Minggu, 01 September 2013

Ngaran Rupa-Rupa Kasakit


-balas bogo => kasakit kulit sabangsa hapur, warnana bodas semu karadak.
- batuk gangsa => batuk lantaran aya gangguan dina bayah (tbc, jsb),
- batuk bangkong => batuk kosong.
- bisul => kasakit handapeun kulit, bareuh nu ngandung nanah sarta mataan.
- bisul beunyeur => bisul leutik, matana siga beunyeur.
- borok => raheut nu tuluy nanahan lantaran inféksi atawa radang anu pohara.
- botoleun => kasakit dina dampal suku, liangan.
- budug => kasakit kulit, baruntus atawa carénang, biasana ateul lantaran kuman.
- bungkul => sabangsa bisul ngan leuwih teuas.
- cacar, kuris => kasakit kulit nu babari tépa.
- cenang => sarupa bisul ngan leutik, aya nanahan,
- conge => kasakit jero ceuli, kaluar nanah.
- éwateun => kasakit kulit, warna semu beureum ngageblég, karasa ateul, renyem.
- geregeseun => kasakit nyeri kiih, upamana dilantarankeun ayana batu dina jero rarangan (kencing batu).
- gondok => kasakit dina beuheung lantaran kurang yodieum, siga bareuh ngagandoy, tumerapna sok nahun.
- gondongeun => kasakit bareuh dina beuheung bagian luhur, tumerapna henteu lila, biasa disebut panyakit anjing, sok diubaran ku bulao.
- hapur => kasakit kulit totol-totol barodas, karasana ateul mun kakésangan, babari tépa.
- hapur kembang => hapur nu bodas katenjona, bisa diubaran ku daun laja.
- hapur beusi => hapur nu leuwih kandel, hésé leungitna.
- hileudeun => kasakit lantaran inféksi dina ramo jeroeun kuku.
- jengkoleun => kasakit nyeri kiih lantaran loba teuing dahar jengkol.
- jangar, rieut => nyeri sirah jejeletétan.
- keremieun => kasakit ateul bujur lantaran cacing keremi.
- késrék=> kasakit kulit sapérti éksim garing.
- kokoloteun => kasakit kulit beungeut, semu harideung, lantaran kapanasan atawa wedak.
- leuncangeun => kasakit dina sela-sela ramo suku, marentis atawa bareulah, dilantarankeun ku kuman cai, karasana ateul.
- mejen => hésé ngising, kabebeng.
- mengi => asma, kasakit hésé ngambekan pangpangna upama katiisan.
- mimiseun => kaluar getih tina irung lantaran sariawan, jst.
- muriang => awak panas-tiris lantaran katerap kasakit malaria, jsb.
- peujit koréseun => kasakit nyelengit beuteung lantaran telat barangdahar.
- reunghaseun => kasakit kulit, kulit semu tarutung tur semu upamana lantaran keuna ku geutah reunghas.
- rieut => nyeri sirah.
- rorombéheun => kasakit dina dampal suku pangpangna dina lebah keuneung, kulitna bareulah.
- sakalor => kasakit sarap, épilépsi.
- salatri => kasakit nu timbul lantaran kosong beuteung, karasa lieur sebel, tor kaluar késang tiis.
- kalikiben => rasa nyeri dina jero beuteung anu sok timbul upama tas dahar (nginum) kagujrug-gujrug ku lulumpatan.
- salésma => kasakit irung, influenza, flu.
- sampar => kasakit nu babari tepa.
- sariawan => kasakit nu ngalantarankeun barusuh, lantaran panas beuteung.
- sumbilangeun => kasakit awéwé, nyeri pianakan waktu keur kotoran.
- tajam => diséntri, kasakit beuteung nu dilantarankeun ku baksil.
- tampek => kasakit kulit, ateul semu panas, biasa tumerap ka budak.
- tibar => kasakit sarupa bisul, matana tujuh.
- turuwisen => kasakit sarupa cénang dina biwir panon.
- uuseupeun => kasakit dina tikoro, karasana nyeri neureuy, aya useupan.
- wasir => ambéyen, nongtot bool.
- sisidueun => gangguan di jero dada lantaran katiisan nu nimbulkeun ceklak-cekleuk.
- jeungjeuriheun => kasakit nyeri kiih, cenah lantaran nginum cai nu can asak pisan.
- radang => kasakit kulit nu nanahan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...