Senin, 01 November 2010

HANYAKAL NYA?

Mangsa Ba'da asar Mang Darma aya maksad nyaba ka mangkalaya. Ka barayana ngaran Wa Tantan. Bral arangkat , ngahaja ngajak Kang Maman ngarah aya balad. Sajajalan mang Darma rada agag-agagan lantaran jarang aya parawan batan gandangna. Manah mang Darma nalangsa " kahayang mah nganjang ka parawan , ngan hanjakal taya waragad jaba anakna balatak. Kang maman mah tara hayang ka parawan sabab garwana rada galak sarta bapana tara ngajak.

Jalan Ka Mangkalaya batan tarahalna malah aya tanjakan sagala. Jaba jalanna narabas mapay-mapay gang. Kang Maman ngarasa hana'ang, gap kana wadah lahang. Awakna Karasa asa rada jag-jag.

Sadatangna ka Mangkalaya nyampak taya sasaha da barayana angkat ka cantayan maksad ngalayad anakna ngaran Ratna, lantaran kakara anyar Babar. Mang Darma Nyangsaya na samak kang Maman mah lalangkarakan.
 
" Lah hanjakal taya sasaha, mangka karasa lapar.." wakca kang Maman.
" Naha lapar nyah, pan anyar dahar ?" Mang Darma nanya.
" Tacan, karak ngadahar bacang!" jawab kang maman.
" Sabaraha ngadahar bacangna ?
" Dalapan..!"
" Balatak dalapan mah panyana can sarapan !" Mang Darma ngadadak galak.
Kang Maman karah nyakakak .....ha..ha...ha..ha...

Basa Wa Tantan datang, Mang Darma ajrag-ajragan lantaran barayana mawa nangka sakaranjang.
" Alaaah nangka nyah wa, Kahayang sayah nangka mah..?
" tah dahar nangkana, ngan hanjakal atah.." Wakca Wa Tantan
" atah nyah, naha..? Tanya Mang Darma
Wa Tantan ngajawab " Pan anyar ngala...!"
" Ah da sayah mah hayang...!?"
Dasar jalma balangsak mang Darma ngadahar nangka atah aya kana salapanna, kang maman mah karah asa-asa lantaran basa gap kana nangka atah , lar aya Pa Rahman sarta nyaram kang Maman ngadahar nangka atah.

" Ngadahar nangka atah mah karah matak kana padaharan, bakal kababayan sarta bakal panas sa-awak-awak " Pa Rahman ngawakca.
" Pan taya kadaharan kajaba nangka atah..."
" Aya tah, hayang mah martabak asak..!?"
" Sabaraha nyandak martabak asakna ?" tanya Kang Maman
" Salapan candak dalapan..!" Jawab Pa Rahman

Hanjakal nya !

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...