Rabu, 20 Oktober 2010

Gelo pisan : "Hotel mewah keur si Miauw"

Hotel Longcroft, tepatna mah di tepas wiring Welwyn Garden City, Hertfordshire Inggeris anu ilaharna mah hotel teh nu nginep teh manusa,  tapi Longcroft nga-diferensiasi-keun khusus hotelna teh keur sare satwa piaraan ucing. Taripna oge gelo pisan 15 poundsterling atawa dirupiahkeun mah sakitar Rp 208.500 per malam. Sarwa lengkeup  tempat sare nu empuk, tata swara sareung sajian katuangan nu ukuran ucing mah leuwih da kabeh oge masih kadaharan manusa, ceunah. 

Sok menu-na oge matak era parada, da pribados oge can pernah ngaraosan.Longcroft  nawarkeun sarwa menu dahareun sarwa mewah, sapertos kahakanan sato organic : daging salmon, udang maung jeung lauk kukus (steamed white fish). Sadayana disajikeun make parabot sarwa perak jeung mangkuk Cina kuno nu mewah. Supados si Miau teh fresh bari ngabakekak daharna teh dilantunkeun tembang-tembang jazz. Pokokna mah  hotelna gelo pisan

Ide-na mah ngarasa pasisirik kanu boga piaraan anjing nu geus boga hotel panitipan nu mewah, rupana mah nu sirik teh si nu boga piaraan ucing si Tom..he..he, akhirna  di Welwyn nu wangun  hotel panitipan nu eleh mewahna jeung si anjing bangor, ceunah. 

Aya deui fasilitas nu matak ngaheab hate manusa da nenehna manusa oge diurang can aya...lamun si miau  dehidrasi, nu boga hotel Abi jeung  Matt Purser masang kran cai porselin nu bisa ngaluarkeun cai seger nu ngandung oksigen.

Selain layanan  tadi, ceunah, hotel Longcroft oge nyadiakeun layanan tambahan sapertos ngaropea saawak-awak, sapertos parawatan panonna, ceulina, pokona mah edun bin gelo dijamin nu boga piaraan pua..ssssss..pus..pus!!!

Diropea ti : tn/TN/www.liputan 6.com

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...