Sabtu, 11 Desember 2010

SURAT TI NINI

Aya nini-nini indit ka kantor pos rek ngirim surat ka incuna, kulantaran bingung

Si Nini ngadeukeutan salah sahiji loket.

Patugas : Aya nu tiasa di bantos Ni?

Nini    : Aya Cep, Nini rek ngirim serat ka incu nini, naha di dieu aya parangkona?

Patugas : Aya atuh Ni piraku di kantor pos teu aya parangko, Teras naon deui?

Nini    : Punten we atuh sakalian pangnuliskeun alamatna dina amplop!

Patugas : Mangga Ni ku abdi dipangnyeratkeun, aya deui?

Nini    : Aya Cep, cing pangnuliskeun suratna sakalian!

Terus we petugas teh nulis surat nu sakitu panjangna di dikte ku Si Nini.

Geus anggeus     nya dibikeun ka Si Nini supaya di aos heula.

Patugas : Mangga di aos heula Ni!

Nini    : Punteun Cep tambahan saeutik deui dihandapna, N.B. Incu hampura Nini upama tulisanana butut!

Patugas : Eh, ari si Nini ....!
 
GEUS CAGEUR

Aki : Geus dibejakeun ka Ustad, yen Aki geus cageur?

Incu : Atos Ki!

Aki : Kumaha ngabejakeunana ?

Incu : Pa Ustad, tahlilan teh teu cios...


SIBUK

Dupi Bapa na aya kitu ? ceuk sora dina telepon.

Saurang budak anu narima eta telepon ngajawab bari haharewosan : Aya, tapi nuju sibuk.

Ari Ibu ?

Sami, mamah ge nuju sibuk, ceuk budak bari angger ngaharewos.

Saha deui atuh anu aya didinya ?

Aya, teteh, pedah sami deuih nuju sibuk; angger ngaharewos.

Anu nelepon panasaraneun, Naha nuju saribuk naon atuh neng ?

Ih, apanan nuju ameng ucing sumput sareng Neneng


MANUK

"Sabaraha mang manuk ieu hargana ?" ceuk saurang lalaki ka tukang manuk.

"Tah anu keur nyanyi mah hargana sajuta. Lamun itu tuh anu cicing bae,
eta
mah dua juta", bari nunjuk manuk anu ngahiul bae dina kurung.

"Har, naha bet mahal keneh anu cicing bae geuning Mang ?"

"His, pan eta anu nyiptakeun laguna...!!"


IBU-IBU JEUNG IBU-IBU

Saurang ibu-ibu anu masih ngora keneh keur bebeja ka babaturanana :

"Kapaksa kuring mah menta ditalak ka salaki".

"Naha , kunaon kitu ?" ceuk babaturanana.

"Bongan, ampir unggal peuting manehna pagaweanana lar sup ka imah bordil".

"Oh, jadi salaki teh lalaki laki-laki hidung belang, nyah ?"

"Ih lain kitu, lar sup ka imah bordil teh pan keur neangan kuring!" Tembal si ibu.


DOKTER JEUNG IBU-IBU

"Sanes Dok, naha ongkosna ayeuna mah janten 100 rebu geuning, biasana mah apanan mung 25 rebu?" ceuk saurang ibu-ibu tina
 telepon ka saurang
dokter gigi langganan anakna.

"Leres pisan Bu. Margi tuang putra waktos diparios jejeritan tarik pisan, dugikeun ka 3 urang calon pasen abdi kalabur", walon Dokter gigi 
kalem

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...