Senin, 22 November 2010

Can Kapanggil

UMUMNA kalakuan kenek angkot mun jojorowokan nawarkeun jurusan angkotna atawa nanyakeun nu rek tarurun sakapeungmah sok matak piambeukeun atawa pikabingungeun anu kakara, tapi lamun geus apal mah sok hayang seuri. Geura reungeukeun, di Bandung aya kenek ngagorowokna : “Gede….. Panjang……Gede…..Panjang……!!”
Kade, lain keur promosi obat taeun nu ayeuna keur meuweuh atawa promosi sabangsa Ma Erot, tapi nawarkeun rute angkot jurusan Gedebage  – Leuwi panjang….!
“Aceh……Merdeka……Aceh…….Merdeka……!!” Kenek jojorowokan sataker kebek. Najan hareupeun aya tangtara atawa pulisi oge moal nepi ka di tewak da di Bandung mah geus arapaleun, eta kenek keur nawarkeun angkot jurusan Cicaheum Kebon kalapa ngan rutena ngaliwatan jalan merdeka jeung jalan aceh.
“Binatang…..ada turun…..? ibu……bapa…..binatang……!” Tong waka ambek disebut kitu teh, si kenek nanyakeun bisi aya nu turun di kebon binatang di Jalan Taman Sari anu kaliwatan ku angkot.
Ari di Tasik mah kieu jorowokna teh “Sila…….sila…..hiji deui…!!” Lamun seug ninggang ka jalma nu anyar ulin ka Tasik mah bakal ho’okeun ngadenge jorowok kenek anu ngagantung na lawang panto. Rek teu kitu kumaha atuh, sakitu katingali metetna bari anu dijero oge diaradu tu’ur, ari kenek ojorowokan sila……sila…hiji deui…….? Padahal manehna teh nawarkeun jurusan ka Pancasila
Ari di Garut mah karunya ka anu ngarana DANA, kade nya bisi aya baraya anu ngarana dana tong waka ambek jeung kasigeung lamun ngadenge jorowok kenek angkot “DANA EGANG….DANA EGANG……….” eta teh lain moyokan Kang Dana pedah leumpangna egang tapi nawarkeun angkot jurusan Sukadana-Sukaregang.
Pon kitu deui di Cikampek, kenek beus Batang Indah nu kawetankeun ngajorowok: “kalong… manuk…. mandi…kalong….. manuk ….. mandi” cenah. Maksudna nawarkeun jurusan Cikalong, Pamanukan jeung Sukamandi. Atuh nu kakulonkeun kenek teh ngajorowokna: “Jor….jor, lari…. lari…” cenah. Maksudna nawarkeun jurusan Johar jeung Klari di Karawang.
Balik deui ka naek angkot di Bandung, jorowok kenek teh ngajorowok: “Supratman…”, atuh jrut turun panumpang lalaki tengah tuwuh. Jorowok deui: “Raja mantri….”, jrut Mang Jamal turun…”Rengganis….”, jrut Neng Nia turun, “Teuku Umar….”, jrut deui lalaki turun. Na ari celengkeung teh urang batak ngajorowok: “aku Rajagukguk tak dipanggil-panggil jadi bila awak turun bah!? “.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...