Rabu, 17 Februari 2016

Bujangga Sunda Haji Hasan Mustapa

Haji Hasan Mustapa teh bujangga Sunda anu kawilang badag. Malah bisa jadi, hese neangan babandinganana. kabagadaganana ebreh tina karya-karyana. Salian ti rea jumlahna, mibanda ajen anu pilih tanding deuih. Tina karya-karyana oge bisa katembong, yen Haji Hasan Mustapa teh mibanda pangaweruh anu jembar jeung teleb ngeunaan agama Islam, tasaup, basa, sastra, katut adat istiadat urang Sunda.

Haji Hasan Mustapa henteu ngan nulis dina basa Sunda wungkul. Anjeunna oge kungsi nulis buku pangajaran agama jeung puisi ku basa Arab, nyaeta dina mangsa keur mukim di Mekah. Cirining yen anjeunna oge mibanda pangaweruh anu jembar ngeunaan basa jeung sastra Arab. Eta buku teh diterbitkeunana di Kairo, Mesir. Munasabah upama karya-karyana geus di tarjamahkeun kana basa Walanda, sarta anyar-anyar ieu aya anu narjamahkeun kana basa Malayu tur sumebar di Malaysia.

Haji Hasan Mustapa kawilang bujangga anu produktif tur rancage. Karyana anu mangrupa dangding bae jumlahna antara 10.000-20.000 pada. Acan anu ditulis dina wangun basa lancaran leuwih ti 20 jilid. Ngan hanyakal, rereana masih keneh mangrupa naskah, can diterbitkeun jadi buku. Masih keneh bacacar disawatar tempat. Nepi ka danget ieu, buku nu minangka panglengkepna ngamuat karya-karya Haji Hasan Mustapa teh nya eta buku Haji Hasan Mustapa jeung Karya-Karyana (1989) beunang Ajip Rosidi. Ari karya Haji Hasan Mustapa anu geus diterbitkeun, diantarana bae Bab Adat-Adat Urang Priangan jeung Urang Sunda lian ti eta (1913), Buku Leutik Jadi Pertelaan Adatna Jalma-Jalma di Pasundan (1916), Bale Bandung (1924), Pamaletan (1925), Syeh Nurjaman (1933), Buku Pangapungan 1345, Buku Pangapungan 1346, Kanaga Warna, jeung Gendingan Dangding Sunda Katut Wirahma jilid A (1976).

Upama urang macaan karya-karya Haji Hasan Mustapa, asa kudu hareupan jeung jengglengan pribadi anu badag, jembar panalarna, seukeut tilikanana, tur enya-enya apal kana masalah jeung kamsarakatna sorangan. Sual basa, ceuk sasaha oge, moal aya duana. Kacida beungharna. Basa sunda teh kawas anu taluk nurut kana sagala kereteg atina. Bisa digulak-gilek, dirugal-rigel bari teu kaleungitan enas-enasna. Geus puguh ari eusina mah.

Haji Hasan Mustapa,  lahir tanggal 3 juni 1852 di Cikajang, Garut. Ramana Mas Sastramanggala, Camat Kontrak di Cikajang. Sanggeus munggah haji, ngaranana diganti jadi Mas Haji Usman. Masih keneh rundayan Bupati Parakanmuncang, Tumenggung Wiratanubaya. Ari ibuna, Nyi Mas Salpah (Emeh), putra Mas Kartapraja, masih keneh rundayan Dalem Sunan Pagerjaya ti Suci, Garut.

Haji Hasan Mustapa digedekeun dilingkungan pasantren. Mimiti guguru ngaji ka Kiai Hasan Basri ti Kiarakoneng. Samulangna ti Mekah anu munggaran, diajar sorof jeung nahu ka Raden Haji Yahya, pangsiunan Panghulu Garut. Tidinya ka Tanjungsari, Sumedang pikeun guguru ka Kiai Abdul Hasan ti Sawahdadap. Terus pindah deui ka Garut, guguru ka Kiai Muhammad jeung Kiai Muhammad Ijra'i. Minangka pikeun ngantebkeun elmuna, Haji Hasan Mustapa indit ka Mekah, diantarana bae guguru ka Seh Muhammad, Seh Abdulhamid, Seh Ali Rahbani, Seh Umar Sani, Seh Musomal Apipi, Sayid Bakri, jeung Sayid Abdullah Jawawi.

Taun 1882, Haji Hasan Mustapa mulang ka Garut, diala ku R.H.Muhammad Musa, Hoofd Panghulu Garut harita. Kapapancenan kudu ngarapihkeun ulama di Garut anu pabentar paham. Haji Hasan Mustapa ngajarkeun agama di Masjid Agung Garut, sarta bisa ngarapihkeun para ulama anu pabentar paham tea. Malah saterusna mah henteu saeutik ulama anu guguru ka anjeunna.

Ti dinya, taun 1893, Haji Hasan Mustapa diangkat jadi Hoofd Panghulu di Aceh. Tapi ngan kuat dua taun, lantaran ramen pabentar paham jeung para gegeden Walanda di Aceh, ngenaan cara-cara nyanghareupan rahayat Aceh nu baruntak, pingpinan Teuku Umar. Ari Haji Hasan Mustapa boga hubungan anu raket jeung Teuku Umar. Ti aceh balik deui ka Priangan sarta diangkat jadi Hoofd Panghulu Bandung. Menta pangsiun taun 1918 sanggeus nyangking eta kalungguhan salila 23 taun.

Salian ti karya-karyana , Haji Hasan Mustapa oge dipikawanoh ku anekdot-anekdotna jeung kamahiwalanana. Minangka pangajenna kana kamampuh jeung jasana salaku sastrawan Sunda, taun 1977 anjeunna dileler piagem hadiah seni ku pamarentah. Samemehna, taun 1965, kungsi meunang piagem anu sarua ti Gubernur Jawa Barat. (Dicutat jeung diropea tina Biografi dan Karya Haji Hasan Mustapa, 1985)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...