Kuring mindeng ngadéngé sawatara kecap, frase, atawa kalimah dina basa Malaysia anu kadéngé lucu, salah sahijina “rumah korban lelaki” anu diartikeun rumahsakit bersalin. tapi lamun ditaluntik deui ka urang asli Malaysia ceunah frase éta henteu dipaké di nagarana. Tétéla, éta ngan guguyon, saukur uulinan.
Dina bukuna, Deddy Mulyana ngungkapkeun yén guguyon basa Malaysia dijieun ku urang Indonésia baheula waktu keur konfrontasi Indonesia-malaysia. Hanjakalna, ayeuna guyonan basa kasebut masih aya, kawas:
Hentak-hentak bumi (jalan di tempat), pasukan awang-awang (Angkatan udara), pasukan baseuh kuyup (Angkatan laut), bilik termenung (jamban), ogé rumahsakit korban lelaki (rumah bersalin).
Ieu pisan balukarna lamun hiji bangsa nganggap basana sorangan anu pangalusna. Baris aya anggapan yén basa anu dipaké bangsa séjén “henteu ilmiah”, boh cara ngomong boh kecap-kecap anu maranéhna ucapkeun. Urang Malaysia memang nyarita gancang kalayan intonasi anu béda sarta ngagunakeun kecap-kecap anu kadéngé ahéng di ceuli urang Indonésia. Sajaba ti éta, loba kecap dina basa Malaysia anu diadopsi tina basa Inggris, kawas universiti (university), fesyen (fashion), komen (comment), sarta tai (tie). Ulah heran lamun urang Malaysia ngomong, “Tai Encik loba pisan” pikeun nyatakeun "dasi Anjeun loba pisan".
Katut sajumlah kecap Malaysia anu bersinonim kalayan kecap Indonésia anu bisa ngabalukarkeun kesalahpahaman:
Basa Malaysia Basa Indonésia
Bilik Kamar
Comel Lucu, geulis
Cerminmata kacasoca
Kasut Sapatu
pusing-pusing kukurilingan
Seronok Alus
Nurutkeun Philip sarta Robert Moran, pangalaman-pangalaman lintas-budaya nyieun urang leuwih kabuka sarta toleran nyanghareupan “keganjilan” ti budaya séjén, dina hal ieu basa. Jadi, sakuduna kanyaho ngeunaan konsép-konsép budaya perlu dironjatkeun. Jeung pamahaman ayana budaya séjén anu béda, akibat culture-shock bisa dihindari. Pikeun nyurtian béda-béda basa leuwih efektif, léngkah kahiji dina prosés ieu téh ngaronjatkeun kasadaran budaya hiji jalma sacara umum
Ceuk urang jepun mah "Yu kata" beda jeung urang inggeris "Kata yu" pasualan basa teh sok mirip tapi beda dina nerapkeunana. Minangka jeung Malaya anu ceunah sa rumpun oge sok salah ngalarapkeunanan. urang malaya mere ngaran rumah 'sakit bersalin' matak hoyong gumujeung "Rumah korban lalaki". 'Tiarap keur komando lamun di Indonesia tapi di negeri 'Nurul Izzah' malah nyebutna teh nyium taneuh...he..he..nulaina sok titenan lamun teu nyenghel...kuda.
- jigana encik = juragan, sarta awak = manéh, tapi lamun urang sunda mah pastina 'awak' =
- rumah sakit bersalin = rumahsakit korban lalaki.
- menteri pileuweungan = menteri semak belukar.
- menteri agama = menteri teu berdosa.
- tiarap=cium taneuh
- jalan di tempat = injak-injak bumi
- tiasa = berjaya (gw agak2 lupa yang satu ini)
- hayang = nak
- saperti = macam
- eta= tu
- ngawitan = mulakan
Diropea ti sabraha artikel jeung pustaka :
Mulyana, Deddy. 2007. Ilmu Komunikasi, Suatu Pengantar. Bandung: Rosdakarya.
Rakhmat, Jalaluddin. 2005. Komunikasi Antarbudaya. Bandung: Rosdakarya.
Rakhmat, Jalaluddin. 2005. Komunikasi Antarbudaya. Bandung: Rosdakarya.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar