Selasa, 28 September 2010

"Korupsi" dina Basa Sunda

Ku : Mamat Sasmita*)

Dina kamus Sunda-Inggris karya Jonathan Rigg anu diterbitkeun dina taun 1862 kecap korupsi teu kapanggih, kitu deui dina kamus basa Sunda-Melayu karya R.Satjadibrata anu terbit dina taun 1944 jeung dina kamus Sunda-Sunda Satjadibrata anu terbit taun 1948 kecap korupsi teu kapanggih. Dina kamus basa Walanda-Sunda beunang S.Coolsma anu terbit dina taun 1910, kecap korupsi dina basa Walanda ge teu aya, sigana Coolsma ngahaja teu ngaseupkeun kecap korupsi kulantaran euweuh pisundaeunana.

Dina mangsa kiwari kecap korupsi teh geus diaku jadi basa Sunda, hal nu jadi tandana nyaeta mindeng asup kana media citak basa Sunda, malah kapan Majalah Cupumanik mah kungsi nulis ngeunaan korupsi, kecap korupsi dipake sagemblengna.
 
Anu jadi tanda sejenna kecap korupsi geus diaku jadi basa Sunda nyaeta geus asup kana kamus basa Sunda dina Kamus Sunda-Sunda LBSS (Lembaga Basa Sastra Sunda) ngan diejahna koreupsi, kamus ieu mimiti terbit taun 1975. Buku kamus Sunda-Sunda LBSS geus mindo citak anu ka tujuh panungtungan dicitak taun 1992, kecap korupsi tetep diejah koreupsi.
 
Hartina koreupsi ceuk kamus Sunda-Sunda LBSS nyaeta : koreupsi (tina basa Walanda); kacurangan dina ngajalankeun papancen nguruskeun duit atawa milik nagara atawa milik pausahaan jste, pikeun nguntungkeun diri pribadi atawa golonganana.
 
Buku kamus sejen anu ngasupkeun kecap korupsi nyaeta buku Sundanese-English Dictionary yasana RR Hardjadibrata anu terbit taun 2003, dicutat sagemblengna : korupsi noun (Dutch), corruption; ngorupsi, commit corruption with something, misappropriate something, (eg public property etc).

Diakuna hiji kecap basa asing kana basa daerah (Sunda) aya sababaraha alesan diantarana euweuh sasaruanana dina basa daerah sedengkeun eta kecap basa asing teh mindeng dipake jeung hartina geus dipikawanoh ku masayarakatna. Ana kitu kecap korupsi ge geus kacida dipikawanohna ku urang Sunda, bisa bae dipikawanohna teh alatan mindeng kajadian ayana korupsi atawa ngan sakadar hiji berita anu pantes dikanyahokeun ku masyarakat Sunda, bisa bae kajadian korupsi-na mah di luar tatar Sunda. Tapi sigana mah korupsi ge kungsi jeung eukeur mahabu di tatar Sunda, malah kungsi aya anggapan korupsi di Jawa Barat kaasup kadua panggedena (ilikan dina www.google.com , entry korupsi jawa barat )

Mukaan kamus basa Sunda bakal kapanggih kecap basilat, hartina basilat ceuk sababaraha kamus :
Kamus Sunda-Sunda Satjadibrata : neangan kauntungan nu ngarugikeun ka batur.
Kamus Sunda-Sunda LBSS : licik, curang, teu jujur; lampah basilat, lampah curang ngarugikeun batur upama nipu, koreupsi.Kamus Sunda-Inggris RR Hardjadibrata : (adj) sly, corrupt, dishonest, deceiful, act deceitfully, distort the fact, corrupt practices.
 
Dua kamus nyebutkeun basilat teh sarua jeung korupsi.
Kecap basilat mangsa kiwari arang langka digunakeun ku media masa basa Sunda boh media citak boh media elektronik, hal ieu teh bisa bae kulantaran hartina kurang dipikawanoh, eleh populer ku kecap korupsi.
Hanjakal kecap basilat dina kamus Sunda-Inggris Jonathan Rigg teu kapanggih, sigana kecap basilat harita can aya atawa memang kecap anyar anu asalna tina basa deungeun, hal ieu bisa dibandingkeun jeung katerangan dina kamus Sunda-Melayu Satjadibrata anu nyebutkeun kecap basilat asalna tina kecap bersilat basa Melayu, diilikan harti bersilat tina kecap asal silat dina kamus eta keneh kapanggih : silat ; basilat (bandingkeun bersilat Melayu) lancung (kepada orang ). Tapi lamun ngilikan dina Kamus Besar Bahasa Indonesia hartina silat nyaeta olahraga ketangkasan menyerang dan membela diri, aya anu kira kira bakal saharti nyeta bersilat kata (lidah) nu kira kira pihartieunana debat, ngadu kapinteran silih tempas.

Kecap sejen kayaning ceceremed, cocorokot, maling, madog, maok, ngabangsat, curaling, nipu, ngarah ngarinah hartina mah kapan eta-eta keneh, ari curaling, nipu, ngarah ngarinah leuwih condong kana kalakuan teu jujur.
Rampog, begal, bajo mah teu kudu diasupkeun lantaran eta mah sanajan hartina ampir sarua maling maling keneh tapi bari jeung aya unsur maksa mirusa, dilakukan kalawan terang-terangan jeung dilakukeun biasana ku jalma leuwih ti saurang.
 
Nilik lobana kana kecap basa Sunda anu hartina maling, bisa bae disebut, eta teh kabeungharan basa Sunda atawa boa boa bakating ku loba kajadian pulang paling jaman karuhun baheula nya kecap basa Sunda nu hartina maling ge jadi loba atawa sabalikna karuhun baheula teh geus wacis jeung mere tangara supaya urang Sunda ulah ngalakukeun hal hal kalakuana anu goreng patut, lobana kecap teh sangkan jadi bebenteng diri tina kalakuan goreng patut eta.

Lamun urang nyaksian boh gambar dina media citak atawa ningali dina televisi, anu dituduh korupsi teh sok katingali perlente, make sapatu make dasi, terpelajar, leucir, boga pangkat, pinter, boga nomer induk kepegawaian, capetang pertentang, teu eraan. Kacida patojaiahna jeung anu katewak dituduh maling, beungeut kusut, tara nyisiran, make sendal capit, make kaos buntung, calana belel, ngomong ge siga nu embung kaciri beungeut.
 
Sigana anu jadi sabab nyaeta kecap korupsi mah asalna tina basa asing, basa deungeun, anu hartina ngan sakadar apal dina biwir, teu nyerep kana hate, jadi ngarasa henteu salah, beda deui lamun disebut maling, maok, sabab maling jeung maok mah kecap anu geus kaharti kalawan nyerep kana hate. Ana kitu ganti we atuh kecap korupsi teh ku kecap maling, sugan we korupsi teh jadi ngurangan. 
 
(Artikel ieu dimuat dina Majalah Cupumanik No.43 Pebruari 2007)

*)Pangsiunan pagawe Telkom, nu ngokolakeun Rumah Baca Buku Sunda

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...