Jumat, 28 Januari 2011

"Budak Indigo" Aheng tur Ajaib

Budak umur lima taun kamampuhnana luar biasa. Aya nu lancar ngomong basa asing, padahal teu kungsi aya nu ngajar. Tah, budak kitu katelah budak indigo. Jumlahna ayeuna tambah ngareaan.

***

Sesebutan budak indigo teh asalna mah tina ngaran warna nu ngagebur dina cakra ajna  hiji budak. Cakra ajna sok disebut panon katilu, ayana di antara dua halis panon. Tah, ieu warna teh ngagambarkeun aura kasaimbangan nu tungtungna sok dikaitkeun jeung "indera kegenep". Ana kitu, naon atuh ari budak indigo teh?

Budak indigo teh geuningan lain saukur masalah warna aura. Budak indigo nyaeta budak nu nembongkeun paripolah nu leuwih kolot tibatan umurna sorangan tur kamampuh nu kawilang gedena. Biasana urang mah sok nyebutna eta budak teh ngabogaan "indera kagenep". Aya oge nu nyebutkeun, budak indigo teh ngabogaan kamampuh ngagambarkeun mangsa nu geus kaliwat  jeung mangsa nu bakal datang. Ari istilah indigo nu asalna tina basa Spanyol dipake dina taun 1970-an ku Nancy Ann Tappe, konselor di Amerika, pikeun budak nu boga aura warna indigo (ungu).

Dina ciri-ciri pisikna mah budak indigo teh sarua bae jeung budak sejenna, ngan dina kamampuhna sasatna mah leuwih batan budak sejen. Sebut wae tina cara ngomong atawa paripolahna nu cerdas tur bijaksana, leuwih ngimeutan alam jeung fenomena sejen, jeung deui biasana ngabogaan bakat psikis.

Reinkarnasi

Aya kaahengan patali jeung lahirna ieu budak ka dunya. Lain masalah kumaha cara lahirna, tapi masalah sejen nu marengan ieu budak aya di dunya. Salah sahijina nyaeta pangaruh geterna bumi (planet earth). Sacara metafisik, geteran bumi beuki tarik. Dina taun 1970 nepi ka 1980-an, resonansi bumi ngan kira-kira 7,83 Hz (Hertz), taun 2000 jadi 8,5-9 Hz, terus di taun 2004 ngaronjat deui nepi ka 13,5 Hz. Hal ieu nimbulkeun hiji fase nu nyababkeun ayana ronjatan ka dimensi anu leuwih luhur. Apanan ku leuwih tarikna geteran bumi bakal ngajadikeun bumi leuwih panas jeung suhuna leuwih ningkat, sigana aya pakaitna jeung global warming. Tungtungna, kudu aya jalma nu bisa nyaimbangkeun hal eta. Ku ayana budak indigo, geteran bumi bakal leuwih laun jeung alus, tur ngajadikeun dunya leuwih genah pikabetaheun.

Kaahengan sejen, aya nu nyebutkeun anak indigo teh hasil tina reinkarnasi. Ceuk nu percaya, reinkarnasi teh proses ulang lahirna jiwa, ngaliwatan orok nu karek borojol ka dunya. Proses reinkarnasi ieu anu dipercaya jadi dasar ayana sababaraha budak indigo diantarana, Victor Chandrawira. Ti leuleutik manehna sok disebut tukang baruntak, lain tina paripolahna ngan cara manehna ninggali hiji hal tina sisi nu sejen. Lalaki nu ayeuna jadi presiden direktur hiji perusahaan konsultan nu ngamekarkeun sumber daya manusa ieu, basa di Italia kungsi manehna ditanya ku salah saurang gipsy nu ngaku kenal cenah Victor teh nyaeta seniman kelilling nu hirup sababaraha taun katukang di daerah dinya. Kitu deui Ario Hardyojati, budak nu umurna kakara 12 taun ngaku-ngaku cenah saencan lahir manehna prajurit perang RRC. Tetela budak teh bisa nulis aksara RRC kuno padahal can kungsi diajar samemehna. Malahan waktu ninina rek maot oge, manehna geus nyaho leuwih heula.

Beda DNA

Sababaraha panalungtikan nuduhkeun, ayana susunan DNA (Deoxyribonucleic acid) budak indigo nu beda tibatan jalma sejen. Evolusi DNA eta nu kaasup salah sahiji kaahengan budak indigo. DNA ngabogaan tugas jang nepikeun informasi genetik dina hiji sel. Biasana dina susunan DNA jelema sok aya sababaraha bagian nu disebut junk DNA. Tah, dina diri budak indigo mah bagian eta teh aya tambahna sababaraha bagian sejen nu can kaidentifikasi ku ahlina. Hal eta ngebrehkeun susunan nu leuwih rapih tur aktif tibatan nu lain budak indigo. 

Salian tina masalah DNA, ayana "indera kegenep" budak indigo teh, asal muasalna mah aya dina kelenjar pituitari nu aya di dasar uteuk manusa. Cenah, baheula mah waktu manusa karek aya di bumi, anggangna antara manusa jeung energi Gusti Nu Maha Suci teh deukeut keneh, kusabab eta kelenjar teh ngajurungkunung ka luar jiga antene. Pituitari boga fungsi keur ngaluarkeun sinyal nu ngahubungkeun energi di jero awak jeung energi Gusti Nu Maha Suci. Ngan, kelenjar pituitari teh ayeuna mah geus ngaleutikan. Sanajan fungsi jeung posisi na masih sarua siga baheula, ayeuna mah eta teh geus hese ngaluarkeun sinyal energi.

Kaahengan-kaahengan eta lain saukur kajadian nu euweuh maksudna, apanan, cek sawareh, ayana budak indigo di dunya teh miboga misi penting. Sebut wae budak indigo nu boga bakat gede dina masalah elmu pangaweruh. Eta budak teh bisa ngaronjatkeun dunya kaelmuan ku ayana pamanggih anyar, siga Albert Einstein. Lain elmu pangaweruh wungkul, budak indigo oge miboga misi dina bidang sejenna kayaning kasenian, pendidikan, olahraga, nepi ka paranormal. Jabaning eta budak indigo teh jumlahna loba, sanajan can kaitung kalawan bener. Aya nu nyebutkeun, jumlah budak indigo di Indonesia teh persentasena kira-kira 10.000 : 1. Malahan mah ayeuna  geus aya komunitas hususna nyaeta "Komunitas dan Pusat Studi IndigoIndonesia (KPSII)".  Jumlah anggota komunitas disawang bakal ngalobaan utamana di Jawa. Malah aya nu naksir dina taun 2010 bakal ngumpul 5.787 budak indigo. Barudak indigo tangtuna boga misi nu beda-beda dumasar kana bakatna sewang-sewangan.

Karakteristik Husus
Aya karateristik husus nu ngabedakeun budak indigo jeung budak sejen. Manehna miboga rasa yen hirup di ieu patempatan geus luyu tur pantes jeung bakal ngarasa heran lamun aya jalma sejen nu teu ngarasakeun kaayaan sabudeureunana. Biasana mah paripolah manehna kaciri jiga jalma nu geus dewasa. Ngan manehna ngarasa hese pikeun akses kana  kakawasaan absolut, komo deui lamun eta kakawasaan  euweuh piliheun. Kalan-kalan budak indigo sok ngarasa frustasi kana sistem anu orientasina ritual jeung teu mikabutuh kana pamikiran nu teu kreatip. Kaciri siga nu antisosial. Manehna sok noong hiji masalah tina sisi nu beda, sok sanajan kitu ngerengsekeun hiji perkara teh hasilna sok leuwih alus.

Pangajen ka dirina sorangan teu dianggap masalah nu luar biasa. Manehna moal ngarespon kana disiplin nu kaku jeung teu ngarasa era ngabejakeun ka sasaha kana sagala rupa nu ku manehna dipikabutuh. Manehna oge sok embung ngalakukeun hal-hal nu ngahesekeun dirina. Biasana budak indigo sok leuwih sensitif, tapi gampang bosen jeung gampang frustasi. Dirina siga nu kaleuwihan energi. Kusabab kitu, manehna butuh jalma-jalma nu boga kondisi emosi nu stabil tur mikawanoh kaayaan dirina. Kalan-kalan sok hese cicing iwal lamun manehna aya dina lingkungan atawa hiji hal nu dipikaresep.

Salian ti ayana karakteristik husus tadi, aya opat tipe golongan budak indigo. Nu kahiji nyaeta konseptual. Biasana budak indigo golongan ieu sok leuwih resep digawe sosoranganan dina hal-hal nu dipikaresepna, paripolahna kaciri sensitif pisan. Nu kadua nyaeta humanis. Budak indingo nu humanis mah tibalik jeung tipe nu konseptual. Biasana leuwih resep digawe babarengan, paripolahna leuwih hiperaktif. Kusabab kitu, manehna kaciri sosial, someah, jeung miboga pamadegan nu kuat. Nu katilu budak indigo golongan interdimensional, biasana mun geus dewasa bakal jadi filsuf atawa inohong agama. Nu kaopat nyaeta golongan artis atawa golongan nu mikaresep kana seni. Budak indigo ieu sok kaciri leuwih kreatip  tur miboga minat nu loba kana kasenian.

Aya cara-cara husus pikeun nyanghareupan budak indigo, sanajan boga kareteristik jeung golongan nu beda-beda. Cohagna urang kudu ngarumat dirina pinuh pangajen, ngadengekeun kahayangna atawa pamadeganana, mere lolongkrang pikeun ngamekarkeun kabisa tur nganbantu manehna mekarkeun bakat kalawan daria. Urang oge kudu ngawangun sikap koperatif, ulah loba teuing tutah titah.

Budak indigo kudu dibantuan ngalakukeun hal-hal anu beda jeung nu dipikaresepna bari ngajentrekeun sagala rupa hal bari pikahartieun dirina. Ngarojong manehna jadi sumber nu matak tengtrem keur batur bari urangna oge kudu laksanakeun. Nu pentingna deuih urang kudu boga sikep toleran kana emosi manehna nu kawilang gede.

Paripolah urang bisa ngabantuan budak indigo neangan jati dirina sorangan. Manehna boga aset gede keur ngaronjatkeun segi-segi kahirupan di dunya. Ku sabab kitu, sanajan manehna jiga budak ajaib, urang ulah kaciri ngabeda-bedakeun eta budak jeung budak sejenna. Ngan ulah nepi ka ngurangan pamalire urang ka manehna. Kalah kumaha oge budak indigo sarua jiga budak sejenna, ngan boga kamampuhna anu leuwih.

Budak Indigo bisa aya di mana wae, iraha wae. Annisa Rania Putri contona. Sanajan manehna karek nincak lima taun, manehna geus medalkeun hiji buku tur geus bentes ngomong make basa Inggris ku dialek Amerika Serikat ti leuleutik. Padahal, kolotna can kungsi ngajarkeun. Malahan mah kolotna oge teu bentes ngomong make basa Inggris. Karasana hal eta teh ajaib tur aheng. Bisa wae budak jiga Annisa aya disagigireun urang ayeuna. Tinggal tugas urang sakabeh minangka kolot neangan potensi gede dina hiji budak tur ngamalirkeun keur kamekaran dirina. Boa-boa wae eta teh budak kaasup kana budak indigo. Apanan lebar mun teu kanyahoan teh. *** (Evi Sefiani)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...