Senin, 06 Desember 2010

Pinunjulna Indonesia di kumpetisi mengbal AFF 2010

Asa ngaraos bangga atuh ninggal kasawelasan nasional teh tiasa pinunjul ngagebug telak Malaysia jeung Laos dina kumpetisi mengbal AFF 2010, ninggal skorna matak muriak bulu punduk, blus-blos.

Komo ninggal pamaen ngora asal Papua, nu ceunah karek umur 20 taunan, akang mah kasengseum ku gayana Oktovianus Maniani, waktu mere hiji gul tina sekor 6 gul timnas waktu ngalawan Laos kamari. Pamaen asal Papua  nyitak gul di menit ka-80 kenging umpan umpan matang ti  Bambang Pamungkas.Adu jajatén di lapang  pamaén serang anu ogé langsung ngukuhkeun posisi manéhna sabagé "penyerang nu sakelas leuwih hadé" dina yuswa sakitu ngorana.

Kasawelasan nasional ayeuna teh aya warna baru, mun kapungkur mah  ampir sakabéh pamaénna produk lokal, nu ayeuna mah aya pamaen naturalis. Aya Dua  pamain naturalisasi Cristian 'El Loco' Gonzales jeung si kasep Irfan Haarys Bachdim. Gonzales minangka pamain ti Uruguay anu hampir tujuh taon di Indonesia jeung rarabi jeung  wanoja  Indonesia.  Bachdim anu masih katurunan  Walanda menang  paspor hijau kusabab ramana  oge asli  warga Indonesia.

Satiket deui di grup A anu direbutkeun ku Thailan, Laos jeung Malaysia lagi. Thailand kudu bisa nelehkeun Indonesia bisa llos ka semifinal(Selasa, 7 Desember 2010), tapi lamun  Thailand kasoran atawa draw   ngalawan  Indonesia, engkena  adu laga Malaysia kontra Laos  nu bisa mareungan Indonesia ngawakilan Grup A di semifinal. Tinggal nunggu hebatna pasukan elit Garuda ngalawan thailan, sok doakeun baraya, akang regreug ari ningali mental kasawelasan Indonesia kiwari, tapi ulah ujub ria jeung takabur, bola mah bunder.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...