Senin, 22 November 2010

Halu

Geus jadi kabiasaan Jang Diding, sobat salakina, unggal wancina dahar beurang sok datang ka imah Nyi Ipah ngadon milu dahar.
Keur jaman kiwari nu sagala serba mahal mah puguh we sagala teh kudu dirit-irit, kukituna kadatangan Jang Diding teh malah jadi nambahan pangbeubeurat keur Nyi Ipah.
Dina hiji beurang kurunyung Jang Diding datang datang deui ka imah Nyi Ipah.
Jang Diding :”Kumaha Nyi wartosna…. damang ?” ceuk Jang Diding  marahmay
Nyi Ipah :”Sae kang…” bari rada jamotrot
Jang Diding :”Dupi Kang Dadangna damang ? nuju kamana…?”
Nyi Ipah :”Nuju di kebon, nyaeta ayeuna mah Kang Dadang teh rada kaganggu emutanana ayeuna teh…..”. Nyi Ipah ngabohong  masang taktik.
Jang Diding :”Na kunaon kitu …?” bari semu heran
Nyi Ipah :”Nya duka kumaha Kang, ayeuna mah unggal aya tamu Kang Dadang teh sok neunggeul tamuna ku halu…”
Ngadenge kalakuan sobatna jadi owah, Jang Didin langsung pamitan….teu lila datang Jang Dadang, salaki Nyi Ipah.
Jang Dadang :”Saha tamu bieu teh Nyi ?”
Nyi Ipah :” Eta….. Kang Diding rek nambut halu ngan ku abdi teu dipasihan…” pokna ngabohong
Jang Dadang :”Naaa atuh halu-halu wae……..kadieukeun urang susulkeun…”
Tuluy Jang Dadang nyusul Jang Diding bari mamawa halu. Teu lila Jang Diding  kaciri tereh kasusul.
Atuh Jang Dadang gogorowokan ngageroan Jang Diding bari ngacung-ngacungkeunkeun halu. Puguh we Jang Diding beuki tarik lumpatna pedah nempo Jang Dadang ngudag-ngudag bari ngacungkeun halu.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...