Sabtu, 19 Juli 2014

Papagon dina media sosial

"Eh, pak saha eta teh meuni matak ararutah, teu sopan jalingkak", pokna batur kuring anu ngarasa kashare sababaraha potret jalingkak. kuring oge kaget bubuhan hayang ngurangan komunikasi jeung media sosial keur bulan puasa teh. hayang ibadah jeung ngaleupaskeun diri, tapi hese ningan. Nu akhirna.. eh, aya anu komplen. Eta meuereun lamun urang boga batur anyar didunia cyber pasti aya nu maksud hade, aya oge nu teu pararuguh ngirim potret jalingkak menta no pin sagala jeung di share kamamana.

Kudu aya etikana dina urang ngokolah media sosial saperti facebook, twitter, jln. keur ngajaga wall urang ulah aya anggapan kaliru, komo keur nu teu ngarti kiriman ka urang teh bebas, da urang oge sok nga-add bebas saha bae nu asup hayang jadi batur anyar urang.

Aya sabaraha papagon keur ngamankeun media sosial urang, beh teu nimbulkeun katugeunah urang jeung sobat nu lainna.
  1. Ulah sambarangan nga add bari teu ningali heula konten wall-na. alatan anyaran boga fb sok bagja lamun aya nu hayang dikonfirmasi jadi sobat urang bari teu ningali heula isina naon, sok era parada lamun aya kiriman nu teu pantes.
  2. Ulah ninggalkeun fb urang bari teu signout heula, keur ngajaga jalma nu sok iseng hayang ngarusak jeung ngahereuyan wall urang.biasana lamun ka warnet, bari buru-buru sok poho nga-signout heula, akibatna aya anu make email, fb urang, lieur.
  3. Ulah sok ngiritik matak pikanyeurieun batur, buru-buru menta hampura lamun aya nu ka sigeung ku omongan urang. eta teh mancing batur nga-hackerna nu cilaka urang, padahal urang teh hayang neangan sobat anyar lain musuh.
  4. Mun bisa konfimasikeun ka sobat nu lain yen eta teh kakaliruan urang teu asak ati-ati maen add bari teu ningali wall-na.
  5. Paling luhur dina kiriman urang aya pilihan, hapus permanen/laporkeun ka fb minangka eta teh spam jeung urang teu suka narima kiriman.
Mudah-mudahan naon wae nu kajadian eta teh resiko urang dina media sosial, nu penting urang kudu ngajadikeun media sosial teh keur sosbatan, nimbulkeun kasenenagan batur ulah jadi balai keur nu sejen.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...