Selasa, 09 September 2014

Catatan Abi : Tepang Taun Siga "Ayu Zaila"

Poe ieu teh anaking bidadari abi tepang taun (9/9-2014), nu geulis teh ceunah ngarenghik hayang dirayakeun "siga Ayu Zaila (Ayu Zahira)", ceunah bari rada cadel nyebutkeun anak tatangga. Indungna mah meletet menta tinimbangan, kuring mah tetep kerung, "Lain budaya urang tepang taun teh, Mi", ceuk kuring sok sanajan hate mah teu tega atuh. "Keun wae ti bubudak biasa apal kumaha kuduna, da indung-bapana oge sarua teu pernah ngarayakeun".

Sok sanajan tatangga mah sok ngangsonan, "iraha nya tiup lilinna, de Laya?", pokna.
Dasarna mah Tetep abi mah tambah nyaah. Sok sanajan lincah baceo siga beo, ngacak-ngacak, da puguh masih budak ololeho atuh. Tapi kadang sok karunya ka induk budak da puguh teu bisa dilepas atuh da sakitu lincahna.eta meureun pangorbanan kolot teh, sok ingeut kumaha ngahesekuen kanu jadi kolot baheula, kaalaman ku urang sangeus boga budak. tapi budak mah tetep jadi "kembang soca" urang nu ngaleehkeun stress kolotna, anu ngajeoskeun awak anu cape rancucut alatan bobolokot kesang, ti hothat ngajar sok snajan can bisa minuhan kabutuhan hirup, kumaha layakna.

Anu penting anaking geus daek sakola di taman Al-Qur'an jeung teu ogoan deui basa dibawa dagang ka kantin, da indungna dagang tahu bumbu di hiji kantin sakola nu keur mimiti ngawangun sakola nu tohaga pisan, tapi muridna karek sakelas. Kanyaah abi-ummi teu aya wates wangenna, da budak kahayang atuh nepi ka 11 taun nunggu, alhamdulillah nonghol alatan pangersa gusti Alloh SWT. Indungna oge daek eureun gawe alatan teu tega nitipkeun budak ka nu sejen. Eta teh awalna mah beurat pisan, tapi geus tilu taun eureun ningan alhamdulillah rizki jeung nasib teh diatur ku nu Kawasa, lain manusa anu ngatur. Nepi ka kuring bisa kuliah S3 beasiswa ti kampus, jeung boga usaha sok sanajan masih leutik, eta teh pasti geus suratan ti luhur.

Kuring oge sarua hayang ngarobah pahirupan lamun junun lulus, keur ngaronjatkeun kahirupan, sok snajan dikampus nu ayeuna, teu aya bedana antara dosen S-1, S2 jeung S3 sarua posisi salary-na. prinsipna rizki mah aya anu ngatur tinggal urang terus usaha...sakalideui hampura abi-umi teu bisa nedunan kahayang anaking, hayang ditiupkeun lilin siga ayu zaila.Engke oge geus dewasa pasti bisa nyaho jawabanna, bari panon kuring carinakdak nahan rongkahna hate.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...