Senin, 22 November 2010

Para Asep

Ku Dhipa Galuh Purba

SALAHSAHIJI ciri has urang Sunda, bisa ditilik tina ngaranana. Upama lalaki, sasarina sok maké ngaran Ujang, Asép, atawa Encéng. Atuh upama wanoja, pasti maké ngaran Enéng, Nyai, Cucu, Euis, Enung, jeung sabangsana.
Keur golongan lalaki, bisa jadi ngaran Asép téh minangka ngaran anu favorit tur loba anu mikaresep. Malah aya anggapan, mun yén anu mibanda ngaran Asép, hirupna sok leuwih walagri. Leuwih meunang pamor jeung meunang géngsi, batan ngaran Ujang atawa Encéng. Sanajan (dina kanyatanna mah) teu saeutik ngaran Ujang anu hirupna suksés. Saperti Ujang Darojatun, Ujang Sutimo, Ujang Didih, jeung sajabana.
Loba pisan ngaran Asép anu bisa makalangan téh. Siga Asép Sunandar Sunarya, dalang sohor saalam dunya. Asép Somantri, Pamaén Persib manten.  Asép GP, tukang wartawan, As(c)ép Zamzam Noor, tukang nyajak. Asép Among, kabogoh Néng Lina. Nepi ka calo sohor di Bunderan Cibiru ogé, apan ngaranna téh Asép Déwa. Hanjakal pisan dina jajaran kabinét mah, asa can kungsi kacaturkeun aya ngaran Asép. Komo deui Présiden mah. Rajeun aya ogé, Asép Soeharto urang Cigorowék, nasibna téh ukur jadi tukang buburuh ngoréd.
*
Kacaturkeun di sisi jalan Cipadung, aya hiji warung sangu anu kaitung ramé. Di hareupeunna ngajeblag tulisan anu unina ‘Warung Sangu Asép’. Kawasna mah nyaluyukeun jeung ngaran anu bogana, nyaéta Juragan Asép. Anéhna deui, sakabéh pagawéna ogé bet ngaranna téh sarua Asép wungkul. Ti mimiti tukang ngaladangan, nepi ka tukang kukumbah, taya hiji ogé anu ngaranna lain Asép.Teuing kabeneran, atawa mémang ngahaja kétang. Sabab basa mangkukna Jang Isud ngalamar gawé, ngaranana kudu dirobah jadi Asép Isud.
Basa Juragan Asép keur ngabaheuhay bari maca koran, kirining téh telepon disada.
“Hallow, sareng saha ieu?”
“Abdi Nénéng,”
Iyah, badé bernyarios sareng saha?” ceuk Juragan Asép, ngadadak cénghar.
“Badé ka Kang Asép,”
“Muhun, abdi nyalira, Néng,”
“Kaleresan atuh…”
“Jodo nya?” panyakit cunihinna mimiti kanceuh deui.
“Jodo-jodo tujuh mulud siah! Buru bayar, urut dipencétan tadi peuting!”
Ngadéngé kitu mah, Juragan Asép reuwas kabina-bina. Gagang telepon dibeubeutkeun. Tuluy ngarongkong gelas na méja. Barang rék antel kana biwir, aya anu ngacleng sajorélatan. Puguh baé gelas téh dibalangkeun. Manahoréng cakcak. Mangkaning Juragan Asép téh kacida ijidna kana ngaran cakcak.
“Asééép…!” Juragan Asép ngajorowok. Teu pati lila, ana burudul téh, sakur pagawéna datang, mani ngaliud hareupeun Juragan Asép.
“Gusti nu Agung! Na maranéh téh kawas anu lieur pisan. Kuring mah ukur nyalukan Si Asép Soyanja, rék ménta dipangnyokotkeun cai,” pokna Juragan Asép bari téténjrag, semu anu keuheul naker. Atuh geus kitu mah, kabéhanana tinglaléos deui, nuluykeun hanca pagawéanna séwang-séwangan.
“Ieu téh alatan kabéhanana ngaran Asép…” gerentes Juragan Asép bari tarangna mani kerung-kerung baé, siga anu keur mikir perkara beurat naker. Tapi teu pati lila, nyéh Juragan Asép seuri sorangan. Kawasna mah geus meunang bongbolongan anyar, pikeun nuntaskeun masalahna.
Sakabéh pagawéna dikumpulkeun, pikeun ngabadamikeun perkara ngaran. Kaputusanna nyaéta sakabéh ngaran pagawéna ukur dimeunangkeun maké ngaran papanjangna wungkul.
“Pokona mah gunakeun last name, ngarti?!”
“Ngartos…” témbalna mani réang. Taya nu bisa baha, sabab geus katelah Juragan Asép mah dunungan diktator. Dina ngajukeun interupsi ogé, geus puguh bakal ditolak. Matak ngarumas ka Asép Jebléh, tukang naheur cai. Ti mimiti poé éta, ngaranana kudu jadi Jebléh.
*
Kirining, telepon disada deui. Barang diangkat ku Juragan Asép, horéng Nénéng deui baé. Tapi untungna Juragan Asép nalék deui kalayan leuwih écés.
“Asép naon ngaranana?” ceuk Juragan Asép.
“Asép Garut rupina mah, juragan. Da sok disarebat Asgar,” témbal Nénéng.
Teu loba catur deui, Juragan Asép nyalukan Asép Garut, tarik naker.
“Garuuut…!” kitu cenah. Bareng pisan jeung mobil kotrima jurusan Bandung –Garut anu kabeneran ngalalar ka hareupeun warung sangu. Puguh baé supir jeung kenékna mani curinghak. Kawantu mobilna kosong kénéh. Mobil kotrima eureun. Jrut, kenékna turun bari tuluy lumpat, nyampeurkeun Juragan Asép.
“Sabaraha jalmi, Pa?” tanya kenék.
“Sabaraha jalmi nanahaon manéh téh!” Juragan Asép muncereng.
“Éh, rék ngajak ribut ieu téh? Can apal ka Asép Guntur?” Kenék ogé malik ambek, asa diheureuykeun ku Juragan Asép. Puguh baé jadi paréa-réa omong. Lamun teu kaburu datang Hansip Baron mah, kawasna bisa tuluy galungan.
*
Ngaganti ngaran ku papanjangna dianggap kurang épéktip deui baé ku Juragan Asép. Temahna kalah ngajadikeun riributan. Anu antukna Juragan Asép nyieun deui aturan anu anyar. Mimiti harita, sakur ngaran pagawéna cukup disingket baé. Kawasna mah kainspirasian ku Nénéng.
Puguh baé Asép Jebléh mah kacida atoheunana. Tapi ningggang ka Asép Mara. Ngaran saalus-alus, kudu  disingket jadi Asma. Matak ngarumas deuih ka Asép Palémbang, anu ngaranna jadi Aspal. Padahal Palémbang téh cenah mah tempat lahir luluhurna.
Kangaranan nyieun kaputusan anu teu pati diluyuan ku pagawéna. Juragan Asép manggih pangalaman goréng deui baé, anu méh sarupa. Bédana ieu mah tumiba ka tukang asin, basa Juragan Asép ngageroan ngaran Asin (Asep Sinta). Tungtungna mah awahing ku rudet mikiranana, Juragan Asép kapoékan. Sakabéh pagawéna di-PHK, kalayan teu méré pasanggon sapérak-pérak acan.
Dina kaayaan sarupa kitu, sakabéh pagawé Juragan Asép ngayakeun démontrasi anu rada rongkah. Malah antukna nimbulkeun karusuhan sagala rupa. Ari mimitina mah Si Asé ngurilingan warung bari mamawa spanduk anu ditulisan; Jangan Putuskan Diriku!’. Si Aspal gugulitikan di tengah jalan, bari nugaran aspal. Si Asma malédogan rumah sakit, anu kabeneran aya di gigireun warung. Si Asmi jeung Si Asti mah kalah malédogan gedong kasenian. Pokona mah pamolah anu anu démontrasi téh, matak pikapaureun.
Teu pati lila, burudul pasukan anti huru-hara datang. Buriak, anu démontrasi bubar.  Tapi Si Asli ditéwak, diduduh jadi propokatorna. Tilu urang pagawé anu nyumput dina jero hong ogé, harita kénéh sarua dicerek. Maranéhna téh taya lian; Si Asoy, Si Asana, jeung Si Asik.
*
Isukna, méh sakabéh koran poéan mani ramé ngawartakeun ngeunaan anu démontrasi. Malah aya hiji koran anu nulis judul ngaran-ngaran pagawé anu ditéwak ku pulisi. Tulisanna ogé mani ngajeblag; ‘Asli dituduh Propokator. Asana Asik dan Asoy ditangkap Polisi.’
Tukang suuk anu kabeneran maca koran, meunang sakedapan mah kalah ngahuleng.
“Teu percaya aing mah. Apan ceuk Si Badar ogé, ari ditéwak pulisi téh sakitu ripuhna. Nya digebugan ku pulisi, nya digebugan ku préman panjara. Boro-boro asik jeung asoy…” kitu gerentesna bari nyoéhan koran, dibagi opat. Tuluy dipaké mungkusan suuk.***

Tidak ada komentar:

Poskan Komentar

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...