
Sapoe samemeh imlek ngahaja Thai Khu Chiang tandang ka imahna di Petak Sembilan, mawa kueh karanjang jeung jeruk bali sadingkul. Dihandapeun caangna lampu lampion Thai Khu Chiang nembrakeun eusi hatena yen manehna rumasa kapentang gondewana Shoe Ming Soei. Asup akal mun Thai Khu Chiang kapengpeongan tur kabungbulengan, saha lalakina atuh anu teu kabengbat ku kageulisan Shoe Ming Soei,sanajan asal ti padesaan tapi Shoe Ming Soei lir titisan dewi Kwan Im. Sakedapan Shoe Ming Soei ngan ukur ngabetem basa ditanya eusi hatena, Thai Khu Chiang tambah panasaran campur hariwang, boa-boa cintana nogencang. ” Pasihan waktos !” kitu nu kaluar tina biwir ipis Shoe Ming Soei minangka jawabanana.
Teu beak kasabaran ,waktu cia taokai (dahar bareng maleman imlek ) di hotel mandarin, Thai Khu Chiang menta jawaban nu pasti, leungeuna ngasongkeun angfao tanda kadeudeuh anu eusina taya lain konci ruko nu aya dikampung china,diwewengkon kota wisata Cibubur.
“Mangga atuh, ari hoyong kapastian ti abdi mah !” Shoe Ming Soei ngarandeg, ramona nu lentik nyelang heula ngaragamang kana angfao, dua detik angfao teh geus pindah kana tas manehna, geus kitu neruskeun hanca cumaritana. Barang rengse cumarita Thai Khu Chiang lir beusi atah meuleum, ambek pacampur jeung reuwas, reuwas nandingan dibentar gelap tengah poe ereng-erengan. Ambek lantaran angfao geus pindah tempat, atuh reuwas lantaran Shoe Ming Soei wakca balaka yen manehna kalahka bogoh ka Barongsai.
Cau ambon dikorangan kanyere dijieun bongsai, Thai Khu Chiang ambon sorangan, Shoe Ming Soei mah kalahka ngudag barongsai. Ciaaaaaaatt!
Tidak ada komentar:
Posting Komentar