Selasa, 14 Oktober 2014

"A" saja

Syaratna "A" saja jangan ada aksara sajaba A. Prak ah........... baraya sadaya ngakak ngabarakatak macaan lawak..... mangga tamatkan....

Hayang lancar ngalafal tata bahasa "A" sadayana mah gampang.......Ngan aya syaratna.......
Syarat ka Ahad : Banyak-banyak makan bangsa lalab-lalaban, kalapa, ganas, salak ngan jangan sama cangkangna......
Syarat ka Ganda: Jangan makan lalat, laba-laba, cakcak, kadal, bayawak, badak, jarapah dan gajah....
Aya pantanganana: jangan ngajak macan jalan-jalan sabab galak, jangan ngajak macam-macam ka randa tanpa alasan, jangan mawa parawan tanpa kaatraan bapana......
Bala-bala dan Martabak dapat anda makan jang tambahan ngarah lancar kana napas sarta tara ngacay saat ngawacana atawa ngawawancara....
Saya ada saran ngarah atra ngalafal kata-kata "A" sadayana....banyak ngaca, banyak jalan-jalan na kandaraan yang ban na ganda, kandaraan yang ban na ampat, kandaraan panjang, kapal angkasa atawa kapal layar....
Mangga arasaan....
Awas !!! Jangan ngajak baraya, sahabat dan kawan yang cangcaya dan asa-asa...sabab bakal bahaya ngajalananana....

Saya mah lapar. Baham calangap hayang dahar atawa baranghakan. Aya kadaharan? Mana? mana?
Alah gampang kang hayang barang dahar mah daratang saja ka sayah, aya cak cak badag na...papan..candak..am kana baham, bayawak ragrag, kadal jangar, panggang hayam hangat-hangat da kakarak ngangkat, lalab, sambal, tah aya bala-bala ngan dalapan, martabak rasa kacang, kacang na martabak, martabak hangat, kacang hangat, nangka, samangka, nanas ... arasak, salak salapan kakara ngala, kahakanan ala kabarat-baratan dan masakan yang lada-lada ala padang. Mantap.....
Prak dalahar na samak ...!, baraya pada lapar kan? Ngan saacanna maca basmalah malah mandar aya barakah. Mangga...sa aya-aya aja lah...
kalaw anda kadaharan nya apa???? Awas ah jangan ngadahar panggang ajag, kata agama sayah mah haram, ada sabda nya kang, tanyakan sajah sama pakar agama.

Preman Insyaf

Poe jumaah jalma geus kumpul di masjid. Jarum jam nincak kana angka 12. Hawar-hawar sora adan ti lembur peuntas. Sedengken di  masjid ieu can aya nu adan. Ketua DKM luak-lieuk neangan muadzin. Jigana teu datang aya halangan. Jamaah silih toel maksudna nitah adan ka babaturannana. Mugen papada embung. Adzan di lembur pentas ampir beres, di dieu can aya nu adzan.

Jung nangtung si Johan preman kampung, gidig leumpang bari dodongkoan ka hareupeun mimbar, kerewek mik speker dicekel.

Kabeh jamaah kaget campur reuwas oge hariwang si Johan teu bener  beh ditu ngaco adzanna. Teu aya nu wani ngahulag, preman kampung tea atuh.

Celengkeung si Johan adzan. Teu sangka alus kacida sorana, tajwid makhrojna eces pisan. Jamaah olohok. "Alus euy sora si Johan teh....teu nyangka uing mah.." ceuk salah saurang jamaah.

Jigana eta pujian teh kadenge ku si Johan, nu keur adzan tea. Atuh si Johan "ngarespon" kana eta pujian bari tetep mix speker mah dicekel keneh.."Aing teaaa.... anjing ...adzan mah bisa ti leuleutik...!"

Istilah dina bahasa sunda nu ampir tilem

GEREMBEL:
Kumpulan tatangkalan nu rada rembet, tapi teu biasa dipake nyumput sasatoan

GUPITAN
: Jalan heureut (sarupa jalan satapak) antara dua lamping

HUNYUR
: Imah rinyuh atawa taneuh nu mucunghul, pasir leutik

HUM
A : Sawah darat, kebon nu dipake melake par tur tara dikocoran cai

JALAN HUNI
: Lolongkrang tincakkeun antara pepelakan di kebon

JALAN JAJAHAN
: Jalan gedenu bisa dipaké ngaliwat kandaraan

JALAN SATAPAK
: Jalan nu ngan bisa diliwatan ku jelema

JONTOR
: Taneuh anu nyodor ka laut

JUNGKRANG
: Legok anu jero sarta gurawes

KUBANGAN
: Tempat nu ledok
(biasana di sawah atawa di balong) paranti mandi munding

KAMALIR
: Jalan cai leutik

KOBAKAN
: Lobang di tegalan anu aya caian

KEREES : Tempat di sisi walungan anu réa keusikan

KEBON
: Taneuh darat nu dipake melak rupa-rupa pepelakan

LANDEUH
: Taneuh atawa tempat nu leuwih handap ti tempat urang cicing

LEBAK
: Tempat nu leuwih handap

LENGKONG
: Tempat legok jeung jero di antara dua lamping

LAMPING
 : Tempat di gunung antara puncak jeung tutugan

jeung saterusna...

Jelema Pang Bodona Sadunya

Deden jeung Dadan tatarucingan.
Deden: "Dan! Ari jelema pang bodona di dunya ieu jelema naon?"
Dadan: "Anu gelo!"
Deden: "Lain!"
Dadan: "Diajak ulin, diajak dahar!, dibere duit, diajak ngew... teu daek!"
Deden: "Lain!"
Dadan: "Naon atuh! taluk aing mah!"
Deden: "Jelema nu pang bodona di dunya ieu aya tilu: anu kahijina tukang delman, anu kadua tukang ngangon munding, anu katiluna anu ngapdreuk pas photo."
Dadan: "Naha kumaha kitu?"
 
Deden: "Pek tempo ku maneh eta tukang delman, ari awewe geulis jeung sarareungit di tukangan!, ari bool kuda sakitu sareukseuk jeung bau teh disanghareupan, lamun tukang ngangon munding, ari dahar jeung lauk asin, ari daging anu sakitu gedena ditumpakan bae, lamun anu ngapdreuk pas photo, pek bandungan ku maneh: 'Mang! bade ngapdreuk pas photo! (ceuk anu ngapdreuk), sabaraha? (Ceuk tukang pas photo), 6 x 4 lima! (Ceuk anu ngapdreuk), mangga antosan (Ceuk tukang pas photo)', pan kitu pokna teh!, sakanyaho aing mah 6 x 4 teh pan 24!"
 
Dadan: "Sugan aing mah anu paling bodona sadunya teh anu diomongkeun ku maneh wungkul, gening maneh oge sarua bodona, maksudna pas photo 6 x 4 lima teh hartina lima lambar. Bisa bae ka batur ngomong bodo!, ari sorangan leuwih oon, oneng , jeung tolol."
 
Dadan: "Giliran aing lah mere tarucing ka maneh! Den! Cik ari pang panasna di dunya ieu naon?"
Deden: "Panon poe!"
Dadan: "Terus!"
Deden: "Nya enggeus!"
Dadan: "Salah!"
Deden: "Terus naon?"
Dadan: "Pang panasna di dunya ieu nyaeta: 'Moe maneh diluhur seng tengah poe ereng-erengan bari ngadurukan jeung nginum kopi panas. terus kabogoh direbut batur'"
Deden: "Sakalian siana diduruk ku aing!"
Dadan: "!!!????????"

Sumber: http://www.ketawa.com/

Senin, 13 Oktober 2014

Ubar Baeud Pasosore.

Ampuuun, Pak!!!!
Bapa : "Jang.. pangmeulikeun inuman anu tiis ti warung"
Udin : "Kokakola atawa seprit, Pa?"
BaPa : "Koka kola wae.."
Udin : "Anu kaleng atawa botol?"
BaPa : "Botol.."
Udin : "Nu botol gede atawa nu botol leutik, Pa?"
BaPa : "Euh budak tolol !! Geus meuli cai biasa we!!"
Udin : "Akua atawa Ron ?"
BaPa : "AKUA!!!!"
Udin : "Panas atawa anu tiis, pa?" (Beungeutna lempeng, teu kerot-kerot)
BaPa :" Astagfirulloh, di mana SAPU? mana SAPU?, DI GEBUG SIAH..!!!"
Udin : "Sapu nyere atawa sapu injuk, pa??"
BaPa : "Laailaahailalloh...dasar sia mah siga sato wae!!"
Udin : "Siga Embe atawa Munding, Pa?"
BaPa : "Embe, Gobloggg!!!"
Udin : "Embe Ceme atawa Badot??"
BaPa : "Setan siah!!!!"
Udin : "Tuyul atawa Genderewo?"
BaPa: "Kumaha sia we, kaditu siah indit we lah!!"
Udin: "Poe ieu atawa isuk?"
BaPa: "Ayeuna , siah !!"
Udin: "Bapa milu atawa moal?!!"
BaPa : "Masya Alloh.. Gelo sugan sia mah, dipaehan geura!!!!"
Udin : "Ditubles ku peso atawa dibedil, pa??"
BaPa :"Dibedil siah ku aing!!!"
Udin : "kana sirah atawa beuteung??
Bapa :?????
*si bapa langsung sakarat...bakat ku keuheul :(:'(.....
Udin : "Bapa bapa kapaehan atawa paeh ?"


Sumber : Andreas wibisana

Sabtu, 04 Oktober 2014

Ubar Suku Bareulah

Suku barelah meureun sok rada ngewa ningalina,  kadang sok nurunkeun rasa percaya diri urang. " Ih, geulis-geulis suku kokoredeun". ulah was-was ceuk nu tukang jual ubar mah, satiap panyawat naon oge pasti aya ubarna.

1. Minyak zaitun.
carana : a). bersihkeun heula suku nu bareulah teh ku cai haneut. b). tuluy minyak jaitun dituangkeun kana panggorengan golakeun nepi ka panas, terus tiiskeun, nepi ka haneut-haneut kuku, c).sanggeus suku urang dibersihkeun, oleskeun minyak zaitun kana suku nu barelah teh nepi ka rata. d).bungkus ku palastik, tuluy asupkeun kana kaos kaki nepi sabaraha jam, lamun parah lakukeun rutin.

2. Leugeut buah gedang.
Ubar  nu paling intans mah make leugeut buah gedang, carana mah kieu : a). cokot buah gedang nu masih ngora, belah nepi ka tingali leugeutna kaluar, b) tuluy oleskeun kana suku nu bareulah nepi ka rata, c) antepkeun nepi ka 15 menit lilana, tuluy bersihkeun ku cai haneut, elap beh garing. tapi si leugeut teh ulah nepi ka napel kana kulit lain, karasa ateul. salian keur suku nu barelah bisa oge keur tapak leungeun supaya lemes. kadang baheula keur leutik lamun kasura ku hinir awi bisa dioleskeun oge ku legeut gedang.

3. Buah Muncang/kemiri.
biasana muncang teh keur nyayur, tapi bisa dipake keur obat suku bareulah, kieu carana : cokot muncaang kolot terus diduruk/dogongseng nepi ka tutung hideung, tuluy di gerus alus nepi ka kaluar minyakna, tuluy oleskeun kana suku nu berlah nepi ka rata, tapi samemehna bersihkeun heula suku beh bersih.

Kitu meuereun ubar tradisi sunda buhun nu kadang urang mah teu apal, buka we di mang google loba pisan ubar tradisi urang.
Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...