Mun ngobrolkeun masalah hantu alias jurig, sok jadi inget kana dongeng pangalaman lanceuk kuring, nyaeta Teh Enok, anu kajadianana kira-kira dina taun 93-an, mangsa Teh Enok keur mojang atawa keur gadis keneh, kira-kira keur umur 18 taunan cenah.
Ceuk Teh Enok cenah, dina mangsa harita, pikeun mojang atawa gadis saumur Teh Enok , husuna di lembur, ngarupakeun hiji hal anu kawilang matak erana lamun can bisa ngaji atawa can lancar maca Qur'an atawa oge can namatkeun Al-Quran 30 juz.
Ari sabab, lantaran engke pareng dina waktuna kawin, dina acara walimahan sok diayakeun acara khatam Al-Quran husu pikeun panganten awewe. Ku lantaran kitu, mojang-mojang anu alumurna geus nincak 17 taunan ka luhur, dina mangsa harita kacida pisan garetolna jeung saruhudna dina dialajar ngajina, da sieun kawiwirangan dina waktuna kawin tea. Kaasup Teh Enok sorangan cenah, getol pisan diajar ngajina, ampir tara aya peuting nu kaliwat ari lain keur hahalang mah.
Ari ngajina sok diayakeun di masjid jami anu pernahna aya ditengah lembur. Waktu ngajina sok ti peuting, nyaeta ti bada magrib nepi ka liwat isya atawa kira-kira jam 8 peuting.
Ti imah kuring atawa ti imah Teh Enok ka masjid jami teh anggangna ampir sakilo meterna, atawa kurang leuwih 800 meteran mah aya meureun. Jalana mapay pasawahan jeung marupa galengan sawah. Ngaliwatan oge sababaraha imah. Ma'lum kaayaan di pakampungan bari jeung daerah pasawahan, kaayaan imah teh ancal-ancalan. Antara imah nu hiji jeung nu hijina deui patarenggang, tatangga jeung tatangga paaranggang. Ari jalan mah boh anu ngahubungkeun ti imah ka imah sejenna, lumayan gede sanajan ukur mangrupa galengan sawah oge, ngahaja ku nu borangan digaledean kalayan kasadaran sorangan.
Mangsa harita, lamun ti peuting kaayaan lembur teh paroek, sabab mangsa harita mah ka lembur teh can asup listrik. Di imah-imah ukur marake lampu cempor atawa ku lantera. Anu ngaraji di masjid oge ukur dicaangan ku patromak, di imah lamun bubaran ngaji teh sok tuluy dipareuman.
Kacaritakeun Teh Enok, lamun beres ngaji di masjid teh tara tuluy balik ka imah. Tapi sok ngadon nyimpang heula ka imah guru ngajina anu maksudna rek ngadon tatanya masalah-masalah anu kurang paham. Lumayan we cenah jang nambah-nambah pangaweruh, hususna dina widang agama. Atuh ari balikna ka imah teh sok rada peuting, kira-kira jam 9 atawa jam 10. Salian ti Teh Enok aya opatan deui cenah babaturanana anu sok ngahaja nyimpang ka guruna teh, lalaki duaan jeung awewe duaan.
Teh Enok, enya ge pangawakan awewe bari harita keur gadis keneh estuning ludeung, teu ieuh borangan. Mun balik ngaji teh sok sorangan bae, tara ieu aya nu nganteurkeun, rek poek rek leueur oge. Kawas dina peuting harita cenah, kira-kira jam 10 Teh Enok karek mulang. Teh Enok leumpang nyorangan.
Teh Enok, enya ge pangawakan awewe bari harita keur gadis keneh estuning ludeung, teu ieuh borangan. Mun balik ngaji teh sok sorangan bae, tara ieu aya nu nganteurkeun, rek poek rek leueur oge. Kawas dina peuting harita cenah, kira-kira jam 10 Teh Enok karek mulang. Teh Enok leumpang nyorangan.
Peuting harita teh sakuduna mah caang bulan sanajan can tanggal wewelasan oge. Ngan kulantaran langit angkeub, da keur mangsana usum hujan, cahaya bulan teh ukur reyem-reyem, najan teu kasebut poek oge. Ari hawa karasa tiris mani nyecep.
Ku lantaran teu mawa baju haneut, Teh Enok harita ngaharudungkeun mukena anu ti tatadi dikekelek. Tambah tiris teuing cenah.
Ku lantaran teu mawa baju haneut, Teh Enok harita ngaharudungkeun mukena anu ti tatadi dikekelek. Tambah tiris teuing cenah.
Keur jongjon leumpang, ari pes teh lampu senterna ngadon pareum, tayohna bae bohlamna pegat. Teh Enok kapaksa nolog. Keur kitu teh hujan girimis turun deuih. Mangkaning poho teu mawa payung.
Teh Enok neangan pangiuhan. Untung aya saung di sawahna Ki Darta nu teu pati jauh ti jalan. Teh Enok muru ka dinya rek ngadon ngiuhan heula. Barang sup ka saung, Teh Enok ngaregog! Sabab ningali di jero saung teh aya dua mangkeluk awewe jeung lalaki keur dariuk bari patangkeup-tangkeup. Teh Enok tadina mah arek mundur deui, tapi kaburu katingalieun manten ku nu duaan. Barang ngareret ka Teh Enok, ana goak teh nu awewe ngagoak bari ngejat!
"Ju... jurig!" cenah. Gajleng, gajleng duanana laluncat! Beretek lalumpat sakalumpat-lampet, notog-notog maneh! Korosak! Korosak! Gobrass! Gobrasss! Duanana tingalabres kana kotakan anu keur meujeuhna pibuateun, geus teu nolih di nanaon deui! Ari Teh Enok, saukur colohok we nempo nu kalabur teh!
Isukna di lembur jadi ibur. Pajarkeun teh cenah sawahna Ki Darta anu keur pibuateun, peuting tadi digaley ku bagong kajajaden. Ari ti babaturanana mah Teh Enok meunang beja, yen cenah peuting tadi basa keur bobogohan di ganggu jurig. Teh Enok ukur nyenghel ngadenge beja kitu teh, da sidik manehna pisan anu jadi jurig bungkeuleukanana. Enya... jurig mukena meureun!
Tapi aya hikmahna oge tina kajadian eta. Paling henteu geus bisa nyegah babaturanana anu rek ngalakukeun "Laku lampah teu uni!"***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar