Senin, 25 Januari 2016

Perang Bubat

Waktu Prabu Hayam Wuruk dijenengkeun jadi Raja di Karajaan Majapait, yuswana kaétang anom kénéh pisan. Malah nepi ka sawatara taun ti harita, tetep baé henteu kagungan praméswari. Éta hal téh ku sapangeusi karaton, katut abdi-abdina di Karajaan Majapait, dianggap ngurangan komara nu jeneng raja.
 
Ku sabab kitu, parasepuh jeung parayogi, geus ngémutan kalayan hormat, sangkan Kangjeng Raja énggal kagungan garwa. Ari walerna, sanés teu kersa kagungan garwa,nanging teu acan aya anu cop sareng manahna.Pirang-pirang putri anu gareulis,putra bupati, malah aya putra raja,anu sasatna mah bari dibaktikeun ka Sang Raja,henteu aya hiji ogé anu kamanah.
 
Kocapkeun di Karajaan Sunda,aya putri anu geulis taya babandinganana,geulis kawanti-wanti, éndah kabina-bina.Kageulisanana kaceluk ka awun-awun,kawéntar ka janapria.Jaba kageulisanana, éta putri téh,kamashurkeun pinter sareng saé manah deuih.Ari jenenganana Putri Citraresmi,putra Prabu Linggabuana ti Karajaan Sunda.
 
Kageulisan jeung kapercékaan Putri Citraresmi,kaémpér-émpér ka Prabu Hayam Wuruk.Teras baé atuh anjeunna miwarang juru tekin,supados ngagambar Putri Citraresmi.Juru tekin harita kénéh angkat ka Pajajaran.Kawantu juru tekin petingan di Majapait,teu kantos lami ogé gambar putri téh janten.Ti dinya énggal dicandak ka Majapait,disanggakeun ka Prabu Hayam Wuruk.
 
Barang bréh ningal gambar Nyi Putri,Sang Prabu Anom raos kadudut kalbu,kapentang panah Déwa Kamajaya.Prabu Hayam Wuruk tos teteg manahna,yén Putri Citraresmi surup janten garwana.Komo deui saparantosna ngadangu cariosan juru telik perkawis pribadi Nyi Putri.Éstu pinunjul sarta taya cawadeunana.Geulisna téh cenah, sanés geulis rupina baé,nanging geulis parat dugi ka haté-haténa.
 
Énggal baé Prabu Hayam Wuruk ngempelkeun parasepuh katut paramantri, ngabadantenkeun niatna migarwa Nyi Putri. Sadayana sapuk kana niat Sang Prabu, sarta harita kénéh ditangtoskeun utusan kanggo ngalamar Nyi Putri ka Karajaan Sunda.Anu kapeto dina éta babandenan,nyaéta Patih Madu anu dipisepuh ku sadayana,seueur luangna sareng tutur panata jatnika.
 
Dina waktos anu tos ditangtoskeun, Patih Madu angkat ka Karajaan Sunda, seja ngalamar Putri Citaresmi, kanggo garwa Prabu Anom Majapait. Angkatna disarengan ku paraponggawa, sareng sababaraha mantri kapetengan, nyandak rupi-rupi barang aranéh, kintunkeuneun ka Raja Karajaan Sunda. Henteu kantun dibahanan serat panglamar, anu diserat langsung ku Prabu Hayam Wuruk.
 
Teu kacatur lalampahan di jalanna, caturkeun Patih Madu katut rombonganana, tos dugi baé ka dayeuh Nagara Sunda di Kawali. Sasumpingna ka dayeuh Nagara Sunda, tumut kana panata jatnika anu ilahar, Patih Madu teu wanton tumorojog ka karaton. Anjeunna ngabujeng heula ka kapatihan, teras ngadeuheus ka Prabu Linggabuana, disarengan ku Patih Anépaken.
 
Sanggeus munjung sarta ngahormat, Patih Madu nyanggakeun kikintunan, bari sakantenan masihkeun serat, ti Raja Majapait, Prabu Hayam Wuruk. Serat ditampi ku Kangjeng Raja, teras diilo gemet pisan. Ungelna serat ngunjukkeun panuhun, Prabu Hayam Wuruk kagungan maksad, palay migarwa Putri Citraresmi.
Kangjeng Raja nyaur praméswari, serat diaos sakali deui di payuneun garwana. Digerendengkeun kalawan antaré. Ungelna tétéla sareng kahartos pisan, réhna Raja Majapait, Prabu Hayam Wuruk, seja mileuleuheungkeun Putri Citraresmi. Kangjeng Raja pameunteuna marahmay, manahna langkung-langkung bingahna, kitu deui sareng praméswari. 
 
Lajeng Kangjeng Raja nyaur putri, ditaros kersa henteuna kagungan carogé, ka Prabu Hayam Wuruk ti Majapait. Kawitna mah Sang Putri semu nu éwed. Lami-lami, pok sasauran antaré naker, basana sadaya-daya ngiringan sakersa rama. Namung aya panuhunna, palay diréndéngankeun di Majapait.
Sang Raja ngadawuhan ka Patih Anépaken, supados nampi Patih Madu saréncangna. Ku Patih Anépaken diperenahkeun di kapatihan. Ditampi kalayan hormat sakumaha mistina. Saparantos sababaraha dinten ngaso, parautusan ti Majapait kawidian mulih. Sasumpingna ka Nagara Majapait, teras unjukan ka Prabu Hayam Wuruk, yén panglamarna ditampi ku Raja Sunda, dibagéakeun ku kabagjaan tan wangenan.
Patih Madu ogé ngunjukkeun, réhna Putri Citraresmi aya pamundut, palay diréndéngankeun di Majapait. Ku margi kitu, dina waktosna engké, Putri Galuh baris dijajapkeun ka Majapait, ku ibu-ramana ku anjeun. Ngadangu cariosan Patih Madu kitu, Sang Prabu Hayam Wuruk kalintang bingahna. Moal lami deui ogé kapalayna tinekanan, migarwa istri anu janten panyileukanana.
 
Teu kacatur tatan-tatan jeung sasadianana, kacaturkeun geus sadia samaktana, Raja Sunda saputra-garwa angkat ka Majapait. Nanging henteu sadayana ngiring, aya anu dikantunkeun di Dayeuh Sunda, nyaéta putrana anu burey kénéh, anu jenenganana Wastu Kancana, sareng Mangkubumi Bunisora, raina Raja Sunda anu pangdeuheusna.
 
Rombongan Raja Sunda nganggo jalan darat, dugi ka Amparan Jati, ayeuna mah Cirebon. Ti dinya diteraskeun nganggo jalan laut. Ku margi niatna ogé badé nikahkeun téa, Rombongan Karajaan Sunda téh henteu seueur. Sadayana téh mung saya saratus urang. Kalebet Sang Raja, praméswari, sareng Nyi Putri. Aya éta ogé Pasukan Bélamati anu ngiring, nanging mung kanggo ngajaga kaamanan baé, bilih aya bancang pakéwuh di perjalanan.
 
Jauh dijugjug anggang ditéang, Raja Sunda sabaladna tos dugi ka Majapait. Ngerereb saheulanan di tepis wiring Majapait, nyaéta di tempat anu kiwari nelah Bubat téa. Énggal baé ngadamel pirang-pirang ténda. Anu pangageungna ténda Kangjeng Raja, ditéma ku tenda praméswari sareng Nyi Putri, teu tebih ti dinya ténda parapangagung, dilingkung ku ténda Pasukan Bélamati, sareng ténda parapangiring sanésna.
 
Kuwu Bubat gesat-gesut indit ka dayeuh, teras ngadeuheusan ka Patih Majapait, teras sasarengan unjukan ka Sang Prabu, yén tatamu ti Pajajaran parantos sumping. Sang Prabu babadantenan sareng parasepuh, énggalna baé diputus harita kénéh, yén Sang Prabu kersa mapag pigarwaeun, Kuwu Bubat énggal baé ditimbalan, supaya nguningakeun hal éta ka Ratu Sunda.
 
Kacaritakeun Patih Agung Gajahmada, Patih Majapait anu kawéntar kongas gagah. Patih anu boga karep ngawasa jeung ngeréhnagara-nagara anu aya di sakulian Nusantara. Malah éta Patih geus ngangkat sumpah, “Moal ngadahar buah palapa, lamun tacan bisa nalukkeun nagara-nagara, anu aya di sakuliah Nusantara.”
Patih Gajahmada henteu ngarujukan kana kersa Sang Prabu badé mapag pigarwaeun ka Bubat. Patih Gajahmada boga anggapan, kalungguhan Raja Sunda henteu béda jeung raja-raja lianna anu geus taluk ka Majapait. Ku lantaran kitu, Raja Sunda kudu dianggap, datangna ka Majapait téh rék pasrah sumerah, sarta ngabaktikeun putrina ka Raja Majapait. Upama Raja Majapait kersa mapag ku anjeun, sarua jeung nurunkeun komara katut wibawana.
 
Patih Gajahmada ngadadarkeun akibatna, anu cenah baris ngarugikeun citra Raja Majapait, upama Ratu Sunda dianggap satata. Ku margi dugi ka danget harita, Ratu Sunda teu kersa baé taluk ka Majapait. Sang Prabu Hayam Wuruk mindel sakedap, semu éwed ngagalih piunjuk Patih Gajahmada. Nanging ku margi anjeunna alim kapapanjangan, pok baé sasauran, “Nya ari kitu mah atuh, kumaha Bapa Patih baé.”
Patih Gajahmada mundur ti payuneun Ratu, maréntahkeun tatan-tatan metakeun barisan, cenah geusan kahormatan mapag tatamu. Ari pasang petana, jauh tina maksud mimiti. Ratu Sunda rék dipapagkeun di kapatihan, terus diajak babarengan ngadeuheus ka karaton, nepangan Sang Prabu Hayam Wuruk, sakumaha ilaharna raja-raja lian di Nusantara, anu geus jadi patalukan Karajaan Majapait.
 
Ari Ratu Sunda di palataran Bubat, ngantos-ngantos anu mapag henteu jol baé. Énggal baé anjeunna miwarangan utusan, angkat ka dayeuh Nagara Majapait, nyarioskeun yén rombongan Nagara Sunda, parantos sayogi nampi anu mapag. Anu diutusna Patih Anépaken, Demang Caho, Panghulu Borang, jeung Patih Pitar, disarengan ku tilu ratus Pasukan Bélamati.
 
Éta utusan ngajugjug heula ka kapatihan. Patih Gajahmada kasampak keur aya. Gulang-gulang anu ngajaga kapatihan, henteu miroséa ka rombongan tatamu téh, kawas anu geus diparéntahkeun kudu kitu. Atuh tatamu kapaksa tumorojog, langsung ngadeuheus ka Patih Gajahmada. Énggal baé Patih Anépaken unjukan, yén Ratu Sunda parantos ngantos anu mapag.
 
Patih Gajahmada kacida ambekna, nganaha-naha ka urang Sunda, pédah kakara nepungan ayeuna. Omongna, “Sang Prabu Hayam Wuruk téh raja agung anu taya sasamina di Nusantara. Pararatu ti mana-mana geus biasa ngadeuheus, bari nyanggakeun pangbakti tanda satuhu. Ratu Sunda rék ngabaktikeun putrana, ayeuna pisan ditunggu di kapatihan, rék disarengan ngadeuheus ka karaton.”
 
Ngadangu omongan Patih Gajahmada kitu, Patih Anépaken salirana ngagidir, teu kiat nahan kateuraos manahna.Anjeunna ngawalon sugal ka Patih Gajahmada. “Ratu Sunda pangna datang ka Majapait téh, lain rék ngabaktikeun putrana, lain rék pasrah sumerah ka Raja Majapait. Sabab Ratu Sunda lain patalukan Majapait, henteu bisa disaruakeun jeung ratu-ratu séjén!”
 
Dua Patih patorong-torong, sami-sami ngabéla pupundénna. Duanana sami teuneung sami ludeung. Patih Gajahmada boga rasa ieu aing, Patih Anépaken teu gedag bulu salambar. Nepi ka méh baé tarung patutunggulan. Hadéna kaburu kasapih ku Sang Resi. Saur Sang Resi, utusan téh leuwih hadé marulih deui baé ka Bubat, ngantos putusan Sang Prabu Hayam Wuruk.
 
Sasumpingna ka Bubat, Patih Anépaken unjukan ka Ratu Sunda,nguningakeun kajadian di kapatihan, ditéték henteu aya anu kalangkung.  Sang Ratu henteu mindel bawaning ku éwed, panampian urang Majapait tebih tina panyangka. Majarkeun badé tumut ngangken rama, ari kabuktianana mah Raja Majapait téh jalir kana jangji, cidra kana subaya.
 
Henteu lami Sang Ratu Sunda ngalahir, “Basa urang kakara turun ti kapal, cai laut di basisir semu beureum, jeung raong sora gagak patémbalan. Tah éta téh tangtu aya kila-kilana. Ku sabab éta ayeuna urang kudu taki-taki. Saperkara anu kudu dikuatkeun dina haté, nyaéta hal kahormatan Karajaan Sunda. Kajeun ajur tutumpuran, manna hirup nandangan kahinaan.”
 
Salajengna Sang Ratu Sunda ngawawadian, wadia balad kabéh ulah aya anu kaliwat, kudu digeuing ku Patih Anépaken, sangkan iatna nyanghareupan sagala kajadian. Patih Anépaken ngumpulkeun paraponggawa, masing-masing kénging papancén, kedah ngageuing sakabéh wadya balad, supaya engké dimana datang bancang pakéwuh, geus sayaga pikeun nyanghareupanana.
 
Wadya balad Sunda geus kumpul, bari mawa pakarang cangkinganana. Pok Patih Anépaken sasauran kalawan tatag, “Saha-saha anu teu wani narohkeun pati, leuwih hadé mundur ti anggalna kénéh, ulah mundur ti pakalangan.” Sakabéh prajurit Sunda henteu galideur, saur manuk niat ngabéla kahormatan ratuna, moal mundur satunjang béas.
 
Kocapkeun Patih Gajahmada, anu maksudna rék nalukkeun urang Sunda, nyuhunkeun widi ka Prabu Hayam Wuruk, supaya nyariosan ka Ratu Sunda, yén Putri Citraresmi kudu dibaktikeun. Sarta lamun Ratu Sunda henteu nurut, Ratu Sunda bakal dirurug ku pasukan Majapait. Anu tangtu baé leuwih loba jumlahna, jeung leuwih samakta pakarangna.
 
Nurut kana kahayang Patih Gajahmada, Prabu Hayam Wuruk ngirim utusan ka Bubat. Anu maksudna, supaya Ratu Sunda taluk. Tapi Ratu Sunda henteu gedah bulu salambar, kajeun gépéng kaya pépéték, ti batan kudu serah bongkokan. Anjeunna sadar, prajuritna éléh tohaga, boh jumlahna boh pakarangna. Margi sumpingna ka Majapait téh sanés niat perang, nanging badé nikahkeun putrana ka Raja Majapait.
Isukna ngaleugeudeut balad Majapait, ngarurug wadia balad Sunda di Bubat. Lobana prajurit Majapait tanpa wilangan, aya sababaraha tikeleun wadia balad Sunda. Tapi wadia balad Sunda henteu gimir, teuneung ludeung lali rabi tégang pati, rampak kabéh mapag musuh. Der baé atuh perang campuh. Boh prajuritna boh kapalana, ti dua pihakanana geus patinggolépak.
 
Balad Majapahit anu leuwih loba jumlahna, sarta leuwih samakta pakarangna, kawantu meunang nyadiakeun keur perang, henteu bisa ngayonan prajurit Sunda. Patih Anépaken perangna lir banténg bayangan. Kitu deui parapatinggi Sunda lianna. Tékadna geus buleud pageuh, kajeun ajur tutumpuran di pangperangan, ti batan hirup kudu nyandang wiwirang.
 
Ku lantaran prajuritna loba anu jadi korban, Patih Gajahmada langsung milu perang, bari baladna ditambahan deui leuwih loba. Ngalawan prajurit anu leuwih seger, prajurit Sunda geus mimiti coréngcang. Malah Patih Anépaken geus perlaya, kasambut dikurubut ku Patih Gajahmada jeung sababaraha raja anu biluk ka Majapait. Kitu deui jeung patinggi Sunda lianna.
 
Ningali kitu, Ratu Sunda énggal nitih gajah, diaping ku kapetengan maju ka pangperangan. Prajurit Majapait dicacar bolang ku Ratu Sunda. Pasukan Majapait katétér henteu kiat, ngayonan kadigjayaan Sang Prabu Linggabuana. Ahirna Ratu Sunda perang patutunggulan, dihurup ku Ratu Daha jeung Ratu Kahuripan. Ratu Sunda henteu tahan, dugi ka pupusna, kasambut di pangperangan anu teu saimbang.
 
Uninga Ratu Sunda parantos perlaya, praméswari sareng Putri Galuh, katut paragarwa ponggawa anu kasambut, énggal susuci nganggo anggoan sarwa bodas, sami-sami seja béla ka panutan. Sadayana geus nyepeng keris, teras arangkat ka pakalangan. Crub-creb narewek patuanganana, maot di gédéngeun carogéna masing-masing.
 
Putri Citraresmi teu ngiring ka pakalangan, diwagel ku ibuna bisi kacerek ku musuh. Anjeunna nganggo anggoan sarwa bodas, teras baé newek anjeun ku keris, harita kénéh ogé Putri Galuh téh palastra. Layonna diébogkeun lalaunan, dituruban ku lawon sutra héjo, dikemitan ku emban-emban anu satia, anu nariat béla pati mun geus cunduk waktuna.
 
Kacarita Sang Prabu Hayam Wuruk, geus palay énggal-énggal patepang sareng buah atina, Putri Citraresmi. Barang anjeunna ngadangu wartos, yén Putri Citraresmi parantos pupus, nyeblak manahna sarta lebet ka pasanggrahan. Ningali nu geulis tos janten layon, layon digaléntor bari midangdam, rarayna baseuh ku cisoca Sang Prabu. Sang Prabu kaleleban dugi ka teu damangna.
 
Saparantos lumangsungna éta kajadian, Patih Gajahmada dicopot tina kalungguhanana. Sarta sumpahna dianggap geus cambal. Sumpah Palapa cupar sapada harita. Henteu saeutik raja-raja di Nusantara, anu harita kénéh ngejat tina kakawasaan Majapait. Malah Patih Gajahmadana ogé kabur ti Majapait, lantaran rék ditangkep ku Prabu Hayam Wuruk, pikeun dipénta tanggung jawabna.
 
Nurutkeun naskah kuno Kidung Sunda, urang Sunda nu jadi korban di Bubat 93 urang. Ari korban ti pihak Majapait 3748 urang, gajah anu paéh aya 14, kuda wé 27. Raja Sunda anu kasambut di Bubat, katelah baé jujulukna nyaéta Prabu Wangi, lantaran jenenganana jadi seungit sumeleber nyambuang ka sakuliah Nusantara. Kalungguhanana di Karajaan Sunda, diteraskeun ku putrana, Prabu Wastu Kancana. 
 
Sumber tulisan : https://durangduraring.wordpress.com

Jumat, 08 Januari 2016

Alun-alun Garut Baheula

Baheula teh katinggali masih sepi, laleuga pisan aya gezebo tempat para menak
 jeung noni walanda main musik (muzic papiljun) masih kokoh nepi ka ayeuna ...

Muziek Papiljun (potret ayeuna)
Alun-alun taun 1905

Alun-alun potret 1906

Tugu Holle

*Biasa aya pendopo pasti aya alun-alun jeung masjidna sakalian, eta ciri khas alun-alun jaman baheula jadi kasatuan antara umaro jeung ulama...
lanschaaf alun-alun lengkap mesjid jeung pendopo

Mesjid Agung Garut (potret 1930)

para pajabat gigireun masjid



Sumber potret : Tropen Muzium Colectie

Minggu, 03 Januari 2016

SITOE BAGENDIT BAHEULA

TAH suasana situ Bagendit baheula masih asri jeung bersih...

Bagendit jadi tempat wisata meneer dan pajabat walanda (1837)

Pajabat walanda make pakean bodas, rakitna make papayung bodas
masing-masing dikawal opat pribumi biasana opas pangawal
make pakean pangsi komprang (potret taun 1837)


Noni-noni Belanda keur pakansi jeung mobil khas baheula, dihandapeun andipreuk urang pribumi Bagendit



Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...