Jumat, 28 Oktober 2011

Teu sangka

Ku Fendy Sy. Citrawarga

"Anduk, anduk, araranduuuk......!" Kadenge aya nu dagang gogorowokan mani cowong. Inget pamajikan butuheun anduk da ningan awewe mah sok gojeh masing alus keneh oge sok hayang geura ganti, kuring  kaluar ti imah ngageroan tukang anduk. Belaan jejengkean najan sendal kulit empuk weuteuh keneh ngabagug parkir dina taneuh. Lebar rek make teh bisi ruksak heug bayareun keneh. Sina ngabagug di buruan  soteh seja mapanas nu ngalaliwat  ngarah disangki jalmi gaduh. 
"Anduk-anduk!" cekeng. Nu dagang  haget nyampeurkeun.
"Sabarahaan anduk Mang?"
"Mirah Pa, mung tilu puluh lima!"
"Tilupuluh lima naon?"
"Muhun tilupuluh lima rebu rupia. Teu werat bade ngical tilupuluh lima juta teh, hawatos heug nagara nuju krisis!" ceuk nu dagang. Ngabojeg ti dituna mah.

Torojol nu boga hadas kaluar ti kamar.

"Tah nu dagang anduk!" cekeng ka pamajikan. Blus sorangan mah asup ka jero imah neruskeun hanca pagawean. Nu adu rega hoghag di teras.
"Sabarahaan Mang?" tanya indung budak  mitembeyan adu rega.
"Mirah Bu Haji mung opat puluh rebu," ceuk nu dagang. Beu, si kehed.

Cikeneh teh nongtoreng nawarkeun 35 rebu, ayeuna geus jadi  opat puluh rebu.

Anehna, indung budak mah bangun tiis. Ninggang ka sorangan mah  kudu geus ngabuleudkeun peureup.

Kedewek indung budak ngarontok anduk nu kelirna warna-warni. Aya nu hejo, beureum, gading, koneng, kumaonam bandera partey.

"Sarae Bu Haji, sarae," ceuk nu dagang ngabuih. Geus pok deui nyebut Bu Haji.
"Jieunan mana Mang?" tanya teh mairan bari jongjon baranggawe.
"Gondewah Pa!" 
"Sapuluh rebu we nya?" ceuk indung budak. Hag siah, lebok tah!

Nawarkeun opat puluh rebu, ditawar sapuluh rebu. Paingan  indung si kucrit katenjo tiis da meureun geus boga rudal pameupeuhna.

"Hatur nuhun Bu," ceuk nu dagang, ukur nyebut bu teu make haji. Teuing ku naon. Direret ku juru panon katenjo  jamedud. Indung budak jongjon pipilih deui. Dialak-ilik, dibeber-beber, malah  aya nu dikebut-kebut sagala.
"Nya Mang sapuluh rebu, da kasep!" pokna bari luway-liwey gumeulis.

Puguh we jero dada ngaheab.

"Ari Bu Haji, piraku Emang teu gaduh bati?" Kasebelanana teh kareret imut. Hulu angen karasa aya nu nonjok. Temahna nyiak kana embun-embunan.
"Lah si Emang mah!" pamajikan  humandeuar.
"Tos we tilu puluh lima rebu bubuhan ka Bu Haji we ieu mah.

Ngaraketkeun duduluran. Ka ibu-ibu sanes mah teu dipasihkeun, sing sumpah!" 

Geus pok deui nyebut Bu Haji. Kuring  nyaan hayang seuri ngadenge tukang anduk nyebutkeun teu dibikeun ka ibu-ibu nu sanes. Nya teu dibikeun  da teu dibeuli.

Saha nu daek meuli anduk ditekuk.

"Sakitu wae!" ceuk pamajikan bari ngecagkeun anduk tangka satambruan.
"Sakitu sakumaha?"
"Enya sapuluh rebu!"
"Ituh geura. Mana kanggo Emangna sakitu mah teu jinis-jinisna acan.

Mangkaning Emang teh teu acan neda, teu acan nyesep, nyirop, teu acan deuih kanggo ngarosikoan anak mitoha. Mangkaning upami rosiko dapur murugul teh baeudna miyuni baud, pageuh. Sing hawatos we....Bu Haji" pokna lumengis. Ti dituna mah meureun menta dipiwelas.

"Enya sakitu!"
"Eta Bu Haji, enya sakitu, enya sakitu deui wae. Sakitu teh sakumaha?

Saratus rebu? Candak lah bubuhan ka Bu Haji we."

"Enya saratus rebu sapuluh sikieun!"
"Bade sabaraha hiji nganggona?"
"Hiji we, loba-loba teuing!"
"Manawi teh bade ngaborong wantun sakitu teh. Kieu we atuh nya bilih kabujeng hujan.  Tilu puluh we. Mangga bade nu mana? Nu hejo, nu beureum, nu koneng? Ketang da Bu Haji mah demplon, nganggo kelir naon wae ge teu burung payus!" Jeletit  hate kaciwit deui.
"Gampang milih kelir acak corak mah mah Mang. Kudu puguh heula haregana. Sakitu mah sok!"ceuk indung budak  deui bari  ngolesed ninggalkeun nu dagang anduk.
"Tos we dua lima!" ceuk nu dagang bari ngajewang leungeun indung budak. Meh we keuna. Kuring ge replek rek nyokot asbak tadina mah. Nyaan mun wani-wani nyabak, rek dipalempeng asbak.
"Sakitu!"
"Saur Emang ge jinisna teh dua puluh. Buruh ngider lima rebu. Meujeuh we tinimbang angkat ka Pasar Baru mah.  Teu acan ongkos,  jajan, dan ituh inih!" Angger ngolo.
"Enya sakitu!" ceuk pamajikan, geblus ka  kamar.
"Tos we lah panungtungan ayeuna mah. Dua puluh rebu!"
"Sakitu!" tembal pamajikan pageuh. Si tukang anduk ngahuleng. Antukna nu tadi kuring  ngarasa timburuan teh jadi watir. Sup  ka kamar.
"Nu kelir kumaha anduk teh? Beuli we dua puluh rebu ge karunya," cekeng teh.
"Enya sakitu!" ceuk pamajikan, teu beunang diongget-ongget.

Kuring kaluar ti kamar. Tukang anduk ngajanteng keneh.

"Candak!" cenah, teugeug. Torojol pamajikan kaluar. Laju milih anduk.

Nyokot hiji kelir beureum. Creng dibayar. Ih geuning mere duit dua lambar. Nu hiji sapuluh rebu nu hiji deui lima rebu.

"Ning ieu mah lima welas rebu Bu Haji? Pan tadi mah Bu Haji nawis sakitu, muhun sapuluh rebu. Teu kenging ngabohong ah bilih doraka," ceuk tukang anduk bari mulangkeun deui duit lima rebu perak. Gejlig indit. Mani rurusuhan, teu nuhun-nuhun acan.
"Teu sangka nya manehna, dina jaman orowodol kieu, aya keneh nu soleh!" pok teh. Pamajikan tiba ngaheueuhan. Geblus manehna asup ka kamar. 

Kuniang kuring hudang, maksud mah rek nyait kolor tina popoean. Barang rek make sendal,  enya  nu diparkir di buruan,  geus lebeng.

"Manehna, manehna, ka mana sendal?"
"Sendal nu mana?" Indung budak norojol bari nyolendang anduk.
"Sendal kami pan tadi teh di dieu."
"Sendal nu kenging ngiridit?"
"Enya, tadi teh basa nyalukan tukang anduk aya keneh!"
"Nya duka atuh. Boa ku tukang...aaan.."
"Geus moal salah. Si kehed...," piceurikeun nyelek na tikoro.

Pudingding napsu. Sebrut nyusul tepus. Teu manggihan tapak-tapakna.

Sumber : http://majalah-mangle.com

Jurig Bungkeuleukan

Ku Agus B. Irawan


Mun ngobrolkeun masalah hantu alias jurig, sok jadi inget kana dongeng pangalaman lanceuk kuring, nyaeta Teh Enok, anu kajadianana kira-kira dina taun 93-an, mangsa Teh Enok keur mojang atawa keur gadis keneh, kira-kira keur umur 18 taunan cenah.

Ceuk Teh Enok cenah, dina mangsa harita, pikeun mojang atawa gadis saumur Teh Enok , husuna di lembur, ngarupakeun hiji hal anu kawilang matak erana lamun can bisa ngaji atawa can lancar maca Qur'an atawa oge can namatkeun Al-Quran 30 juz. 

Ari sabab, lantaran engke pareng dina waktuna kawin, dina acara walimahan sok diayakeun acara khatam Al-Quran husu pikeun panganten awewe. Ku lantaran kitu, mojang-mojang anu alumurna geus nincak  17 taunan ka luhur, dina  mangsa harita kacida pisan garetolna jeung saruhudna dina dialajar ngajina, da sieun kawiwirangan dina waktuna kawin tea. Kaasup Teh Enok sorangan cenah, getol pisan diajar ngajina, ampir tara aya peuting nu kaliwat ari lain keur hahalang mah.
 
Ari ngajina sok diayakeun di masjid jami anu pernahna aya ditengah lembur. Waktu ngajina sok ti peuting, nyaeta ti bada magrib nepi ka liwat  isya atawa kira-kira jam 8 peuting.
 
Ti imah kuring atawa ti imah Teh Enok ka masjid jami teh anggangna ampir sakilo meterna, atawa kurang leuwih 800 meteran mah aya meureun. Jalana mapay pasawahan jeung marupa galengan sawah. Ngaliwatan oge sababaraha imah. Ma'lum kaayaan di pakampungan bari jeung daerah pasawahan, kaayaan imah teh ancal-ancalan. Antara imah nu hiji jeung nu hijina deui patarenggang, tatangga jeung tatangga paaranggang. Ari jalan mah boh anu ngahubungkeun ti imah ka imah sejenna, lumayan gede sanajan ukur mangrupa galengan sawah oge, ngahaja ku nu borangan digaledean kalayan kasadaran sorangan.
 
Mangsa harita, lamun ti peuting kaayaan lembur teh paroek, sabab mangsa harita mah ka lembur teh can asup listrik. Di imah-imah ukur marake lampu cempor atawa ku lantera. Anu ngaraji di masjid oge ukur dicaangan ku patromak, di imah lamun bubaran ngaji teh sok tuluy dipareuman.
 
Kacaritakeun Teh Enok, lamun beres ngaji di masjid teh tara tuluy balik ka imah. Tapi sok ngadon nyimpang heula ka imah guru ngajina anu maksudna rek ngadon tatanya masalah-masalah anu kurang paham. Lumayan we cenah jang nambah-nambah pangaweruh, hususna dina widang agama. Atuh ari balikna ka imah teh sok rada peuting, kira-kira jam 9 atawa jam 10. Salian ti Teh Enok aya opatan deui cenah babaturanana anu sok ngahaja nyimpang ka guruna teh, lalaki duaan jeung awewe duaan.
Teh Enok, enya ge pangawakan awewe bari harita keur gadis keneh estuning ludeung, teu ieuh borangan. Mun balik ngaji teh sok sorangan bae, tara ieu aya nu nganteurkeun, rek poek rek leueur oge. Kawas dina peuting harita cenah, kira-kira jam 10 Teh Enok karek mulang. Teh Enok leumpang nyorangan.
 
Peuting harita teh sakuduna mah caang bulan sanajan can tanggal wewelasan oge. Ngan kulantaran langit angkeub, da keur mangsana usum hujan, cahaya bulan teh ukur reyem-reyem, najan teu kasebut poek oge. Ari hawa karasa tiris mani nyecep.
Ku lantaran teu mawa baju haneut, Teh Enok harita ngaharudungkeun mukena anu ti tatadi dikekelek. Tambah tiris teuing cenah.
 
Keur jongjon leumpang, ari pes teh lampu senterna ngadon pareum, tayohna bae bohlamna pegat. Teh Enok kapaksa nolog. Keur kitu teh hujan girimis turun deuih. Mangkaning poho teu mawa payung.
 
Teh Enok neangan pangiuhan. Untung aya saung di sawahna Ki Darta nu teu pati jauh ti jalan. Teh Enok muru ka dinya rek ngadon ngiuhan heula. Barang sup ka saung, Teh Enok ngaregog! Sabab ningali di jero saung teh aya dua mangkeluk awewe jeung lalaki keur dariuk bari patangkeup-tangkeup. Teh Enok tadina mah arek mundur deui, tapi kaburu katingalieun manten ku nu duaan. Barang ngareret ka Teh Enok, ana goak teh nu awewe ngagoak bari ngejat!
 
"Ju... jurig!" cenah. Gajleng, gajleng duanana laluncat! Beretek lalumpat sakalumpat-lampet, notog-notog maneh! Korosak! Korosak! Gobrass! Gobrasss! Duanana tingalabres kana kotakan anu keur meujeuhna pibuateun, geus teu nolih di nanaon deui! Ari Teh Enok, saukur colohok we nempo nu kalabur teh!
 
Isukna di lembur jadi ibur. Pajarkeun teh cenah sawahna Ki Darta anu keur pibuateun, peuting tadi digaley ku bagong kajajaden. Ari ti babaturanana mah Teh Enok meunang beja, yen cenah peuting tadi basa keur bobogohan di ganggu jurig. Teh Enok ukur nyenghel ngadenge beja kitu teh, da sidik manehna pisan anu jadi jurig bungkeuleukanana. Enya... jurig mukena meureun!
 
Tapi aya hikmahna oge tina kajadian eta. Paling henteu geus bisa nyegah babaturanana anu rek ngalakukeun "Laku lampah teu uni!"***

Selasa, 25 Oktober 2011

Ngaran Itung-itungan

Baheula mah dina ngitung teh rada aneh oge. Lain aneh-aneh teuing, tapi beda. Enya beda jeung ayeuna. Aya istilah-istilah anu beda jeung kaayeunakeun mah tara teuing dipake. Paling anu masih keneh dipake teh dina bulan puasa, jalma-jalma teh dina poe lilikuran mah loba anu ari’tikaf di masigit. Naon atuh anu disebut lilikuran teh…?
Dina itung-itungan atawa milang aya istilah-istilah anu osok dipake, diantarana wae:
  • Sasiki, nuduhkeun jumlah anu ngan aya hiji.
  • Salayan, nuduhkeun kana jumlahna aya dua, anu dijadikeun papasangan.
  • Sapasang, sarua jeung salayan.
  • Salosin, nuduhkeun jumlah 12 (dua welas).
  • Sakodi, nuduhkeun jumlah 20 (dua puluh).
  • Salikur, nuduhkeun jumlah atawa itungan 21 (dua puluh hiji).
  • Dua Likur, nuduhkeun jumlah atawa itungan 22 (dua puluh dua).
  • Tilu Likur, nuduhkeun jumlah atawa itungan 23 (dua puluh tilu).
  • Opat Likur, nuduhkeun jumlah atawa itungan 24 (dua puluh opat).
  • Lima Likur, nuduhkeun jumlah atawa itungan 25 (dua puluh lima).
  • Salawe, nuduhkeun jumlah atawa itungan 25 (dua puluh lima).
  • Genep Likur, nuduhkeun jumlah atawa itungan 26 (dua puluh genep).
  • Tujuh Likur, nuduhkeun jumlah atawa itungan 27 (dua puluh tujuh).
  • Dalapan Likur, nuduhkeun jumlah atawa itungan 28 (dua puluh dalapan).
  • Salapan Likur, nuduhkeun jumlah atawa itungan 29 (dua puluh salapan).
  • Saraju, nuduhkeun jumlahna 40 (opat puluh).
  • Sawidak, nuduhkeun jumlahna 60 (genep puluh).
  • Sagros, nuduhkeun jumlahna 144 (saratus opat puluh opat).
  • Salaksa, nuduhkeun jumlahna 10000 (sapuluh rébu)
Sumber : http://jablodeng.wordpress.com/

NGARAN WAKTU DINA SAPOE SAPEUTING

Dina sapoe sapeuting, di jaman modern ayeuna, mun nangtukeun waktu téh biasana mah osok make jam. Sedengkeun baheula mah nangtukeun waktu téh ku istilah. Jadi henteu ku waktu dina jam misalna jam hiji, atawa jam dua. Istilah-istilah ieu dipakéna téh dipatalikeun atawa dikait-kaitkeun jeung kaayaan panon poe, naha cahyana atawa tempatna.
Istilah-istilah anu remen dipake pikeun nuduhkeun atawa nangtukeun waktu téh diantarana waé nyaéta:
  1. Janari Leutik, nuduhkeun waktu kira-kira jam 02.00 – 03.00.
  2. Janari Gedé, nuduhkeun waktu kira-kira jam 03.00 – 04.00.
  3. Kongkorongok Hayam, nuduhkeun kana waktu disaradana hayam jago, biasana mah nuduhkeun kira-kira jam 04.00.
  4. Balébat, nuduhkeun waktu dina kaayaan cahya panon poé geus aya di belah wétan. Kira-kira jam 05.00.
  5. Carangcang Tihang, nuduhkeun waktu panon poé geus mucunghul ngan masih keneh remeng-remeng cahyana. Kira-kira jam 05.30.
  6. Haneut Moyan, nuduhkeun waktu cahya panon poe rada-rada haneut, ngeunah mun dipake moyan. Kira-kira jam 07.00 – 08.00.
  7. Rumangsang, nuduhkeun waktu mun panon poé geus karasa panasna. Kira-kira jam 09.00
  8. Pecat Sawed, nuduhkeun waktu lamun sapi atawa munding anu dipake ngawuluku di sawah geus dilaanan (dipecat atawa diudaran) sawedna. Kira-kira jam 10.00.
  9. Tengah Poé/Manceran/Mentrangan, nuduhkeun waktu panon poé keur aya di luhureun sirah, kalangkang ngahijieung suku. Kira-kira jam 12.00.
  10. Lingsir Ngulon, nuduhkeun waktu panon poé geus doyong atawa geus ngagésér ka lebah kulon. Kira-kira jam 13.00
  11. Panonpoé Satangtung, nuduhkeun waktu lamun kalangkang jalma geus sarua jeung jangkungna si eta jalma. Kira-kira jam 15.00.
  12. Tunggang Gunung, waktu panon poé geus aya di luhureun gunung. Kira-kira jam 16.00
  13. Sariak Layung, waktu anu nuduhkeun geus usumna hibar layung di belah kulon. Kira-kira jam 17.00.
  14. Sareupna, nuduhkeun waktu surupna panon poé. Mimitina parobahan beurang jadi peuting. Kira-kira atawa biasana mah jam 18.00.
  15. Harieum Beungeut, nuduhkeun waktu mun cahya panon poe geus ampir beak nepikeun ka beungeut oge rada susah ditempona. Kira-kira jam 19.00.
  16. Sareureuh Budak, nuduhkeun waktu dina eta waktu teh barudah mimiti sarare. Kira-kira jam 18.00.
  17. Sareureuh Kolot, nuduhkeun waktu yen dina waktu eta teh mimitna kolot sarare. Kira-kira jam 21.00 – 22.00.
  18. Tengah Peuting, nuduhkeun waktu kaayaan peuting anu sepi jempling rehe comrek. Biasana mah jam 00.00 (jam 12 peuting).
Sumber : http://jablodeng.wordpress.com/

Lalangse Laya (1)

Lamun disebutkeun narsis meureun akang teh..maklum karek sabulan satengah negadenge ngagoar sora orok sakitu matak ngagetkeun tatangga. 

Budak teh sakitu aleumanana, ceuk indungna bari nyusut kesang dina tarang beak dengkak. Da ti sore keneh nepi ka peuting teu daekeun sare, ari akang mah nyenghel we, bari ngabeubeurah, "sing sabar  atuh teh?" ceuk akang bari ngahekak boled nu masih haneut jeung ci teh manis. tapi laun-laun budak teh cicing ceurikna. Goloyoh indungna barudak ngelepaskeun ngongkoyod gendongan bari lalaunan nendeun si cureuleuk teh kana bantal. Kakara manehna bisa magawean naon, ceunah mah ulah sok diongkled bisi ogoan. tapi lamun geur sare katinggali kegeulisanana, eta teh pamuji kolotna anu mastikeun anakna teh geulis, lain narsis ieu keur ngabeubeurah manah beh nambah kanyaah ngaleuwihan kanyaah kolotna.

Ari akang mah alami we, da nagaranna budak mah pasti saperti kitu jeung aya batasna. indungna ningalikeun parobahan budak beuki dieu teh tambah pinteur gayana dina poe ka poe, mere kakuatan ka ibu ramana kedah nambah kasabaran sahingga keur akang ieu budak teh minangka jimat keur kuring aya kasusah..nambah sumangeut kahirupan,  keur kuring ngarasa cape..nambah hojah tambe ngeleupaskeun kacape, meureun keur kuring geuring oge kauring makasakeun keur nemonan kawajiban, aatan budak...komo ieu teh sawelas taun nunguan di jimat medal kaalam dunya.
ceuna satiap budak teh aya rijkina, sarua basa urang karek rarabi aya we rijki teh..mudah-mudahan kahadiran si geulis teh nambah berkahna ibu ramana dina neuleuman kahirupan anu beuki dieu tambah werat, iwal rasa syukur anu nguatkeun sagalana.

Dongeng Sunda

Dongeng mangrupa wangun sastra lisan anu eusina di luar kanyataan.
Dongeng éta tiheula mindeng diceritakan ku kolot ka anak atawa incuna nyanghareupan saré. Di Sunda loba dongeng kawas éta, kedalkeun dongeng si Buaya jeung si Peucang, Monyét jeung Anak Pak Tani, Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét, sarta séjén sebaginya. Dongeng-dongeng kasebut kasampak écés mangrupa hiji carita khayalan di luar alam nyata.

Tapi, aya dongeng anu seolah-olah di alam nyata sarta melegenda, komo jadi salah sahiji ikon urang Sunda, nyaéta dongeng si Kabayan. Sagala rupa carita lila sarta modern ngeunaan si Kabayan tetep ngandung daya kenyang pikeun anu ngaregepkeun atawa anu menyimaknya. Opat inohong utama dina dongeng si Kabayan nyaéta Nyi Iteung minangka kabogoh sarta jadi pamajikan si kabayan, si Abah anu mangrupa bapana Nyi Iteung, si Ambu anu mangrupa indungna Nyi Iteung, sarta si Kabayan sorangan. Dongeng si kabayan sempet di filmkan jeung sawatara judul, di antarana Si Kabayan Saba Dayeuh, kira-kira warsih 1989. Film éta disutradarai ku Eddy D. Iskandar sarta dibintangi ku Didi Petet sarta Faramitha Rusady. Kiwari, inohong si Kabayan dijieun ogé dina wangun film kartun “si Kabayan” anu disiarkan ku salah sahiji télévisi swasta nasional.

Dongeng Sunda di Radio
Sajaba hal di luhur, dongeng ogé aya anu di sampaikan ngaliwatan radio. Hal éta kurang leuwih antara warsih 1980—1990-an. Dongeng Sunda ngaliwatan radio mangrupa salah sahiji acara pavorit urang Sunda dina wayah éta. Disiarkan kira-kira pukul 10.00 WIB, soré kira-kira pukul 15.00, peuting kira-kira pukul 16.30, sarta sebaginya.

Husus ngeunaan dongeng Sunda di radio. Dongeng ieu mindeng ngagunakeun kasang carita di pilemburan sarta nyaritakeun ngeunaan jawara pembela kebenaran. Jawara kasebut miboga élmu anu luhur, tapi miboga lawan anu ampir saimbang. Tapi, dina ahir carita, sang jawara-lah anu sok meunang. Aya sawatara inohong jawara dina carita dongeng anu béda. Aya si Rawing, si Buntung Jago Tutugan, si Bongkok, sarta sajabana. Sedengkeun sawatara pendongeng anu masyhur dina wayah éta, di antarana Wa Kepoh, Mang Barna, sarta Bang Rahmat. Komo wa Kepoh kacatet minangka pendongeng pangmahalna. Rékaman dongengnya disiarkan ampir di sakumna stasion radio swasta di Jawa Kulon. Hal éta dirojong ogé ku sponsor tunggal anu maturan dongengnya.

Saterusna mecenghul varian dongeng Sunda, nyaéta dongeng si Kunang. Minangka pendongengnya leuwih ti hiji urang, nyaéta didongengkan ku Tisna Suntara sarta Bang Andi. Inohong si Kunang di dampingi ku inohong séjénna, kawas Mang Ménta anu boga sora has rada sesek, Bah Jangkung, Mas Paidjo, sarta Nyi Iting. Dongeng kasebut pohara menghibur pendengarnya sarta disiarkan dina beurang poé pas pisan kalayan balik anak sakola atawa pagawé. Tapi, seiring lalampahan wayah, dongeng si Kunang ogé tikerelep palid tergerus jaman. Ku kituna,kini dongeng-dongeng Sunda di radio ngan sawates memori anu mebes dina ingatan para penggemarnya.

Dongeng Sunda di radio, lain waé minangka sarana hiburan pikeun masarakat di Tatar Sunda dina wayah éta. Tapi, di jerona ogé kentel kalayan peunteun-peunteun budaya Sunda. Hal anu henteu bisa diabaikan ogé nyaéta ngeunaan basa Sundanya. Kalayan mindeng ngaregepkeun dongeng Sunda di radio dina wayah éta, sacara laun laun pendengar baris diasupi kosakata-kosakata kesundaan anu meureun deungeun kénéh pikeun sawaréh pendengar. Utamana pikeun kawula ngora anu perlu kiriman kosakata-kosakata basa Sunda. Di sisi séjén, baris dibiasakeun ogé ngadéngé dialek kesundaan anu has.

Sajaba ti éta, dongeng Sunda di radio ngandung peunteun-peunteun edukatif anu positif pikeun generasi penerus bangsa, hususna di tatar Sunda. Generasi penerus sacara henteu langsung disuguhan sawatara sipat anu variatif. Ancik kumaha padai-pandainya nyokot hikmah. Kolot anu babarengan ngaregepkeun dongeng kasebut, sedikit-demi saeutik atawa sacara anca ngasupkeun pangaruh-pangaruh positif sabot mengomentari carita dongeng kasebut. Ku kituna, dongeng éta bisa jadi sarana pikeun menanamkan peunteun-peunteun edukatif. Di sisi séjén, ayana arahan ti Pendongeng anu resep ditempatkeun di ahir siarannya, nyaéta jeung babasan candak nu saena piceun nu awonna.

Tapi, pohara pikalebareun. Kejayaan dongeng Sunda meredup kira-kira warsih 1990-an. Seiring éta pendongeng sarta naskahnyapun lenyap bak dilegleg bumi. Hal kasebut dimungkinkan nguranganana pendengar anu ngabalukarkeun undurnya pariwara nu ngarojong acara kasebut. Ku kituna hal éta, dianggap geus henteu nguntungkeun deui pikeun sagala rupa pihak anu patali. Hususna pikeun nu ngokolakeun stasiun radio anu bersangkutan.

Dibukukan

Kiwari, sésa-sésa kejayaan dongeng Sunda rada hésé dilacak alatan henteu ninggalkeun tapak anu signifikan. Naskah-naskah dongeng Sunda di radio, hésé teuing pikeun ditéang dipasaran alatan henteu dibukukan atawa lamun aya anu geus dibukukan, tapi euweuh penerbitan deui. Padahal buku nyaéta salah sahiji pengarsipan anu cukup alus. Di sisi séjén, pohara minim ayana para peneliti basa atawa sastra anu mengkaji sarta meniliti ngeunaan dongeng Sunda jenis ieu. Béda kalayan jenis dongeng séjénna, kawas dongeng si Kabayan. Dongeng kasebut loba variannya, alus dina wangun cerpen, carpon, carita Sunda, sarta komo nepi ka difilmkan.

Ku kituna, lamun dongeng Sunda di radio henteu meujeuhna siar deui alatan beurat bersaing kalayan média hiburan séjénna atawa dianggap tinggaleun jaman. Sahenteuna, aya naskah-naskahnya anu bisa disusud. Bisa ogé pikeun nu nulis atawa pengarangnya bisa digawé babarengan kalayan penerbit anu paduli jeung hasanah Sunda pikeun dipedar dina wangun buku, novel, roman, atawa wangun séjénna. Ku kituna dongeng kasebut bisa jadi bahan kajian ilmiah sarta di sisi séjén minangka salah sahiji wangun apresiasi ka pengarangnya, anu dina wayah éta henteu dipopulerkan. Lainna ayana World Book Day (Poé Buku Sadunya) tanggal 23 April anu ditetepkeun ku UNESCO, salah sahijina minangka wangun apresiasi ka sawatara pengarang? Salah sahijina ka pengarang buku kenamaan anu ngaranna William Shakespeare? Sabenerna éstuning tohaga pengarang dongeng Sunda di radio kasebut. Tapi nyaah, di mana ayana teu sapopulér pendongengnya. Leuwih wangun apresiasi dana ka karya-karyanya kasebut.

Nu nulis, Staf Téknis Balé Basa Bandung
Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...