Rabu, 17 Februari 2016

PANINEUNGAN : "KAWIH UING KEUR LEUTIK"

           Ajang-ajang goeng
Ajang-ajang goeng – goeng,
goeng goongna ramè – mè,
mènak Ki Mas Tanoe – noe
noe djadi Wadana – na
naha mana kitoe – toe
toekang olo olo – lo
loba anoe giroek – roek
roeket ka koempeni – ni
niat djadi pangkat – kat
katon kagorèngan – ngan
ngantos Kandjeng Dalem – lem
lempa lempi lempong,
ngadoe pipi djeung noe ompong
 (Teks Ayang-Ayang Gung versi Poeradiredja, dalam Moriyama, 2013).

BASA keur leutik sok nineung ngadenge Bapak uing, kana eta lalaguan anu sok di haleuangkeun ku bapak sore-sore, teuing eta kawih teh karya sahana mah... eh ningan karya Bujangga Garut, nyaeta "Raden Moehammad Moesa", pasti urang mah teu apal..saha eta teh.

Caritana mah, Eta kawih teh hiji fragmen kahirupan hoofdpenghoeloe (kapala penghulu) Limbangan, Garut anu ngarasa kasieunan lamun jabatan anakna harita teh bisa dielehkeun ku lawan politikna, nyaeta wadana (kapala distrik) Soetji, nu ngaranna teh "Tanoe". Harita teh,  Moesa kakoncara bujangga pasundan, tuluy ngubah hiji kawih. Dina eta kawih teh nunjukeun yen kamampuan Tanoe dina ngokola pamarentahan kawedanaan teh diragukeun, kalicikanana oge di ejek bebeakan. Jeung apal lamun rumor harita teh bisa dijadikeun sanjata seukeut , tuluy ngupayakeun ieu kawih teh dikenal masyarakat Sunda. Hasilna saantero urang Sunda harita pada apaleun kawih : " Ayang-ayang gung...."

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...