Dѐwi Sartika dibabarkeun ti kulawarga mѐnak Sunda, Nyi Radѐn Rajapermas sareng Radѐn Somanagara. Sanaos ngalanggar adat mangsa harita, sepuhna keukeuh-peuteukeuh nyakolakeun Dѐwi Sartika ka sakola Walanda. Sapupusna ramana, Dѐwi Sartika dirawatan ku ingkang pamanna (raka ibuna) anu nganjrek ogѐ nyangking subagѐ patih di Cicalѐngka. Ti ingkang pamanna, anjeungna kenging atikan ngeunaan kasundaan, sedengkeun wawasan kabudayaan Kulon (Eropa/Barat) kѐkѐngingan ku atikanana nyonya Asisten Residen bangsa Walanda.
Bakat Ngawulang
Ti alit kѐnѐh, Dѐwi Sartika geus ninggalikeun bakat dina ngawulang ogѐ kajununan dina ngahontal kamajuan. Bari amengan di pengkereun gedong kapatihan, anjeuna sering ngaragakeun prak-prakan di sakola, ngawulang maca sareng nyerat , tur basa Walanda, ka barudak babu jeung jongos di kapatihan. Papan tulis na ku kandang kareta, areng, djeung talawѐngkar (peupeusan kentѐng) minangka pakakas bantu atikanana.Mangsa harita Dѐwi Sartika nembѐ nicak yuswa sapuluh taun, nalika Cicalѐngka digemparkeun ku kamampuan baca-tulis jeung sawatara kecap dina basa Walanda nu dijѐntrѐkeun ku barudak babu/jongos kapatihan. Guyur, sabab mangsa harita acan loba barudak (komo barudak rahayat leutik) miboga kamampuhan saperti kitu, jeung diatikna ku hiji nonoman wanoja.
Mangsa Rumaja Putri
Nalika geus nincak rumaja putri, Dѐwi Sartika mulih deui ka ibuna di Bandung. Jiwana anu beuki dѐwasa beuki ngadorong keur ngawujudkeun cita-citana. Hal ieu didorong ogѐ ku pamanna, Bupati Martanagara, pamanna kuanjeun, anu saleresna ngagaduhan kahoyong anu sami. Tapi, sanaos kahoyong anu sami kapimilik ku pamanna, henteu ngajantenkeun sakali gus ngwujudkeun cita-citana. Adat anu ngurung kaom wanita jaman harita, ngajantenkeun pamanna ngalakonan kasulitan sareng janten mangmang. Tapi kumargi kaistiqomahan sareng sumanget nu teu ketat-ketat, akhirna Dѐwi Sartika tiasa ngayakinkeun pamanna jeung diwidian ngadegkeun sakola keur wanoja.Jatu Krami
Taun 1906, Dѐwi Sartika nikah ka Radѐn Kanduruan Agah Suriawinata, salah sahiji anu kagungan paninggal (visi) cita-cita anu sami, guru di Sakola Karang Pamulang, anu mangsa harita ngarupakeun Sakola Latihan Guru.Ngadegkeun Sakola
Ti ngawitan taun 1902, Dѐwi Sartika tos naratas atikan keur kaom wanoja. Di hiji rohangan leutik, di pengkereun bumi ibuna di Bandung, Dѐwi Sartika ngawulang di payuneun anggota kuluwarga wanoja kayaning ngarѐnda, masak, ngaput, maca, nulis, jeung sajabana, jadi bahan atikan mangsa harita. Rѐngsѐ rempugan sareng Bupati R.A. Martenagara, dina ping Januari 1904, Dѐwi Sartika muka Sakola Istri (Sekolah Perempuan) nu munggaran sa-Hindia-Belanda. Tanaga nu ngawulangna aya tiluan. Dѐwi Sartika dibantu dua sadѐrѐk misan, Ny. Poerwa sareng Nyi Oewid. Murid-murid angkatan munggranna aya 20 urang, makѐ rohangan pendopo kabupaten Bandung.
Satahun sabadana, 1905, sakolana nambahan kelas, nepikeun ka kudu pindah ka Jalan Ciguriang, Kebon Cau. Lokasi anyar ieu digaleuh ku Dѐwi Sartika ku duit tabungan pribadina, sarta bantuan dana pribadi ti Bupati Bandung. Lulusan munggaran kaluar dina taun 1909, ngabuktikeun ka bangsa urang yѐn wanoja miboga kamampuhan anu teu aya bѐdana ti kaom pria. Taun 1910, ngagunakan hartana pribadi, sakolahna diomѐan deui nepi ka bisa leuwih minuhan syarat kalengkepan sakola pormal.
Dina taun-taun saterusna di sawatara wewengkon Pasundan rabeng sawatara Sakola Istri, utamana anu diolah ku para wanoja Sunda nu miboga cita-cita nu sarua jeung Dѐwi Sartika. Dina taun 1912 geus ngadeg salapan Sakola Istri di kota-kota kabupaten (satengah ti sakabѐh kota kabupaten sa-Pasundan). Asup kana yuswa ka-sapuluh, taun 1914, ngaran sakolana diganti jadi Sakola Kautamaan Istri (Sekolah Keutamaan Perempuan). Kota-kota kabupaten wewengkon Pasundan anu tacan miboga Sakola Kautamaan Istri tinggal tilu tempat, sumanget ieu meuntas ka Bukittinggi, di mana Sakola Kautamaan Istri diadegkeun ku Encik Rama Saleh. Sakuliah wewengkon Pasundan lengkep miboga Sakola Kautamaan Istri di tunggal kota kabupatenna dina taun 1920, ditambah ku sawatara anu ngadeg di kota kewadanaan.
Bulan September 1929, Dѐwi Sartika ngayakeun pangѐling-ѐling ngadegna sakolana nu geus nincak 25 tahun, anu saterusna ganti ngaran jadi "Sakola Raden Déwi". Ku jasana dina widang ieu, Dѐwi Sartika dileler ku bintang jasa ti pamarѐntah Hindia-Belanda.
Tilar Dunya
Dѐwi Sartika pupus ping 11 September 1947 di Tasikmalaya, sarta dimakamkeun nganggo hiji upacara pamakaman nu basajan di pamakaman Cigagadon-Desa Rahayu Kecamatan Cinѐam. Tilu taun sabadana dimakamkeun deui di komplek Pemakaman Bupati Bandung di Jalan Karang Anyar, Bandung.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar