Senin, 01 November 2010

CIMATA INDUNG

Ku Komalawati. S
 
Bari angkaribung ku babawaan, gagancangan kuring leumpang mapay galengan, ninggalkeun lembur. Di hareupeun warung Ceu Enok, kuring eureun bari ngecagkeun dua jingjingan. Gek diuk dina bangku panjang paragi dariuk nu ngaradon ngopi bari nyegat mobil elep atawa beus.

"Na... asa suwung kieu, ieu teh, Ceu?" cekeng bari top nyokot bala-bala haneut hiji, tuluy dihuapkeun. Biasana tabuh sakitu, di warung Ceu Enok sok pinuh ku nu barang beuli utamana nu rek nyaba, sok ngadon ngopi heula cara kuring ayeuna, bari nyegat mobil.
"Tadi... Kang Karna jeung Mang Amud, ngaropi. Rek nyaraba ka Bekasi. Cenah aya pagawean. Dulurna nu ngumbara di ditu, rek ngadegkeun deui imah. Karek bieu pisan naek beus.
"Oooh...! Ceu, nyungkeun cai!"

Ceu Enok ngasongkeun gelas balingbing eusi cienteh panas. Saeutik-saeutik, kuring ngaregot. Tuluy nyokot goreng ketan. Am, disamualkeun. Untung teu meleg, da ketanna leutik. Lapar, atuda ti imah can sempet sasarap. Rurusuhan, bisi tinggaleun beus. Ari tepi ka jalan gede, beuteung karasa lapar. Antukna, ngetem heula di warung ieu. Kabita ningali bala-bala jeung ketan.

"Rek ka mana ari Nyai Ipah?" Ceu Enok nelek-nelek kuring nu dangdan beda ti sasari. Sanajan anyar balik ti Saudi, panampilan kuring teu kawas TKW nu lian. Sakapeung sok marahiwal, sagala dipasangkeun. Make pakean nu moronyoy jeung hurung ku papaesan. Oge wedak jeung lipensetip nu kandel. Kuring mah basajan we da tadina ge ti lembur, teu hayang ningalikeun boga duit, malah kalah ngabibita bangsat.
"Eu... ka... Cianjur, Ceu!"
"Ka saha?" Ceu Enok kerung.
"Ka..." luk, kuring tungkul. Sok sieun pajarkeun rek nepungan popotongan. "Hayang tepung jeung budak, Ceu."
"Ooooh... enya, kakara inget budak Nyi Ipah teh di Cianjur. Geus badag meureun budak teh?"
"Genep taunan, Ceu."
"Ari Wawan, geus boga deui pamajikan?"
"Haaar...ari Ceu Enok na teu terang? Pan abdi diserenkeun teh alatan Kang Wawan kawin deui ka nu sejen! Batur sapagaweanna di pabrik sapatu."
"Ku nurustunjung ari lalaki!"

Kuring nyerengeh, sanajan hate nyeredet. Ras inget, waktu Kang Wawan kawin deui tanpa sakanyaho kuring. Nyeri hate teh lain bobohongan. Kuring menta diserahkeun. Teu sudi didua. Teu suka dipangwayuhkeun. Hate dirarajet matak begang awak. Leuwih hade kuring hirup sorangan tibatan jadi nu kolot bari teu kungsi dicukupan pangabutuh. Harita Kang Wawan daek nyerenkeun asal make sarat, budak kudu milu ka manehna, dibawa ka Cianjur, lemburna. Tadina kuring teu narima, tapi sanggeus pihak kulawarga kuring jeung Kang Wawan badami, yen budak tetep rek cicing jeung bapana, tapi kuring bebas nepungan ka Cianjur. Jangji kulawargana, budak ge bakal mindeng dianjangkeun ka Panamur, lembur kuring, supaya bisa panggih jeung kuring, tur silaturahmi bisa manjang. Mudah-mudahan. Ku kituna mah kaharti. Leuwih hade budak nu datang ka Panamur, da ari kudu kuring nu ka Cianjur mah, euh...pimanaeun ongkosna. Ongkos ka Cianjur teh pan mahal, kudu buburuh tandur heula sababaraha minggu.

Najan rada medenghel, ahirna kuring ngelehan. Dua bulan ti harita, kuring didaftarkeun ka sponsor nu aya di Malangbong, jadi calon TKW, bari guling diri. Malah mun fit, kolot kuring ditinggalan kana sajutana. Kuring kabita. Sanggeus di Jakarta cicing di PT, kuring dinyatakeun fit. Teu lila, kuring ngapung ka Saudi. Saenyana, kuring bari mapalerkeun kakuciwa, ngubaran kapeurih hate nu geus dirarajet ku Kang Wawan.

Karasa, aya cai dina kongkolak panon kuring.

"Nyi Ipah!" Ceu Enok ngagebah lamunan kuring bari katingali carinakdak. Meureun ngarasakeun kapeurih hate kuring.
"Nyi Ipah ngora keneh. Panjang keneh lalakon. Jaba geulis, tangtuna rea lalaki nu miharep!" Ceu Enok kawas nu ngupahan.
"Saha atuh Ceu, lalaki nu miharep abdi? Abdi saukur rangda ti kampung, anak jalma malarat."
"Tong kitu, Nyi Ipah!" Ceu Enok diuk gigireun kuring, "Ayeuna Nyi Ipah geus beda jeung baheula. Nyi Ipah geus bisa ngadegkeun imah kolot sakitu agrengna. Nyi Ipah geus ngabagjakeun nu jadi kolot. Bagja!"
"Tapi kabagjaan kulawarga di lembur can sampurna, Ceu, lamun budak masih keneh jeung bapana."
"Aeh... apan Nyai teh lain rek ka Cianjur?" Ceu Enok ngagareuwahkeun. "Jung atuh, bisi kaburu beurang. Ku Euceu didu'akeun, sing salamet di jalan!"
"Euleuh... enya, Ceu Enok!" kuring geuwat nangtung bari ngodok saku calana lepis, ngaluarkeun duit rebuan dua lambar urut ngopi bala-bala jeung ketan. Bakating anteng ngobrol jeung Ceu Enok bari nyawang mangsa ka tukang nu pikasediheun, poho kuring keur ngadagoan beus nu bakal mawa ka Cianjur. Apan kuring teh hayang geura panggih jeung beubeulahan hate kuring.

Reg, beus Merdeka jurusan Banjar Jakarta, eureun hareupeun warung. Kuring naek. Babawaan anu loba, dikana bahasikeun ku kondektur.

***

Salila di perjalanan, kuring nyipta-nyipta bakal panggih jeung Abang, buah hate kuring. Harita waktu dibawa ka Cianjur, umur budak teh opat taun. Keur meujeuhna capetang sagala dicaritakeun. Keur meujeuhna barang dahar, sagala sedep. Mangsana kembang buruan.

Kumaha rupa budak ayeuna sanggeus ditinggalkeun dua taun ka Saudi? Keur leutik mah Abang teh awakna lintuh pikaresepeun. Kulitna hideung santen, tapi katingali manis. Lamun nyerengeh, katembong aya kempot dina pipina. Lucu budak teh, pikageugeuteun, pikanineungeun. Emh, barina ge saha atuh jalmana anu teu nyaah ka anak? Sato wae nyaah, komo manusa....

Beus eureun di Cipatat. Nurunkeun panumpang, tuluy nyemprung deui. Ret kana arloji, satengah sawelas. Wayah kieu mah, bangunna Abang geus mulang ti sakolana. Pan geus sakola ayeuna mah, geus kelas hiji. Didu'akeun Ucu ku indung. Sing tepi ka jucung sakola teh, tong kawas indung hidep nu ngan saukur bisa di lembur jauh ka bedug. Ucu mah sing bisa ngahontal naon nu dicita-citakeun. Peupeuriheun indung nu teu tamat SD-SD acan da teu kawaragadan. Antukna, ukur bisa jadi TKW, jadi bujang di nagara deungeun. Taya pilihan deui.

Beungeut budak ngolebat deui. Beungeut dua taun katukang. Manis, lucu, alewoh tur pikaresepeun. Beurat kuring teh ninggalkeun budak. Ngan kapaksa ingkah, bakating ku kabelit ku pangabutuh. Enya ge cicing di kampung, tapi kuring katut kolot teu boga sawah kawas batur. Beas tangtuna kudu meuli. Kadua kolot kuring kuli ka batur, purah macul, ngarambet, tandur jeung naon we sagawe-gawe, pikeun bisa nedunan eusi peujit. Bari angger teu cumpon, da kudu sagala dibeuli sanajan cengek oge. Loba pepelakan di buruan batur sabangsaning kaperluan nyambel jeung lalab, tapi maenya ari kudu barangpenta wae mah.

Lian ti hayang nyugemakeun nu jadi kolot, nekad indit ka Saudi seja mapalerkeun bangbaluh hate. Seja mopohokeun kanyeri jeung kapeurih alatan dihianatan ku Kang Wawan.

Alhamdulillah, mulang ti Saudi, kuring bisa meuli tanah jeung ngadegkeun imah. Imah nu tiheula, nu bilik, panggung tur leutik dirobah jadi kandang domba. Jero imah oge dieusian ku rupa-rupa parabot nu anyar meuli ti mebel di Malangbong. Korsi, lomari, risbang, tipi jeung sabangsana. Teu, kuring teu hayang balik deui ka Kang Wawan. Kuring ngarasa reugreug ningali kolot bungah. Ngan hanjakal, aya nu kurang dina hate. Buah hate kuring teu aya di dieu, nyicingan imah nu bisa disebut sigrong, ngadiukan korsi anyar, sare dina risbang nomer hiji, lalajo tipi dua puluh hiji inci nu cekas.

Ah, Abang....

Umurna geus genep taun. Jadi ras inget genep taun katukang. Ngandung tepi ka brolna, hirup teh mani werit pisan. Seuseut seuat, dahar isuk sore henteu lain bobohongan. Kang Wawan teu aya gawe, geus meh satengah taun di-PHK ti tempat gawena, pabrik tekstil di Racaekek, bari tanpa pesangon. Kahayang teh aya gadag. Keun sual milu ngaheurinan imah butut kolot kuring mah, teu nanaon. Tapi, cing atuh gawe naon we sagawe-gawe. Tapi da, lebeng we. Ancrub ka sawah, teu daek. Dititah ngarit sakali-kali ge, kaleked. Atawa milu ngaduk atuh ka nu keur ngadegkeun imah. Di lembur ge sok pirajeuneun aya nu ngajak nyaba ka dayeuh jadi kuli bangunan, tapi gideung jeung gideug we. Cape cenah gawe kitu mah. Abong urang kota, pipilih kana pakasaban. Padahal sanajan manehna boga ijazah SMP ge, can karuhan kabeh pabrik nu aya di Bandung, daek narima.

Waktu Abang gubrag ka dunya, tada teuing sedihna. Teu boga perenel-perenel acan. Orok beureum dibungkus ku samping kebat butut. Eta oge nginjeum ti paraji. Hadena aya nu haat mere sarigen rupa-rupa pakean orok ti mimiti baju, popok, gurita jeung nu lianna. Sanajan urut, geus taya warnaan baris mindeng diseuseuh, tapi ku kuring disuhun dina embun-embunan. Nu mere ngaran budak teh sabenerna mah lain kuring atawa bapana. Tapi Bu Yati, tatangga di lembur nu kacida bageurna. Nyeumpal orok ge tepi ka saratus rewu. Karunyaeun meureun ningali kaayaan kuring nu rudin tur prihatin ka orok. Ukuran di lembur mah kacida gedena. Bu Yati mah jalma ngarti. Atudan pensiunan guru SD. Cenah baheulana sakola di SPG. Hebat, bagja pisan. Tanda kaasih, Bu Yati mere ngaran anak kuring sakitu alusna, tapi weleh kuring teu nyaho hartina. Bangkit Andika Putra, ngan nenehna Abang. Saur Bu Yati, orok teh lahirna ping 20 Mei, bareng jeung mepeling hari Kebangkitan Nasional. Ari dina sirah kuring, ngaran budak nu geus disiapkeun teh iwal Mulyana, Nurdin, Sulaeman atawa Solihin we. Teu aya deui.
***
"Teh botolna... teh botolna... teh botolna... nu dingin...."
"Mocina Ibu... asli Sukabumi...."
"Tauco, tauco, tauco...."
"Gehu, gehu, gehu...."
"Sayang anak, sayang anak...."
"Jeruk, jeruk, jeruk asli Pontianak. Mirah geura... mangga diraosan heula...."
"Assalamu'alaikum, Bapak Ibu punten sakedap ngaganggu...."

Song-song, ngabagi panumpang amplop hiji sewang.

"Selamat siang!" jreng jreng... "Mobil butut... kaluaran baheula...."

Ceuli asa bonge. Teu puguh dedengean. Nyung nyeng, reang... Matak racleng tai ceuli. Kahayang mah, beus teh tong kudu eureun di pasar Ciranjang. Kagok, sakeudeung deui ge tepi ka Cianjur.

Kuring ngageberan beungeut nu pinuh ku kesang, ku kipas meunang meuli tadi ti nu ngasong di parapatan tol Cileunyi. Awak karasa bayeungyang. Tuluy ngodok tina tas dina lahunan, botol aqua urut nu ti imah meunang ngeusian ku ciherang tina kendi. Regot nginum. Seger, waktu cai ngabaseuhan tikoro nu garing.

Teu kungsi lila, beus ngageuleuyeung. Hate kekejotan teu kuat hayang panggih jeung Abang. Kacipta atohna budak nempo kuring angkaribung ku babawaan. Aya mobil remot, meulina ge nitip ka Bu Yati waktu anjeunna nyokot pensiun ka Garut kota. Aya playstation katut kaset-kasetna. Eta ge meulina nitip ka Jang Dedi, putra Pa Lebe nu kuliah di Bandung tur nyahoeun tempat meuli barang elektronik nu murah. Lain kuring hayang gagayaan, abong balik ti nagara deungeun, mere cocooan nu marahal. Di Panamur ge teu aya nu ngaboaan cocooan nu mahal cara kitu. Bubuhan ngobrol jeung batur sarua bujang di Saudi, nu sarua boga budak sapantar kuring. Mobil remot jeung playstation cocooan budak ayeuna di kota mah cenah. Atuh kuring ge hayang nyugemakeun nu jadi anak. Maenya we balik ti Saudi, ukur mere cocooan momobilan tina kulit jeruk. Teu usum!

Minggu kamarina ge, kuring ka pasar Lewo, meuli pakean Abang sababaraha setel. Teu poho, kantong jeung sapatu bari dikira-kira nomerna da puguh teu nyaho. Tada teuing bungahna budak teh. jabaning Ema mahanan rupa-rupa kadaharan ti mimiti pais lauk, sambel oncom, goreng ulen, opak ketan, kiripik sampeu, ladu, jeung wajit olahan Ema sapeupeuting. Hayang ngabagjakeun incu nu jauh, nu ngan hiji-hijina. Peupeuriheun, salila dua taun kuring di Saudi, Kang Wawan teu kungsi datang ka Panamur sakumaha jangjina baheula. Kolot kuring ge ngarasa boga hak, hayang panggih jeung incu. Sabenerna mulang ti Saudi teh geus aya dua mingguna, tapi ku cape... ngadon ngahenang-ngahening we bari ngamandoran nu barang gawe waktu ngadegkeun imah, bari neuteup balong meunang meuli kuring. Lain teu inget ka budak. Ingetna mah nataku, ngan nunggu waktu nu salse.

"Ma, ari Abang apal keneh kituh ka abdi?" tanya kuring waktu karek datang.
"Tangtu we atuh, Ipah. Maenya ka indung poho!"
"Pedah we harita budak teh leutik keneh."
"Leutik teuing henteu. Umur opat taun mah geus inget ieuh... da geus hideng...."
"Ari poto Ipah aya kituh di Cianjur? Bisi Abang hayang ningali rupa abdi."
"Duka teuing atuh, Pah. Maenya we... tapi sigana mah aya. Najan Wawan mah da moal ngampihan. Paling, di urut mitoha maneh mah jigana aya!"

Kuring ngarenjag. Beus geus aya di terminal Rawabango. Gura-giru kuring turun, tuluy kondektur nurunkeun babawaan tina bahasi. Ti jalan gede, kuring naek angkot nu ka Cikidang-keun.

Reg, angkot ngarandeg di sisi jalan. Kuring can waka ngalengkah, anggur nangtung bari nyipta-nyipta budak. Kacipta budak ayeuna keur ulin di buruan jeung batur sapantarna.

Kuring keketeyepan nyampeurkeun Abang nu keur nukang. Rek dipeungpeun panonna.

"Ieu saha?" tanya kuring.
"Nini."
"Sanes."
"Ua Iyam?"
"Sanes!"
"Bi Tati!"
"Sanes!"
"Sanes!"
"Ceu Iroh?"
"Sanes!"
"Teh Neni nya?"
"Salah sadayana. Nu leres... ieu Ibu."
"Ibu?" Budak siga nu heran. "Ibu saha?"
"Ibu...Abang!" cekeng.
"Bohong!"
"Leres!"
"Pan Ibu Abang mah teu aya. Nyaba tebih ka ditu... ka Arab!"

Hate ngageuri, sedih.

"Tingali geura..." kuring ngaleupaskeun peungpeunan tuluy malikkeun awak budak. Celengok, tarang budak dicium.
"Ieu Ibu, Abang!"
"Ibuuu!" budak ngagabrug. Ku kuring diusapan. Deudeuh teuing anaking...

Kuring muka panon. Emh, na... lamunan teh. mani teu sabar ari kuring, kapan ayeuna ge bakal panggih jeung Abang?

Atuda, geus kaimpi-impi wae budak teh, katembong wae dina kongkolak panon....

Kuring muru imah kolot Kang Wawan. Bejana, Abang mindeng ulukutek di dinya. Sanggeus uluk salam, kuring diuk dina korsi tengah imah. Kolot Kang Wawan duanana aya, teu aya riuk-riuk atoh kadatangan kuring. Kitu oge lanceuk jeung adi Kang Wawan nu nyampak di dinya, jajauheun ka someah ngabageakeun semah nu jauh bari urut dahuan. Ieu mah, kurawed haseum... bari dulak-delek. Kuring nyoba sabar. Keun da niat kuring ka dieu soteh hayang panggih jeung budak.

"Kahayang teh budak mah tong kudu diteteang!" urut mitoha lalaki muka carita. Kuring ngusap dada.
"Barina ge di dieu mah budak teh kacida kajaminna. Jaba Nunung mah geten...." urut mitoha awewe ngagulkeun pamajikan Kang Wawan.
"Dupi Abang... ayeuna mana?" kuring nyalenggorkeun obrolan.

Teu aya nu nembal.

"Assalamu'alaikum..." aya sora budak lalaki, uluk salam. Tuluy panto muka. Kuring cengkat. Budak lintuh, make pakean bola. Surungah-serengeh ka nu di jero imah, tapi ngadadak baeud waktu ningali kuring.
"Abang...." kuring nangtung. Dua leungeun dikahareupkeun, ngadago budak nyampeurkeun. Teu kuat hayang ngagabrug. Tapi ningali pasemon nu boga imah...
"Eta culik nya?" Abang mencrong ka kuring bari siga nu sieun.
"Sanes, kasep. Ieu Ibu. Ibu Ujang. Yap ka dieu bageur..."
"Alim! Eta mah culik! Abang ge terang! Eta nu aya dina poto!" budak ngagorowok.
"Abang...." kuring nginghak.
"Saur Apa, nu dina poto teh culik!"
"Sanes!"
"Meunggeus!" indung Kang Wawan nyentak tarik. "Geus puguh budak teh sieun!"
"Culik... culik... sieun culik...." budak murungkut. Kuring maksakeun nyampeurkeun. Ari berebet teh, budak lumpat kaluar bari gogorowokan, culik culikan.

Hate ngajerit. Gustiii... ku harianeun ari Kang Wawan. Kuring teh indungna, indung nu kungsi ngandung salila salapan bulan. Deudeuh teuing anaking... ieu indung.

Hate ngalaketey, bari terus nginghak.

Petengan : Mangle Online

Tidak ada komentar:

Poskan Komentar

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...