Sabtu, 23 Oktober 2010

Wong Fei Hung Singhoreng ulama jeung pahlawan Muslim China


Muereun urang ngenal Wong Fei Hung Teh jawara Kung Fu nu kasohor dina felm-na  Once Upon A Time in China. Dina karakter felmna, karakter Wong fei Hung diperankeun ku aktor Hong Kong, Jet Lie.  Tapi saha sabenerna Wong fei Hung teh ?

Wong Fei Hung ceunah mah  Ulama, Ahli Pangobatan, dan Ahli maenpo legendaris nu ngaranna dijadikaeun pahalawan nasional China.  Tapi pamarentah China teh ngahaja ngaburkuen jati diri Wong teh pituin Muslim kanggo ngajaga wibawa jeung supremasi kakuasaan komunis China.

Wong Fei-Hung gubrag ka alam dunya teh tepatna  tahun 1847 di Kwantung (Guandong), asli katurunan Muslim nu taat psian kana agamana. Ngaran Fei nenehna Wong Fei Hung asalna tina dialek Canton pikeun nyebut ngaran, Fais. samentawis ngaran Hung oge saruana dicokot tina dialek Kanton pikeun menyebut ngaran Arab, Hussein. janteun, lamun di-Arabkeun ngaranna teh jadi,   Faisal Hussein Wong.

Ramana, Wong Kay-Ying oge kakenal saurang  Ulama, jeung tabib ahli elmu pangobatan tradisional, sareung  ahli oge dina beladiri tradisional Tiongkok (wushu/kungfu). ramana Wong ngagaduhan  klinik pangobatan nu katelah ngaran  Po Chi Lam di Canton (ibukota Guandong). Wong Kay-Ying kakena saurang ulama nu ngawasaan elmu wushu tingkat tinggi. saking luhurna jajaten elmu beladiri Wong Kay-Ying maka katelah sa nagri China mah salah sahiji  tina sapuluh Meong Kwantung. Posisi meong  Kwantung teh dina hiji waktu diturunkeun ka putrana ini  Wong Fei Hung.

Kombinasi antara pangaweruh elmu pangobatan jeung teknik kanuragan sareung ditunjang ku kaluhuran budi pakerti salaku panganut Muslim nyababkeun kulawarga Wong sok turun ngabantu kaum masakat nu katindas, sahingga masyarakat Kwantung hormat jeung ngajadikeun picontoh kulawarga Wong.

Pasien klinik kulawarga Wong nu sok menta bantuan pangobatan lolobana ti kulawarga miskinnu teu mampu mayar.  Tapi , kulawarga wong remen ngabantu satiap pasen anu hayang diobat tanpa ngabedakaeun suku, ras, agama kabeh dibatu teu pandang pamrih.

Bari rerenceupan, kulawarga Wong  aktif ngabantu gerakaan bawah tanah  ngalawan  pamerintahan Dinasti Ch’in anu korup jeung sok nindes. Dinasti Ch’in teh nyaeta  Dinasti anu ngalungguhkeun  kakuasaan Dinasti Yuan samemehna. Dinasti Yuan kakenal salah sahiji Dinasti Kaisar Cina nu anggota kulawargana lolobana nganut agama Islam.

Wong Fei-Hung ngamimitian ngasah bakat  kanuragannana mimiti guguru ka Luk Ah-Choi anu kantos jadi guru ramana. . Luk Ah-Choi pisan anu mere dasar-dasar  jurus Hung Gar , terus dikembangkeun jadi jurus nu kasohor ngalahirkeun jurus "Tendangan Tanpa Bayangan" nu  legendaris. Dasar-dasar jurus Hung Gar di ciptakeu jeung dikembangkeun jeung minangka andelan  ti  Hung Hei-Kwun, lanceuk sapaguron Luk Ah-Choi. Hung Hei-Kwun teh salah saurang jawara Shaolin nu lolos tina kajadian pembantaian pamarentah  Dinasti Ch’in pada 1734.

Hung Hei-Kwun teh salah saurang  pamimpin pemberontakan bersejarah nu hampir ngelehkeun dinasti  penjajah Ch’in nu datang ti  Manchuria (Nu ayeuna kaltelahna nagri  Korea). lamun mah pamarentah  Ch’in teu menta bantuan ti pasukan asing(Rusia, Inggris, Jepang), pamberontakan pimpinan Hung Hei-Kwun eta tehbakal bisa ngusir penjajah Dinasti Ch’in.

Saenggeus ngaguru ka  Luk Ah-Choi, Wong Fei-Hung tuluy gurugur ka ramana dugi ka awal yuswana 20-an taun, manehna geu jadi ahli pangobatan jeung beladiri nu kakoncara di kwantung. malah langkung maju tibatan sateu acanna. Kamampuan beladirina beuki hese di elehkeun satos bisa nyiptakeun jurus anyar  nu langkung taktis sareung efisien nu katelah ngaranna  Jurus Cakar meong  jeung  Jurus salapan teungelan khusus. Salian make tangan kosong, Wong Fei-Hung oge  mahir ngagunakeun  maceum-maceum parabot. Masyarakat Canton kantos  nyaksikeun  langsung teu nginjeum mata, bari sorangan make tongkat bisa ngalumpuhkeun 30 jagoan  palabuhan nu awakna gede tur keuekeur di Canton nu ngaroyok, kusabab ngabela rakyat miskin nu erek di peres.

Dina kahirupan kualwargana loba gogodana nu ngahaja Allah nguji kaimanana. Salah saurang putra keamemeutna palstra kabunuh dina insiden jeung mafia Canton. Wong Fei-Hung tilu kali rarabi kusabab pamajikanna maot dina umur nu pendek pisan.  satos bojona nu nu ka titilu wafat, Wong Fei-Hung mutuskeunhirsampangan dugi ka panggih jeung  Mok Gwai Lan, wanoja ngora nu oge ahli dina bela diri. Mok Gwai Lan pasangan nu maturan pendekar Wong dugi ka akhir hayatna. Mok Gwai Lan oge nglu ngabantu ngajar beladiri keur  kelas khusus awewe di paguronna.

Tahun 1924 tilar dunya dina yuswa 77 taun. Masyarakat China wabil khusus di Kwantung miwanohna sapertos pahlawan nu mela kaum mustad’afin (nu katindeus) nu teu pernah sieun ngabela kahormatan maranehna. Wong Fei-Hung tilar dunya bari ninggalkeun ngaran nu seungit nyambuang santero China, salaku manusa nu hidrup mulya, salah sahiji pilihan hidup anu paling dimpikeu kusadayana kaum muslimin nyaeta syahid  dijalan Allah. mudah-mudahan janteun enteung jeung ibrah kanggo sadayana kanggo menderkeun profile para pahlawan muslim nu ngaranna bias teu apal. wallahu alam bishowab.

Diropea sumberna : kaskus.us

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...