Sabtu, 19 Juli 2014

SISINDIRAN

Takokak daun takekok,budak botak gede bekok,
.
Meuleum manggu eujeung taleus, dicokelan nepika jero,
Malem minggu ningang apes,ditoelan kunu gelo.

cikaracak ninggang batu lila-lila beki legok..
tai cakcak ninggang huntu, lila-lila nya dilebokk!,,

Cika cika dina dukuh..Ekek paeh dina wijen..
Lamun cinta masing puguh..Moal arek ka nu sejen..

Kembang ros sisi pageur, lucuna kabina bina
abi naros teu diwaleur, hanjeluna kabina bina

salawe dua lima, kabandung rek kakapalan
awewe jaman ayeuna,Geus melendung dirapalan

Rincik rincang rincik rincang, aya roda na tanjakan
sidik pisan sidik pisan, nyai teh bogoh ka akang

Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok
tai cakcak ninggang huntu, laun-laun nya dilebok

Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok
cai …. ninggang ….laun-laun jadi orok

Kembang cula kembang tanjung, kembang sagala domdoman
rek sabulan rek sataun, moal weleh diantosan

Aya roda na tanjakan, katinggang ku pangpung jengkol
aya randa gogoakan, katinggang ku hulu botol

Jauh jauh manggul awi, nyiar-nyiar pimerangeun
jauh-jauh neang abdi, nyiar-nyiar pimelangeun

Aya listrik di masigit, caangna ka Pabrik Kina
Aya istri jangkung alit, hanjakal teu di calana

Manuk ciung na pisitan,buah nona aratah keneh
Dicium kunu kumisan, si nona kalahka jebleh

Jalan-jalan ka cianjur, nijek batu ngajelegur
Hanas meuli bajigur, diambuan bau bujur

Pimping cakcak pingping toke,anak beurit momotoran
urang pecak peuting engke, bisi kaburu kotoran

Ecet-ecet oet-oet, barudak ngarurek belut
Kapelet kuring kapelet, ku randa nu gede hitut

Malati kembang malati, dipelakeun dina batu
upami hoyong ka sim abdi, dongkap wae ka buah batu..

Sumberna: http://www.bandung.eu/2011/07/sisindiran.html#ixzz37t5oeprZ

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...