Senin, 13 Oktober 2014

Ubar Baeud Pasosore.

Ampuuun, Pak!!!!
Bapa : "Jang.. pangmeulikeun inuman anu tiis ti warung"
Udin : "Kokakola atawa seprit, Pa?"
BaPa : "Koka kola wae.."
Udin : "Anu kaleng atawa botol?"
BaPa : "Botol.."
Udin : "Nu botol gede atawa nu botol leutik, Pa?"
BaPa : "Euh budak tolol !! Geus meuli cai biasa we!!"
Udin : "Akua atawa Ron ?"
BaPa : "AKUA!!!!"
Udin : "Panas atawa anu tiis, pa?" (Beungeutna lempeng, teu kerot-kerot)
BaPa :" Astagfirulloh, di mana SAPU? mana SAPU?, DI GEBUG SIAH..!!!"
Udin : "Sapu nyere atawa sapu injuk, pa??"
BaPa : "Laailaahailalloh...dasar sia mah siga sato wae!!"
Udin : "Siga Embe atawa Munding, Pa?"
BaPa : "Embe, Gobloggg!!!"
Udin : "Embe Ceme atawa Badot??"
BaPa : "Setan siah!!!!"
Udin : "Tuyul atawa Genderewo?"
BaPa: "Kumaha sia we, kaditu siah indit we lah!!"
Udin: "Poe ieu atawa isuk?"
BaPa: "Ayeuna , siah !!"
Udin: "Bapa milu atawa moal?!!"
BaPa : "Masya Alloh.. Gelo sugan sia mah, dipaehan geura!!!!"
Udin : "Ditubles ku peso atawa dibedil, pa??"
BaPa :"Dibedil siah ku aing!!!"
Udin : "kana sirah atawa beuteung??
Bapa :?????
*si bapa langsung sakarat...bakat ku keuheul :(:'(.....
Udin : "Bapa bapa kapaehan atawa paeh ?"


Sumber : Andreas wibisana

2 komentar:

  1. Sampurasun kidulur, maos kana ieu rohangan simkuring kataji pisan, ku eusina matak pikalucueun sareng mararunel gening dina bagbagan sanesna oge, alhamdulillah gening masih keneh aya ki sunda anu peduli ( naon ari basa sundana teh ) kana sastra sunda, kataji,kataji pisan kuring mah, mugi ulah bosen ngatik ka ki sundanya, nuhun ki dulur, ti urang garut anu ngumbara ka bogor

    BalasHapus
    Balasan
    1. Rampes, Kang.. alhamdulillah tos tiasa ngarorisan blog pribados mugia manjangkeun tali silaturahim urang Sunda di pangumbaraan, sasieureun sabenyereun tiasa ngemutkeun jati diri urang sunda, "KAMARANA URANG SUNDA?"

      Hapus

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...