nayaga jeung juru sindén |
| Ngadangding | : | nyusun atawa nyieun karangan maké patokan pupuh |
| Nyanggi | : | ngarang lagu |
| Pada | : | kumpulan padalisan anu mangrupa ukuran dangdingan |
| Padalisan | : | jajaran atawa baris dina pada |
| Pasanggiri | : | milih anu pinunjul |
| Rumpaka | : | kecap pinilih nu dipaké dina kawih |
| Sendratari | : | seni drama tari |
| Sénggol | : | ngaréka-réka sora waktu nembang ambéh leuwih ngenah kadéngéna |
| Serat kanayangan | : | da, mi, na, ti, la, da |
| Singer | : | makuta pikeun awéwé |
| Susumping | : | hiasan ceuli |
| Tembang | : | basa dangdingan nu maké aturan pupuh |
| Waditra | : | alat tatabeuhan |
| Wiletan | : | aturan sora tatabeuhan |
| Wirahma | : | rama |
Sakilas cutatan rasa katineungna urang sunda di pangumbaraan anu hoyong ngamumule budaya karuhun ulah leungit dugi ka incu-buyut Jeung impian jadi inohong dinagri luar...
Minggu, 20 Juli 2014
ISTILAH KESENIAN
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar