Minggu, 20 Juli 2014

Babasan


Atah adol
:
Kurang ajar/teu sopan
Amis budi
:
Alus budi parangi, lamun nyarita mindeng dibarung ku seuri
Teu gugur teu angin
:
Teu puguh alesanana
Asa peunggas rancatan
:
Leungiteun ku jalma anu kapercaya atawa anu loba jasana
Keur awak saawakeun
:
Keur manéhna sorangan
Dibabuk lalay
:
Diperekpek ku panunggel, diteunggeulan
Aya bagja teu daulat
:
Rék meunang bagja, tapi teu tulus
Caang bulan dadamaran
:
Migawé hal anu teu diperlukeun deui
Kacai jadi saleuwi, kadarat jadi salebak
:
Layeut, sauyunan, runtut raut
Cicing dina sihung maung
:
Hirup atawa kumawula ka gegedén, sok milu kaajénan batur
Caang padang narawangan
:
Panganteb kana caang piker
Cadu mungkuk haram dempak
:
Minangka sumpah moal daék ngéléhan manéh
Gurat cai
:
Teu puguh jangjina, sok robah tangtungan
Ciri sabumi cara sadésa
:
Adat kabiasaan di ungal nagara atawa daérah béda-béda
Geus turun amis cau
:
Geus témbong kawanitaannana, geus mangkat begér
Pait daging, pahang tulang
:
Cageur, teu keuna ku panyakit naon baé
Teu pindo damel
:
Teu pindo gawé, teu ngabohong
Ngadago-dago dawuh
:
Téréh maot, ngadagoan panyaur pangéran
Jual dedet
:
Ngajual barang sateungah maksa
Béak déngkak
:
Geus béak tarékah
Kawas ékék
:
Kanu papakéan sarua héjo
Élmu tumbila
:
Nu boga imah ngarugikeun ka tamu
Élok bangkong
:
Nuju sakarat, ngan kari tungguh dawuh baé
Cara embé
:
Embung mandi, sabab sieun ku cai
Endog mapatahan hayam
:
Nu sangoraeun mapatahan kanu sakoloteun
Kawas gaang katincak
:
Répéh sapada harita, ngadadak jempling
Nyoo gado
:
Ngaheureuykeun jalma nu pantes dihormati
Galak timburu
:
Babari timburuan
Leutik-leutik ngagalatik
:
Jelema leutik tapi wanian
Garo-garo teu ateul
:
Gagaro tukangeun ceuli, nandakeun bingung atawa keuheulh
Taya halodo panyadapan
:
Taya eureuna (nu paraséa)
Hampang birit
:
Daékan di titah
Handap asor
:
Daék ngahormat kabatur
Haréwos bojong
:
Omongan nu diharéwoskeun tapi kadéngé ku nu deukeut ka nu diharéwoskeun
Haseum budi
:
Leuwih loba baeud jeung camberut tibatan seuri atawa marahmay
Matak ibur salelembur
:
Matak geunjleung jadi cerita dimana-mana
Ieu aing
:
Angkuh,sombong,adigung
Indit sirit
:
Indit saréréa saeusi imah
Inget-inget poho
:
Asa inget asa poho
Ipis biwir
:
Épés méér, babari ceurik
Jadi sabiwir hiji
:
Jadi omong (carita)saréréa
Daumur jagong
:
Teu lila
Jantung ati
:
Kakasih
Jiga tunggul kahuru
:
Goreng patut
Lain jalma joré-joré
:
Lain jalma hina tapi turunan hade
Kaceluk ka awun-awun
:
Kamashur kamana-mana
Teu sanak teu kadang
:
Teu boga baraya pisan
Tibatan kapok, anggur gawok
:
Henteu kapok malah anggur ngahanakeun
Buntut kasiran
:
Korét
Kawas nu kékéd
:
Teu bisa barang bawa
Kawas langit jeung bumi
:
Pohara bédana
Pabalik létah
:
Barangbéré dipénta deui
Béak ka lebu-lebuna
:
Ledis, teu nyésa saeutik-eutik acan
Buncir leuit loba duit
:
Taya kakurang
Kawas nu meunang lotré
:
Meunang rejeki gedé nu teu disangka-sangka
Mabok pangkat
:
Adigung, ieu aing jeneng
Mandi oray
:
Mandi sakecebes, teu maké sabun
Ménak luar-jerona
:
Turunan ménak tur mulya hate
Mucuk eurih
:
Laléncop kawas pucuk uerih
Najan dibawa ka liang cocopét, moal burung nuturkeun
:
Dibawa kamana-mana ogé daék
Ngajerit maratan langit, ngocéak maratan mega
:
Ngajerit tarik pisan
Ngeunah éon teu ngeunah éhé
:
Hayang ngeunah sorangan baé, teu ngingetkeun kapentingan batur
Ngomong sabedug sakali
:
Jarang ngomong
Nyaho lautanana
:
Nyaho karesep jeung kateuresepna
Pareumeun obor
:
Teu nyaho saha-sahana nu jadi baraya atawa karuhun
Ombak banyuan
:
Galing ombak-ombakan (buuk)
Hadé ku omong goréng ku omong
:
Sagala rupa perkara biasana dianggap hadé atawa goréng ku batur gumantung kana caritaan urang
Jelema sok keuna ku owah gingsir
:
Umumna jelema mah sok robah tangtunganana tara kuat tahan gogoda
Paéh piker
:
Teu boga karep
Pageuh kancing, loba anjing
:
Ati-ati
Marebutkeun paisan kosong
:
Madukeun perkara anu taya hasilna
Panas leungeun
:
Teu jadi pepelakan
Panjang léngkah
:
Jauh panyabaan
Ngorbankeu jiwa jeung raga
:
Ngorbankeun nyawa
Kudu bisa ngaragap haté batur
:
Kudu bisa ngira-ngira kumaha pirasaeunana haté batur
Ngaraheutkeun hate
:
Nyieun nyéri haté batur
Hirup dinuhun, paéh dirampés
:
Tanda geus pasrah
Teu boga pikir rangkepan
:
Bolostrong, teu boga curiga, teu boga timburu
Kawas jéler kasaatan
:
Teu daék cicing
Langsung saur bahé carék
:
Sok gampang nyarékan atawa nyarita nu matak nyentug kana hate
Saeutik mahi, loba nyésa
:
Bisa ngatur rejeki
Matak balik aseupan
:
Matak teu bisa nyangu
Birit sééng
:
Hideung lestreng
Taktak taraju emas
:
Taktak nu alus
Tungkul ka jukut tangah ka sadapan
:
Rada ngeluk bari nénjo ka handap
Moal ditarajéan
:
Teu sieun
Héjo tihang
:
Teu cééhan, resep pipindahan, resep gunta-ganti pagawéan
Ukur pulang modal
:
Teu untung teu rugi
Saumur dumelah
:
Ti barang lahir, ti barang inget
Ngusap birit bari indit
:
Ninggalkeun pasamoan teu bébéja malah bari semu keuheul
Teu usik teu malik
:
Teu bisa obah
Éncer uteuk
:
Calakan, pinteur
Mending waléh batan léwéh
:
Mending wakca tibatan matak gering piker
Atah warah
:
Kurang atikan
Wawuh munding
:
Ngan ukur wawuh meueusan
Kawas wayang pangsisina
:
Goréng rupana
Wiwirang di kolong catang
:
Wiwirang gedé nu teu bisa di bunian

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...