Minggu, 21 November 2010

Langit Bengras Deui

Carita pondok Cecep Burdansyah

“Esteeer!”
Euweuh nu nembalan.
“Ester. Esteeer!”
Angger euweuh nu nembalan.
“Ka mana si koplok teh,” kukulutus. “Edeeengggg!” Urat genggerong ranteng bubuhan sataker kebek.
“Naon ari maneh, Juned! Angger sia mah sok ngagokan rejeki batur,” tembal nu ti peuntaseun jalan, tina jero beca.
“Di mana ari sia, Edeng? Aing beakeun roko. Gancang, meungpeung aya sedan,” pokna, kokotetengan neangan bijilna sora, bari panon anteng ngawaskeun sedan nu ngagilisir lebah halteu beus kota.
Breh beca oyag-oyagan. Disampeurkeun. Cikikik seuri. “Adat, sia mah ari geus ngoloan rejeki tukang beca teh. Karunya siah, anak pamajikanana di lembur ngarep-ngarep.”
“Tong loba sungut ari roko menta keneh mah, dower. Sakeudeung deui hayam kongkorongok siah, isuk rek nyatu naon? Rek menta ka aing? Rasakeun. Moal dibere!”
“Montong motah teuing, hayang ngagorolong siah eta beca.” Cikikik deui seuri, kagugu nenjo beca eundeuk-eundeukan. Ku manehna dibayangkeun mun eta beca ngagorolong meuntasan pintu lintasan kareta, nu ukur sapuluh meter anggangna. Mangkaning, sapuluh menitan deui kareta ekspres peuting bakal ngaliwat.”Langsung asup naraka,” pokna dina hate, inget kana omongan guru ngajina jaman keur budak.
Plastik tutup beca ku manehna disengledkeun saeutik. Breh sobatna jeung tukang beca, keur papuket.
“Kadieukeun heula rokona.”
“Ngajedog, kagok sina klimaks heula, karunya.”
Barang malik ka jalan, rek nenjo deui sedan, breh mobil treuk pinuh ku awewe jeung satpol ngagilisir hareupeunana. Teu kadenge ngagerungna. Satpol jlung-jleng laluncatan bari mawa paneunggeul.
“Sompreettt, Satpol anjiiiiiiirrrrrr. Lumpat Esteeer!.” Teu sirikna notog-notogkeun maneh, mubus ka salasahiji gang.
Da puguh keur papuket, nu dina beca mah teu bisa hojah barang dikepung ku opat petugas satpol teh. Sanggeus ditoong heula ku salah saurang petugas, sadel beca pada ngajungjungkeun nepi ka nonggeng pisan. Blug. Dua jalma ngagulutuk, neundeut kana trotoar. Nu saurang mah ukur dibaju.
“Sial, pira ge sakeudeung deui,” ceuk nu beungeutna pinuh ku pupur.
“Hanjat!” ceuk petugas nu kumisna ngajedig bari mawa tongkat paneunggeul. Nu beungeutna pinuh ku pupur mugen mimitina mah. Kalah pacental-cental jeung tukang beca . Tuluyna mah teu walakaya sabab direjengan ku satpol duaan, tuluy disered diunggahkeun kana treuk. Ari nu saurang deui mah ukur disepak bujurna.
“Balik siah, ladang ngabeca teh kalah dipake rucah!” ceuk satpol ngahaok. Tukang beca balaham-belehem, ngusey dicalana. Terus gura-giru ngaboseh beca.
“Bayar heula, siah!” nu beungeutna dipupur luncat tina luhur treuk. Ras teu saperak-perak acan dina saku, ngaberik beca ge jeung tanaga satakerna. “Can mayar. Awas siah, dicirian ku aing!” Gap kana batu. Belewer.
Nenjo aya nu ngagajleng, satpol duaan birat ngudag tuluy ngarejengan. Teu sirikna didengkek tuluy disered deui diunggahkeun kana treuk. Bakat ku keuheul, buuk nu gimbal teh dijenggut ku salahsaurang satpol, disakalikeun. Polonyon. Sirahna jadi bedegul. Nu dina luhureun treuk, lolobana awewe, tingcikikik ningali nu direjengan ceurik ngawiwiw.
“Maenya bencong ceurik,” ceuk salah sasaurang mani ngeunah ngagikgik.
Ti salah sahiji gang nu teu pati anggang ti pintu lintasan kareta, satpol duaan keur ngarejengan banci nu saurang deui. Tuluy diunggahkeun kana treuk.
“Sia gara-garana, jadi aing ge katewak,” ceuk sobatna nu geus aya di luhureun bari angger ceurik ngawiwiw. Nu kakara unggah balem. Rumasa. Mun seug manehna teu gogorowokan tur anggang tina beca, can tangtu sobatna katewak, sabab beca teh diparkirna kawilang nyingkur di nu poek, tur satpol can tangtu apaleun mun di jerona aya jalmaan.
?
Limapuluh tujuh urang nu digiring satpol ka balekota teh. Tina sakitu teh bancina aya tujuhan. Ngagarimbung di pakarangan tukang balekota. Panto gerbang digembok bisi aya nu kabur. Sabudeureun pakarangan ukur kacaangan ku lampu 25 wattan. Giliran, saurang-saurang dicalukan ku petugas, sina asup ka rohang pamariksaan madep ka komandan satpol. Nu diheulakeun teh awewe, golongan banci dipandeurikeun.
Di antara patugas satpol teh geus kaselapan ku wartawan duaan. Nu saurang ngajingjing kamera. Ngajak ngobrol ka nu awewe mah kawas ka nu geus loma.. Awewe nu boga rupa mah wanter tur percaya diri, diajak ngobrol ku wartawan teh mani pogot ngaladenan, tapi enas-enasna mah sakadar kasempetan neangan lolongkrang sangkan dipangnebuskeun. Sawareh deui mah minder dideukeutan ku wartawan teh, boro-boro ka ngajawab, malah tuluy nyingkah bari ngarungkupan beungeut sieun dijepret ku kamera.
Bari nungguan dicalukan, Ester jeung baturna papada banci nyingkur mopoek di juru. Panon anteng nengetan nu awewe. Batur-baturna ge sarua ngarasa perlu nengetan nepi ka eces beungeut nu mana wae nu ditewakan teh. Tuluy kabehanana diitung. Pas limapuluh. Bancina tujuhan.
Timburuna mimiti ngagedur lebah ningali petugas tepak toel jeung nu awewe.
“Rinaa!” ceuk petugas. Nu ngaran Rina tibuburanjat asup ka kamar pariksa.
“Boga keur nebus?”
Nu ditanya balem. Ret ka wartawan, cukup ku gelenyu.
“Si Aa wartawan, tadi cenah rek mangnebuskeun abdi.” Nu disebut wartawan ngiceupan ka petugas. Dina sagala rupa urusan, wartawan jeung saha bae sok silih pikasurti. Petugas ukur dehem. Rina teu papanjangan dipariksa, tuluy dikaleng ku wartawan, ngajugjug ka nu rada poek.
Banci nu duaan, Ester jeung Julia nuturkeun ti kaanggangan. Naleukeum kana pilar, ngintip nu narangtung silih rangsadan.
Teu nitih saparapat jam nu ngaran Rina geus dilepas. Basa rek noong ka kamar pariksa, Ester jeung Julia ningali wartawan nu saurang deui, nu ngajingjing kamera keur ngaleng nu dikaos beureum dicalana jins ketat, sarua ngajugjug ka lebah nu poek, mani geus rapet pagegeye.
“Kawas nu rek ngising sieun kaburusutan,” ceuk Julia, kekerot bari meureupan.
“Hey, Aa Wartawan, Ester pangnebuskeun nya, ke dibere gaya nu orisinil. Dijamin huoootttt!”
Nu keur pagegeye mimiti mah reuwas asa kagareuwahkeun. Ari malik ka tukang, duanana tuluy tingcikikik. Kawas nu ngahajakeun deuih, silih galentor.
?
Keur jalma leutik mah pangadilan teh langsung karasa jadi pangberokan. Mun perkara geus nepi ka pangadilan sagala rupa harepan, pangpangna bisa bebas harita keneh, musna. Mun satpol bae teu kaolo, komo hakim jeung jaksa. Ester jeung sobatna, Julia, kitu deui nu sejenna pada-pada banci, bati nyeri basa kanyahoan nu awewe mah ukur 20 deui, tina kabehna 50 teh. Ngan golongan maranehna nu teu ngurangan teh. Jejeg tujuh.
Ester pangheulana diuk dina korsi sakitan.Hakim di hareup katenjo siga algojo. Nu ngadon lalajo, najan katonggongan, keukeuh kadeuleu tingrarigig jeung tingarakey, karasa asa mupuas.
“Saha ngaran?” ceuk hakim, kadengena handaruan.
“Ester, Pa Hakim.”
“Awas mun bohong.”
“Sumpah, Pa Hakim. Nu bohong mah satpol, sadayana limapuluh tujuh, nu disidang ngan duauluhtujuh,” tembalna tatag, malah make wani mencrong ka hakim sagala. Tapi waktu Hakim malik mencrong deui, luk tungkul, asa tembus kana jajantung, ratug teu pupuguh.
“Di pangadilan mah teu bisa sambarangan sumpah jeung fitnah. Kumawani ngabohong jeung mitnah batur, hukumanana bisa leuwih beurat. Ngarti?”
“Ngartos Pa Hakim,” tembalna deui, tapi sorana teu tatag siga tadi.
Hakim ngaluarkeun map sarta milihan KTP. Ester ngeluk, kakara inget mun KTP teh dirarad ku Satpol basa dipariksa di balekota. Kesang tiis saawak-awak.
“Sakali deui nanya, saha ngaran?” tanya Hakim bari ngagilir-gailir KTP.
“Edeng, Pa Hakim.”
“Tadi disebutkan, lamun wani bohong di pangadilan, hukumanana leuwih beurat!”
“Ampun Pa Hakim, moal sakali-kali deui.”
Lantaran bukti ngarempak katartiban dibarengan ku ngawadul jeung mitnah, sarta teu boga keur nebus, Ester dihukum lima poe. Harita keneh digiringkeun ka tahanan.
“Saha ngaran?” ceuk hakim nanya ka sakitan nu kadua.
“Juned, Pa Hakim.”
Hakim imut. Pengunjung sidang ager-ageran. Sabada ngilikan KTP, teu lila papariksa, hakim nakol meja ku palu tilu kali. Juned tilu poe nyirekem di tahanan.
?
Kawas nu ngarandapan lila di pangberokan, barang nincak jalan rut-ret nenjo bangunan. Badis tembok tahanan nu ngajega meungpeukan lengkah. Mobil balawiri bari patarik-tarik klakson jeung paheula-heula muru tujuan, jalma-jalma katingalina mani darines, pantesna teh nu ngalantor, nu kuliah, nu usaha. Loba oge pantesna nu arulin. Bandung memang kota para bajingan. Beuki loba tetenjoan beuki karasa cuang-cieung sorangan, keueung jeung laip beuki nyaliara. Bari nahan lapar, manehna tuluy apruk-aprukan neangan sobatna. Diteang ka kios roko Si Oha, euweuh. Di salon si Eti, suwung. Diteang ka parapatan paranti ngamen, angger euweuh. Satungtung sobatna can kapanggih hirup beuki lewang.
Kabingung rada kabangbrangkeun barang katenjo budak leutik di peuntaseun, ngajanteng dina biwir gang keur ngeukeuweuk MacD. Kabeneran sepi. Gagancangan meuntas. MacD weuteuh keneh, keur ngaganjel beuteung mah lumayan. Culang-cileung heula bisi aya indung bapana, atawa lanceukna. Tuluy dideukeutan bari pura-pura teu ningali. Sakali ngarebut ge moal bisa hojah pira budak leutik. Komo mun tuluy diherengan dipolototan. Atawa dijejek sakalian.
Beungeut budak lila diteuteup. Cacamuilan, rampus kawas nu keur kalaparan. Manehna kalah mundur lalaunan. Ngalungsar dina trotoar, nyarande kana gardu listrik, anteng neuteup budak nepi dahareunana beak. Budak geus euweuh mah, lila-lila nundutan, nepi ka reupna sare.
Hudang-hudang kadenge sora kecrek. Mimitina mah asa dina pangimpian. Tapi sanggeus gigisik, tetela sobatna, lebah lampu setopan keur ngagiyet bari nyanyi jeung ngulinkeun kecrekna. Ngadadak cenghar najan peujit angger nagih eusi. Langit katingali deui bengrasna. Impian harirup deui. Nu kapikir pangheulana, hirup kudu leuwih ati-ati.
Karampa ku leungeun katuhuna aya bungkusan. Peuyeum dina kantong keresek jeung cai dina botol plastik geus aya gigireunana. Teu diengkekeun. Nu keur nyanyi bari ngagiyet malik heula ka manehna, “Caina ulah dibeakeun,” cenah.
Sanggeus lampu setopan hejo sarta mobil tingbelesur, Julia nyampeurkeun ka nu keur ngalungsar bari cacamuilan.
“Betah-betah teuing atuh di bui teh.”
“Bebengok sia!”***

Tidak ada komentar:

Poskan Komentar

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...