| Alun-alun | : | pakarangan atawa tempat nu lega nu aya di puseur kota |
| Amben | : | tépas imah panggung nu lanténa tina palupuh |
| Astana | : | kuburan/makam |
| Babakan | : | Lembur atawa kampung anyar |
| Basisir | : | Tempat di sisi laut |
| Babantar | : | bagian walungan anu lega sarta déét |
| Bojong | : | lahan anu nyodor ka sisi walungan tur gédé |
| Bobojong | : | jojontor taneuh anu nyodor ka cai, biasana aya di sisi walungan |
| Bubulak/bulakan | : | tempat nu pinuh ku jujukutan nu aya di pasir atawa di lamping gunung |
| Buruan | : | tempat hareupeun imah, pakarangan |
| Dungus | : | gundukan tatangkalan laleutik jeung (rada) rembet, biasana ayanan di leuweung |
| Dapur/pawon | : | rohangan atawa bagian tina imah nu biasana aya di tukang, paranti usuk-asak |
| Dayeuh | : | lembur nu dicicingan ku jalma réa |
| émbél | : | ranca nu jero jeung di beulah luhurna pinuh ku jujukutan |
| émpér | : | pakarangan nu pangdeukeutna jeung imah atawa bangunan séjénna |
| Gawir | : | sisi jurang |
| Goah | : | rohangan paranti neundeun pangbéasan atawa rupa-rupa kadaharan, biasana aya di pawon |
| Geger | : | tonggoh gunung anu manjang |
| Gerembel | : | kumpulan tatangkalan nu rada rembet, tapi teu biasa dipaké nyumput sasatoan |
| Gupitan | : | jalan heureut (sarupa jalan satapak) antara dua lamping |
| Hunyur | : | imah rinyuh atawa taneuh nu mucunghul, pasir leutik |
| Huma | : | sawah darat, kebon nu dipaké melaké par tur tara dikocoran cai |
| Jalan Huni | : | lolongkrang tincakkeun antara pepelakan di kebon |
| Jalan Jajahan | : | jalan gedé nu bisa dipaké ngaliwat kandaraan |
| Jalan Satapak | : | jalan nu ngan bisa diliwatan ku jelema |
| Jontor | : | taneuh anu nyodor ka laut |
| Jungkrang | : | legok anu jero sarta gurawes |
| Kubangan | : | tempat nu ledok (biasana di sawah atawa di balong) paranti mandi munding |
| Kamalir | : | jalan cai leutik |
| Kobakan | : | lobang di tegalan anu aya caian |
| Karéés | : | tempat di sisi walungan anu réa keusikan |
| Kebon | : | taneuh darat nu dipaké melak rupa-rupa pepelakan |
| Landeuh | : | taneuh atawa tempat nu leuwih handap ti tempat urang cicing |
| Lebak | : | tempat nu leuwih handap |
| léngkong | : | tempat legok jeung jero di antara dua lamping |
| Lamping | : | tempat di gunung antara puncak jeung tutugan |
| Legon | : | daerah di basisir anu ngelok saeutik ka dra, sarupa teluk ngan leuwih leutik |
| Lembur | : | tempat nu dicicingan ku jalma réa, kampung |
| Leuwi | : | bagian walungan anu leuwih jero jeung lega |
| Monggor | : | daerah sarupa pasir ngan leuwih leutik tur leuwih handap |
| Muhara/Muara | : | tuntung walungan (di hilir) tempat patepungna walungan jeung laut, atawa tempat patepungna walungan leutik jeung walungan nu leuwih gedé |
| Nagrak | : | taneuh nu luhur sarta angar |
| Negla | : | tempat nu lega sarta teu kahalangan ku tatangkalan |
| Parigi | : | jalan cai nu ngahaja meunang nyieun |
| Parung | : | bagian anu déét di walungan jeung dihapit ku leuwi |
| Pasir | : | sarupa gunung, ngan leuwih leutik sarta leuwih handap |
| Pangkéng | : | roangan di imah paranti leleson atawa barang teundeun |
| Pakarangan | : | taneuh nu aya di sakurilingeun imah |
| Patengahan | : | roangan nu aya di tengah imah |
| Pipir | : | taneuh di sagigireun imah |
| Reuma | : | taneuh darat urut huma nu geus teu dipaké |
| Rora | : | sarupa susukan (cai ngocor) nu aya di leuweung |
| Sabang | : | taneuh darat nu dihapit ku dua walungan |
| Sungapan | : | tempat ngalirkeun cai ti walungan ka sawah |
| saké | : | walungan leutik |
| Sampalan | : | tegal di leuweung tempat sato jarah |
| Samida | : | leuweung nu dikaramatkeun |
| Seler | : | walungan leutik |
| Situ | : | sarupa balong ngan leuwih lega |
| Sirah Cai | : | tempat kaluarna cai nyusu nu engkéna bakal jadi walungan |
| Somang | : | jurang gurawés sarta jero |
| Tanjung | : | taneuh nu nyodor ka laut |
| Tarikolot | : | tempat atawa daerah urut lembur |
| Tegalan | : | taneuh lega tur rata jeung sabagian gedé pinuh ku jujukutan |
| Tepiswiring | : | ngaran séjén pikeun pasisian atawa pilemburan |
| Tétélar | : | taneuh di tengah sawah anu heunteu kahontal ku cai |
| Tepas | : | bagian imah (panggung) nu pang-hareupna, paranti narima sémah |
| Tutugan Gunung | : | bagian gunung panghandapna |
Sakilas cutatan rasa katineungna urang sunda di pangumbaraan anu hoyong ngamumule budaya karuhun ulah leungit dugi ka incu-buyut Jeung impian jadi inohong dinagri luar...
Minggu, 20 Juli 2014
Ngaran Patempatan
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar