Selasa, 11 Desember 2007

Nineung Ka Lembur sorangan

Teu kaharti ngaku urang sunda tapi era make budaya jeung kaluhurannana, pikseubeuleun ngaku sunda make bahasa campuradut kabetawibtawian, pikanineungeun sok snaajan aya dipangumbaraan lamun geus ngadenge halueangna suling jeung gamelan. pek ropea sok sanajan jauh, da iwal ti urang anu bisa ngajaga nyaeta urang sunda pituin. komo lamun dilembur batur minimal jaga ulah ngerakeun basa sunda acah kadut jeung babatawian, padahal pituin urang Sunda.

Sabetah-betahna dikampung batur tetep we, sok nineung ka lembur sorangan. Teu weleh aya karaos tentrem tur sugema emut ka pakarangan nu ngemploh hejo, sawah anu hegar sareng cai anu nyurulung tina pancuran. Endah tur asri matak mapaes hate anu sono kana reureuh tina raramena kota. Sono ka abah, ambu sareng baraya anu sauyunan, sahate, welas tur asih. Duh lembur, sing ulah kabawa ku sakaba kaba sim kuring sono kana kahejoan anjeun.

           KAWIH

Lemah cai kuring
negeri endah asri
sugih cacah jiwa
bahan lubak libuk

sim kuring rehna miwah nyaah
kalemah cai pribadi
kuring suka
kuring betah
ka lemah cai pribadi
Kawih di luhur ngingetkeun kuring ka jaman kuring keur sakola, mangsa nu keur meumeujeuh na pinuh ku kasuka jeung kabungah,pileuleuyan mangsa budak, sabab kuring ayeuna geus dewasa, kari waas na, nyawang mangsa ka tukang.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...