Senin, 01 November 2010

Syarat nyandung / hayang kawin deui

Mang Ontohod geus rada lila rumah tanggana boga anak dua, hiji mangsa menta ijin ka pamajikanana rek kawin deui.

" Manehna, uing hayang kawin deui, kira-kira diijinan moal ? " ceuk Mang Ontohod hiji waktu.
" Atuh mangga teh teuing hoyong nikah deui mah, ku urang rek diijinan " jawab pamajikan Mang Ontohod.

Pohara bungahna Mang Ontohod pedah diijinan kawin deui.

" Hade ku urang diijinan ngan syaratna aya tilu " pamajikan Mang Ontohod neruskeun omonganan.
"Cik...cik....cik naon tah syarat na, bejakeun ka uing..." Mang Ontohod panasarn.

" Syarat ka hiji...anjeun kudu adil nafakah bathin jeung nafakah lahir " ceuk pamajikan Mang Ontohod
" Atuh eta mah gampil lah uing bisa adil rarasaan mah " Jawab Mang Ontohod enteng.
" Terus syarat nu kadua naon tah ?" Mang Ontohod semu teu sabar
" Syarat kadua...anjeun teh kudu mapan dina panghasilan supaya cukup keur biaya hirup " Pamajikan Mang Ontohod neruskeun.

" Atuh eta mah katinggali sorangan pan urang teh cukup sandang cukup pangan, bro di juru bro di panto, ngalayah di tengah imah " Tembal Mang Ontohod gesit.
" Anu katilu...anu katilu naon syarat na tah ?" Mang Ontohod panasaran bari seseblakan.
" Syarat anu katilu ....... LANGKAHI DULU MAYATKU " Jawat pamajikan Mang Ontohod singkat.
Mang Ontohod  olohok.

Singkat carita pamajikan Mang Ontohod gering ripuh mulan malen. Jigana ninggali syareat mah bakal mulang ka asal di punut ku nu Rahayu.

Hiji poe pamajikan Mang Ontohod nyalukan Mang Ontohod
" Kang kadieu heula sakeudeung, abdi aya wasiat " pamajikan Mang Ontohod nyalukan salikina, dareuda.
" Aya naon manehna, sok geura tepikeun wasiatna " Ceuk Mang Ontohod.
" Bareto Akang menta ijin ka urang yen akang rek kawin deui " Pamajikan Mang Ontohod ngamimitian carita.
" Enya kitu tea mah uing teh hayang kawin deui, mung manehna jiga nu teu ngijinan, beurat syaratna teh gening" Ceuk Mang Ontohod.
" Ayeuna mah jig bae bisi Akang rek kawin deui mah, urang mah jigana moal panjang umur, batan kieu kaayaan awak teh, ...ngan aya syaratna opat rupa mun Akang rek kawin deui" ceuk pamajikan Mang Ontohod dareuda.

Mang Ontohod curinghak, ngadenge pamajikanan ngijinan kawin, " Sok atuh geura tepikan naon tah syarat-syarat na teh.

" Syarat ka hiji, mangga teh teuing akang kawin deui, saba'da na urang geus euwuh di alam dunya " Ceuk pamajikan Mang Ontohod, cipanon teu elat reumbay murukpuk.

" Muhun atuh akang oge moal tega, kawin deui salila anjeun hirup keneh mah, pan kitu lain hartina syarat anu katilu " LANGKAHI DULU MAYATKU baheula gening", terus naon syarat anu kaduana " Mang Ontohod neruskeun.

" syarat kadua, kade omat barudak piara sing bener ulah ka lali lali " Hujan cipanon pamajikan Mang Ontohod nambahan

" Ulah salempang masalah barudak mah manehna, sanajan engke di terekeun moal dugi ka ka lali lali" jawab mang Ontohod,

" Terus syarat anu katilu...upami Akang rek kawin deui, ulah di laksanakeun sapanjang kuburan uing baseuh keneh" Pamajikan Mang Ontohod nepikeun syarat anu katilu.

" Akang oge palebah eta mah boga pikiran, maenya kuburan pamajikan oge can garing-garing acan geus gura giru kawin deui " Ceuk Mang Ontohod.

" Terus syarat anu ka opat naon manehna ?" Mang Ontohod semu bungah, kabayang jaga manehna laluasa kawin deui. Mang Ontohod teh hiji type lalaki anu nurut jeung sien ku pamajikan. Manusia TAKUA ( Takut sama istri Tua )

" Syarat anu ka opat : kade Akang ulah poho unggal poe pang nyeborankeun kuburan uing ku cai " Ceuk pamajikan Mang Ontohod.

Mang Ontohod jero hate " Atuh moal garing-garing eta kuburan......iraha kawin na uing"

Petengan : bluefame.com

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...