Jumat, 28 Oktober 2011

Teu sangka

Ku Fendy Sy. Citrawarga

"Anduk, anduk, araranduuuk......!" Kadenge aya nu dagang gogorowokan mani cowong. Inget pamajikan butuheun anduk da ningan awewe mah sok gojeh masing alus keneh oge sok hayang geura ganti, kuring  kaluar ti imah ngageroan tukang anduk. Belaan jejengkean najan sendal kulit empuk weuteuh keneh ngabagug parkir dina taneuh. Lebar rek make teh bisi ruksak heug bayareun keneh. Sina ngabagug di buruan  soteh seja mapanas nu ngalaliwat  ngarah disangki jalmi gaduh. 
"Anduk-anduk!" cekeng. Nu dagang  haget nyampeurkeun.
"Sabarahaan anduk Mang?"
"Mirah Pa, mung tilu puluh lima!"
"Tilupuluh lima naon?"
"Muhun tilupuluh lima rebu rupia. Teu werat bade ngical tilupuluh lima juta teh, hawatos heug nagara nuju krisis!" ceuk nu dagang. Ngabojeg ti dituna mah.

Torojol nu boga hadas kaluar ti kamar.

"Tah nu dagang anduk!" cekeng ka pamajikan. Blus sorangan mah asup ka jero imah neruskeun hanca pagawean. Nu adu rega hoghag di teras.
"Sabarahaan Mang?" tanya indung budak  mitembeyan adu rega.
"Mirah Bu Haji mung opat puluh rebu," ceuk nu dagang. Beu, si kehed.

Cikeneh teh nongtoreng nawarkeun 35 rebu, ayeuna geus jadi  opat puluh rebu.

Anehna, indung budak mah bangun tiis. Ninggang ka sorangan mah  kudu geus ngabuleudkeun peureup.

Kedewek indung budak ngarontok anduk nu kelirna warna-warni. Aya nu hejo, beureum, gading, koneng, kumaonam bandera partey.

"Sarae Bu Haji, sarae," ceuk nu dagang ngabuih. Geus pok deui nyebut Bu Haji.
"Jieunan mana Mang?" tanya teh mairan bari jongjon baranggawe.
"Gondewah Pa!" 
"Sapuluh rebu we nya?" ceuk indung budak. Hag siah, lebok tah!

Nawarkeun opat puluh rebu, ditawar sapuluh rebu. Paingan  indung si kucrit katenjo tiis da meureun geus boga rudal pameupeuhna.

"Hatur nuhun Bu," ceuk nu dagang, ukur nyebut bu teu make haji. Teuing ku naon. Direret ku juru panon katenjo  jamedud. Indung budak jongjon pipilih deui. Dialak-ilik, dibeber-beber, malah  aya nu dikebut-kebut sagala.
"Nya Mang sapuluh rebu, da kasep!" pokna bari luway-liwey gumeulis.

Puguh we jero dada ngaheab.

"Ari Bu Haji, piraku Emang teu gaduh bati?" Kasebelanana teh kareret imut. Hulu angen karasa aya nu nonjok. Temahna nyiak kana embun-embunan.
"Lah si Emang mah!" pamajikan  humandeuar.
"Tos we tilu puluh lima rebu bubuhan ka Bu Haji we ieu mah.

Ngaraketkeun duduluran. Ka ibu-ibu sanes mah teu dipasihkeun, sing sumpah!" 

Geus pok deui nyebut Bu Haji. Kuring  nyaan hayang seuri ngadenge tukang anduk nyebutkeun teu dibikeun ka ibu-ibu nu sanes. Nya teu dibikeun  da teu dibeuli.

Saha nu daek meuli anduk ditekuk.

"Sakitu wae!" ceuk pamajikan bari ngecagkeun anduk tangka satambruan.
"Sakitu sakumaha?"
"Enya sapuluh rebu!"
"Ituh geura. Mana kanggo Emangna sakitu mah teu jinis-jinisna acan.

Mangkaning Emang teh teu acan neda, teu acan nyesep, nyirop, teu acan deuih kanggo ngarosikoan anak mitoha. Mangkaning upami rosiko dapur murugul teh baeudna miyuni baud, pageuh. Sing hawatos we....Bu Haji" pokna lumengis. Ti dituna mah meureun menta dipiwelas.

"Enya sakitu!"
"Eta Bu Haji, enya sakitu, enya sakitu deui wae. Sakitu teh sakumaha?

Saratus rebu? Candak lah bubuhan ka Bu Haji we."

"Enya saratus rebu sapuluh sikieun!"
"Bade sabaraha hiji nganggona?"
"Hiji we, loba-loba teuing!"
"Manawi teh bade ngaborong wantun sakitu teh. Kieu we atuh nya bilih kabujeng hujan.  Tilu puluh we. Mangga bade nu mana? Nu hejo, nu beureum, nu koneng? Ketang da Bu Haji mah demplon, nganggo kelir naon wae ge teu burung payus!" Jeletit  hate kaciwit deui.
"Gampang milih kelir acak corak mah mah Mang. Kudu puguh heula haregana. Sakitu mah sok!"ceuk indung budak  deui bari  ngolesed ninggalkeun nu dagang anduk.
"Tos we dua lima!" ceuk nu dagang bari ngajewang leungeun indung budak. Meh we keuna. Kuring ge replek rek nyokot asbak tadina mah. Nyaan mun wani-wani nyabak, rek dipalempeng asbak.
"Sakitu!"
"Saur Emang ge jinisna teh dua puluh. Buruh ngider lima rebu. Meujeuh we tinimbang angkat ka Pasar Baru mah.  Teu acan ongkos,  jajan, dan ituh inih!" Angger ngolo.
"Enya sakitu!" ceuk pamajikan, geblus ka  kamar.
"Tos we lah panungtungan ayeuna mah. Dua puluh rebu!"
"Sakitu!" tembal pamajikan pageuh. Si tukang anduk ngahuleng. Antukna nu tadi kuring  ngarasa timburuan teh jadi watir. Sup  ka kamar.
"Nu kelir kumaha anduk teh? Beuli we dua puluh rebu ge karunya," cekeng teh.
"Enya sakitu!" ceuk pamajikan, teu beunang diongget-ongget.

Kuring kaluar ti kamar. Tukang anduk ngajanteng keneh.

"Candak!" cenah, teugeug. Torojol pamajikan kaluar. Laju milih anduk.

Nyokot hiji kelir beureum. Creng dibayar. Ih geuning mere duit dua lambar. Nu hiji sapuluh rebu nu hiji deui lima rebu.

"Ning ieu mah lima welas rebu Bu Haji? Pan tadi mah Bu Haji nawis sakitu, muhun sapuluh rebu. Teu kenging ngabohong ah bilih doraka," ceuk tukang anduk bari mulangkeun deui duit lima rebu perak. Gejlig indit. Mani rurusuhan, teu nuhun-nuhun acan.
"Teu sangka nya manehna, dina jaman orowodol kieu, aya keneh nu soleh!" pok teh. Pamajikan tiba ngaheueuhan. Geblus manehna asup ka kamar. 

Kuniang kuring hudang, maksud mah rek nyait kolor tina popoean. Barang rek make sendal,  enya  nu diparkir di buruan,  geus lebeng.

"Manehna, manehna, ka mana sendal?"
"Sendal nu mana?" Indung budak norojol bari nyolendang anduk.
"Sendal kami pan tadi teh di dieu."
"Sendal nu kenging ngiridit?"
"Enya, tadi teh basa nyalukan tukang anduk aya keneh!"
"Nya duka atuh. Boa ku tukang...aaan.."
"Geus moal salah. Si kehed...," piceurikeun nyelek na tikoro.

Pudingding napsu. Sebrut nyusul tepus. Teu manggihan tapak-tapakna.

Sumber : http://majalah-mangle.com

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...